Jejak Kata :
Home » » PUASA CACA

PUASA CACA

Written By Mang Yus on Senin, 18 April 2016 | 12.13


Tribun Jabar, 17-19 Juni 2014

Caca téh budak kuring anu katilu, bungsuna. Umurna kakara tujuh taun. Kelas hiji SD. Geus dua taun diajar puasa. Taun kamari mah bocorna ngan lima poé. Éta ogé pedah wé harééng. Da lamun keur séhat mah, enya ogé katingalina leuleus, tara daék buka. Ngadon kuring anu sok hariwangna téh. Sieun budak kieu atawa kitu.
“Keun wae, matak kitu ogé sanggupeun,” ceuk bapana basa kuring nepikeun kahariwang.
Puasa bulan Ramadan ayeuna Caca gé milu riweuh. Lanceuk-lanceukna mah munggah téh hayang dipangmasakeun opor hayam. Hayamna ogé hayang hayam kampung. Majarkeun téh hayam broiler mah dagingna seupaheun. Éta ogé barudak téh dijampéan, sangkan ulah kaleuleuwihi kana kadaharan, apan anu penting mah puasana.
“Si Mamah mah hilap, munggah mah ti kapungkurna ogé tos kitu. Kedah laleueur sareng arénak. Apan teu acan biasa urang téh saur. Maenya munggahan kedah sareng goréng témpé-tahu. Tidak semangat atuh!” ceuk Cici, budak kurang anu kadua, kelas opat SD. Duka ti saha nyahona éta budak bisa némbal siga kitu.
Ari Caca, ti kamari kénéh ngungumpul kadaharan, keur munggahan cenah. Meusmeus ménta duit sarébu atawa dua rébu, keur meuli kuah-kuéh warung. Duka naon waé anu dibeulina da henteu merhatikeun.
Nepi ka tilu poé mah sumanget pisan Caca téh puasana. Tapi poé kaopat mah sabalikna. Kakara jam dalapan ogé ngaéh waé hayang buka.
“Caca téh tos lapar?” Nanya téh bari dongko. Budak téh dialak-ilik bisi aya anu nyurigakeun dina pameunteuna. Tapi da asa teu aya nanaon. Séhat jeung seger.
Budak téh henteu ngajawab. Gideug henteu, unggeuk henteu.
“Kunaon atuh Caca hoyong buka?”
“Pokona mah Caca hoyong buka, hoyong dipangdamelkeun nasi goréng,” cenah bari rada perenyang-perenyéng.
Bisi enya lapareun, kuring nyieun sangu goréng keur budak. Maksud téh sangu goréng teu make bungbu kumplit. Bawang, endog, uyah, brus wé sangu sapiring. Sangu goréng téh disimpen di luruh méja makan. Caina sagelas. Kuring mah léos deui wé ka tengah imah. Ngan ukur tilu menit Caca nyampeurkeun.  
“Atos emamna?” cekeng téh.
Caca henteu némbalan, gideug henteu unggeuk henteu. Panasaran ditempo ka dapur, sangu goréng téh tinggal piring kosong. Ngahuleng sakedapan mah. Asa moal mungkin budak umur tujuh taun méakeun sangu sapiring ukur memenitan. Tapi dipikiran teuing ah. Kuring balik deui ka tengah imah, neruskeun pagawéan anu tadi.
Isukna jam dalapan Caca geus ngaéh deui waé hayang sangu goréng. Kuring keur mukaan facebook jeung tweeter di tengah imah, susuganan aya anu pesen kurudung anu kamari ditawarkeun. Kapaksa cingogo heula. Budak téh dicepengan leungeunna.
“Bunda alim mangdamelkeun sangu goréng, da sanguna ogé henteu diemam ku Caca. Kanggo saha sangu goréngna?” pok téh bari neuteup panonna.
Caca nyepengan leungeun kuring, terus metot ngajak ka dapur. Dapur téh ngawates jeung jalan kompleks. Malah mah aya panto anu lamun dibuka téh langsung ka jalan. Sora motor, mobil, sepedah, anu ngobrol, di jalan bakal kadéngé ka dapur. Tah, Caca ogé metot kuring ngadeukeutan témbok, ngajak ngadéngekeun anu ngobrol di tukang.
Aya anu keur guntreng, sora budak awéwé jeung emana atawa ninina.
“Hanjakal nya, Ma, nu gaduh bumi ieu teh paruasa waé,” ceuk sora budak. “Mun seug henteu paruasa, meureun urang kabagéan sésa sasarapna. Saperti biasana nya, Ma.”
“Batur mah ayeuna téh waktuna paruasa, Nyai,” ceuk sora kolot.
Sakedapan kuring ngahuleng. Ngagebeg haté mah. Kuring apan anu biasana ngaberesan sesa sasarap barudak jeung bapana. Sesa sangu atawa roti, sok terus diplastikan, digantungkeun deukeut tong sampah.
“Caca mah alim puasa,” ceuk budak semu ngaharéwos.
“Naha?”
“Supados Éma sareng Nyai tiasa emam, mulung tilas sasarap urang.”
“Teu kedah sesa sasarap, urang pasihan wé emih.” Nembal téh bari muka lomari. Milih emih instan sapuluh siki. Terus mukakeun panto ka jalan tukang. Tapi Ema jeung Nyai geus ngaléos, témbong téh deukeut péngkolan. Digeroan tapi kaburu méngkol. Disusul ka péngkolan, teu aya tapak-tapakna acan.
Bapana barudak ngahuleng basa didongengkeun Caca mogok puasa. “Upami puasa téh karunya cenah ka Ema sareng Nyai,” pok téh masih bingung.
“Keun ku Apa atuh urang dongéngan,” cenah, terus ngaléos. Kuring nuturkeun. Di kamarna Caca keur ulin bonéka.
“Ca, terang kumaha carana supados henteu batal saum?” ceuk bapana bari cingogo hareupeun budak. “Carana, urang étang-étangan matématika.”
Caca curinghak. Puguh karesepna kana diajar matématika téh.
“Upami henteu saum, Caca sabaraha kali emam?” tanya bapana deui.
“Tilu kali.”
“Upami saum, emamna janten dua kali, saur sareng buka. Janten, mung sakali emam anu ical. Leres?”
Budak unggeuk.
“Caca henteu kedah batal saum. Anu emam sakali téh urang pasihkeun ka Ema sareng Nyai. Janten, Caca saumna lancar, Ema sareng Nyai kenging emameun ogé. Sabarahaeun, Bun, sakali emam Caca?”
Kuring api-api ngitung. “Sapuluh rébu,” pok téh.
“Janten upami urang limaan téh, lima puluh rébu kedah dipasihkeun unggal dinten?” Caca giak pisan ngitung. Kuring kerung.
“Upami urang gaduh milikna, urang pasihkeun unggal dinten. Ayeuna urang bantuan Bunda masak lima puluh rebueun, urang pasihkeun ka anu ngadon baruka di masjid. Enjing upami aya rejekina, urang pasihkeun ka Ema sareng Nyai. Enjingna deui upami aya rejekina, urang pasihkeun ka saha waé anu peryogieun.”
Caca imut bari unggeuk-unggeukan. “Caca ngawitan saum deui enjing,” cenah.
Di kamar kuring protés ka bapana.
“Upami unggal dinten dugi ka Lebaran, sajuta langkung, Pa. Urang apan peryogi kanggo ungkas-ongkos, pusar-pésér kaperyogian Lebaran,” pok téh nepikeun kakeuheul.
“Upami aya éta ogé. Upami teu aya mah ulah maksakeun,” ceuk bapana.         
Soréna anu lima puluh rébu téh geus jadi kolek cau. Caca jeung Cici mani bungah nganteurkeun ka masjid. Isukna maksud téh rék dibikeun duitna ka Ema jeung Nyai. Tapi basa maranéhna ngaliwat, digeroan, diasongan téh Ema kalah gideug.
“Apan kamari ogé Ema sareng Nyai mah tos ngaraosan di masjid. Ema téh sareng Nyai ayeuna mah saum. Hatur nuhun,” ceuk Ema. “Saé damel deui pasakan, teras pasihkeun waé ka urang landeuh, seueur anu peryogieun. Upami aya rejekina, Ema mah hoyong Al-Qur’an.”
Anu disebut urang landeuh téh sababaraha gang kumuh. Enya ceuk béja mah nyanghareupan puasa téh urang dinya mah loba anu di-PHK ku pabrik. Bisi hiji waktu butuh kuring ménta alamat Ema jeung Nyai, dicatetkeun dina keretas salambar. Soréna Caca jeung Cici nganteurkeun kolek ka urang landeuh. Balikna Caca jeung Cici carinakdak, duka ku naon.
Ceuk pikiran kuring, ngan dua poéeun sodakoh lima puluh rébueun téh. Poé katilu jeung saterusna mah henteu aya anggaranana. Ari pék téh aya anu nga-sms. Eusina kieu: Tos transfer 5jt kanggo kurudung 100 potong. Nuhun.
Kuring ngahuleng. Atoh, henteu percaya kana tetempoan, ogé henteu puguh cabak. Dipariksa dina internet banking bisi anu ngaheureuyan. Enya wé duit transfer téh geus asup. Geus leler mah tina kareuwas, gancang nelepon konfeksi langganan.
Nyanghareupan Lebaran taun ieu mah asa henteu kungsi bingung ku perkara waragad. Anu pesen kurudung téh beuki jul-jol. Ti mimiti anu pesen sapotong nepi ka anu borongan unggal poé henteu weléh aya.
Poé Minggu pitilupoéeun deui ka Lebaran mudik téh. Da lain mudik ka anu jauh, jadi nyalsé waé. Caca mani atoh basa dibéjaan urang nyimpang heula ka lemburna Ema jeung Nyai. Ema Indung, ngaran anu ditulis dina keretas salambar. Keretas alamat téh disimpen dina dompét.
Palolohor nepi ka tempat anu dituju. Kampung singkur sisi gunung. Mobil diparkir di handapeun dapuran awi. Nanyakeun téh dituduhkeun ka jalan mudun anu brasna ka pasawahan. Sawah lega upluk-aplak. Tapi da asa henteu ningali imah di pasawahan mah. Aya ogé saung sababaraha hiji, pajarauh. Aya pancuran waé. Caina ngagelenggeng hérang. Henteu jauh ti pancuran aya saung rada permanén.
Aya kana genep urangna anu keur beberesih di pancuran téh. Anu baralik ngarambét sigana. Ditanyakeun di mana bumina Ema Indung, kalah silih pelong.
“Di palih dieu mah da ti kapungkur ogé henteu aya bumi,” ceuk saurang anu ditiung samping. Taksiran mah si Néng téh umurna can nepi ka tilu puluh taun, ngan sering papanasan waé jadi réa kokoloteun.
Aya ogé aki-aki anu terus ngajak reureuh di saung. Lain saung, tapi tajug, da geuning di jerona aya mukena, sajadah, sarung, jeung baju ngagantung.
“Bapa sareng Ibu téh sahana Ema Indung?” ceuk si aki semu anu héran.
“Sanés sasahana, mung kantos tepang,” pok téh. “Nya anjeunna masihan alamat ka dieu. Saung sisi sawah, saurna téh.”
Si aki ngahuleng sakedapan. “Panginten anu dimaksadna téh leres saung ieu. Apan anu terangeun mah nyebatna saung ieu téh Tajug Indung.” Si aki ngadongéng antaré naker, diselang ku ngarénghap panjang. “Kapungkung, aki ogé nuju budak kénéh, Ema Indung téh unggal dinten ka sawah, ngala tutut, écéng, impun, sareng naon waé anu tiasa diical ka pasar. Bada lohor reureuhna téh di tajug ieu. Upami tos solat lohor, tara lugay deui dugi ka Magrib.”
“Dupi ayeuna, atuh tos sepuh pisan?” pok téh motong.
“Kapungkur téh gujrud, Ema Indung bade ka Mekah. Artos ladang ngical tutut sareng écéng téh disimpen dugi ka cekap kanggo ongkos ka Mekah. Mung sateuacan angkat, aya longsor di Babakan. Saurna artos kanggo ongkos ka Mekah téh séép dianggo ngabantosan anu longsor. Atuh Ema Indungna, tos kitu nasibna, nuju di tempat longsor téh, karuang ku longsong susulan. Saurna mah waktos kakuping anu ngaguruh téh anu sanés mah lalumpatan, Ema Indung mah mangku heula budak anu nuju ameng. Atuh duanana karuang. Layonna henteu kapendak dugi ka ayeuna.”
Saréréa patingharuleng sakedapan. Caca mah siga anu betah di jero tajug téh. Keretas anu saroék dibukaan salambar-salambar. Kuring gancang muka bebekelan, inget kana pesenan Ema Indung.
“Abdi téh nyandak Al-Qur’an kanggo di tajug ieu,” pok téh bari ngaluarkeun tina tas gandong budak.
“Alhamdulillah… tos lami urang dieu téh haroyongeun Al-Qur’an. Aki ogé sabada ti sawah téh sok hoyong ngaderes. Asa nikmat upami nurutan Ema Indung kapungkur….” ***


Pamulihan, 13-6-2014          

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni