Jejak Kata :
Home » » RENGGANIS

RENGGANIS

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 23.05

Mangle no 2530, 4-10 Juni 2015

Bagian Hiji
Meureun enya, cinta mah saperti tatit. Ngan sakolebat, tapi matak ébat. Ébat tina kabiasaan naon waé. Naha anu kalangsu dina kagoréngan atawa dina lampah wangkelang. Apan soré anu meredong jadi caang. Atuh sora gelap anu ngagétkeun, matak sieun, tapi bisa jadi sora anu nyadarkeun tina hiji perkara. Sora anu keur haté mah lir galindeng, anu keur kasadaran mah lir hariring.
Unggal waktu kasadaran siga kitu téh tumuwuh dina haté kuring. Enya, anjeun apan anu ngipuk jeung nyéboranana. Terus pucukan, ngarandakah, kembangan, buahan, jadi tangkal anu éndah tur mangpaat. Anjeun apan anu ngahiap sakabéh mahluk pikeun ngarasakeun nikmatna. Anu kapanasan terus ngiuhan, barudak saruka bungah malédog buahna anu amis, saabringan manuk reureuh malah terus aya anu nyayang, hileud jeung sireum jeung rébuan sato séjénna anu ngaran jeung rupana ogé boa urang acan wawuh bakat ku leutik; harirup, aranakan, saruka-bungah dina tangkal cinta téa.
Lantaran éta ampir unggal soré kuring ka Lémbang, ka Punclut, ka Ciwidéy, ka tempat-tempat luhur séjénna; saukur hayang ningali pamandangan soré. Warna kasumba mancawura di langit kulon, jujumplukanana awan asa gambar keur sorangan, angin ngagilisir kana pipi bet parat kana ati. Lamun kalalanjoan teuing, sakapeung sok aya anu ngalémbéréh dina pipi. Enya, apan anjeun anu niupkeun rasa, anu ngagalindeng dina pamandangan téh.
Ingetan téh sok terus henteu katahan pikeun ngalanglang pangalaman sorangan. Pangalaman ka hiji soré basa kuring naék kana tower kampus. Nengetan kota Bandung tina lénsa kamera. Paimahan jujumplukan, patétéép. Patalimarga rarandegan. Jelema ngajajar di sisi jalan, siga liliput dina dongéng anu cenah jangkungna saukur sajengkal. Boa meureun enya, urang téh saukur liliput dina agréngna wangunan alam ieu.
Kaméra téh jeprat-jeprét ka ditu ka dieu nuturkeun gerentes haté. Haté anu asa ngungun, muyung, jararauh panineungan, ningali Bandung anu kasumba. Terus lénsa kaméra téh eunteup kana pamandangan séjén. Pamandangan anu matak ngagebeg, anu sakedapan kuring mata simeuteun. Enya, pamandangan di teras masjid kampus. Saurang mojang keur anteng maca buku. Tas gandong nyarandé di gigireunana. Erokna warna biru kolot nutupan nepi kana mumuncangan. Pameunteuna atra beresih, sura-seuri umat-imut. Basa sakedapan buku ditutup, nyi mojang téh neuteup ka jauhna, imutna ngabelenyéh lir kembang eros anu ligar. Sigana keur kalangsu dina dunya buku, ceuk kuring. Saperti kuring anu mindeng kalangsu dina dunya lénsa kaméra.
Enya, mojang anu kalangsu dina dunya buku téh apan anjeun, Rengganis. Mojang anu siga mahnét ngabetot kuring sangkan unggal soré naék kana tower, ngulincer siga anu enya néangan potréteun, padahal mah nengetan anjeun. Hanjakalna anjeun siga anu ngaleungit. Dina haté mah norowéco pananya; saha ari anjeun? Fakultas naon? Jurusan naon? Saha sobat-sobatna? Naha salila dua taun kuliah di dieu kuring kakara sakali ningali anjeun?
Mun seug jujur, anjeun pasti moal percaya. Kakara harita kuring bet kapéngpéongan (lamun pas mah istilah éta) ku mojang. Enya, apan biasana mah mojang mana atuh anu wani nolak dideukeutan ku kuring? Tong boro dideukeutan, ditanya alamat imah atawa nomor télépon, kakara diajak seuri ogé apan mani sok élékésékéng. Ari anjeun, kakara ogé katingali tina lénsa kaméra, bet sanggup nyihir kuring sangkan nyileuk sapeupeuting. Potrét anjeun dijajarkeun. Anu keur anteng maca buku, anu keur imut, anu keur neuteup ka jauhna. Ah, keur naon waé ogé, anjeun asa beuki deudeuleueun.
Basa hiji isuk lénsa kaméra kuring nangenan anjeun keur leumpang di gapura kampus, kuring gagancangan turun tina tower. Kuring ngudag anjeun anu geus naék kana tangga ruang kuliah. Anjeun eureun, malik bari kerung, basa kuring gogorowokan bari lumpat.
“Kenalkeun, sayah paparazzi,” ceuk kuring bari rénghap-ranjug.
Anjeun imut. Leungeun kuring anu nyolongkrong henteu ditampanan. Jariji anjeun anu beresih disidakepkeun dina dada bari unggeuk. Meureun kitu salam anjeun.
Kuring gancang muka tas gandong, ngaluarkeun potrét-potrét anjeun keur maca buku téa, terus diasongkeun. “Ieu hasil tugas matakuliah fotografi. Canded camera, motrét rerencepan, henteu kanyahoan ku modél potrétna. Tapi pasti peryogi data modélna.”
Anjeun nengetan potrét. Sakapeung imut, sakapeung kerung. Terus satumpuk potrét téh diasongkeun ka kuring.
“Abdi mah badé kuliah heula, tos badé telat,” ceuk anjeun.
“Mangga. Eu... akang mah henteu aya kuliah. Diantosan atuh nya di dieu, peryogi wawancara biodata. Candak wé potrét mah, da seueur ieuh stokna.”
Anjeun ngucapkeun salam, terus ngaléos.
**

Anéh. Ahéng. Enya, ari hirup bet henteu bisa dibadé. Naha anjeun anu ahéng. Atawa kuring, haté kuring, anu anéh. Asa henteu kabayangkeun saméméhna, kuring bet réla nungguan anjeun di kantin bari dibaturan jus alpuket. Lantaran anjeun henteu ngelol waé, kuring terus nungguan di teras gedung kuliah.
Mun seug anjeun apal, can kungsi kuring kikieuan. Nungguan saurang mojang nepi ka jam-jaman. Anjeun pantes ngarasa reueus, gumedé. Kuring sorangan hémeng, naha dadaékanan ngalakonanana.
Naha lantaran anjeun liwat saking geulis? Diinget-inget deui, dibayang-bayang deui, anjeun memang geulis. Geulis anu mandiri, geulis anu béda jeung mojang umumna. Geulis anjeun mah henteu diruas-rias, henteu diwedak-wedak acan sigana teh. Lambey semu beureum sanés ku lipstik, halis ngabaris hideung sanés ku sipat, bulu soca da lentik ti tadina. Pameunteu anu seger¸ hégar lir érmawar sumedeng ligar.
Lantaran éta meureun kuring réla nungguan, sakadar hayang kenal. Eh, rarasaan téh henteu sakadar hayang kenal, tapi hayang leuwih jauh, hayang ngararasakeun babarengan jeung anjeun. Matak basa anjeun turun tina tangga gedung kuliah, kuring nyampeurkeun. Rarasaan imut téh geus anu pangnyobatna, terus unggeuk bari pok: “Kenging wawancara ayeuna? Mangga, Enden Putri anu milih tempatna, sim kuring mah badé ngiringan waé.”
Anjeun ngodok tas, maut salambar keretas, terus dibikeun ka kuring. “Biodata mah aya di dieu. Tiasa dianggo kanggo kaperyogian kuliah. Tapi kanggo anu sanésna, henteu aya idin sareng abdi henteu rido,” ceuk anjeun.
Kuring masih hareugeueun basa anjeun ngucapkeun salam, terus ngaléos. Kuring henteu puguh rarasaan basa neuteup tonggong anjeun anu terus ngaleungit dibawa angkot duka ka jurusan mana. Biodata téh diimeutan; ngaran, tanggal lahir, jurusan, hobi, aya sakabéhna. Alamat imah jeung nomor télépon anu henteu ditulis.
Henteu salah, anjeun téh mojang anu ahéng. Boa mojang pinilih anu salila ieu ditéangan ku kuring. Rarasaan, kakara sakali ayeuna kuring diteungteuinganan ku mojang. Biasana, kakara ogé wawuh, ditanya nomor téléponna, langsung méré alamat imah jeung kasanggupan pikeun daék diajak ulin ka mana waé ogé. Enya, biasana kitu, da unggal mojang di kampus ieu, malah di kota ieu, apal saha ari kuring.
Ari anjeun naha henteu apal saha ari kuring, Rengganis? Asa pamohalan. Sakanyaho kuring, ngan tiluan mahasiswa anu ka kampus kungsi maké lamborghini. Isas, Duléh, jeung kuring, Isas budakna Ketua DPR. Duléh budakna pengacara kawentar. Ari kuring, budak pengusaha rékanan pamaréntah anu rutin meunang proyék-proyék miliaran rupia. Lamun henteu dicaram ku si Papah, mobil anu hargana tujuh milar téh unggal poé dibawa ka kampus. “Entong nyolok mata buncelik,” ceuk Papah, duka naon maksudna.
Nya sapopoé ka kampus kuring maké BMW X6. Kakara ku mobil anu hargana hiji satengah miliar ogé, apan sakabéh mahasiswa nyarisi. Ogé dosén, henteu aya anu wani méré niléy D, komo E.
Anjeun mah meureun mahasiswi anu henteu gaul, Rengganis. Kakara anjeun anu wani nolak diajak kana BMW X6. Basa anjeun keur nungguan angkot, kuring ngeureunkeun mobil di hareupeun anjeun, terus nurunkeun kaca mobil. Tapi anjeun saukur imut, nyebutkeun nuhun basa diajak, terusna mah lumpat nyampeurkeun angkot anu eureun di tukangeun mobil kuring. Sableng...! ceuk kuring dina haté. Maenya mobil sagagah kieu éléh ku angkot butut.
**

Bagian DUA
Lamun disebut kuring kasinggung, enya mémang kitu kanyataanana. Haté téh asa henteu ngareunah. Beuki ditolak asa beuki inget waé. Anjeun téh enya-enya mojang anu istiméwa, Rengganis. Ngan anjeun anu henteu sérab ku guluburna mobil méwah. Atawa meureun sakadar halangan, tangtangan pikeun meunangkeun anu rada istiméwa. Kudu aya perjuangan saeutik mah. Da sanggeus méréan, terus nuturkeun kahayang kuring, anjeun ogé henteu béda ti mojang anu séjenna.
Matak hiji soré mah kuring megat anjeun, mikeun kado bonéka ‘paha ayam’ anu keur populer. “Selamat ulang taun,” ceuk kuring.
Anjeun kerung. “Saha anu ulang taun?” Anjeun kalah malik nanya.
“Apan dina facebook.”
“Eta mah ulang taunna si Empus, ucing abdi,” ceuk anjeun bari imut. “Nuhun, tapi si Empus mah henteu tiasaeun nangkeup bonéka. Candak deui waé nya.”
Kuring henteu bisa ngomong nanaon deui basa anjeun ngucapkeun salam terus ngaléos.
Hiji isuk kuring ngéngélék buku. Anjeun imut basa kuring ngasongkeun buku anu dibungkus keretas kado.
“Kanggo saha?” ceuk anjeun.
“Muhun kangga anjeun, apan resep maca.”
“Kamari dina télévisi, aya bupati ditéwak ku KPK alatan masihan kado ka Ketua MK,” ceuk anjeun. “Tah, masihan hadiah, kado, tiasa janten haram upami aya kahoyong. Masihan mah kedah ikhlas, sodaqoh kasebatna. Sodaqoh lebet kana salah sahiji perkara anu henteu pegat ku maot.”
“Muhun, apan ieu ogé sodakoh.”
“Upami sodaqoh mah kedah ningali heula jalmina. Seueur kénéh anu langkung hak batan abdi,” ceuk anjeun. “Engké ogé ngartos nyalira.”
Henteu weléh imut éta ogé anjeun mah, tapi matak lieur, henteu pikahartieun naon anu diomongkeun ku anjeun téh. Meureun anjeun mah moal éléh ku hadiah, ku mobil méwah, ku pakaya séjénna. Anjeun mah leuwih ngahargaan omongan, jangji, atawa anu sabangsa kitu. Matak hiji isuk ngahaja megat anjeun di buruan kampus. Anjeun ngarénghap panjang pisan basa ningali kuring nyampeurkeun.
“Naon atuh maksad Akang téh saleresna? Mani asa unggal dinten ngaganggu abdi. Sms, inbox facebook, misscall, hadiah-hadiah. Abdi mah henteu ngartos,” ceuk anjeun. Ayeuna mah asa aya nada ngananaha.
“Akang téh... cinta ka anjeun, Rengganis,” ceuk kuring bari neger-neger manéh. Duka kunaon, kakara adu-hareupan jeung anjeun kuring rampang-reumpeung siga kieu.
“Maksadna?”
“Cinta. I love you.”
Anjeun neuteup, terus imut. Kuring henteu bisa ngabadé, naon hartina teuteup jeung imut anjeun. Da kuring mah nyangka téh anjeun bakal ngambek. Terus nyeukseukan ku basa anu henteu biasa diucapkeun anjeun. Tapi geuning henteu kitu.
“Sam, cinta mah ayana di dieu,” ceuk anjeun bari nunjuk dada. “Sanés di dieu,” sambung anjeun bari nunjuk soca. “Dunya urang téh béda. Naon anu ku anjeun dipikaresep, bisa jadi malah nganyerikeun haté pikeun abdi. Naon anu ku abdi dinikmati, ogé can tangtu bisa dinikmati ku anjeun.”
Sajujurna kuring henteu ngarti naon anu ku anjeun diomongkeun. Atawa... meureun kuring henteu biasa ditolak ku mojang. Lain henteu biasa, tapi acan kungsi. Matakna kuring hookeun basa anjeun ngucapkeun salam, terus ngaléos.

**
(Lajengkeuneun)

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni