Jejak Kata :
Home » » INDUNG

INDUNG

Written By Mang Yus on Rabu, 20 April 2016 | 11.18

Carpon Yus R. Ismail
Tribun Jabar,  9-11 Desember 2014
Ingin membaca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik saja DI SINI

Umurna opat puluh taunan mah aya. Katingali tina awakna anu ngeusi. Henteu jangjing lenjang saperti mojang jekékan. Puguh ogé awak anu ngeusi téh kalah beuki nyari. Geulis anu henteu sakadar narik ati mentang birahi. Tapi geulis wijaksana. Geulis anu matak ajrih. Geulis hiji indung anu ku Rosul Allah disebat tilu kali saméméh bapa.
Tapi upami ningai tina kulit pameunteu anu lemed, leucir matak paur reungit eunteup, henteu katingali sama sakali umurna opat puluh taunan. Rambut galing muntang, hideung meles, ninggang kana taktak koneng umyang. Lambey, soca, halis, dina pameunteu deudeuleueun, sapertos gambar pelukis anu nuju kasmaran.
Geulis saperti kita sigana anu dipiharep ku bapa basa méré ngaran kuring Kunthi. “Henteu aya lalaki anu ngiceup waktu ningali kageulisan Kunthi,” saur bapa. “Kasta sudra, sinatria, malahan brahmana, henteu aya bédana. Leungit kaisin ilang tatakrama lamun geus ngimpikeun Kunthi mah. Apan bitotama, perang tanding, henteu saukur di kalang saembara. Saacan jeung sabada saembara ogé masih silihrebut silihakalan. Sangkuni apan henteu suda reka perdaya, nepi ka baratayudha lumangsung, lantaran henteu bisa mopohokeun Kunthi. Ari kituna, dewa ogé apan henteu mulya ku kageulisan Kunthi mah.”
Tapi impian bapa téh jauh tina kanyataan. Kuring mah apan awéwé biasa waé. Atuh jaman rumaja, henteu réa jajaka anu ngaku tresna. “Kunthi mah henteu saukur geulis lahiriah,” saur bapa. Duka ngupahan, duka maksud bapa saenyana mah leuwih mulya batan panyangka kuring. “Meureun anu nitis ka anjeun mah kageulisan manahna, Néng. Kunthi téh indung anu nyaah ka anak-anakna. Rasa cinta hiji indung anu nguwak-ngawik haténa.”

**

Duka ti iraha manéhna resep nyawang ka jauhna ti méja tungtung kafe ieu. Kafe nyingkur di sisi kota. Ti mimiti kuring resep datang ka ieu kafe, manéhna mah geus nyampak. Méja tempat diukna angger di dinya. Asa can kungsi manéhna kapiheulaan ku kuring.
Waas ningali teuteupna. Duka ka jauhna, ka pamandangan pasawahan satungtung deuleu. Duka eunteup dina kekembangan, dina muragna girimis kana dangdaunan. Ah, boa manéhna ogé saperti kuring, henteu puguh paneuteup lahiriah mah. Da resep ngadon ngahuleng di ieu kafe téh pédah bisa ngajugjugan anu leuwih jauh, ka jero haté anu guligah.   
Mimitina mah aya anu ngajak panggih, nya jangjian di ieu kafe. Mojang umur dua puluhan manéhna téh. Duka sakolana saluhur kumaha, da nyaritana mani ngéntép, ngareunaheun ngabandunganana. Tapi sanggeus réngsé dongéngna, kaharti maksudna, matak geumpeur anu jantungeun.
Apan kuring ogé mimitina mah baluweng, henteu puguh cabak henteu puguh kekecapan.
“Abdi terang, Ibu téh hiji indung anu mikanyaah putrana. Indung anu ngagambar éndahna katumbiri dina lelembutan putrana,” cenah mimitina mah. “Abdi téh juru bicara... juru bicara si Bapa anu masih rusiah. Tugas abdi mah ngadugikeun informasi ka Ibu. Dina hirup kumbuh urang, muhun dina tatakrama pergaulan urang..., aya takdir anu henteu bisa dipungkir, aya kakuduan, aya mawas diri. Urang kedah terang saha ari diri. Apan saha anu terang kana dirina bakal terang ka Gustina, hartosna salamet dina hirup kumbuhna.”
Kuring imut. Pinter si néng téh. Tapi acan kajugjugan maksudna. Kopi pait anu dipesenna diregot lalaunan. Rénghapna beurat.
“Ayeuna téh aya dua skenario anu bakal ngajegal putra Ibu. Anu kahiji, putra Ibu téh hebat dina pencitraan, nyeta-nyeta pejabat anu beresih, pamingpin anu asih. Tah, pencitraan éta anu bakal diancurkeun. Carana nya ku korupsi. Ibu kedah terang, di urang, di nagara urang, bakal hésé béléké, boa meureun pamohalan, aya kepada dinas anu henteu korupsi. Tah, data-data korupsi putra Ibu téh tos kumplit sagalana.”
 Mojang juru bicara téh ningalikeun foto-foto, ogé aya vidéo, waktu budak kuring digerebeg.
Budak kuring téh pagawé negeri anu karirna nyongcolang. Budak anu dipikareueus ku saréréa. Sabada jadi kepala dinas ieu kepada dinas itu, tungtungna dicaralonkeun ku masarakat pikeun jadi gubernur.
“Ieu téh anu disebat tangkap tangan téa, Bu. Putra Ibu kabuktian nukeuran proyék-proyék ku milyaran rupiah. Teu acan tina proyek lainna anu kudu dipotong 40% nepi ka 50%. Tapi tangkap tangan ieu téh sanés dilakukan ku KPK. Ieu mah tangkap tangan simpatisan si Bapa anu masih rusiah téa.”
Kuring mimiti ngadégdég. Haté mah sapok-pokeun, tapi biwir lir disosi.
“Ibu kedah percaya, putra Ibu anu dipireueus diagul-agul téh, henteu saberesih anu ku Ibu katingali. Ibu ogé terang nyalira, putra Ibu téh mésér tanah di Ciwening 20 héktar, villa di ditu di dieu. Teu acan pabrik tahu, warung nasi, pom bengsih. Ti mana atuh upami sanés tina korupsi, da gajih mah pamohalan tiasa kitu. Dihongkeun korupsi, henteu pira meureun, saukur matak wirang kulawarga. Dibui mah apan angger bisa senang-senang ari tabungan geus milyar-milyar mah, boa meureun trilyunan ayeuna mah.”
  Enya kuring téh siga anu muriang. Tapi ari ku béjana mah henteu ngareuwaskeun. Panon batin indung mah geus ningali ti saacanna. Budak teh kungsi ngangluh. Cenah, capé jadi pagawé negeri téh.
“Capé kumaha?” ceuk kuring harita.
“Ayeuna téh abdi janten pusat perhatian. Eta pédah di departemen abdi mah henteu aya potongan dina proyek-proyek. Atuh pengawas, pengusaha, henteu aya anu wantun ngabohong.” Dongéng mimitina budak téh ngareunaheun. “Tapi ayeuna téh kalah ngalieurkeun. Itu ieu sinis, da puguh ngan di departemen abdi anu kitu  téh. Anu mitnah, nuduh, di ditu di dieu. Abdi gaduh kebon dua héktar, pajar téh cenah dua puluh héktar. Saung kanggo anu jaga kebon, pajarkeun téh villa méwah. Pabrik tahu, warung nasi, pom bénsin, apan éta mah usahana minantu Ibu. Ti abdi masih janten juru ketik, usaha éta mah apan tos jalan. Dugi ka ayeuna, henteu kantos aya sangkut-pautna sareng proyék-proyék pamaréntah. Ari ayeuna, cenah usaha-usaha éta téh moneyloundring, cuci uang.”
Kuring henteu bisa méré bongbolongan. Saukur ngupahan, “Kudu sabar, sabar, jeung sabar. Lampah hadé lampah goréng, awal ahir bakal aya wawalesna.”
“Skenario kadua,” ceuk mojang juru bicara téh ngareuwaskeun kuring. “Pembunuh bayaran profesional bakal ngaréka carita tiwasna putra Ibu. Henteu susah di urang mah pikeun ngarékana. Naha sapertos Munir anu diperdaya di perjalanan, atawa saperti Udin anu béjana ogé ngaleungit, atawa saperti Wiji Thukul, atawa sapertos... pokona seueur deui.”
Awak téh leuleus.
“Tapi éta mah saukur skenario, Bu. Duanana ogé tiasa henteu kajadian. Putra Ibu salamet. Angger janten pejabat. Angger dipikareueus ku dulur-dulur.” Mojang juru bicara téh mareuman rokona. “Carana, Ibu kantun nyandiwara. Di jumpa pers, di payuneun wartawan, Ibu ngadongéng; putra Ibu téh budak bangor ti leuleutik, henteu nurut ka kolot, wangkelang, nganyerihatékeun ka indung. Langkung saé Ibu téh bari ngagukguk kanyenyerian.”
 **
Di kafe ieu, nungguan mojang juru bicara téa, kuring rarasaan mah asa Kunthi anu guligah basa nyanghareupan Karna. Apan Karna téh si cikal anu ceuk batur mah dimomorékeun. Tapi pikeun Kunthi, deudeuhna ka Karna henteu robah. Karna mah nempatan haténa anu pangjerona, tempat anu henteu katepi ku sasaha, kaasup ku Pandawa. Enya, tungtungna mah paguneman téh lumangsung. Pagunemah anu ngancurleburkeun haté Kunthi. Kunthi ngagukguk kanyenyerian di payuneun Karna. Atuh Karna ngalengis dina pangkonan Kunthi. Ngan hiji anu dipénta Kunthi, Karna entong nepi ka luas ngabinasakeun adi-adina, nyatana Pandawa, dina baratayudha. Paménta hiji indung anu pangnyelekitna dina haté hiji budak. Lantaran jangji moal ngabinasakeun Pandawa, sami hartosna sareng séba nyawa diri sorangan.
Keur anteng ngahuleng bari henteu puguh anu diimpleng, si ibu geulis anu biasa ngadaweung di meja tungtung kafe téh nyampeurkeun. Cangkir kopi pait anu sigana geus tiis caméwék, dicepeng ku jarijina anu lalentik.
“Naha anjeun unggal ka dieu neuteup kuring siga anu jauh panineungan?” pokna.
“Oh, punten,” tembal téh reuwas, teu nyangka ditanya kitu. “Abdi mah henteu neuteup Ibu. Abdi mah neuteup diri sorangan.”
“Anjeun téh ngagegedékeun teuing masalah. Cinta indung mah moal bisa digambarkeun ku carita sarumit kumaha waé ogé. Lantaran lamun hiji carita bisa ngagambarkeun kanyaah indung, éta téh lain kanyaah indung.”
Kuring reuwas. Asa kungsi ngadangu kalimah saperti kitu. Kalimah anu nyumput buni dina ati.    
Si ibu geulis téh nangtung, unggeuk, terus ngaléos.
“Punten, upami Ibu téh saha téa?” pok téh rada tarik.
 Si ibu geulis téh ngarandeg. Anjeunna malik, neuteup kuring aya ku anteb. Pokna teh, “Kuring mah Kunti Nalibrata.”
***

3 Desember 2014


Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni