Jejak Kata :
Home » » SASAKALA BATU KEWUNG

SASAKALA BATU KEWUNG

Written By Mang Yus on Kamis, 21 April 2016 | 10.19


Mangle no. 2529, 28 Mei – 3 Juni 2015

Jaman baheula, di Banten aya sodagar beunghar. Sodagar anu henteu disebutkeun ngaranna téh layeut pisan jeung Sultan Haji. Ari Sultan Haji teh putrana Sultan Tirtayasa anu nyakrawati di Banten. Lantaran layeut jeung Sultan Haji éta sodagar beunghar téh ngamonopoli perdagangan béas jeung rempah-rempah di Banten.
Sodagar téh jadi tuan tanah di pakampungan. Carana meulian tanah téh ku ngahutangkeun modal ka para patani. Hutang anu bungana terus nambahan téh lamun henteu kabayar, nya tanahna dijabel. Ongkoh deuih apan manéhna téh dipilih jadi kuwu. Pajeg anu diwajibkeun ku manéhna leuwih gedé batan anu ditangtukeun ku pamaréntah Banten. Pikeun ngajalankeun usaha jeung narikan pajegna sodagar téh ngagawékeun para jawara anu taya ras-rasan.
Najan beunghar hartana henteu kaitung, éta sodagar téh peditna kabina-bina. Tong boro méré mawéh ka sasama, sodakoh ka anu katalangsara, keur dirina sorangan ogé diwatesan. Sodagar téh hirupna nyorangan alias henteu kawin. Ari alesanana, kawin téh cenah sarua jeung awuntah. Komo lamun boga budak mah. Apan kudu maraban, makéan, jeung béaya séjénna pikeun pamajikan jeung barudakna.
Hiji poé ka hareupeun imah sodagar téh aya aki-aki. Éta aki-aki kundang iteuk anu katingalina langlayeuseun téh uluk salam.
“Sampurasun, salam pangersa,” ceuk aki-aki téh bari alak-ilik nengetan panto pager.
“Aya perlu naon, Aki?” Salah saurang jawara nyampeurkeun.
“Êta nun hoyong dipaparin piwelasna sangu sakeupeul sareng cai sagelas mah.”
“Euweuh! Hayoh mantog ka ditu!”
Éta aki-aki téh ngaléos. Ngan duka kumaha carana, basa sodagar téh keur moyan di buruan tukang bari nyanghareupan bubuy hui sapiring, aki-aki téh nyampeurkeun.
“Juragan, aki téh langlayeuseun, hoyong dipaparin piwelasna hui hiji mah sareng cai sagelas,” ceuk si aki.
Sodagar téh reuwas kacida. Manéhna muncereng. “Ngeunah siah, punta-pénta teu pupuguh!” pokna garihal. “Kumaha bisa asupna siah manéh, apan sakabéh panto pager dijaga ku jawara?”
Sodagar téh terus ngageroan jawara badégana. Atuh jawara anu keur jaraga téh mani dagdag-dégdég nyampeurkeun.
“Deuleu siah, naha aki-aki nurustunjung kieu bisa asup? Gancang bawa, sareukseuk nempona!” ceuk sodagar téh mani bengis.
Henteu ngengkékeun deui, dua urang jawara néwak aki-aki anu langlayeuseun. Si aki téh digusur, tuluy dialungkeun ka jalan. Si aki téh nangtung, terus ngeprukan bajuna anu kalotor.
“Héy Sodagar, pedit téh kabina-bina teuing. Enya manéh beunghar, tapi manéh kudu ngarasakeun kumaha rasana lapar anu nataku. Enya ogé manéh loba kuda loba padati, moal bisa indit-inditan ka mamana siah!” ceuk aki-aki téh, terus ngaléos duka ka mana.
Sodagar téh reuwas da puguh sora aki-aki téh ngoncrang jelas. Manéhna nitah badégana pikeun nyusul, tapi aki-aki téh taya tapak-tapakna acan. Terus manéhna diuk dina korsina. Tapi henteu bisa hudang deui. Sukuna leuleus, satengah awakna siga anu paéh. Lamun jaman ayeuna mah meureun stroke téa.
Sodagar téh ngagorowok reuwas. Para badégana nyalampeurkeun ogé da henteu bisa kukumaha. Dukun jeung tabib anu aya di lemburna didatangkeun, tapi taya hasilna. Mimiti diogan tabib ti kampung anu jararauh. Tapi panyakit sodagar téh henteu aya mendingna. Mangtaun-taun kituna téh. Sodagar téh mindeng ceurik. Kaduhung manéhna téh. Kaduhung ku kalakuanana.
Hiji poé mah sodagar téh ngagerentes ka dirina sorangan, “Gusti, lamun seug kaula cageur sabihara-bihari deui, kaula réla pikeun ngabagikeun satengah kakayaan pikeun saha waé ogé anu katalangsara.”
Isukna basa keur moyan di buruan tukang, aki-aki anu baheula téa ngadatangan deui.
“Lamun anjeun hayang cageur, aya tilu perkara anu ku anjeun kudu dilakukeun,” ceuk aki-aki téh. “Kahiji, anjeun kudu ngarobah pasipatan pedit jeung nindes ka rahayat. Kadua, anjeun kudu indit ka Gunung Karang. Téangan waé di puncerna aya batu kewung. Tah, di batu kewung téa anjeun kudu tapa. Rasakeun waé kumaha rasana lapar jeung hanaang téh. Anu katilu, lamun geus sabihara-bihari deui, ulah poho kana jangji anu geus digerenteskeun.”
Aki-aki téh terus ngaléos duka ka mana. Beurang éta kénéh sodagar téh indit ka Gunung Karang. Manéhna ditandu ku opatan. Jalan satapak, bras ka jalan leuweung anu rembet, terusna mah ngaliwatan jungkrang lungkawing jeung cadas leueur jeung jalan anu hara-haraeun. Nepi ka puncer Gunung Karang badéga anu ngagotong tandu geus teu walakaya. Opatanana ngagalolér carapéeun. Sodagar téh ningali aya batu kewung henteu jauh ti dinya. Manéhna ngorondang nyampeurkeun.
Sodagar téh tapa salila tujuh poé tujuh peuting. Lapar anu nataku karasa ku manéhna. Sodagar téh ceurik ngagukguk, inget kana kalakuanana henteu miroséa ka anu katalangsara. Peutingna disingsieunan jurig nyiliwuri, rarasaanana disiksa ku mahluk-mahluk telenges. Sodagar téh ceurik deui, inget kana telengesna nindes ka rahayat.
Kacaturkeun tamat wé tapana. Ti jero batu kewung téh kaluar cai panas. Sanggeus mandi di cai panas, suku sodagar anu lumpuh téh cageur sabihara-bihari deui. Salain nedunan jangjina pikeun ngabagikeun satengah kakayaanana, sodagar téh ngalamar mojang anak patani miskin. Rahayat ogé jadi mikaresep.
Batu kewung téa nepi ka ayeuna mancerkeun cai panas. Réa anu ngadon mandi, anu tatamba terus calageur, pangpangna anu katerap panyakit kulit. Ayeuna mah batu kewung téh jadi tempat wisata di Kecamatan Padarincang, Ciomas, di tutugan Gunung Karang. ** 

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni