NU KAUL LAGU NOAH
Pikiran Rakyat, 18 Nopember 2012
Kapaksa saenyana
mah. Satengah digusur. Bari ditambahan ku: “Belegug manéh mah. Batur mah
parebut bari kudu meuli tiket, jutaan hargana ogé. Ieu mah gratis, kudu
dipapaksa.”
Tungtungna mah
nuturkeun. Karunya ka ki sobat, ari balik peuting téh sok hariwang. Puguh
ngontrak kamar téh milih di kampung. Tadina mah ngarah masih seger hawana, tiis
tingtrim suasanana. Apan ka kota téh kudu ngaliwatan sawah anu masih kénéh
upluk-aplak. Tengah peuting mah ngaliwatan sawah téh lumayan keueung.
Sababaraha kali kabéjakeun aya anu dipergasa. Direbut motorna.
Saenyana mah lain
henteu resep lalajo konser grup band
Noah téh. Apan ti baheula ogé basa ngaranna masih Peterpan sababaraha lagu mah
apal. Ari tengah peuting ceuceuleuweungan di kampus, apan éta téh lagu
Peterpan. Ngan teu panuju kana kalakuan vokalisna sabada geunjleung video porno
téa. Ti harita mah tara wé nyetél lagu-laguna, enya ogé dina Winamp masih can
didelet. Sakalina aya batur ogé anu nyetél dina komputer atawa ringtone handphone, sok gancang wé
ngajauhan.
Nepi ka tempat
konsér, mani ngaliud anu rék lalajo. Anu ngantri ka jero mani ngaoray, panjang.
Cenah mah ti isuk-isuk mula maranéhna geus daratang ti kota-kota anu jarauh. Uing
luak-lieuk bari topi rada didedetkeun. Sieun panggih jeung anu wawuh. Pasti
protés, atawa saeutikna nyeungseurikeun.
Apan uing téh kungsi
démonstrasi di jalan-jalan. Ngadémo video porno téa. “Rajam penzinah...!
Rajam...!” Ari pék ayeuna datang ka konsérna. Tapi tujuan uing mah apan lain rék
senang-senang. Da ti saprak kasus vidéo porno ogé lagu-laguna téh teu
ngareunaheun deui. Tujuan uing mah karunya ka ki sobat. Ngabaturan bisi
keueungeun balik ngaliwatan tengah sawah.
Da puguh ki sobat
mah wartawan, ningalikeun kartu jeung surat teuing naon deui ka panitia, bus wé
ngaliwatan jalan husus.
**
Nangtung téh di
sisi panggung. Ki sobat mah maju ka hareup, motrétan. Nu lalajo mani séah. Anu
gogorowokan waé aya. Kaédanan téh lain heureuy. Awéwé atawa lalaki, taya
bédana. Uing mah angger can bisa ngarti, naha kaédanan téh mani nepi ka
kitu.
Simpé. Asa simpé
rarasaan téh. Simpé di tempat anu ngaguruh siga kieu. Pastina ogé simpé anu
nataku. Meureun da haté uing mah henteu di dieu. Henteu dina musik, henteu
ngahiji jeung anu lalajo. Di panggung anu nyanyi teuing geus sabaraha lagu.
Tadi mah pirajeunan diitung. Tapi kaburu poho, da pikiranna henteu di dinya.
Reuwas sotéh basa
anu nyanyina ganti. Ceuk MC, lain bintang
tamu ieu mah. Tapi anu kaul, anu teu kuat hoyong ngahaleuang dua lagu waé mah.
Ceuk haté, naon bédana? Rék vokalisna, bintang tamu, atawa anu kaul, sarua waé.
Tapi barang sorana ngahaleuang, jep téh nu lalajo jempé. Jempé sapisan. Reuwas
kitu nu lalajo téh? Reuwas saperti uing?
“Usai sudah semua berlalu... biar hujan
menghapus jejakmu...,” cenah dina lagu Menghapus Jejakmu. Asa wawuh kana
éta sora. Asa raket. Asa sagulung-sagalang. Tapi saha? Basa ngabalikan deui
dina “... biar hujan menghapus jejakmu...”
haté mani nyérédét. Ujug-ujug sedih. Ras inget kana kalakuan sorangan. Enya
kitu uing téh leuwih beresih? Siga anu enya hohoak bari tutunjuk. Boa anu
ditunjukna mah terus éling, apan cenah “biar
hujan menghapus jejakmu”. Ari uing, anu tutunjukna, boa kalah sasab dina
rasa bener sorangan.
Anu kaul téh siga
anu anteng. Anu lalajo ogé sarua. Uing ogé apan mani rancung ayeuna mah ceuli
téh, nungguan lagu saterusna. Asa ngemplong basa anu kaul nuluykeun kana lagu
kadua, lagu Separuh Aku. Uing mani ngadégdég. Asa kakara aya anu nyanyi siga
kieu. Lagu anu tadi karasa ngageurina, lagu ieu mah karasa kangenna. Kangen ka
saha atuh, nya?
“Dengar laraku, suara hati ini memanggil
namamu. Karena separuh aku dirimu...,” cenah. Kangen. Kangen anu nalangsa téa.
Sigana pédah kangen anu henteu laksana. Saha atuh anu nyanyi téh? Moal kitu
Vina Panduwinata? Apan Vina anu bisa ogo, ngageuri, jeung kangen dina
lagu-laguna. Tapi ceuk haté mah lain. Kangen tapi nalangsa mah ngan boga anu
ieu. Ongkoh deui asa dalit, asa wawuh, kana kangenna, kana nalangsana. Saha
atuh?
Jéjéngkéan ogé ti
sisi panggung mah angger henteu jelas. Ngan tonggongna wungkul. Erokna panjang
samumuncangan, dijeket kulit hideung. Asa henteu biasa anu nyanyi dierok
panjang. Tapi éta mah henteu penting kapan. Nu nyanyi mah diukurna ku sora.
Apan ngageurina, ogona, kangen tapi nalangsana, anu nyababkeun uing jéjéngkéan
ogé.
“Cik, uing hayang
ka hareup, kumaha carana,” cekeng téh ka ki sobat.
“Bawa wé kaméra,
jig ka hareup.”
Kaméra téh
dikangkalungkeun. Tapi geus di hareupeun panggung mah asa henteu nyepeng
kamera. Poho. Hilap sapisan. Haté asa beuki tagiwur. Enya, wawuh geuning ka anu
nyanyi téh. Wawuh pisan rarasaan téh. Tapi urang mana, jeung di mana, wawuhna?
Hanjakal manéhna keur ka panggung belah kénca, jadi can sidik kana pameunteuna.
“Dengar laraku, suara hati ini memanggil
namamu...,” cenah bari ka tengah panggung. Bet asa ditujukeun ka uing
ayeuna mah nyanyina téh. Beuki ratug ieu jajantung. Barang rét ka uing, nu kaul
téh ngarandeg. Hookeun. Siga anu kasima. Anu lalajo masih jempé, meureun
ngadédéngékeun. Lantaran lila teuing anu kaul téh henteu neruskeun nyanyina,
anu lalajo mimiti réang. Siga anu reuwas anu kaul téh neruskeun, “... karena separuh aku dirimu....”
**
Jangjian téh di
warung kopi peuntaseun tempat konser. Manéhna masih maké baju anu tadi di
panggung. Erok panjang warna biru kolot, kaos abu-abu ngora dituruban ku jaket
kulit hideung. Aya ku geulis. Siga bulan anu mabra di langit beresih.
“Manawi téh henteu
ngersakeun,” pokna téh.
“Satadina mah
kapaksa. Tapi bet kapincut soanten salira.”
“Puguh waé da lami
pisan henteu tepang. Boa salira mah nembé engeuh ka abdi. Saha cing abdi téh?”
“Rumaos henteu terang.
Diémut-émut ogé angger lebeng. Enya ogé haté mah asa caket, asa dalit pisan. Wararaas
nguping soanten salira. Asa apal ngageurina, ogona, kangenna.”
“Puguh waé da
salira mah tambélar. Boa salami kumelendang di alam ramé ieu teu acan kantos
ngalongok.”
“Naha di mana atuh
salira téh linggih?”
“Di hiji taman,
taman anu kahieuman, taman di lebet diri salira, taman di lebet manah salira
anu kahieuman, taman anu saumur-umur salira teu kersa ngariksa.”
Meg téh asa aya anu
nonjok kana angen. Nonjok ku karumasa, ku tambelar, ku lampah anu wangkelang.
“Iraha atuh salira
ngersakeun ngalongok?”
Uing teu bisa
cacarita deui. Haté ngaleketey. Komo basa manéhna amitan, leumpang ngalénghoy,
ngajauhan. ***
Bandung, 15
Nopember 2012 / Tahun baru 1434 H
0 Response to "NU KAUL LAGU NOAH"
Posting Komentar