Jejak Kata :
Home » » KARNA BRANGTA

KARNA BRANGTA

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 22.50


Mangle no. 2561, 21-27 Januari 2016

Soré téh aya ku ngungun. Simpé. Sedih. Palagan Kurusetra anu tadi isuk nepi ka bieu jadi tempat gumuruhna sagala dengdem, amarah, napsu, ayeuna mah simpé. Mayit, bangké kuda, bangké gajah, taméng, tombak, pedang, gada, trisula, patulayah lir sésa tsunami. Getih nu garing dina pakarang nyurucud kabaseuhan girimis. Getih anu nyurulung tina tatu mayit patinggaribleg, nutup lemah ku warna beureum anu mulaskeun rasa nyeri. Bau hangru nyambuangkeun ketir nepi ka jauhna.
Adipati Karna neuteup palagan Kurusetra ku haté anu guligah. Haté anu leuwih nalangsa batan soré anu ngungun. Isukan teu aya deui anu pantes pikeun jadi panglima perang iwal ti dirina. Wadyabalad Astina kudu aya anu ngaluluguan. Karna yakin kana kamampuhna. Élmu linuwih nyampak dina dirina. Élmu anu ngipuk dirina jadi satria pinilih, satria anu satata jeung turunan raja séjénna, boa malah leuwih unggul. Élmu anu ngajucungkeun kapangkatan adipati di Awangga. Asa pamohalan Kurawa midulur, ngahiap terus ngangkat darajat ku pangkat, lamun henteu ningali kamampuhna, élmu pangaweruhna.
Tapi naha haté téh bet brangta. Padahal tadi mah aya imut dina tungtung biwirna basa nyakséni girimis ipis. Dina paningal Karna, girimis téh siga maruraganna kekembangan. Kekembangan anu éndah jeung nyambuangkeun seungit. Alam siga anu surti naon anu aya dina haté Karna. 
“Anjeun mah lain sasaha, Budak Sais Délman,” ceuk sora anu ngaharéwos. Sora anu jentré nyulusup ka jero haténa. Ah, boa sora téh anu mangtaun-taun aya dina haténa.
“Anjeun téh lain Pandawa, ogé lain Kurawa.”
Karna imut. Geus teu aya deui kahayang dina dirina pikeun diaku jadi bagian ti kulawarga Pandawa atawa Kurawa. Duanana ogé béda, béda jeung dirina. Enya duanana ogé satria, kulawarga satria, tapi kasatriaan anu béda jeung dirina.
Pandawa téh saumur-umur ditandasa, dilicikan, tapi sabar jeung pengkuh nyuprih élmu jeung nyepeng bebeneran. Enya ogé kitu, mungguhing manusa, sok aya tisolédatna. Karna nyaksian jeung ngarasakeun kumaha pait-peuheurna basa Pandawa tisolédat. Yudistira anu cenah beresih haténa, geuning hiji waktu mah kauseup napsuna. Lalampahan Pandawa Adu Dadu buktina. Tisolédat kadua basa latihan perang tanding antara satria. Pandawa nyacampah Karna. Arjuna embung nyanghareupan dina adu ngulinkeun jamparing lantara Karna dianggap lain satria.
“Budak sais délman mah sudra atuh. Henteu satata,” ceuk Pandawa. Karna henteu apal saha anu wani pok ngucapkeun kalimah siga kitu. Naha Yudistira, Bima, Arjuna, atawa dua adi kembarna, Nakula jeung Sadéwa. Ah, henteu penting saha-sahana mah. Anu puguh mah, Karna ngarasakeun kumaha nyeuitna haté basa dicacampah ku kalimah siga kitu.
Kadieunakeun kanyahoan, Pandawa téh geuning adi-adina sorangan. Apan acan lila, saméméh perang Baratayuda lumangsung, Kunti Nalibrata, indung Pandawa, ngaku anak ka dirina. Tapi pangakuan éta anu nyababkeun haté Karna beuki ancur, beuki nyanyautan diobak-abrik nasib.
“Anaking, anjeun aya  di jero haté Ema anu pangjerona,” saur Kunti harita bari nangkeup Karna pageuh pisan. Cisocana murubut henteu katahan. Cisora anu mangtaun-taun dipendem. “Bagian haté Ema anu pangjerona moal bisa dicicingan ku saha waé ogé, kaasup ku Pandawa, da ngan aya anjeun. Anjeun saenyana anu nyicingan tempat pangéndahna dina haté Ema.”
Karna ngagukguk dina pangkonan Kunti. Haténa anu guligah sakedapan reureuh.
“Upami enya Putra téh turunan Kangjeng Ibu, naha geuning bet dimomoré, sina ngabaturan sais délman,” ceuk Karna.
“Deudeuh teuing, Anaking.” Kunti Nalibrata henteu kiat ngeureunkeun cisocana anu ngamalir. Nangisna mani ngagukguk, eueuriheun, aya ku nikmat. “Ema anu salah mah. Ema henteu ngagugu panyaram Eyang Guru Resi Druwasa pikeun henteu ngawatek ajian Basukséna mangsa panonpoé manceran. Nya Ema kawiwirangan, Ema kakandungan ku kabiadaban Batara Surya. Ngarah salamet saréréa, orok téh dikaluarkeun tina ceuli. Orok térus dipalidkeun di walungan Gangga, dipulung ku Bagawan Radaya, terus dirorok ku Adirata katut bojo. Hapunten Anaking, Ema anu lepat mah.”
Karna milu ngagukguk, nyengceurikan nasibna. Enya manéhna téh ngarasa diteungteuinganan. Tapi sanggeus Kunti Nalibrata ngaku bari ngagukguk hahampuraan mah, haté Karna ngarasa reugreug. Kakara saumur-umur haténa ngarasa bungah, leuwih bungah batan basa diaku dulur jeung dijenengkeun pangkat adipati ku Kurawa.
Tapi geuning kabungah téh ngan sakedapan. Saterusna Kunti ménta jangji ka dirina pikeun henteu nandasa Pandawa di Kurusetra. Paménta anu beuki nguwak-ngawik haténa. Enya ogé Kunti ngucapkeun paméntana ku sora dareuda anu taya babandinganana, ku cisoca anu murubut teu tiasa disumput-sumput. Alam ogé apan ngiringan sedih, girimis miripis manglapis-lapis. Naon atuh maksudna Ibu Kunti ngaku anak ka dirina, lamun sakadar jalan pikeun ngedalkeun paménta hiji indung ka anakna, paménta anu pangnyerihaténa. Henteu nandasa Pandawa, sarua jeung ngorbankeun dirina.
“Kukumaha ogé anjeun mah budak sais délman,” haréwos sora di jero haté Karna. Haréwos anu henteu diaku sagemblengna ku Karna. Karna enya mikanyaah jeung mideudeuh ka indung-bapa angkatna. Adirata jeung bojona saenyana indung-bapana mah, indung-bapa anu cirina mikanyaah, ngatik jeung ngadidik. Tapi rarasaanana mah angger, dirina lain ti kaum maranéhna.
Élmu panemu anu nyaliara dina badanna ngabédakeun dirina jeung kaum indung-bapana. Élmu panemu anu terus diaku ku Kurawa jeung ngajucungkeun dirina sinatria Astina anu ngawasa di Awangga. Tapi Karna angger ngarasa dirina lain bagian ti Kurawa. Pikir jeung rasana henteu nyatujuan unggal siasat licik anu dijalankeun ku Kurawa. Kajadian Balé Si Gala-Gala, Pandawa Adu Dadu, nyaksian kumaha pengkuhna sikep Karna anu nentang bébéakan Duryudana salaku pingpinan Kurawa.
“Sinatria mah lain kaum atawa kulawarga,” ceuk sora di jero haté Karna. “Tapi sikep anu pengkuh kana bebeneran, haté anu wening, wijaksana, jeung henteu kuméok méméh dipacok sapanjang aya dina jalan anu bener.”
Enya ogé kitu, unggal inget kana nasibna mah geuning Karna teh henteu bisa kukumaha. Dirina ngarasa ketir, sieun, ancur. Padahal ti barang brol ogé apan nasibna téh geus nalangsa. Kaluarna orok téh apan tina ceuli, jalan kaluar anu henteu ilahar, lantaran pikeun ngajaga martabat kulawarga Kunti Nalibrata, bari henteu ngarampa kumaha nalangsana si orok. Basa orok téh dibungkus kaén, disimpen di jero kotak kulit, dipalidkeun di walungan Gangga, nasib buruk téh geus dimimitian.
Karna ngalawan nasib buruk anu karandapan ku dirina ku haté anu wening. Dirina henteu kabawa ngabéla Kurawa anu licik enya ogé dijenengkeun adipati di Awangga. Dirina henteu dengdem enya ogé Pandawa henteu ngaku dulur, malah ngahina jeung nyacampah. Dirina henteu protés enya ogé indungna ngucapkeun paménta anu henteu ilahar, paménta hiji indung anu pangnguwak-ngawikna rarasaan.
Karna imut neuteup palagan Kurusetra anu ngungun. Isukan dirina kudu maju nyubadanan katangtuan perang tanding ngalawan Arjuna. Karna apal, dirina bakal bobor karahayuan. Alam geus ngaharéwoskeun naon anu bakal kajadian. Girimis, angin, lemah, tutuwuhan, neuteup dirina ku rasa anu béda ti sasari. Ah, henteu saukur paménta Kunti anu ngaku indungna anu nguwak-ngawik haténa, tapi bal nasib buruk anu masih ngagorolong ngagulung dirina anu masih ngaririwaan.
Ras Karna inget ka guruna, Rama Bargawa, anu kungsi ngusir lantaran nganggap dirina ngabohong. Karna yakin, aya anu henteu bérés jeung guruna. Ti mimiti ngaguru Karna geus ngarasakeun rasa anu sangsi. Rasa éta anu ayeuna datang deui basa perang tanding ukur jam-jaman deui. Kanyataanana, ajian anu dijiadkeun ku Rama Bargawa henteu lengkep. Éta ogé anu bakal nyababkeun Karna bobor karahayuan dina perang tanding.
Tapi Karna henteu mundur sasiku henteu ngejat ti pakalangan. Haténa meunang ancur, nasibna meunang nguwak-ngawik rarasaanana, tapi kayakinanna tetep pengkuh.
“Anu disebut satria lalanang jagat, anu kasebut saurang anu linuhung, henteu ditangtukeun ti mana banjar karang pamidangan,” gerentesna. “Tapi sikep anu pengkuh nyepeng bebeneran.”
Alam tara bohong dina ngaréspon haté manusa. Enya soré téh ngungun, tapi girimis dina paningal Karna lir maluguranana kekembangan anu éndah. Kekembangan anu tangtuna muasalna ti nirwana. **

Pamulihan, 3 Agustus / 24 Desember 2015


Share :

2 komentar:

Maulana Syamsu mengatakan...

Unsur intrinsik nyavapa?

Mang Yus mengatakan...

Hehe... pilarian we. Baca, teras tuliskeun temana naon, tokoh-tokohna, jrrd. Sok, entong sieun lepat....

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni