Dina Hiji Waktu di Nagri Uing

carpon majalah mangle

Motor métik maju dina kecepatan 40 km sajam. Henteu tarik teuing, henteu ogé kendor. Peuting mimiti poék. Layung anu tadi tingarudat di langit belah kulon mimiti pareum. Anu jamaah solat magrib kakara bubar di masjid.
Sabéngbatan mah motor métik anu ditumpakan ku Jujun téh henteu béda ti motor-motor séjénna anu nyemprung di jalan lempeng. Tapi ké heula, motor Jujun mah sakitu téh henteu sagancang motor séjénna. Sakapeung katingali ngendoran, narikan deui, siga anu agag-agagan. Motor séjén mah nyemprung da puguh jalan lempeng jeung lumayan kosong. Sigana rata-rata dina kecepatan 60 km sajamna. Ari kituna, maranéhna téh apan baralik ti pagawéanana. Tangtu hayang gancang nepi ka imah, hayang gancang reureuh, hayang gancang ngariung jeung anak-pamajikan.
Ari motor Jujun, majuna sakitu mah asa nyantéy teuing. Apan lain waktuna jalan-jalan wayah kitu mah. Tapi lamun apal mah kaayaan Jujun anu tagiwur, pasti nganggap wajar motorna regag-regog ogé. Pikiran Jujun téh keur pakusut. Haténa marudah. Naon atuh sababna?
Dina jok tukangeun Jujun aya tas badag. Talina nyoléndang kana taktak. Moal aya anu nyangka lamun di jero tas téh aya duit anu lobana tilu milyar rupiah. Wah! Tangtu waé henteu saukur lambaran beureum saratus réwu rupiah, tapi ogé lolobana mah lambaran dollar Amerika.
Jujun sorangan henteu apaleun jumlah duit anu aya dina éta tas.  Komo deui ti saha jeung eukeur sahana. Tadi beurang Jujun dikontak ku kawawuhanana anu biasa sok méré orderan nganteurkeun tas.
“Saperti biasa, tugas anjeun mah ngan nganteurkeun tas nepi ka Jalan Odong-odong. Di handapeun tangkal caringin, gigireun kafe Suruput, geus aya anu nungguan. Maké jaket coklat, calana jéans, ditopi hideung tulisan Néw York. Tanya ku kodeu sandi. Lamun jawabanna bener, langsung wé bikeun,” ceuk kawawuhanana. “Buruh keur anjeun dua puluh juta rupiah.”
Jadi kurir tas téh saenyana geus dua taunan dilakonan Jujun. Tapi sakapeung Jujun sok mareuman hp-na lamun ditélépon ku kawawuhan anu éta mah. Rarasaan Jujun téh sok tagiwur unggal ditawaran ngurir tas téh. Manéhna sieun. Pamajikanana nyebutna ogé dosa. Jadi usung-ésang koruptor, naon bédana jeung koruptorna sorangan? Matakna Jujun saukur daék jadi kurir tas lamun kaayaan nyaan geus henteu bisa katulungan.
Cilakana, kaayaan anu henteu bisa katulungan téh asa sering kaalaman. Jadi unggal kawawuhanana ngontak, nitah Jujun jadi kurir tas, Jujun kapaksa nyanggupan. Siga tadi isuk. Saméméh ngangkat hp téh Jujun ngahuleng heula. Lima kali kawawuhanana néléponna ogé.
Keur hp ngirining téh ingetan Jujun mah ka si ibu gendut anu nagih kontrakan. “Maenya Pa, tos badé sataun ieu téh. Upami henteu émut Bapa tos ngontrak di dieu téh tos opat taun, meureun diusir ti bulan-bulan mimiti ogé. Kedahna Bapa nabung unggal sasih. Dua ratus réwu wé sasasih, sataun téh tos kénging dua juta opat ratus. Tuh, kantun genep ratus réwu deui nambihanana. Ngontrak tilu juta mirah pisan jaman ayeuna mah,” ceuk si ibu ngabamblam sorangan.
Poé kamarina, budakna anu geus kelas opat SD, laporan deui iuran toilét séhat anu acan dibayar. “Ngan Aisyah nyalira anu teu acan mayar iuran, Pa,” ceuk budak bari paromanna alum. Jujun hayang ceurik ningalina. Tapi dikuatkeun. Budak téh diusapan rambutna, terus ditangkeup, bari henteu sakecap ogé Jujun ngupahan.
Sanggeus narima télépon ti kawawuhanana, Jujun neuteup pamajikanana anu api-api henteu ngadangukeun obrolan Jujun tadi. Pamajikanana tonggoy ngagoréng ceplok endog.
“Ngan sakali deui ayeun. Sanggeus ieu mah Akang moal jadi kurir siga anu kieu deui,” ceuk Jujun. “Akang moal daék deui dibayar sababaraha ogé. Akang gé apal, jadi usung-ésang koruptor téh henteu jauh béda jeung koruptorna sorangan. Leuwih hadé Akang neruskeun usaha sablon anu tiheula henteu jalan lantaran modalna kabetot résiko dapur. Urang téh kudu yakin, usaha sablon urang téh bakal manggihan jalan maju. Urang kudu jadi pengusaha anu henteu waé bisa ngabéayaan kabutuh urang jeung sakola barudak, tapi ogé kudu bisa ngabantu-bantu dulur jeung tatangga anu ayeuna mah sarua susahna.”
Pamajikan Jujun saukur seuri maur. Seuri anu manéhna sorangan ngarasa henteu ngareunah. Jujun henteu neruskeun deui omonganana enya ogé dina pikiranana mah balawiri rencana. Manéhna apal, pamajikanana embungeun diajak ngobrolkeun masalah éta. Jujun inget, sigana pamajikanana lain embungeun ngobrolkeun niat eureun jadi kurir tas. Tapi apan masalah éta téh geus bari keur maranéhna mah. Unggal kapaksa narima tawaran jadi kurir tas, niatna mah apan anu panungtung. Kitu anu kaalaman ti dua taun katukang ogé.
Matakna Jujun dahar sangu jeung ceplok endog téh siga anu rusuh. Réngsé nunda piring jeung ngaleguk cai hérang satengah gelas, terus ngajéwang jakét. Di hiji kafe Jujun jangji panggih jeung kawawuhanana.
“Pagawéan kieu téh saenyana mah gampang,” ceuk kawawuhanana sanggeus nyuruput kopi. “Tapi beuki kadieu téh beuki hésé. Ngaliwatan transfer rékening bank mah puguh deui geus henteu bisa. Dianteurkeun siga ayeuna réa telik-sandina. Matakna kudu ati-ati, lamun aya anu nuturkeun, méngkol wé ka mana, entong dituluykeun nganteurkeun tas ka anu dituju.”
Jujun mah hayang gancang-gancang poék, gancang nganteurkeun tas jeung narima buruhna. Aya rencana séjén dina pikiranana. Rencana éta anu matak Jujun guligah téh. Matakna motor métik anu ditumpakanana siga anu agag-agagan. Sababaraha kali Jujun ngimeutan kaca spion. Henteu aya anu nuturkeun, boh motor boh mobil. Sakabéhna kandaraan nyemprung tararik.
Di jalan anu poék Jujun nyisikeun motorna, ngerém ngadadak. Manéhna gancang turun, ngabuka rétsléting tas saeutik, ngodok sababaraha gepok duit terus diasupkeun kana kantong pelastik. Belewer wé pelastik eusi gepokan duit anu geus ditalikeun téh dialungkeun kana rungkun. Gepokan séjén anu geus disiapkeun dibebeskeun kana tas. Geus kitu mah motor métik téh maju deui. Nyemprung ayeuna mah, leuwih gancang batan tadi, siga anu hayang nyusul motor anu ngabiur hareupeunana.
Enya ogé motor métikna nyemprung, rarasaan Jujun mah kalah beuki guligah. Réa kasieun jeung kahariwang. Ti mimiti narima tawaran jadi kurir tas, Jujun henteu apal sabaraha jumlah duit anu kudu dianteurkeunana. Buruh anu mimiti katarima sapuluh juta rupiah. Jumlah anu leuwih ti lumayan. Komo lamun ngitung kana gawéna saukur nganteurkeun tas mah. Apal sabaraha jumlah duit anu dianteurkeun téh basa keur narima buruh sanggeus nganteurkeun réngsé.
“Pasti moal apal, duit anu tadi dianteurkeun téh 1.3 milyah rupiah,” ceuk kawawuhanana. Lain waktu nyebutkeun 1.5 milyar, 2 milyar, jeung jumlah séjénna anu matak Jujun molohok.
Basa nepi ka tempat anu ditangtukeun, enya wé geus aya anu nungguan. Basa ditanyakeun kode sandina, jawabanna bener. Tas téh dibikeun wé.
**

