Tinggaleun di Suhunan

barakatak majalah mangle

Ieu mah pangalaman si Kaka, budak anu kadua. Kajadianana sataun katukang, basa manéhna masih sakola di Taman Kanak-Kanak. Ari ngajemput téh sok bari balanja sayuran. Kadang sayuran atahan. Kadang ogé sayuran asakan.
Kira jam sapuluh TK téh bubarna. Balanja sayuran mah ti tadi gé réngsé da aya nu mangkal di buruan TK. Teu ka mamana heula, sanggeus si Kaka nangkél mah di tukang, sapédah téh diboséh antaré naker. Nepi ka imah, di buruan aya pagawé télkom keur mariksa kabel-kabel télépon cenah. Tarajéna nangreu kana suhunan. Kamari téh enya kuring ngahubungi télkom da télépon teu disada.
Tadina mah rék disuguhan, tapi si bapa pagawé télkom téh ulah-ulahan. “Nuhun, Ibu, henteu kedah da moal lami. Mung badé ngecék kabel wungkul,” cenah. Kuring terus we ka dapur. Sayuran asak téh dieurihkeun kana piring. Bisi si Kaka lapareun, da biasana kitu. Sasarap tadi isuk sok rada hararésé, meureun can lapareun.
Sanggeus sangu jeung laukna ngajagrag mah dina meja makan, kuring terus ka kamar. Baju-baju kotor dikumpulkeun. Enya wé geus ngagunung deui, padahal mah ngan dua poé henteu nyeuseuhan téh. Baju kotor téh terus dibawa ka jamban, ditambrukeun deukeut mesin cuci.
Tapi bari jeung ngurus seuseuhan téh perhatian mah kana méja makan. Naha si Kaka ka mana? Da biasana mah sok nuturkeun, hideng cuci tangan jeung ngalas sangu sorangan. Panasaran, disusul deui ka buruan. Lenga-lengo ka ditu ka dieu teu aya sasaha. Pagawé télkom geus pindah ka imah katilu ti imah kuring. Disusul ka gang, bisi lumpat ka warung Bu Isah. Tapi teu aya di sapanjang gang mah.
Tungtungna mah nyampeurkeun deui pagawé télkom. “Pa, tadi teu ningali murangkalih?” pok téh asa-asa. Si bapa kerung. “Tadi mah ningali waktos diboncéng ku Ibu. Tapi teras ka mana nya...,” cenah.
Duaan jeung si bapa pagawé télkom lenga-lengo ka sakuriling buruan, ka gang-gang anu deukeut. Geus capé budak teu katimu waé, mulang deui. Susuganan budak mah geus di kamar. Acan ogé nepi ka buruan imah, dina suhunan aya anu gogorowokan.
“Unda...Unda... mana tanggana! Tanggana ka mana...! Kaka hoyong turun.”
Molohok nempo budak dina suhunan. Reuwas da sieun ti koséwad.
“Kaka kumaha naékna? Naha naék ka dinya?”
Untungna si bapa pagawé télkom rikat mawa tarajé. Budak téh turun wé. Tayohna basa tarajé nangreu kana suhunan téh si Kaka naék. Si bapa pagawé télkom teu apaleun aya budak naék, bérés mah papariksaanana, tarajé téh dipanggul wé. Atuh si Kaka tinggaleun dina suhunan. Tungtungna mah tas reuwas téh sareuri. @@@

PPM TAMU ku Lina Herlina
Mangle no 2446, 17-23 Oktober 2013

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Tinggaleun di Suhunan"

Posting Komentar