Wilujeng Tepang Romadon

carpon yus r. ismail

Budak begung rambut gimbal bari péang téh ngagorogotan pingping hayam. Aya ku ponyo. Pipina anu patinggareleng darakian mani kembu-kembu ngagayem hayam. Huntuna anu kotor semu karonéng sakapeung katémbong da meusmeus cungar-cengir duka ka saha. Lek diteureuy bangun ni’mat pisan. Suruput nyedot cai tina gelas plastik.
Anu ngaliwat ngarérét sakedapan, tuluy ngabalieur. Aya ogé anu kutuk gendeng. “Bangkawarah, budak teu nyaho tatakrama,” pokna duka ka saha.
Wajar ari kituna mah, apan ayeuna téh bulan Ramadhan. Bulan suci waktuna Muslimin-Muslimat puasa. Nahan napsu dahar, nginum, amarah, jeung nu séjénna, ti imsak nepi ka magrib. Ari budak si rambut péang anu cacamuilan ngagorogotan pingping hayam, apan diuk di téras masjid. Tempat anu atra ti mana-mana. Anu rék ka masjid, sakadar ngaliwat, apan pasti ningali ka lebah dinya.
Si rambut péang jrut turun, tuluy leumpang duka ka mana. Leungeun kéncan ngagiwing plastik eusi dus dahareun. Leungeun katuhuna ngahuapkeun roti pisang-coklat. Leumpangna semu ngagaléong. Enya, apan suku kéncana péngkor.
Si Eang, kitu biasana urang lembur mah nyarebutna téh. Meureun pédah rambutna péang téa. Umurna mah aya kana sapuluh taunna. Tapi lantaran idéot, ngomongna balélol. “Dasar belegug!” Kitu biasana anu ngagerendeng sabada teu nyambung ngomong jeung Si Eang. Ari Si Eang, diomongan naon waé jeung ku saha waé, saukur nyengir némbalanna téh.
Anu balageur di lembur biasana ngomong kieu: “Gampang ngomong jeung Si Eang hayang ngarti mah. Béré wé dahareun, manéhna bakal giak narima, tuluy cacamuilan, nyengir nempokeun huntuna anu konéng kotor. Kitu minangka nganuhunkeunna téh.”
Tapi sabageurna urang lembur, ari méré dahareun mah biasana semu dialungkeun. Maksudna mah embung paantel jeung leungeun Si Eang. Ari kituna, leungeun Si Eang mah salawasna kotor darakian. Teu apaleun kana kokocok, komo disabunan. Boa leungeunna tas nyokotan runtah, ngelap lého, atawa cécéwok teu beresih téa.
“Upami Ende alim emam, ih... sieun sapertos Si Eang!” ceuk indung anu keur ngahuapan budakna.
“Upami Encep alim diajar, ih... sieun odob sapertos Si Eang!” saur bapa anu nuju mantuan ngerjakeun PR budakna.
 “Upami Neneng alim ibak, ih... sieun barau sareng kalotor sapertos Si Eang!” saur nini anu nuju ngolo incuna di jamban.
Tangtu waé henteu aya anu daék ngukut atawa ngaadopsi Si Eang, komo disertifikatan mah. Saréréa ogé henteu miduli keur naon jeung di mana Si Eang ayeuna. Naha di tempat runtah keur ngoréhan naon waé anu bisa didahar, atawa keur guyang di solokan anu caina pinuh ku limbah, atawa di pasar keur mulungan bungbuahan anu sakirana bisa didahar.
Sapanjang hirupna Si Eang acan kungsi jadi bahan catur urang lembur. Manéhna téh aya tapi siga anu euweuh. Enya, ngan poé ayeuna basa Si Eang ngagorogotan pingping hayam di téras masjid, manéhna jadi puseur paneuteup jeung bahan omongan urang lembur. Saha-saha ogé anu nempo Si Eang ngarasa ma’lum, tapi terus kutuk-gendeng.
“Dasar budak idiot. Boro-boro nyaho ibadah, ngaragangan anu puasa ogé teu ngarti!” Kitu eusi anu kukulutus téh kalolobaanana.
**

Di lembur uing, enya kota kacamatan, bulan Romadon dihiap kalayan gumbira. Dua poé saacanna, masjid agung dililingih dibebetah. Dingdingna dicét. Buruanana dikoréd disapuan. Masarakat anu dumuk di sabudeureun masjid agung jul-jol miluan kerba bakti. Enya, apan saur ustad, kerja bakti meresihan masjid mah pahalana ogé nikel.  
“Bapa-bapa, ibu-ibu, para rumaja, anu papada hoyong ngamakmurkeun masjid, hayu urang kerja bakti meresihan panglinggihan Allah Swt. Anu gaduh pamengan ogé henteu sawios, pahalana baris sami waé, asal kikiriman ngaransum anu kerja bakti. Komo upami aya sih piwelasna kanggo ngaréhab masjid. Kanggo para dermawan anu parantos ngarojong kana kamakmuran masjid, mugi Allah Swt ngabales ku rejeki anu henteu aya saatna. Hayu urang berlomba-lomba ngeusian bulan Romadon ku saniskara amal-amalan. Sabab engké éta amal-amalan anu baris mantuan urang di ahérat,” ceuk pangurus masjid dina speakers.
Kanyataanana masjid agung henteu kungsi kakurangan dermawan. Di lembur uing mah enya réa anu baleunghar. Usahana mah di karota. Aya anu cekel gawé di pamaréntahan, guru, dosen, jsb. Aya ogé anu usaha kana bajigur, kupat, warung sangu, ngabandar pindang, jsb.
Unggal nyanghareupan munggah anu ngalumbara di kota téh marudik. Mobil-mobil aralus parkir di sisi jalan. Para pamuda anu biasana pating laliud di garduh ronda jadi boga pacabakan. Mobil-mobil aralus téh ditarungguan sapeupeuting. Tangtu waé bari garapléh, ngopi, jeung lalawuh kota, kuah-kuéh atawa brownis, pamahanan anu baroga mobil. Pabeubeurang aya anu meunang proyék tambahan ngumbah mobil. Nepi ka Lebaran mobil-mobil aralus téh beuki nambahan.
Masjid agung kaasup agréng keur ukuran masjid kacamatan. Lega buruanana, tohaga bangunana. Tapi ari geus der mah tarawéh, komo peuting-peuting munggaran, asa karasa heureut. Teu katampung di jero, sawaréh apan di téras siga ari jumaahan. Mobil-mobil aralus ngajajar di buruan jeung sisi jalan. Mukena-mukena aralus, sarung weuteuh, kopéah, jadi ciri anu tararawéhan. Réngsé tarawéh, réa anu sarasalaman malah silihtangkeup, aya taunna cenah henteu parapanggih. Silihtanya ngeunaan pagawéan, kulawarga, dituluykeun ngajak ngobrol bari ngopi.
Beurangna haeub bulan puasa téh leuwih karasa. Ti ba’da lohor anu ceramah kadangu ka unggal madhab da puguh speakerna alus jeung anyar. Dituluykeun sora barudak diajar ngaji. pasantrén kilat istilahna téh. Ba’da ashar mah anu ceramah téh tina kaset, dituluykeun ku qiro’at tina winamp. Matakna lembur uing mah katelah ku sesebutan : BERHIBER, singgetan tina Bersih Hijau Bertakwa.
Di lembur uing mah rada hésé manggihan warung sangu anu muka pabeubeurang. Tapi lamun kabeneran keur di perjalanan, ngaharéwos wé ka tukang parkir, pasti dituduhkeun. Baheula mah réa warung sisi jalan anu luhurna dikuribeng kaén, lamun jajan téh saukur kaciri suku. Tapi sanggeus aya aturan daerah, teu meunang aya warung kadaharan buka pabeuberang.
Matakna bisa kaharti lamun lembur uing kaganggu ku Si Eang anu barangdahar di téras masjid.
**

Isukna Si Eang diuk deui waé di téras masjid. Nyuruput jus jeruk mani peureum-beunta. Nyebut “haaahh...”-na mani matak ngalieuk anu ngaliwat jeung anu rék sholat. Ayeuna mah henteu saukur ngabalieur jeung kukulutus anu nempo téh, tapi ogé dibarengan ku ijid. “Kieu akibatna lmun budak henteu dididik tatak-rama, cacaleuhakan di hareupeun umum anu keur husu paruasa.” Kitu status dina facebook bari dibarengan foto Si Eang keur nyengir, leungeun katuhuna nyekelan pingping hayam leungeun kéncana ngaranggeum gelas plastik jus.
Isukna basa Si Eang masih cacaleuhakan di téras masjid, anu nempokeu mimiti silihtanya, saha anu méré dahareun ka Si Eang? Tapi silihtanya téh eureun sabada soréna aya béja Si Eang utah-utahan di trotoar, malah terusna kapiuhan. Cenah mah kateuhak, seubeuh teuing. Ampir kabéh anu ngadangu béja éta marupuas.  
“Wajar, budak teu nyaho aadatan mah, kojor ogé henteu masalah!” ceuk anu kukulutus.
Anu wawuheun terus nganteurkeun Si Eang ka saung Nini Jumsih. Saung sisi tempat runtah anu awina geus barobo. Nini Jumsih téh tukang ngumpulkeun rongsokan. Tapi unggal poéna ogé tara meunang loba, da puguh tanagana ogé geus suda atuh.
Nini Jumsih téh hiji-hijina dulur Si Eang anu dipikanyaho warga. Waktu orok Si Eang katimu ku Nini Jumsih dina jero kardus di roda runtah. Sigana dianggap geus maot ku anu neundeunna. Padahal masih hirup, ngan enya henteu kaluar sora ceurikna.
Henteu aya anu apaleun basa tungtungna Si Eang maot. Ngan dalapan urang anu ngurus mayitna, ngamandian jeung nguburkeunana. Unggal uing leuleumpangan ngurilingan lembur, asa wararaas nempo bulan di langit jeung téras masjid. Asa ku haleungheum waé bulan téh, siga anu keur sungkawa. Kitu ogé téras masjid asa ilang nyarina. Meureun kaleungitan sobatna.
Ari uing, tangtu waé milu sungkawa. Enya ogé si Bapa anu milu ngurebkeun Si Eang ngupahan. “Jaman baheula aya ogé budak saperti Si Eang. Tanpa daksa, kalunta-lunta, sare di mana dugna, bodo, kaganggu méntal, pameunteuna goréng sopak,”ceuk Si Bapa bari ngusapan rambut kuring. “Basa manéhna maot henteu aya anu ngarasa sedih. Henteu aya anu ngarasa kaleungitan. Tapi Rasulullah Saw, sabada terang, sungkawa manahna sababaraha lamina.”
Uing ceurik. Tapi anu ngaliwat saukur narempo. Henteu aya anu ngupahan atawa milu sedih. Basa uing ngadahar pingping hayam nurutan Si Eang, anu ngaliwat téh mimiti kukulutus. Enya, kuring téh Si Kéngkong, adi Si Eang anu waktu keur orok katimu ku Nini Jumsih di kebon eurih. @@@

Mangle no 2681, 24-30 Mei 2018

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Wilujeng Tepang Romadon"

Posting Komentar