Kurir kadua ngaranna Doni. Manéhna ngan diparéntah pikeun nganteurkeun tas ka gigireun atm di super markét Oncom. “Engké bakal aya anu tas balanja anu nyampeurkeun. Maké kaos bodas, calana hideung, rambut galing. Tanyakeun wé kodeu sandina, lamun jawabanna bener, bikeun wé tasna.” Kitu paréntahna. “Buruh anjeun dua puluh juta. Bawa ka dieu sanggeus nganteurkeun réngsé.”  
Doni ogé sarua guligahna jeung Jujun. Budakna keur dirawat di rumah sakit. Manéhna mah henteu boga asuransi, BPJS, atawa Kartu Séhat. Jadi pasén umum mah mayarna pasti mahal jeung kudu langsung lunas. Tong boro mayar rumah sakit saenyana mah, cicilan motor ogé apan tilu bulan nunggakna. Kolektor geus sababaraha kali nagih, malah ngancam rék ngajabel motor. Wah, lamun henteu boga motor mah atuh riweuh, moal bisa jadi seles kuah-kuéh pasar anu ayeuna jadi pakasabanana.
“Urang mah jadi rahayat anu kacepét,” ceuk Doni ka pamajikanana. “Pamaréntah ngan merhatikeun pagawé nagri. Gajih pagawé negri mah terus nérékél, bari diémbohan ku gajih katiluwelas, kaopatwelas, sértivikasi, jeung duka naon deui istilahna. Cénah maksudna mah ngarah korupsi bisa minimal. Kanyataanana seleksi jadi pagawé negri sorangan jadi lahan korupsi anu beuki ngagedéan jeung terang-terangan. Geus jadi kanyaho umum, jalan tukang atawa sosogok pikeun jadi pagawé negri téh nepi ka ratusan juta. Pulisi Sutar sorangan ngadongéng, budakna cenah hayang jadi pulisi, tiluan jeung baturna téh kudu siap samilyar. Tilu ratus jutaan saurangna. Kitu oge hayang jadi PNS. Ih, matak maruringkak sabulu-bulu kaayaan di nagri urang. Pamaréntah kudu tanggung jawab!”
“Maksud Akang téh naon?” ceuk pamajikan Doni teu ngarti.
“Pamaréntah riweuh beberesih. Cenah nyaah ka rahayat leutik. Ngabagikeun duit anu disebut Bantuan Langsung Tunai téa, bantuan Kulawarga Prasejahtera, béas miskin, kartu séhat. Urang mah kaasup anu kalamot. Disebut miskin henteu, da cenah boga pagawéan jeung ngora kénéh. Sedeng gawé Akang di swasta, saukur jadi buruh anu gajihna henteu cukup keur kabutuh sabulaneun. Padahal kabutuh sapopoé urang mah geus sederhana pisan. Dahar cukup sangu jeung oséng kangkung, atawa sangu jeung goréng témpé, atawa sangu jeung kérécék léjét. Mayar sakola budak anu diaya-ayakeun ku kapala sakola waé hararésé. Komo mayar BPJS anu lain kabutuhan poko pikeun urang mah. Sakalina nginjeum duit ka bank keur modal usaha, kalah bangkrut da diudag-udag waé ku anu nagih. Bank téh ka anu nginjeum sapuluh juta mah nagihna siga anjing édan. Béda jeung ka anu nginjeum sapuluh milyar kaluhur.”
“Maksud Akang téh naon?”
“Enya, Akang téh narima deui tawaran jadi kurir tas, da puguh urang téh keur kapépét pisan.
Matakna di jalan anu poék Doni gancang nyisi, ngerém motorna, muka rétsléting tas saeutik, ngodok sababaraha gepok duit, tuluy ngabebeskeun gepokan anu geus disiapkeunana. Belewer wé duit anu geus dipelastikan jeung ditalikeun téh kana got saat. Biur deui motorna maju. Doni ngado’a, entong hujan peuting ayeuna mah. Enya, apan rencana mawa duit ti got téh isukan waé subuh-subuh.  
**

Tujuan panungtung tas eusi duit gepokan téh imah salah saurang pejabat législatif. Basa motor eureun di hareupeun panto gerbang, panto beusi anu aya géréndélan téh muka. Aya duaan satpam anu ngabagéakeun. Tas eusi duit tilu milyar ti pejabat dinas anu ménta anggaran dinasna disahkeun dina APBN téh dipasrahkeun ka satpam. Léos wé anu nganteurkeunana mah indit. Panto gerbang otomatis téh nutup deui lalaunan. Tas téh dibawa ku satpam ka jero imah.
“Sok siapkeun seménna. Duit téh kudu ditiiskeun heula di jero témbok,” ceuk pa pejabat ka pagawéna. “Bapa ngadangu béja henteu ngareunah, imah urang bakal disidak minggu hareup.”
Pagawéna langsung ngaguyur semén ku cai. Pa pejabat muka rétsléting tas. Duit gepokan beureum saratus réwuan ngentép. Tapi basa dikaluarkeun sagepok-sagepok, pa pejabat reuwas. Gepokan handapeunana mah geuningan... gepokan keretas hvs bodas. @@@

Mangle no 2590, 18-24 Agustus 2016

Subscribe to receive free email updates:

2 Responses to "Dina Hiji Waktu di Nagri Uing"