Jejak Kata :
Home » » DONGENG SAGAGANG KEMBANG

DONGENG SAGAGANG KEMBANG

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 22.41

Mangle 17-9-2015 MUAT no 2549, 29 Oktober – 4 Nopember 2015

“Dduuuunn...!”
Tah, upami Bapa ngagentraan dialeukeun kitu, hartina kuring kudu gancang ngahadep. Geus apal kana kabiasaan kulawarga Bapa mah. Munasabah rék kitu gé, ti leuleutik apan nunutur Bapa téh. Basa Jang Dadan, putra Bapa anu cikal, disunat, apan kuring geus aya di dieu. Harita téh umur kuring lima taun, Jang Dadan tilu taun. Taun hareupna kuring disunat basa aya acara sunatan massal. Wah, pokona mah diramékeun wé. Ayeuna Jang Dadan tos kuliah. Tuh, geus lila pisan, nya?
Êh, sok kamalinaan ari cacarita téh. Bapa apan ngagentraan dialeukeun, hartina kuring kudu gancang ngahadep.
“Badé aya pikersaeun naon, Pa?” cekéng ngawanikeun manéh sanggeus jonghok sababaraha lila Bapa teu pok waé miwarang. Katingali Bapa ngahuleng. Aya naon, nya? Moal kitu pédah Néng Dénti, putra Bapa anu kadua, tara uih ka bumi? Maksud téh, ka bumi anu ieu. Apan bumi Bapa mah sababaraha hiji. Aya vila anu di Ciwidéy. Bumi anu di Punclut, anu ayeuna dilebetan ku Ibu, apan sakitu agréngna. Bumi anu aya studio musik di Dago, paragi Jang Dadan latihan sareng grup band-na saurna mah. Boa Néng Dénti téh ayeuna mah uihna ka ditu. Sanés ka bumi ieu.
“Engké wé, Dun. Jig ayeuna mah ka dapur deui.”
Sakedapan kuring molohok. Aya naon nya, tara ti biasana? Moal kitu ayeuna mah Bapa téh tos hilapan, tos... kirun kitu? Ah, poho deui ngaranna. Tah, pokona mah panyakit éta wé. Tapi asa moal mungkin. Apan Bapa teh pangjabat. Maenya aya pangjabat hilapan, nya?
“Baku manéh mah ari geus ngahuleng téh!”
Kuring ngarénjag. Sada nyentak Bapa téh bieu mah. Gancang kuring mundur ti tengah imah. Sarérét katempo Nyi Ênah anu diuk gigireun Bi Êha, duka pédah naon dipanggil Bapa, ngarérét ka kuring. Êh, lain ngarérét meureun pibasaeunna téh, tapi neuteup. Deg, kana haté aya anu neumrag. Ah, sok kieu ari ningali atawa inget ka Nyi Ênah téh. Can wawuh ka Nyi Ênah, nya? Engké, ari geus rinéh, didongéngkeun ku kuring.

**

“Dduuuunn...!
Tah, upami Bapa ngagentraan dialeukeun kitu, hartina kuring kudu gancang ngahadep. Gunting jukut anu kakara dibawa ti gudang ditunda handapeun kembang keretas. Kuring gura-giru ngahadep.
“Badé aya pikersaeun naon, Pa?” cekéng téh sanggeus aya di payuneun Bapa. Asa nguluwut ayeuna mah Bapa téh. Enya ogé salirana kaurus, beresih, tapi socana mah teu tiasa ngabohong. Teuteup kitu téh, ceuk haté gé, teuteup susah. Moal kitu pédah Ibu ayeuna mah leuwih betah di bumi anu di Punclut? Ah, apan éta mah kahoyong Bapa ogé. Da cénah ari janten istri pangjabat mah kedah sibuk. Ngatur Darma Wanita téa, arisan téa, ngaresmikeun itu ieu téa, ngaluuhan acara téa, jeung sabangsana anu kitu. Tah, tos capé ider-ideran téh saur Ibu asa raoseun upami leleson di bumi anu di Punclut. Apan di Punclut mah hawana ogé mani seger, dingin, pamandangan plung-plong, tiis jempling paripurna téa.
Tapi ceuk kuring, lieur jadi pangjabat téh. Geuning Bapa gé, meusmeus kudu ka Jakarta, meusmeus ka kampung itu ka kampung ieu, meusmeus ka mancanagara. Aya peresmian naon téa, ngalongok anu kabanjiran, stadi babandingan téa. Mangkaning Bapa mah unggal angkat-angkatan téh kedah waé abring-abringan. Malah cénah upami Bapa badé ka hiji tempat téh aya rombongan ajudan anu nalungtik heula. Bapa téh badé di mana calikna, naon tuangeunana, eueutna nganggé gelas kumaha, mejana anu kumaha, taplakna anu kumaha, saha anu ngaladénanana, sadayana ditalungtik ku rombongan ajudan téa. Meureun bilih aya anu matak nyilakakeun atawa ngajaheutkeun manah Bapa. Ah, pokona mah riweuh jadi pangjabat mah.
Matak ti baheula gé kuring mah teu hayang jadi pangjabat. Mending jadi patani anu macakal waé. Kawas Haji Sabar geuning, anu sainget mah pangjegudna sakampung kuring harita. Apan jadi patani mah, lamun tas capé macul di kebon, dianteuran ku pamajikan, Nyi Ênah kahayang mah. Êh, naha bet inget deui ka Nyi Ênah. Engké nya, mun geus rinéh, didongéngkeun saha ari Nyi Ênah, asal entong diucah-acéh ka batur.
“Dun, Dun! Baku manéh mah ari geus ngalamun téh!”
Kuring ngarénjag. Reuwas. Sieun Bapa bendu. Kuring gancang nyéréngéh bari pok, “Badé aya pikersaeun naon, Pa?”
“Diuk heula, ngarah rinéh.”
Reuwas. Can kungsi Bapa miwarang diuk. Apan biasana mah mun miwarang téh sok langsung pok.
“Dun,” saur Bapa sanggeus kuring diuk. “Umur téh sabaraha taun?”
Beuki reuwas. Naha Bapa naros umur sagala? Gancang kuring ngitung ramo. Dua puluh tilu, enya dua puluh tilu taun umur kuring téh. Bapa unggeuk sanggeus ku kuring dipokeun.
“Geuning geus bujang, geus waktuna rumah tangga. Aya pikiran rumah tangga ayeuna-ayeuna, Dun?”
Ngarénjag ditanya kitu téh. Beungeut ngadak-ngadak ngahéab. Moal kitu Bapa uningaeun yén kuring aya haté ka Nyi Ênah? Ah, asana téh can cacarita ka sasaha perkara éta mah. Tapi saha anu nyaho Bapa téh uningaeun nya? Apan Bapa mah pangjabat. Ari pangjabat tangtuna ogé pinter, sagala uninga. Tapi ari rék dipokeun kuring aya haté ka Nyi Ênah, asa teu méréan haté téh. Êra jeung asa kabereg teuing rék ngaku téh.
“Mun geus aya mah anu dipilih, pok wé ka Bapa. Ku Bapa gé pasti dikawinkeun jeung diperenahkeun. Tong asa-asa, da geus dianggap kulawarga ku Bapa gé Adun téh.”
Asa ngadéngékeun gelik suling di tengah sawah ngabandungan sasauran Bapa téh. Ngarakacak ieu haté. Geuning enya, teu dianggap anu lain kuring téh. Ras inget ka pangalaman baheula, ka Cicanéom anu geus numpurkeun Apa, Ema, jeung si Iti, adi kuring. Ah, mun teu panggih jeung Bapa, meureun carita téh bakal jadi lain.
Kuring ngilu ka Bapa téh ti umur lima taun. Harita di Cicanéom, lembur kuring, keur maceuh sasalad demam berdarah. Da puguh lembur téh jauh ka kota, teu gancang kapaluruh éta wabah téh. Ongkoh deui sangkaan urang lembur harita, éta panyakit pikasebeleun téh dilantarankeun ku kurang dahareun anu mimiti karasa dua usum kaliwat.
Harita, loba imah anu pangeusina henteu walagri. Kaasup pangeusi imah kuring. Ema jeung si Iti, teu kuateun lila-lila diperdaya. Apa mah masih kanyahoan ku patugas ti kabupatén. Apa diubaran di balé désa bareng jeung batur salembur. Tapi ngan kuat dua poé, Apa terus ninggalkeun. Tinggal kuring anu walagri deui. Tapi najan geus cageur, kuring henteu balik ka imah. Atuh da di imah gé eujeung saha. Batan di imah keueung sorangan, mending gé milu nungguan nu garering di balé désa.
Di balé désa kuring wawuh jeung Bapa téh. Hiji dinten Bapa sumping diiringkeun ku rombongan. Anu marawa potrét marotoan. Anu mawa kaméra terus ngéker Bapa. Bapa anu bageur téh geus karasa harita ogé. Ka barudak apan ngabagi peremén sababaraha pelastik. Ka kuring mah apan mani ngusapan jeung nangkeupan. Dua poé ti harita Olot Arta mawa koran satangkeupan, dibagi-bagi. Dina éta koran aya potrét Bapa keur nangkeup kuring. Dina éta koran ogé dicaritakeun kumaha haatna Bapa ka anu garering. Panungtungna, ceuk Olot Arta anu harita macakeun koran, Bapa aya niat pikeun ngarawat kuring jadi anak angkatna. Harita téh Bapa masih pangjabat di kabupatén.
Waas inget ka jaman harita. Bapa téh geuning enya-enya héman. Enya ogé kuring henteu disakolakeun kawas Jang Dadan, tapi kuring henteu diitu-diéta kawas ka babu. Wajar wé ari ngan ukur ngurus taman, ngumbah mobil, jeung sabangsa pagawéan lalaki anu saperti kitu mah.

**        

“Dduuuunn...!”
Tah, upami Bapa ngagentraan dialeukeun kitu, hartina kuring kudu gancang ngahadep. Teu diengkékeun deui, sanggeus keran ditutup jeung elap mobil dialungkeun kana émbér, kuring muru tengah imah. Bisi penting pisan, heug kamari Bapa nyarioskeun soal kuring. Rék balaka waé ayeuna mah yén kuring téh boga haté ka Nyi Ênah. Moal éra kitu nyaritana? Ongkoh deui, daékeun moal kitu Nyi Ênah ka kuring? Ah, ceuk rarasaan mah asa batu turun keusik naék. Béda rérétna, béda basana, béda paripolahna ari ngobrol jeung heureuy téh.
“Badé aya pikersaeun naon, Pa?”
“Nyambung deui anu kamari,” saur Bapa sanggeus nitah kuring diuk. “Ari Adun... aya haté ka Ênah?”
Deg, kana dada aya anu neumbrag. Êta pisan anu rék dibalakakeun téh. Tapi kaburu kanyahoan geuning. Kuring tungkul. Beungeut ngahéab. Naha bet jadi éra kieu?
“Mun enya aya haté, ku Bapa pasti dibéayaan. Isuk Ênah rék balik heula ka lemburna, peré heula cenah. Anteurkeun atuh ku Adun ka ditu, sakalian nepungan kolotna. Daék?”
Ngagebeg ngadéngé pananya téh. Daék? Piraku henteu daék atuh nya.
Isukna, kuring nganteur Nyi Ênah ka lemburna. Poho, ti mangkukna kénéh rék ngadongéngkeun Nyi Ênah henteu pok waé. Kieu geura Nyi Ênah sakanyaho kuring mah. Dua taun ka tukang, Bi Êha mawa Nyi Ênah ngahadep Ibu sareng Bapa. Nyi Ênah téh batur salemburna Bi Êha anu keur néangan gawé. Ceuk Bi Êha, upami Ibu sareng Bapa ngawidian, Nyi Ênah tiasa ngabantu-bantu nyetrika, nyeuseuh, sareng masak ogé tiasaeun. Ibu unggeuk. Bapa mah henteu ngawaler nanaon da nuju ngaos koran.
Geulis Nyi Ênah téh. Lamun Néng Dénti mah geulisna téh pédah dina biwirna aya lipstik jeung pipina beureum duka diulasan naon, Nyi Ênah mah geulisna téh pédah pameunteuna henteu dipulas nanaon. Bodas beresih kulitna téh. Lambeyna enya ogé henteu pati beureum tapi seger henteu kagaringan. Rambutna hideung meles, panjang ngarumbay nepi kana tonggongna. Panambah anu matak Nyi Ênah geulis pisan mah ku daréhdéhna. Soméah. Imutna tara tinggaleun nyarios sareng sasaha ogé. Êta anu nyababkeun Nyi Ênah leuwih geulis batan Néng Dénti. Ceuk kuring. Êta téh ceuk kuring. Kadé ulah dibéja-béja ka sasaha.
Mimitina mah Nyi Ênah téh tara nanya. Ukur unggeuk bari imut lamun panggih téh. Atuh kuring asa hareurin létah. Hayang pok nanya itu éta, tapi éra mani sagédé parabola, ngadaplok dina beungeut. Basa kuring keur ngababad jukut, Nyi Ênah nyampeurkeun bari nanggeuy baki eusi cai entéh jeung goréng pisang. Pokna téh, “Kang, cai heula. Êta késang mani nyalangkrung.” Êta mah haté, harita, mani bungangang. Komo saterusna mah lamun ngabaturan ngomé taman téh sok bari ngageberan sagala ku dudukuy kuring. Atuh poé anu morérét téh dumadakan jadi iuh.
Ti harita, mun kuring sasarap atawa reureuh sabada ngomé taman, Nyi Ênah anu ngabaturan. Sagala dicaritakeun ku manéhna téh. Cénah datangna ka kota téh pédah dipaksa rék dikawinkeun ku apana. Nyi Ênah embungeun. Puguh kakara limalas taun Nyi Ênah téh. Cénah, babaturanna mah loba anu sarakola kénéh. Tapi basa bébéja hayang sakola deui, apana kalah ngambek. Pokna téh, itu mah sakola deui ogé pédah wé budak ménak, budak camat. Kudu ningali ka diri ari boga kahayang téh. Ieu mah aya anu rék ngajeujeuhkeun, Kang Rinta, bandar tomat, kalah embung.
Sanggeus dicarékan kitu, Nyi Ênah indit ka kota, nuturkeun babaturanana anu leuwih tiheula gawé di kota. Di kota dituduhkeun ka Bi Êha, masih batur salemburna. Ceuk Bi Êha, di lembur mah Nyi Ênah téh kasebut kembangna. Eujeung enyana atuh, henteu ngan saukur di lemburna, Nyi Ênah mah ibarat kembang di lembur mana waé ogé. Geulis lain pupulasan. Matak moho anu nempo. Matak teu ngiceup anu neuteup. Ceuk kuring. Ceuk haté kuring kitu ogé.
Ngan sapoé di lembur Nyi Ênah téh. Êra atuh lila-lila teuing mah. Apan sah ogé acan. Êta ogé kolot jeung dulur-dulurna mah mani pok deui pok deui ngahalangan. Nyi Ênah mah henteu sakemék ti barang indit ogé. Basa kuring bébéja rék balik, kakara karasa Nyi Ênah téh mani alum. Moal kitu pédah rék papisah? Basa ku kuring dibalakakeun kaayaan haté, yén kuring téh nyaah ka manéhna, peureum kadeuleu beunta karasa, Nyi Ênah kalah tungkul. Angger teu sakemék nyarita. Lalaunan dicekelan ramo-ramona. Aya anu nyalangkrung dina kongkolak socana, terus murubut. Ku kuring diusapan lalaunan. Deudeuh teuing Nyai, sanés Akang téga. Da ngan saheulaanan papisah ogé apan.

**

“Dduuunn...!”
Tah, upami Bapa ngagentraan dialeukeun kitu, hartina kuring kudu gancang ngahadep. Puguh didagoan ti tadi soanten Bapa téh. Rikat, satengah ngajleng, kuring muru tengah imah.
“Badé aya pikersaeun naon, Pa?” pok téh api-api.
“Kumaha, Dun, ka Nyi Ênah téh?”
Kuring ukur tungkul. Kakara gé rék pok ngawanikeun manéh, Bapa tos mayunan. Saurna téh, “Ku Bapa gé geus dibadamikeun jeung Ênah, jeung kulawargana. Lamun Adun satuju mah, sok geura bébérés sagala kaperluan. Poé Minggu hareup urang ka lembur Ênah, urang dirapalan.”
Atoh anu taya papadana nguping kasauran Bapa téh. Kahayang mah jujungkiran. Êngklak-éngklakan. Ceuceuleuweungan. Tapi éra. Ngan ukur ngahéhéh kuring bari mundur.
Poé Mingguna kuring didangdanan. Diréndéngkeun jeung Nyi Ênah. Kembang téh mani leuwih mekar sanggeus diwedakan jeung dipulas-polés ku tukang rias mah. Emh, aya ku deudeuh Nyai. Urang ngamimitian rumah tangga ku bismillah. Apan Bapa tos nyadiakeun pikeun modalna mah. Imah leutik sisi balong. Katukangna aya sawah dua kotak. Êta téh pikeun urang. Pikeun pangupa jiwa urang.
Tapi enya ogé pulas meunang tukang rias téh matak deungdeuleueun, Nyi Ênah mah siga anu alum waé. Padahal ayeuna téh kuduna mah gumbira. Kuduna téh hégar, mekar. Aya naon atuh, Nyai?
Peutingna, basa kuring jeung Nyi Ênah dialanteurkeun ka imah leutik sisi balong téa, imah anu diajangkeun keur duaan, Nyi Ênah mah masih kénéh alum. Imut Nyai téh atuh kamana? Basa kolot-kolot jeung dulu-dulur anu séjénna marulang, basa ku kuring rambut Nyi Ênah diusapan, Nyi Ênah kalah nyegruk. Cisocana apan mani murubut, maseuhan baju kuring, dada kuring.
“Aya naon, Nyi?” pok téh bari nyengkatkeun mastakana. Nyi Ênah kalah beuki nyegruk. Teu wanieun neuteup kuring. Ramo-ramona ngusapan beuteungna. Pokna téh, lalaunan, ampir teu kadéngé, “Kang, tos aya eusian.”
Asa kabéntar gelap. Asa diséblok lahar gunung Merapi. Asa ditindihan sarébu gajah. Lila diteuteup kembang kuring téh. “Ku saha?” pok téh, lalaunan, pacampur sagala rasa.
“Bapa.”
****



Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni