KAWUNG KABAYAN
Mangle, no 2499, 30
Oktober – 5 Nopember 2014
Di wates lembur jeung leuweung
perenahna tangkal kawung téh. Tangkal kawung biasa saenyana mah. Biasa
jangkungna, biasa gedéna, biasa injuk jeung carulukna. Ngan keur urang lembur
kuring mah, tangkal kawung éta leuwih kawentar batan tatangkalan naon waé ogé.
Kawung Kabayan katelahna téh. Duka
iraha éta tangkal kawung téh jadina. Da urang lembur anu pangkolotna saperti
Abah Suadma, umurna 92 taun, apalna kana tangkal Kawung Kabayan téh geus sagedé
kitu. Ngan ceuk dongéng anu tatalépa ti kolot ka budak, éta tangkal kawung téh
anu baheula ditaékan ku si Kabayan.
Kieu dongéngna mah. Si Kabayan téh
jalma masakat, heureut pakeun pungsat bahan lain bobohongan. Tapi henteu aya
urang lembur anu maliré. Kaasup anu pangbeungharna, anu boga tangkal kawung di
wates lembur téa. Lantaran lapar, karunya ningali anak pamajikan sababaraha poé
henteu kararaban sangu, nya si Kabayan kukurilingan néangan sugan aya
beubeutian anu bisa dirabut atawa bungbuahan anu bisa diala. Basa nepi ka
handapeun tangkal kawung, nyéh si Kabayan seuri. Aya lodong ngagantung, sigana
pinuh ku lahang. Lumayan lamun dijual ka pasar mah bisa dibeulikeun béas jeung
sambeleun. Si Kabayan naék kana sigay. Tapi kakara ogé nepi kana lodong, réa
jalma laluncatan tina rungkun.
“Kapanggih ayeuna mah, ieu mangklukna
anu sok maok lahang téh,” ceuk Anu Beunghar, anu boga éta tangkal kawung. Jalma réa ngadareukeutan tangkal kawung. Ampir
satengah urang lembur, kaasup pa ustad, jadi saksi. “Turun euy! Bisi
dibalédogan kéh!”
Si Kabayan reuwas saenyana mah. Tapi
rikat némbalan. Pokna téh, “Hiss… gagabah nyacapluk téh. Uing mah lain rék maok
lahang.”
“Rék naon atuh éta naék kana sigay?”
“Uing mah sakadar ngayakinkeun, naha
bener tina tangkal kawung ieu téh aya jalan ka Sawarga saperti ilapat anu
katarima ku uing.”
Jalma réa silihpelong. Henteu
kabuktian si Kabayan maok lahang téh. Kitu dongéngna mah. Ngan sakitu. Da
dongéng saterusna mah aya sababaraha persi. Aya anu nyebutkeun si Kabayan terus
naék ka puncer kawung, ngaleungit lebah pucukna. Aya anu nyebutkeun si Kabayan terusna
jadi kuncén anu nangtukeun saha-sahana anu geus manjing jeung cukup pasaratan
pikeun ka Sawarga.
Duka sabaraha abad kaliwat éta
dongéng téh kajadianana. Duka henteu kungsi aya di kieuna kajadianana mah.
Saukur dipapantes disisieup, saperti urang Minang nyaritakeun kaba saperti
urang Sunda nyaritakeun sasakala. Ngan anu jelas, pikeun urang lembur kuring,
kaasup kuring sorangan, percaya pisan kana kaahéngan Kawung Kabayan. Malah anu
getol ibadah atawa anu bageur ka batur mah boa ngarep-ngarep aya ilapat atawa
aya anu ngabéjaan yén dirina geus waktuna pikeun naék kana tangkal Kawung
Kabayan téa.
Saha atuh anu henteu kabita ku Sawarga.
Tempat éndah, tempat sakabéh pancaindra ngarasakeun kasugemaan. Tempat anu
sakabéh anu percaya mah mikahayang langgeng di jerona.
Henteu aya anu apal saha kuncén
Kawung Kabayan ayeuna. Da cenah kuncén téh nyumput di nu caang nyamuni bari
katingali. Ngan lamun aya jalma pinilih anu geus manjing ka Sawarga, béja téh
tatalépa. Duka ti saha mimitina. Ari anu kapilih pikeun ka Sawarga henteu
diwatesan ku pacabakan atawa pakaya. Mang Suadma saukur buruh ngabedug, Pa
Kanta pangsiunan pulisi, Aki Sanuri tukang ngangon meri, Bu Rubiah mah anu
gaduh lima pabrik kurupuk, Ma Acih tukang surabi.
