Jejak Kata :
Home » » TAMU

TAMU

Written By Mang Yus on Kamis, 21 April 2016 | 11.09


Tribun Jabar, MUAT 10-12 Maret 2015)
Ingin membaca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik saja DI SINI

Tengah peuting aya anu keketrok kana panto. Ngoréjat. Reuwas. Hideng ngarérét jam dingding, jarum panjang jeung jarum pondok ngarangkep dina angka dua welas. Saha anu namu wayah kieu?
Hordéng dibuka lalaunan. Tamu téh unggeuk bari seuri. Henteu wawuh. Tapi ningali penampilanna mah henteu aya anu nyurigakeun. Beungeut beresih, marahmay, seuri jeung rengkuh hadé budi. Papakéan sopan, kaméja tangan panjang dikancingkeun. Ceuk haté ogé asa henteu kudu sieun nanaon.
Tapi panto mah dibuka saeutik. Taki-taki, bisi niat jahat, nodongkeun péso atawa naon waé, tinggal nutupkeun deui panto jeung ngonci.
“Badé ka saha?” ceuk kuring.
“Muhun, badé ka Juragan.”
Ngan sakilat mikir téh. “Oh, ka Juragan anu gaduh bumi?” pok téh.
“Muhun, leres.”
“Antos sakedap.”
Panto ditutup jeung dikonci deui. Ngahuleng sakeudeung di tengah imah. Enya tamu téh katingalina mah sopan jeung henteu nyurigakeun. Tapi asa haroréam nyanghareupanana. Wayah kieu namu, kurang ajar pisan. Untung kapikiran, api-api jadi kacung sakeudeung mah henteu nanaon.
Panto téh dibuka deui saeutik. Kuring nolol. Tamu téh unggeuk jeung seuri deui.
“Punten, Juraganna masih tunduheun. Engké deui atuh ka dieu deui.”
“Oh, muhun mangga atuh.”
Panto ditutup jeung dikonci henteu ngadagoan tamu téa ngaleos. Golédag deui waé kana risbang, gigireun jikan anu keur tibra. Lima ménit mah nyileuk. Arék naon tamu téh bet wayah kieu? Henteu dipanjangkeun mikir téh da kaburu reup deui. Ngimpi malahan mah. Ngimpi keur paduduan jeung kabogoh. Lain jikan. Tapi Néng Rani, kabogoh jaman sakola, putrana juragan jéngkol di pasar Caringin.
Keur di Dago Pakar rarasaan téh. Tatangkalan kasorot panonpoé isuk-isuk aya ku hégar. Hawa seger. Manuk récét.
“Urang jalan-jalan hayu, Néng,” pok téh.
“Ka mana?”
“Ah, ka mana waé ogé sami waé, asal sareng Néng Rani.”
Dilak anu geulis, matak deungdeuleueun. Kembang plamboyan anu sumedeng ligar ogé éléh éndah. Dilak jeung imut anu geulis mah matak ngajedud kana haté.
Duka sabaraha jauh leumpang paduduaan téh. Sagala diobrolkeun bari henteu aya anggeusna. Asa resep ngobrolkeun naon waé ogé. Kahayang mah jalan téh manjangan deui. Nepi ka Afrika ogé henteu nanaon. Tapi tungtungna mah jalan leuweung téh parat. Bras ka... geuning lain Maribaya. Ieu mah asa... Situ Bagendit. Keun waé, anu maca entong protés, apan ieu mah ngaranna ogé ngimpi.
“Urang rarakitan hayu, Néng.”
“Moal sieun tigujubar?”
“Tigujubar ogé wios atuh, apan sareng Akang.”
Dilak anu geulis, matak henteu kadéngé tukang rakit. Duka sabaraha mayarna, da inget téh rakit geus ngageuleuyeung. Kuring sorangan anu ngawelah dayungna. Cai anu ngagenclang oyag. Lauk sagedé-gedé sendal capit silihudag. Euleuh, geuning éta mah anak lumba-lumba.
Bobogohan téh asa dina lukisan China. Rakit ngageuleuyeung di talaga wening. Pantesna anu lalaki bari nyintreukan kacapi. Anu awéwé nembangkeun sajak Wang Wei atawa Li Tai Po. Diteuteup téh Néng Rani, bet sarimbag jeung Gong Li.
“Néng, kersa upami ku Akang dicandak ka nagri Chi....” Henteu anggeus ngomong téh da kagareuwahkeun ku anu keketrok. Jikan geus henteu nyampak di gigireun. Ngoréjat téh basa ningali jam dingding, geuning geus tabuh tujuh.
Panto téh dibuka rada lébar ayeuna mah. Tamu unggeuk jeung seuri. Lain anu peuting. Tapi sarua sopanna mah.
“Badé ka saha?” pok téh.
“Muhun, badé ka Juragan.”
Asa diingetan ngadéngé jawabanna. Matak gancang nanya, “Oh, ka Juragan anu gaduh bumi?”
“Muhun, leres.”
“Antos sakedap.”
Di tengah imah ngahuleng. Asa horéam nyanghareupan tamu henteu wawuh. Gancang balik deui ka hareup.
“Punten, Juraganna nuju siap-siap badé angkat damel. Engké deui waé atuh ka dieu deui.”
“Oh, muhun mangga atuh.”
Panto gancang ditutup henteu ngadagoan tamu téa ngaléos. Padahal mah gawé nanahaon. Unggal poé ogé kuring mah aya di imah. Da kasab téh saukur dagang kartu pulsa dina internét. Kaluar ogé paling ngirimkeun kartu ka jasa pengiriman. Kitu ogé apan aya pagawé duaan.
Sanggeus solat subrang (subuh padahal beurang téa), terus mencét remot tipi. Jikan datang nanggeuy kopi jeung pisang goréng.
“Pa Wali téh janten ditahan nya,” ceuk jikan.
“Atuh da geus kacerek deleg ngagasab dana proyék stadion, maenya teuing henteu ditahan. Nyolok mata buncelik téa kasebutna lamun kitu mah.”
Henteu némbalan jikan téh. Terus ngaléos deui ka dapur.
Unggal isuk-isuk ningali berita tipi, bari saenyana mah geus bisa nebak naon anu diberitakeun. Lamun lain ngeunaan korupsi, paling ogé artis anu kawin atawa pepegatan, narkoba, jeung bencana.
Saenyana mah, di urang, loba perkara anu tungtungna mah meulit kana korupsi deui korupsi deui. Ari korupsi, lain waé geus ngabaju, tapi geus ngabudaya. Loba masarakat anu nganggap lain korupsi kana korupsi. Geura wé apan sosogok, bura-béré, dianggapna da geus kitu ilaharna. Basa meuli imah jeung kebon di Cinangka, anu bogana méré alesan kunaon imah jeung kebonna dijual kieu, “Eta pun anak hoyong janten guru, saurna kedah nyepeng wé 75 juta mah.” Tarip kitu téh terus manjang, hayang jadi pulisi kudu nyepeng saratus juta, hayang jadi kepala sakola kudu nyepeng dalapan puluh juta, hayang jadi pagawé pemda kudu nyepeng tujuh puluh juta. Anu anéh, hayang jadi honorér di PLN  atawa di Disdik, anu cenah honorna téh ngan tilu ratus réwu sabulan, kudu nyepeng ari sapuluh juta mah.
Ari kituna, hésé di urang mah manggihan kepala dinas, atawa kepala bagian wé, anu hirupna pas-pasan. Apan imah bisa boga di ditu di dieu, ka mamana momobilan, eujeung... rekeningna bisa gendut tanding munding. Contona waé Sutardi, kabag sejarah di disdik kabupatén, apan rékeningna mah bayuhyuh. Unggal proyék anu diajukeun ku manéhna bisa kabagéan satengahna. Pengusaha rékanan mah bisa fiktif. Atawa pengusaha anu geus diarah mah tanaga jeung pangabogana, tinggal ditajong.
Ari kuring apal kana bubuk leutikna kana korupsi téh. Jaman ayeuna atuh, saha anu bisa nyumput dinu buni. Ku internét mah apan bisa disusud, dibolékérkeun. Anu hésé nyusud mah anu nyumput dinu caang. Apan kuring mah unggal poé ogé ngagugulung internét.
“Pah, bilih badé tuang, tos siap,” ceuk jikan ti lawang panto. “Mamah ngadamel gulé salmon sareng opor burung unta.”
Ngagebeg. Geuning geus beurang deui. Kitu kabiasaan kuring mah. Sasarap kopi jeung gogoréngan tabuh tujuhan, dahar tabuh sapuluhan. Réngsé dahar kakara ngabuka laptop. Mariksa email, website, facebook, jeung surfing ka réa alamat. Sok anteng ari geus kitu téh. Sok poho waktu. Éta wé keur anteng-anteng kagareuwahkeun ku anu keketrok kana panto.
Dibuka téh panto, geus aya deui tamu anu henteu wawuh. Tapi lain anu tadi isuk atawa tadi peuting. Papakéanana mah sarua sopan.
“Badé ka saha?” pok téh.
“Muhun, badé ka Juragan.”
“Oh, ka Juragan anu gaduh bumi?”
“Muhun, leres.”
“Antos sakedap.”
Di tengah imah ngajanteng. Ngarah dipercaya waé ngalaporkeun ka anu boga imah. Geus kira-kira lima menit mah terus wé ka hareup deui.
“Punten, Juraganna nuju leleson, capé tos damel. Engké deui waé atuh ka dieu deui.”
“Oh, muhun mangga atuh.”
Panto ditutupkeun henteu nungguan manéhna ngaléos. Terus nguliat bari ngabeubeutkeun manéh kana sofa.
“Pah, asa teu acan katingali solat lohor,” ceuk jikan.
“Ah, nembé gé adan.”
“Ari si Papah, tingali tos satengah tilu. Unggal dinten téh kitu waé ih. Solat subuh menuju siang, solat lohor menuju asar.”
Réngsé solat lohsar (lohor deukeut ka asar téa) mah terus nitah pagawé ngahirupkeun mobil. “Papah ka kurir pengiriman heula,” pok téh ka jikan.
“Naha sanés miwarang waé?”
“Sakali-kali wé bari jalan-jalan.”
Padahal mah kuring geus jangjian jeung Asip. Asip téh informen kuring ayeuna. Apan manéhna anu ngébréhkeun bubuk leutik ngeunaan Sutardi, kabag téa anu cenah ngabogaan rékening gendut.
“Kabag ieu mah pinter pisan kana nyedot proyék,” ceuk Asip basa jangjian di kamar hotél. “Ieu nomor rékeningna anu gendut téa, nomor kartu kredit, alamat facebook, twitter, jeung pin BB. Mangga teu langkung Bapa carana mah.”
Kuring seuri. Apan sabenerna kuring téh hacker. Tinggal diserbu waé ku fishing kana email jeung facebook. Bari ditalingakeun tangtuna. Seksina Mojang Mabok, kuring méré judul fishing bari digambaran mojang keur ngadangkak anu palangkakakanana katutupan baju saeutik. Terus dikirimkeun kana kronologina jeung kana email Sutardi.
Kitu biasana gawé téh. Sanggeus itu kauseup, nuliskeun kecap-konci atawa nomer PIN, tinggal ngagasap rékening atawa kartu kreditna. Dagang kartu pulsa mah saukur miceun salasah.
Tah, panggih ayeuna jeung Asip téh saukur ménta info saha deui anu boga rékening gendut. Tangtuna jeung méré bagian ka manéhna da geus hasil ngagasab milyaran rupiah. Sutardi mah anu isuk-pagéto bakal kékérépéngan da rékeningna béak jeung kartu kredit bayareun, henteu kudu dipikiran. Keun waé, manéhna ogé tara mikiran kasusah batur.
Tangtu waé kuring boga rékening anu bayuhyuh. Apan pakebonan, pasawahan, imah, villa, henteu inget deui di mana waé kungsi meuli téh. Sertipikatna jeung surat berharga séjénna waé satumpuk di bank. Ari ulin, apan ngaprak Asia, ngotéktak Eropah, ngurilingan Afrika, baheula mah unggal usik. Tara jeung jikan ulin mah. Kitu wé ngajak Agnés, Ayu, Cita, Nikita, Alisa, atawa mojang séjénna anu paling kolot masih kuliah. Henteu hésé apan ku duit mah anu kitu téh. Jikan mah tara kungsi apaleun. Nyangkana kuring indit ka mancanagara téh urusan bisnis onlén.  
Henteu lila saenyana mah ngobrol jeung Asip téh. Tapi duka kumaha mimitina, bet bras kana urusan anu rada ngahuleng.
“Kapungkur mah abdi ogé upami ameng sareng Risa téh mani asa hoyong paantel waé. Ayeuna mah boro-boro, hoyong hirup ogé si taeun téh kedah dioprék heula,” ceuk Asip. “Ari kituna, umur téh apan dua bulan deui ogé genep puluh taun. Kedahna mah abdi tos pangsiun. Tos seueur anu dicandak sigana kamampuh sareng kani’matan hirup téh. Panon ngurangan awasna, ambekan sering saresek, cepil ngurangan reungeuna. Panyakit wé sagala karasa. Éncok, asam urat, koléstérol, diabét, kapungkur mah asa saukur nguping wungkul. Ari Bapa sabaraha yuswa téh?”
Rada ngagebeg ditanya umur téh. “Abdi mah tos langkung genep puluh,” pok téh rada ngadégdég.
“Rasululloh ogé apan mung punjul tilu ti genep puluh yuswana. Rasul mah ti bubudak istigfar. Ari urang?”
Gebeg téh. Ujug-ujug asa jadi aki-aki. Aki-aki nurustunjung. Éta atuh da kalakuan, masih tupa-tipu ka sasaha. Solat di imah apan saukur ngabébénjokeun jikan. Gusti Alloh ogé apan dibobodo. Kakara karasa, horéng anu ditipu téh diri sorangan.
Henteu lila patingharuleng jeung Asip téh. Gura-giru balik. Reupreupan nepi ka imah téh. Di teras loba jelema. Sababaraha urang nyampeurkeun.
“Badé ka saha?” pok téh.
“Muhun, badé ka Juragan. Itu ogé sami sadayana, ngarantosan. Éta atuh da Juragan siga anu alim tepang.”
“Aya peryogi naon, nya?”
“Ah, henteu nanaon, mung silaturahmi wungkul.”
“Dupi Bapa, saha jenengan téh?”
“Oh, nami abdi mah... Huis!”
“Upami abdi... Pikun!”
“Abdi mah... Éncok!”
“Abdi...!”
Teu kadéngé deui anu ngomong téh, da kuring kaburu katurelengan.
**

Pamulihan, 12 Februari 2015
       


Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni