BISMAYUDA
Mangle
19-2-2016 MUAT no 2568, 10-16 Maret 2016
Ingin membaca carpon ini dalam bahasa Indonesia? Klik saja DI SINI
Basa karérét anu maju ka tengah tegal Kurusétra téh
Srikandi, Resi Bisma imut. Anjeunna peureum sakedapan. Najan kitu, Srikandi anu
nangtung dina karéta perang katingali teuneung jeung ludeungna. Rambutna
ririaban diulinkeun angin anu mawa bau hangru, jerit prajurit, patingbelentrang
pakarang, ketirna bitotama, hariwangna perang, ka tempat-tempat anu jauh.
“Cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa,” gerentes Resi Bisma.
Harita téh Baratayuda Jayabinangun keur meujeuhna
campuh. Resi Bisma anu jadi senapati perang ti pihak Kurawa masih ngagem wangunan
perang Heulang Ngalayang. Enya lebah jangjang kénca mah prajurit Kurawa téh
rada paburantak. Bima ngamuk. Sakali ngaheumbatkeun gada Lukitasari, belasan
prajurit ngaracleng bari ngocéak. Komo deui Setyaki ngabantuan di gigireunana
anu ogé ngabubat-babit gada Wesikuning.
Atuh prajurit Kurawa anu diluluguan ku Jayadrata
jeung adi-adina Duryudana, mundur katawuran. Durmuka, Citrawarman, Kanabayu,
Jayawikatha, Subahu, Citraksa, Citraksi, boa aya anu perlaya. Laju Bima jeung
Setyaki rada ngaheunggeu lantaran Resi Bisma mentangkeun gondéwa ka lebah
dinya. Enya panah Bargawastra téh henteu matak bobor karahayuan pikeun Bima
jeung Setyaki mah. Tapi rosana tanaga éta panah nyababkeun dua lulugu prajurit
Pandawa téh ngacleng sababaraha méter. Apal ti mana asalna panah anu
ngarentetkeun niat Bima jeung Setyaki pikeun leuwih maju.
Sedeng di bagian tengah, wangunan perang Heulang
Ngalayang Kurawa leuwih unggul. Ari kituna, saha atuh anu bisa ngayonan Resi
Bisma anu jadi lulugu utama. Drestajumena, adina Srikandi, puguh deui lain
lawan anu imbang. Tadi isuk basa perang dimimitian deui, wangunan perang Capit
Hurang anu diluluguan ku Drestajumena katétéran di bagian tengah. Matak Batara
Kresna langsung miwarang Arjuna pikeun ngabantuan Drestajumena. Panah
Bargawastra anu basa dipentangkeun ka langit ngajirim rébuan jamparing,
diancurkeun ku panah Arjuna. Lamun Arjuna henteu gancang mantuan, boa wangunan
perang Capit Hurang téh saukur tinggal capitna.
Enya ogé kitu, Baratayuda poé ayeuna henteu sacampuh
poé-poé kamari basa Senapati utama ti pihak Pandawa nyaéta Resi Séta. Dibantua
ku adi-adina, Utara jeung Wratsangka, Resi Séta téh lawan anu saimbang pikeun
Resi Bisma. Puguh atuh duanana resep ngulik silat ti leuleutik, ngaguru élmu ti
bubudak, tatapa nguatkeun raga taya laasna, mujasmedi meredih asih Gusti geus jadi
ciri dina ati. Matak alam karasa héabna basa ajian Narantaka Rési Séta neumbrag
panah Bargawastra Rési Bisma.
“Tapi perang téh henteu karasa nanaon dibanding
perang anu campuh geus mang alam-alam, dina diri,” gerentes Resi Bisma. “Baratayuda
mah kakara popoéan umurna, apan perang dina diri mah geus naunan, geus baal
lamun dina tatu mah.”
Ras Resi Bisma inget ka indung-bapana, Prabu Sentanu
jeung Ibu Setyawati. Oh, ka jaman leuwih béh ditu malah, basa Prabu Sentanu,
raja Astina anu beurat beunghar, kapentang asmara ku kageulisan Dewi Gangga, puteri
ti Kahiyangan.
“Panglamar anjeun ditampi ku ati anu beresih, tapi
aya saratna,” ceuk Dewi Gangga. “Unggal orok anu lahir tina pertikahan urang,
barang brol téh kedah teras dipalidkeun ka walungan Gangga.”
“Bagja anjeun mah, Rama Prabu, tiasa ngumbar cinta
sakarepna,” gerentes Resi Bisma. “Apan dugi ka dalapan orok harita anu
dipalidkeun. Basa orok kasalapan, rasa cinta ogé nyababkeun Rama Prabu pisah
sareng Ibu Dewi Gangga. Nyaah ka orok lamun seug kudu dipalidkeun dina umpalan
walungan Gangga.”
Harita Prabu Sentanu milarian anu sanggup nyusuan
orokna anu dingaranan Dewabrata. Tapi teu aya anu sanggup da orok téh nyusu
taya eureunna, matak begung anu nyusuanna. Nya pendak sareng Setyawati anu
sanggup ngarépéhkeun Dewabrata.
“Sim abdi nampi ditikah, tapi ku sarat,” saur
Setyawati. “Abdi hoyong janten praméswari. Hartosna, anu baris ngawasa di
Astina engké kedah turunan sim abdi.”
Prabu Sentanu kapaksa nyatujuan. Nya lahir
Citranggada jeung Wicitrawirya. Dewabrata mah apan acan apal nanaon harita.
Sanggeus sawawa, basa Prabu Sentanu niat undur tina karatuan, Dewabrata kakara
apal kana jangji kolot-kolotna. Nyaah ka rama, lamun cidra tina jangji naon
kasebutna, komo niat undur tina karatuan téh apan pikeun ngadeg pandita.
Dewabrata ngéléhan enya ogé dirina anu hak nyakrawati di Astina. Anu diistréna
jadi raja Astina téh Citranggada.
Malah aya leuwihna, basa aya rasa kasieun engkéna
bakal aya rebutan kakawasaan antara turunan Dewabrata jeung Citranggada, Dewabrata
ngéléhan deui waé. Harita sumpah Brahmacahya téh diucapkeunana. Sumpah anu matak
ngageunjleungkeun jagat pramudita. Nya harita Dewabrata meunang lalandian
Bisma, hartina anu ngageunjleungkeun. Bisma sumpah moal nikah saumur hirupna.
Ti harita perang dina dirina lumangsung, henteu aya
eureunna. Antara nyaah ka anu jadi ibu-ramana, rasa kaduhung ngagugunung, jeung
rasa anu hayang baruntak. Ibu kawalonna, Setyawati alias Durgandini téa, apan
sakitu ambisiusna. Basa Citranggada jeung Wicitrawirya perlaya, apan lain
dirina anu dipilih nyakrawati di Astina. Padahal apan dirina anu masih aya turunan
getih Astina mah. Ngan justru henteu aya pakaitna jeung getih Setyawati.
Matakna anu dipilih téh Abiyasa. Enya ogé Abiyasa henteu aya turunan Astina. Enya
ogé Abiyasa mah geus teu mikir-mikir haliah dunya. Komo nyakrawati hiji nagara.
Da Abiasa mah leuwih resep ngaji diri di pasantren Retawu, Saptaarga, nuturkeun
Resi Palasara bapana. Ari hubunganana jeung Setyawati, apan saacan ngajodo ka
Prabu Sentanu téh, Setyawati kungsi dipihukum Resi Palasara nepi ka lahir
Abiasa.
Harita ogé Bisma téh hayang baruntak. Karunya ka
Abiasa anu kaganggu ngaji dirina, karunya ka dirina anu kudu terus ngéléhan, karunya
ka ibu Setyawatina anu beuki dijejewét ambisi. Ah, tapi henteu sabaraha perang
dina dirina harita mah. Anu leuwih parna mah basa Bisma ngaboyong tilu urang
putri ti karajaan Kasi. Amba, Ambika, jeung Ambalika. Ambika jeung Ambalika mah
da tadina ogé keur jodo adi-adina. Tapi Amba, apan bet meulit ka dirina.
Amba mah ngabogaan nasib anu mandiri. Saacan Bisma
milu saémbara, Amba téh geus milih Raja Samba. Tapi Raja Samba téh terusna
serah bongkokan ka Bisma. Basa dipasrahkeun ka Wicitrawirya, Amba téh terus
terang. Atuh Wicitrawirya ogé nolak. Amba terus dianteurkeun ka Raja Samba,
tapi ogé ditolak. Raja Samba ngarasa henteu hak ngaboyong Amba da ngarasa éléh
ku Bisma. Atuh Amba terusna mah nunutur Bisma. Malah mah terusna bogoh jeung
nyaah sanggeus asruk-asrukan mileuweungan duaan.
Bohong lamun Bisma ngarasa euweuh rasa ka Amba.
Harita Bisma ngarasa kumaha beuratna nyepeng pageuh jangji brahmacahya. Ampir-ampiran
dirina bobor karahayuan. Enya Amba téh geulis. Soca jeung teuteupna matak
deungdeuleueeun. Halimpu haréwosna matak dédéngéeun. Tapi lain éta anu
ampir-ampiran ngaruntagkeun Bisma mah. Bisma ampir henteu kuat basa ningali
ngagukgukna, ngageurina Amba, asa diteungteuinganan ku dirina.
“Jungjunan panutan abdi, kedah kumaha deui atuh
ngabuktoskeun kanyaah sareng kadeudeuh kanggo Salira,” ceuk Amba bari
ngagukguk. “Najan kitu, abdi tos moal incah balilahan. Rasa sareng haté abdi
mah kanggo Salira.”
“Hampura Amba. Lamun seug henteu katalian ku
sumpah....”
“Salira ulah ewed upami abdi nunutur ka Salira.”
Éta anu matak ngabingungkeun Bisma. Matak hiji waktu
mah kapaksa nodongkeun gondéwa ka Amba, nyingsieunan ngarah henteu nunutur
deui. Kitu ogé bari jariji Bisma téh ngageter. Basa késang ngabaseuhan
sela-sela jarijina, basa bingung ngulayaban dina dirina, jamparing téh leupas,
ngabelesat nubles Amba. Reup poé ngadadak angkeub. Bisma ngagukguk kanyenyerian
bari mangku Amba. Harita, ngan harita-haritana, Bisma ngarasakeun nyaah jeung
deudeuh ka hiji awéwé anu nyasaak dirina sapanjang hirupna.
Basa Srikandi jadi senapati utama ngaluluguan
prajurit Pandawa, terus mentangkeun gondéwa dilelempeng ka dirina, Bisma imut. Puguh
lain Srikandi salaku incuna anu katingali ku Bisma mah. Amba anu imut
ngabagéakeun, ranggah hayang ditangkeup, anu aya dina implengan Bisma mah. Basa
panah Pasopati anu ngabelesur niruk dada Bisma, reg waktu téh siga anu eureun. Baratayuda
Jayabinangun reureuh sakedapan. Arjuna ngajleng tina karéta perang. Yudistira
jeung Bima ngaboro. Duryudana, Dursasana, katut adi-adina lalumpatan.
Waktuna lekasan perang dina diri Bisma.
Pamulihan, 19 Pebruari 2016
0 Response to "BISMAYUDA"
Posting Komentar