Basa Pa Sumitra naék ka Sawarga ogé
kitu kajadianana. Ujug-ujug jalma salembur apal. Atuh saréréa jul-jol
narepungan. Anu ngarasa boga dosa ka Pa Sumitra pok deui pok deui ménta
dihampura bari ngagukguk. Atuh Pa Sumitra, ka saha ka saha ngabagéakeun. Henteu
weléh gedé hampura, bari anjeunna ogé pok deui pok deui ménta dihampura.
Rajakayana satengahna diwariskeun ka barudakna, anu setengahna deui mah diwakafkeun
pikeun ngadegkeun madrasah.
Anu ketir mah basa jajap ka tangkal
Kawung Kabayan téa. Ti bumi Pa Sumitra nepi ka wates lembur anu aya tangkal
kawung téa, jalan satapak téh ngadadak ngalegaan, lalening, bararesih.
Sajajalan shalawat jeung kalimah toyibah ngusapan kasadaran anu pangjerona. Éta
wé anu ceurik henteu kaampeuh di ditu di dieu, ceurik anu bungah, ceurik anu
kagagas.
Atuh tangkal kawung téa, katingalina
téh cahayaan. Aya ku éndah injuk jeung carulukna. Basa Pa Sumitra naék satahap
demi satahap kana sigay, jep wé jempé urang lembur téh. Méga putih ngadingding
ngahalangan morérétna panonpoé. Angin aya ku rintih. Pa Sumitra imut basa nepi
ka puncer kawung. Imut anu éndah. Imut pangéndahna anu kungsi katingali ku
urang lembur. Terus lalaunan awakna ngaipisan, saperti cahaya, terus ilang
tanpa karana.
**
Duka ti saha mimitina, béja téh
nyebar ka sakabéh urang lembur. Béja yén Kawung Kabayan, héktaran tanah anu aya
di sabudeureun tangkal Kawung Kabayan, ditawar ku urang kota. Sapuluh milyar
cenah hargana ogé. Harga anu pikabitaeun tangtuna ogé. Di lembur kuring mah
apan tanah téh sabatana ngan lima ratus réwu pérak. Basa ku urang lembur
ditanyakeun ka pa kuwu (ayeuna mah tanah di sabudeureun Kawung Kabayan téh apan
tanah carik), jawabanna téh henteu waé ditawar tapi geus mupakat dijual.
“Cilaka, Jang, bakal aya mamalana. Sawarga
mah moal bisa dibeuli ku pakaya dunya,” ceuk Abah Ihin basa kuring solat di
tajug sisi sawah. Abah Ihin téh merebot di éta tajug. Tajug leutik tapi ari
sore mah meuweuh ramé da barudak dialajar ngaji ka Mang Asép.
“Apan saur Pa Kuwu, hasilna kanggo
ngabéayaan pangwangunan lembur urang, Bah.”
Abah Ihin henteu némbal deui.
Saminggu ti harita tanah anu dibeuli
ku urang kota téh dipager kawat. Anu ngadegkeun bangunan beurang peuting henteu
reureuh. Anu gawéna sawaréh urang lembur, réréana mah daratang ti lembur séjén.
Tilu bulan gé ngadeg tempat wisata. Aya penginapan, situ tempat paparahuan,
pemancingan, flaying fox, karaoke, jeung duka naon deui. Ngan wisata anu
utamana, anu pangmahalna mah Kawung Kabayan téa. “Berlibur ke Surga,” cenah
ceuk dina brosurna ogé. Ceuk béja mah lima ratus juta mayar saurangna.
Tangtu waé anu wisata ka dinya mah lain
jalma joré-joré. Da anu kabedag mayar ngan maranéhna anu baroga duit leuwih. Maksud
téh leuwih ti anu kabayangkeun ku urang lembur. Pagawé biasa mah anu hirupna ngandelkeun
gajih wungkul tong pirajeunan ngimpi-ngimpi acan.
Tapi ahéngna, enya ogé mahalna
salaput hulu, anu daptar pikeun wisata ka Kawung Kabayan mungguh ngantri. Ceuk
béja, lamun daptar ayeuna téh kakara bisa naék taun hareup. Jalma baleunghar ti
unggal kota gedé sakuliah nagara ngilu ngadaptar. Malah mah loba anu wani meuli
ti calo nepi ka milyaran perak.
Ari kituna, kaahéngan Kawung Kabayan
téh ampir unggal poé dipromosikeun dina facebook, tweeter, geogle adsense,
baliho, poster, bbm, radio, télévisi, buku, jeung réa deui. Terusna mah aya
kapercayaan, saha-saha anu boga rencana pikeun wisata naék ka Kawung Kabayan, bakal
katingalina jadi jelema bageur, bener, pinter, asih, ngasuh, ngasah. Kajeun
tadina bangsat, sanggeus aya rencana pikeun wisata naék ka Kawung Kabayan mah,
asa jadi ustad. Ari anu ningali, apan henteu saeutik anu kabobodo ténjo
kasamaran tingal.
Matak henteu héran dina media massa
jeung media sosial loba pangwilujeng saperti kieu: Wilujeng ka Bapa Anu anu
parantos ngadaptar kanggo wisata ka Kawung Kabayan. Mugia barakah, langkung
naék jabatanana, langkung seueur proyék-proyékna, langkung seueur kenging artos
hibah, supados upami ditaros sabaraha rajakayana diwaler: saalaihim.
Unggal poé ti lebah tempat wisata
Kawung Kabayan téh kadéngé ramé. Musik padang pasir, nasyid, japin, sakapeung
ngélehkeun adan Abah Ihin. Da puguh unggal poé ogé apan aya anu indit wisata,
naék kana Kawung Kabayan. Raména da puguh aya upacarana ayeuna mah. Anu
mingpinna ogé apan ustad-ustad kawentar wungkul anu pabaliut dina
télévisi.
Ari urang lembur, kudu ihlas, ulah
nginget-nginget deui Kawung Kabayan. Da apan ayeuna mah tong boro milu nganteur
anu kasinugrahan kapilih pikeun naék kana Kawung Kabayan, dalah ningali ogé
tangkal kawungna henteu bisa. Da éta sakuriling tempat wisata téh apan dipager
ku témbok sajangkung tilu meter. Enya ari kudu ihlas téa mah. Tapi sakapeung
mah aya anu henteu kuateun, sarérés solat téh ngadon ngagukguk, inget ka Kawung
Kabayan cenah.
Matak reuwas basa reureuh nungguan
lohor di tajug sisi sawah, ari pok téh Abah Ihin: “Kawung Kabayan téh geus teu
aya dikieuna ayeuna mah, Jang. Da anu di tempat wisata mah mamalihan. Enya
lamun nepi ka puncer kawung mah bisa ngaleungit anu naék téh, leungit ku sihir,
tungtungna moal bisa balik deui ka alam ramé, komo deui ka Sawarga da sanés
kitu pasaratan ka Sawarga mah. Nyiliwuri téa anu kitu téh.”
Tadina mah moal percaya kitu waé.
Tapi ti harita di lembur mimiti kacaritakeun aya jurig marakayangan. Di kalér
di kidul di wétan di kulon. Loba anu patingjarerit sarieuneun. Loba anu
kaleungitan kadaharan jeung harta banda. Da puguh ceuk Abah Ihin, enya ogé
marakayangan, henteu katingali ku panon lahir, ari napsu babanda jeung
baranghakanna mah angger.
Ari urang lembur, henteu saeutik anu
apal jeung paséhat mapatkeun doa panyinglar. Sageprakan ogé jurig nyiliwuri téh
patingjarerit, kalabur ka kota tempat asalna. Ti harita di kota-kota gedé, di
nagara kuring, loba anu baleunghar anu terus marakayangan.
“Matak wartoskeun ka urang kota,
Jang, Sawarga mah henteu tiasa dipésér ku rajakaya,” ceuk Abah Ihin.
Teg téh dina haté, yakin pisan, Abah
Ihin téh kuncén Kawung Kabayan anu nyumput di nu caang nyamuni bari katingali.
Matak langsung kuring nanya: “Bah, ari Kawung Kabayan anu asli, ayeuna aya di
mana? Abah pasti terang, da Abah kuncénna.”
Abah Ihin ngagebeg. ***
Pamulihan, 21 Maret 2014 / 23 April
2014
0 Response to "KAWUNG KABAYAN"
Posting Komentar