KICIWIS
Tribun Jabar 5-10-2015 MUAT 27-29 Oktober 2015
Acan ogé ngaliwat ka lebah dapuran awi,
bulu punduk Mang Asip geus carengkat. Muriding téh lain saukur sabulu-bulu,
tapi haténa ogé seseblakan. “Ah, kawas lain kolot waé,” gerentesna. “Ngaliwat
ka lebah dinya téh lain kakara, apan geus ratusan kali.” Leungeunna hideng
ngodok hp dina saku. Tabuh 11.35 peuting. Poék téh mani henteu kadeuleu
curuk-curuk acan. Batré anu geus kurang setrum saukur enyay-enyayan, saukur
ngabantuan henteu ngatog wungkul.
Sukuna hideng ngarandeg sababaraha
detik. Rék ngaliwat ka lebah dapuran awi éta mah ti baheula ogé sok rada nyiak.
Tong boro peuting, beurang ogé apan sok aya waé muriding mah. Ari kituna,
dapuran awi téh apan ngajajar sapanjang sisi kebon, ratusan méter. Anu
ngabukbak jalan meureun baheula ngitungna ngarah iuh ari pabeubeurang, jeung
ngarah deukeut wé kétang ka lembur.
“Ti baheula, enya ogé bulu punduk nyiak,
da tara aya nanaon. Bismillah wé,” gerentes Mang Asip. Tapi barang blus ka
lebah dapuran awi, Mang Asip ngagebeg. Suku katuhuna ngajengkat bakat ku
reuwas. Éta pedah manéhna ngadangu aya anu ciciakan. Laun sabenerna mah sorana.
Tapi peuting téh aya ku jempling. Kalakay awi murag waé kadangu.
Sora ciciakan téh beuki jéntré. Tapi
lain sora anak hayam, sada anak éntog ieu mah. Bulu punduk Mang Asip beuki
carengkat. “Moal salah deui, ieu mah jurig kiciwis,” gerentes Mang Asip. Enya
manéhna téh can kungsi nempo bungkeuleukanna, komo ngalaman panggih mah. Tapi
dongéng kolot ti manéhna leutik geus ngawanohkeun ka jurig kiciwis. Jurig anu tétéléndénan
sagedé anak éntog, tapi lamun ditajong terus ngagedéan nepi ka sagedé gajah
bareuh bari reuneuh.
Mang Asip téh geus apal sagalana ka
jurig kiciwis. Tapi basa aya anu néléndén kana sukuna, manéhna reuwas ogé. Batréna
gancang disebrotkeun. Enya ogé cahaya batré reyem-reyem, tapi sidik ari kana
sato leutik anu teterelengan kana suku mah. Ceuk dongéng, jurig kiciwis
mimitina sagedé anak hayam atawa anak éntog. Tapi da henteu siga anak hayam
atawa éntog. Ieu mah duka sato nanahaon. Warnana bodas, buluna lemes matak
géték matak kukurayeun matak ginggiapeun. Siga anu lindeuk tapi linghas. Ku
batré ogé hésé kasebrotna.
Lantaran ngahalangan léngkah anu hayang
rusuh, ngalékéték anu henteu hayang heureuy, nyingsieunan anu keur kukurayeun;
nyel wé Mang Asip ambek. Komo basa si pikasebeleun téh meulit kana suku, tapi
basa ditajong kalah ngoloyong basa disepak kalah ngadupak basa disurung kalah
murungkut. Mang Asip muserkeun tanagana kana suku. Basa si kiciwis téa
néléndén, ngan habek wé ditalapung nepi ka ngapung. Duka sabaraha puluh métér
ragragna. Daun awi nepi ka maralak, tangkalna oyag, ngarekét paadu jeung dahan
séjén. Barang pluk murag, pudigdig téh si kiciwis ngagedéan nepi ka sagedé bal
beliter.
Si kiciwis téléndén deui nyampeurkeun
Mang Asip. Lain sieun ayeuna mah anu ngawasa rarasaan Mang Asip téh, tapi ambek
anu ngagugudug. Rénghap Mang Asip raranjugan. Apal manéhna ogé, perbawa jurig
kiciwis mah kitu, matak ambek anu teu kaopan, ngahudang amarah anu henteu
sadrah, ngajurung napsu anu bangkenu. Tapi manéhna henteu bisa kukumaha. Napsu
geus ngalimpudan badan sakujur.
Komo basa si kiciwis anu sagedé bal
beliter téh néléndén ngagokan léngkahna, ingetan Mang Asip teng téh ka
pamajikanana. Kukumaha ogé pamajikanana anu pikasebelen mah. Nyaho peuting téh keueung,
komo ka pakebonan anu ditinggalkeun ku sasaha ogé, kalah ngajujurung. “Cébor
pelak cabé tanjung téh saeutik mah. Lebar bisi kagaringan. Sugan wé atuh
kajadian panén keur hargana mahal,” pokna téh. Teu mikir manéhna mah salaki
keueung, salaki horéam, salaki capé téh. Ongkoh manéhna ogé anu nitah-nitah
ngebon cabé keur meumeujeuhna halodo entak-entakan. Teu parok jeung batur! Loba
sabenerna mah pikasebeleunna pamajikan téh. Lamun kurang duit baeud, kahayangna
dipungpang pundung, céréwédna alah batan penyanyi rép, digeunggeureuhkeun kalah
ngaheureuykeun, timburu ka sasaha siga ka maru.
Matak basa si kiciwis meulit dina suku,
Mang Asip ngawahan nompo bongohna. Barang si kiciwis néléndén, habek ditajong
satakerna. “Tah, hakan! Meujeuhna siah awéwé pikasebeleun mah!” gorowok Mang
Asip. Si kiciwis ngalayang, bluk murag, pudigdig deui awakna ngabadagan nepi ka
sagedé anak embé. Téléndén deui nyampeurkeun Mang Asip.
Basa si kiciwis meulit kana sukuna, teng
ingetan Mang Asip ayeuna mah eunteup ka anakna. Enya, anakna ogé pikasebeleun! Lain
budak atah warah da diwarah mah mindeng. Budakna waé anu mantangul. Dipapatahan
kalah ngalawan, teu ngarti kolot keur rungsing, kahayangna teu ngukur ka kujur.
Ari kituna, budak téh boga nini-aki pikasebeleun. Enya, mitohana anu mindeng
mapanas mah. Pajar téh incu batur mah kitu-kieu ari incu sorangan kurang
diwowoy jeung dibéayaan bapana. Heueuh ka déwék éta téh maksudna. Mitoha
pikasebeleun! Ongkoh deuih ti keur bobogohan kénéh, calon mitoha kénéh, geus
karasa pikasebeleunna! Ah, kétang lain saukur mitoha, kolot sorangan ogé
pikasebeleun. Ti leuleutik mapatahan kudu kieu kudu kitu. Hirup batur diatur
bari sagala kurang. Lamun henteu sieun siga si Malinkundang anu disupata jadi
batu atawa sieun ku agama anu ngahormat-hormat, meureun ti baheula ogé
dipungpang.
Dada Mang Asip ngagolak. Rarasaan jeung
pipikiranana cus-cos ka ditu ka dieu anu ngahudang amarah. Basa si kiciwis téa
néléndén, habek Mang Asip nalapung sataker kebek. Henteu pati ngapung ayeuna
mah. Tapi ari blug mah murag, pudigdig kiciwis téh ngagedéan jadi sagedé anak
sapi.
Téléndén deui si kiciwis téh
nyampeurkeun, terus ngalétakan jeung nyiuman. Sagala babauan mulek dina irung
Mang Asip. Matak ongkék. Ras manéhna inget basa keur jadi RT. Loba jelema anu
matak ongkék téh. Kuwu apan sababaraha kali ngajual béas raskin, ngahakan duit
PNPM, jeung anu séjénna. Rejeki ajangkeuneun jelema malarat waé dihakan, apan
éta téh matak ongkék. Saha anu rék ngageunggeureuhkeun ka kuwu siga kitu?
Batur-baturna sasama RT apan dibéré sautak-saeutik ogé jarempé. Anu di luhur,
ah saha anu mikirkeun rahayat saenya-enyana? Apan wawakil di legislatif saukur
riweuh ngatur-ngatur anggaran keur sorangan. Pajabat yudikatif weureu ku proyék
itu proyék ieu anu dipotong sababaraha peresén.
Mang Asip rénghap-ranjug nahan amarah.
Ari kituna, saha jelemana anu henteu pikasebeleun? Kabéh jelema ogé
bangkawarah. Buktina mah talingakeun wé dunya ieu. Cai walungan ngagibleg hideung
ku limbah industri limbah rumah tangga limbah kalakuan teu uni. Gunung barutak
situ saraat ciséké tinggal bangké. Sakabéhna apan lantaran kalakuan bangkawarah
jelema.
Bari amarah teu kawadahan, Mang Asip
ngawahan, jekuk wé si kiciwis sagedé anak sapi téh ditajong. Ngangkat éta ogé
awakna sajengkal mah. Ari bru nincak lemah, pudigdig deui awakna ngagedéan jadi
sagedé gajah bareuh bari reuneuh. Téléndén deui ka Mang Asip, nyiuman bari
ngalétakan. Atuh Mang Asip tijengkang. Atuh Mang Asip beuki napsu. Tapi rék
najong deui henteu kauntup. Malah sakali sedot ogé awakna ngageblos kana sungut
si kiciwis. Mang Asip ngocéak, tapi ngan sakocéak, terusna mah jempling.
**
Mang Asip rungah-ringeuh. Siga hudang
saré. Basa ingetanana ngumpul, manéhna aya di hiji tempat anu ahéng jeung anéh.
Bakat ku ahéng jeung anéh, nepi ka henteu bisa dituliskeun ku kekecapan kumaha
ahéng jeung anéhna. Mani atoh Mang Asip basa ningali aya jelema keur ngahuleng
handapeun tangkal kai anu ngan hiji-hijina di sabudeureun éta.
“Kang, ari ieu téh di mana?” ceuk Mang
Asip. “Di ahérat atawa di nagri kiciwis?”
Jelema anu ngahuleng téh ngalieuk. Mang
Asip reuwas. Éta pameunteu aya ku pias. Panon celong. Sigana téh sagala sieun
sagala keueung sagala rémpan sagala honcéwang sagala melang. Rasa anu lalaunan
pindah kana haté Mang Asip. Puguh wé manéhna beuki sieun, sieun siga si Pias.
“Duka di mana-manana mah,” témbal si
Pias. “Ngan ieu téh tempat si jurig kiciwis ngaburakeun anu ditelegna.”
“Kumaha lamun hayang balik ka lembur
sorangan. Kumaha carana?”
“Carana mah babari. Tinggal ngaliwat wé
ka jalan ujian. Hayu dituduhkeun, urang talingakeun ti kaanggangan. Tuh, ti
mumunggang itu ogé katingali.”
Barang nepi ka mumunggang panuduhan si
Pias, Mang Asip ngahuleng ngaraga meneng. Di handap aya pamandangan anu ahéng
jeung anéh. Lantaran di dieu mah ahéng jeung anéhna téh penting dipikanyaho,
jadi kapaksa kudu digambarkeun ku kekecapan.
“Tuh, di belah kénca, jelema blas-blus
ka gapura. Ti barang bus ka gapura, maranéhna diheureuyan jeung diganggu jeung
digoda ku kiciwisna masing-masing. Tuh, geuning haré-haré saréréa ogé. Da puguh
nyanghareupan amarah jeung napsu sorangan, matak bobor karahayuan.”
“Geuning henteu maju-maju leumpangna
téh?”
“Da maranéhna mah beunang kagoda ku
kiciwis. Tuh, geuning kiciwis sagedé bal pingpong téh terus ngagedéan nepi ka
sagedé gajah bareuh bari reuneuh. Tuh, diteleg wé tungtungna mah ku amarah
jeung napsuna sorangan. Tah sorana, kocéak dengék diteleg mah. Diburakeun deui
ku si kiciwis. Rék bisa kumaha maju lamun kagoda deui mah.”
“Ari anu salamet anu kumaha?”
“Tuh, di lebah katuhu aya anu geus
laleumpang rada jauh. Henteu kagaroda ku si kiciwis maranéhna mah. Tapi matak
ampun ningalina. Tuh, geuning aya anu ngagukguk kanyenyerian, aya anu sasambat
ampun-ampunan. Éta téh bakat ku parna panggoda si kiciwis. Da puguh rarasaan
mah sarua saréréa ogé, hayang sabek-bekeun ka si kiciwis téh, hayangna mah
ngalajur kana napsu téh. Lamun salamet nepi ka tungtung jalan, nya bisa balik
ka lembur sorangan.”
“Hayu atuh urang nyobaan ngaliwat?”
Si Pias ngajenghok. Pameunteuna beuki
pias. “Nyaéta kuring mah can kungsi wani rék ngaliwatna ogé,” pokna ngalengis.
**
Di hiji imah di hiji lembur singkur, aya
anu keur ngariung. Ari anu diriung-riung, Mang Asip anu ngajehjer teu
inget-inget. Pamajikanna, barudakna, kolot-kolotna, careurik mani raéng. Anu
séjénna patingpolohok jeung silihtanya da puguh henteu ngarti.
“Ustad, cik atuh parancahan. Ieu mah
kasibat ku jurig kiciwis sigana mah,” ceuk kokolot lembur.
“Nyaéta Wa, abdi mah apan ustad persis,
tara ngurus jurag-jurig,” témbal ustad anu ogé alona kokolot. “Kedah ka ustad
nahdliyin urusan kiciwis mah.”
“Ah, siah ustad mah ustad wé. Qur’an
cecepenganana.”
Di jero imah anu ngariung ribut. “Olot,
ka dieu. Mang Asip geus sadar yeuh,” ceuk saurang anu nempo Mang Asip
keukeureuceuman. Olot gancang ka tengah imah.
“Olot, ari ayeuna lila kénéh ka
Lebaran?” ceuk Mang Asip ujug-ujug.
“Puguh wé atuh Mang. Apan kamari téh
kakara Idul Kurban,” témbal Kokolot teu ngarti.
Mang Asip rarat-rérét ka sakuriling.
Barang ningali indungna, Mang Asip hudang, terus nangkeup ka indungna,
ngagukguk dina lahunanana. “Ma, hapunten Asip,” pokna bari nyiuman leungeun
indungna. Indung Mang Asip puguh waé reuwas. Atoh bari geumpeur jeung teu
ngarti. Pokna téh, “Ari manéh kunaon, Kasip? Weureu gadung atawa diteureuy
kiciwis?”
Pamulihan, 20 September / 4 Oktober 2015
0 Response to "KICIWIS"
Posting Komentar