Jejak Kata :
Home » » UDIN WAYANG

UDIN WAYANG

Written By Mang Yus on Kamis, 21 April 2016 | 11.20

Ngaranna mah Baharudin Narayana. Kasép. Awak jangkung tegep, da puguh resep olah raga, tara ngaroko. Lamun nepikeun pamadegan atawa pamanggih ngeunaan hiji hal, capétang jeung perténtang. Karasa pinterna. Smart ceuk Asri mah.
Di kampus mah, saha anu bireuk. Najan henteu safakultas, pasti apal ka manéhna. Enya, manéhna mah kaasup populér. Ngan ceuk kuring, populérna kaasup negatif. Saha-saha ogé pasti imut, seuri, lamun nyebut ngaranna. Meureun lantaran karesepna kana wayang dianggap prototife manusa jadul alias jaman baheula, tradisional, henteu ngindung ka jaman. Kampungan. Jadul ceuk Tukul Arwana mah. Matak lalandianana ogé apan Udin Wayang.
“Mimitina mah lantaran sering ngaréncangan Aki. Pun Aki téh di bumina nyalira. Tah, upami malem minggu, Aki mah tara kakantun siaran wayang golék dina radio,” ceuk Udin Wayang di ruang kuliah basa Pa Andan, dosen mata kuliah basa Indonesia, nitah ngadongéngkeun karesepna. Tangtu waé babaturan réa anu sareuri, ngageuhgeuykeun, terus ngeprokan.
Puguh atuh, karesep kana wayang mah apan hiji hal anu anéh, kampungan, keur barudak tahun 2014 mah. Selvie apan karesepna nari balét, Kevin karesepna snorkling, Dean jeung Asri resep produksi film-film péndék, Elizabeth karesepna nyanyi bari apal lagu-lagu pop ayeuna. Ari ieu, Baharudin, resep wayang, jajaka ti jaman mana atuh manéhna téh?
“Ngaran kuring Narayana, apan éta té nenehna Batara Kreshna waktu keur ngora. Ari Batara Kreshna, apan jelema pinter, titisan dewa, anu ngatur peperangan rongkah Baratayudha,” cenah. “Réa hal anu bisa dipaké eunteung tina carita pewayangan. Ngeunaan perilaku manusa, ngeunaan kahadéan jeung kagoréngan, ngeunaan....”
Ti harita ngarannaa dilandi jadi Udin Wayang. Tapi manéhna siga anu henteu miroséa, malah aya kesan atoh. Angger akrab jeung mahasiswa ti fakultas mana waé ogé. Manéhna saukur imut lamun aya anu ngageuhgeuykeun karesepna kana wayang.
**
Kitu gambaran manéhna ceuk kuring. Apan kuring ogé saukur nalingakeun ti kaanggangan. Horéam deukeut teuing jeung manéhna. Meureun ngan kuring anu henteu pati akrab jeung manéhna. Lamun panggih di koridor kampus, apan kuring mah osok gancang ngaléos. Kitu ogé lamun manéhna aya di jero ruangan kuliah saacan dosén datang, kuring mah tara asup. Kajeun nungguan heula di luar.
“Kunaon sih mani siga anu alergi ka Udin Wayang?” ceuk Asri basa kuring henteu jadi asup ka ruangan kuliah lantaran aya manéhna. “Itu mah sakitu bageurna.”
“Ah, henteu nanaon.”
“Ditaksir nya ku Udin Wayang?” Asri seuri, ampir ngagakgak lamun henteu ditungkup mah biwirna.
“Lamun sarua bogoh tinggal layanan. Lamun henteu tinggal tolak.” Biwir Asri henteu bisa dieureunan.
“Geus ah, tong ngabahas éta. Cua ngadéngéna ogé.”
“Lamun ceuk Asri....”
“Kumaha?”
“Mending tarima waé. Apan engké téh lamun lalajo wayang, bari disarung, jajan bajigur, bisa duaan, hahaha....” Asri ngagakgak henteu kaampeuh.
“Gandéng ah!”
**
Enya, mimitina mah lantaran Udin Wayang nulis dina inbox akun facebook kuring. “Sri, anjeun téh mirip Srikandi. Terang apan saha ari Srikandi?” Kitu tulisanna téh. Tangtu waé kuring henteu apal. Manéhna ogé henteu nerangkeun keur chating mah. Ngan isukna, di kampus, manéhna nerangkeun.
“Srikandi téh istri anu geulis, pinter, tapis mentangkeun panah,” cenah. Tangtu waé kuring seuri. Oh, Srikandi téh tokoh dina carita wayang. Tapi kalimat saterusna anu ngajadikeun kuring balem.
“Unggal neuteup anjeun, Sri, kuring sok ngalamun jadi Arjuna. Anjeun terang saha ari Arjuna?”
Kuring gideug.
“Arjuna téh suamina Srikandi.”
Ti harita kuring ngajauhan Udin Wayang. Kerja kelompok tara daék bareng. Rugina mah éta ogé aya. Di antara babaturan, anu pinter nulis, anu daék maca buku, anu ngarti rada jero komputer jeung internét, apan manéhna. Ah, tapi keun baé. Daripada éra....
Ras inget kana obrolan babaturan basa keur jajan baso di kantin.
“Kumaha tah, lamun seug anu balaka bogoh téh Udin Wayang?” ceuk Selvie ka Agnes. Agnes seuri ngabarakatak. “Naha kalah seuri?”
“Wah, ampun. Lalaki mah kajeun wajahna biasa waé tapi henteu katro alias kampungan siga Udin Wayang. Anjeun mah resep, nya?”
Selvie ayeuna mah anu seuri. “Ngadéngéna ogé mani gararéték. Wayang, anéh ogé nya bet aya kénéh lalaki kasép anu resep.”
Kitu sababna kuring ngajauhan Udin Wayang. Tapi najan kuring ngajauhan, inboxna dina akun facebook kuring taya towongna. Enya ogé ku kuring tara dilayanan deui, komo chating mah. Cenah, Arjuna mah henteu ngan saukur percéka mentangkeun panah biasa, tapi ogé panah asmara. Tapi ku kuring tara dibales deui. Malah ngaranna terusna mah didelete.

1.      Mangle no.2513, 5-11 Februari2015)

Keun baé, henteu nanaon manéhna rék nyerieun haté ogé. Daripada kanyahoan batur, kuring wirang dideukeutan Udin Wayang. Eta ogé bari jeung ngancam ka Asri.
“Pokona entong aya deui anu apaleun!” ceuk kuring tandes. Asri ngabarakatak.
“Naha kunaon?”        
“Maké nanya sagala. Asri daék kitu ditaksir Udin Wayang?”
Asri kalah ngahuleng.
“Aya naon?” Kuring henteu ngarti.
“Aya ku anéh ari nasib jelema nya. Udin Wayang téh kasép ceuk Asri mah. Sopan, bageur, pinter deui. Naha bet loba mojang anu henteu daékeun dideukeutan lantaran resep kana wayang.”
Kuring balem.
“Karunya ogé nya.”
“Lamun Asri daék mah, bogohan atuh...”
Asri ngabéléhém. “Nyaéta, sigana Asri ogé sarua jeung Sri, éra reureujeunganana,” cenah. “Jaman ayeuna, jaman sarwa teknologi mutahir, resep wayang... teu kabayangkeun.”
**

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni