SI KOBRA NEANGAN KORONA - Carpon Mangle
Tungtung taun 2019.
Si Kobra sibeungeut ku cai
keran WC. Gigisik sababaraha kali. Tuluy dikeureuceum-keureuceumkeun, siga anu
kapireungpeunan. Sanggeus pangrasana béngras, nempo deui ka sakuriling pasar.
Tapi terus sibeungeut deui, gigisik deui, keukeureuceuman deui.
Tadi di imah saenyana manéhnya
geus sibeungeut. Tapi manéhna henteu ngarti ku téténjoanana. Pasar téh kosong.
Molongpong. Entong boro di luar anu biasana mah pinuh ku anu dadasar nepi ka
sisi jalan. Di jero pasar ogé ngan hiji-dua kios anu muka.
Tangtu waé ieu téh pangalaman
munggaran pikeun Si Kobra anu umurna leuwih ti 40 taun. Téténjoan munggaran
salila dua puluh taun “ngawasa” Pasar Malébér. Naha pasar molongpong siga kieu?
Pasar Malébér anu hartina nu dagang lébér nepi ka luar wawangunan pasar, pinuh
ka sisi jalan, kakara ayeuna aya ku simpé. Kamarana anu dagang jeung anu
baralanja anu biasana pabaliut?
Geus saminggu Si Kobra henteu
ka pasar. Mimitina lantaran loba teuing nginum oplosan. Teuing inuman nanahaon
anu dioplos ku Si Codét, sobat dalit anu ogé minangka wawakilna tina sagala
kaperluan. Sababaraha poé sirahna leneng. Poé ayeuna rada cageur téh. Tapi basa
ngajeueung pasar anu molongpong, Si Kobra ngarasa pangaruh oplosan téh masih
ngawasa awakna. Matakna manéhnna sibeungeut, gigisik sababaraha kali. Tapi
pasar angger molongpong.
***
Si Kobra nyampeurkeun Mamat,
tukang parkir, anu keur cinutrung dina babaléan handapeun tangkal nangka.
Panonna mencrong buruan pasar anu biasana mah pinuh ku motor jeung mobil anu
parkir. Ayeuna mah buruan pasar téh molongpong. Saukur aya gorobag runtah anu
ngabagug.
“Mat, pagawéan saha ieu téh,
euy?” Si Kobra ngagorowok.
Mamat ngarénjag. Kapilanceukna
nu ieu mah unggal ka pasar téh leumpangna ngagaléong, tina sungutna bau naga.
Matakna balad-baladna nyaram Si Kobra mindeng ka pasar. Lamun aya musuh anu
hésé diperuhkeun wungkul Si Kobra kudu nyanghareupan.
“Pagawéan kumaha, Kang?” ceuk Mamat
henteu ngarti.
Si Kobra diuk di babaléan.
“Saha anu nitah ngosongkeun
pasar?”
“Si korona, Kang.”
Si Kobra ngajleng tina babaléan.
Tuluy pasaang kuda-kuda, tuluy metakeun jurus-jurus silat andelanana. “Goblog! Bangkawarah!
Atah adol! Wani-wani mangkeluk téh! Urang mana manéhna, Mat?” sengorna.
Mamat seuri maur. “Lain
mangkeluk siga urang, Kang. Manéhna mah....” Mamat henteu nuluykeun omonganana.
“Urang mana, Mat? Jujur siah, entong
sieun! Aing Si Kobra! Henteu sieun ku saha waé ogé! Manéh henteu percaya? Goblog
silaing, Mat!”
“Lain kitu, Kang. Si korona mah
henteu katempo.”
“Hah! Sebangsa jin, dedemit,
jurig nyiliwuri? Entong salempang, euy! Silaing apan apal, déwék kungsi galungan
jeung anu ngageugeuh imah kosong. Dibura ogé ku panglay bari diparancahan si
ludeung teuneung, kabur anu kitu mah!”
“Lain mangkeluh sabangsa kitu,
Kang. Pokona mah henteu katempo! Tapi bisa ngabinasakeun manusa kalayan gancang.
Sapoé dua poé kaserang, terusna kacaritakeun paragat,” ceuk Mamat bari
ngasongkeun salambar koran anu kucel. “Ceuk koran, henteu saukur di urang. Tapi
ogé di sakuliah nagara, malah di sakuliah dunya.”
“Sétan! Goblog! Mangkeluk siga
kumaha si korona téh!” Si Kobra gegebés bari ngajéwang koran. “Ah, sia gé
pikasebeleun, Mat! Apan aing mah henteu bisa maca!”
“Réa anu kaleungitan
pacabakan, Kang. Anu daragang ngangluh. Nasib kulawarga uing ogé duka kumaha,
Kang. Anu boga kontrakan nagih terus. Tong boro mayar kontrakan, keur dahar
engké beurang ogé acan aya.”
“Si Nyai jeung Si Ujang, alo
déwék, kumaha baranghakanna?”
“Uing mah henteu masalah
puasa, Kang. Si Nyai jeung Si Ujang mah apan budak kénéh pisan, kakara lima
jeung tujuh taun. Sakapeung mah henteu kuat ngajeueungna lamun dalaharna henteu
waregeun téh.”
Si Kobra meureupkeun
leungeunna.
“Pamaréntah cenah rék méré
bantuan, Kang. Tapi bingungeun, lantaran henteu pati apal saha anu katalangsara
téh. Matakna salah ngaheulakeun. Anu carukup dibéré bantuan. Sembako jeung
amplop apan réa anu dipulangkeun deui!” Mamat siga anu manggih batur ngedalkeun
katugenahna. “Anu maok di sisi jalan, ngaku wé kalaparan, kakara di-PHK,
dipalercaya. Apan maranéhna mah baroga imah, boga buruan anu bisa dipelakan
sayuran. Sedeng uing anu katalangsara nyaan, acan kabagéan béas sasiki-siki
acan. Kamar kontrakan, gawé beuki teu puguh, ti baheula katalangsara, komo
mangsa korona siga ayeuna. Ku désa angger ditolak lantaran henteu boga KTP di
dieu. Rék kumaha boga KTP, Kang, tempat nyiruruk ogé apan ngontrak. Naha pagawé
désa téh henteu percayaeun ka RT jeung RW? Mangsana pemilu, pilbup, pileg,
pilpres, surat-surat datang henteu tatanya KTP.” Mamat siga anu rék ceurik.
“Tenang, Mat. Entong diaku
lanceuk lamun déwék henteu bisa mantuan. Ku déwék ditéangan tah si korona
koplok téh! Can nyaho manéhna, Si Kobra can kungsi kasoran nyanghareupan musuh
anu kumaha ogé!”
Si Kobra ngagégag teuing arék
ka mana. Mamat muringis
**
Si Kobra leumpang
didangah-dangah. Beungeutna bangkenu. Kumis ngajedig siga hileud bulu.
Leungeunna meureup. Dua batu ali sagedé muncang dina leungeun kénca jeung tilu
batu ali dina leungeun katuhu, ngagurilap matak gigis anu nyanghareupan.
Si Kobra inget, Si Topi Pét
anu sok ngomongkeun mahluk goib téh. Manéhna mindeng nongkrong di pasar. Ngadon
neuteup anu baralanja, sakapeung ngadu bako jeung anu daragang. Si Kobra jeung
balad-baladna, Mamat jeung tukang parkir séjénna, apan sakitu akrabna. Enya, Si
Topi Pét téh bageur. Unggal nongkrong di pasar, pasti wé neraktir kopi, roko,
sakapeung balakécrakan sangu pincuk apan. Henteu réa jalma anu dipihormat ku Si
Kobra. Tapi ka balad-baladna, Si Kobra mindeng ngingetan pikeun ngahormat Si
Topi Pét.
Si Kobra masih inget alamat
imah Si Topi Pét. Harita Si Topi Pét ngajak Si Kobra sabalad-balad pikeun
lalajo tipi di imahna. Bari balakécrakan sagala disuguhkeun, maranéhna lalajo
sinétron Préman Pasar.
“Tah, sinétron ieu téh
mimitina mah tina dongéng maranéh. Matakna, sok tah roko jeung lalawuhna.
Hayang dahar naon, urang pesen ayeuna kénéh,” ceuk Si Topi Pét. Si Kobra mah
henteu pati ngarti. Tiheula manéhna kungsi diajak miluan sinétron, tapi henteu
nerus obrolanna lantaran Si Kobra henteu
datang ka tempat anu geus dijangjikeun. Puguh harita téh sirahna lieur deui
lantaran loba teuing nginum oplosan.
Pager imah Si Topi Pét horéng
digembok. Si Kobra gogorowokan. Si Topi Pét muka panto. Bahamna dibungkus ku
masker. “Aya naon?” cenah ngagorowok sanggeus muka masker.
“Uing rék nanyakeun si korona,
Kang. Naha éta téh anak buah Akang?” Si Kobra ogé ngagorowok.
“Maksudna?”
“Si korona téh apan goib,
henteu kajeueung ku panon. Akang apan mindeng ngomongkeun mahluk goib.”
Si Topi Pét ngadeukeutan. “Manéh
kungsi bogoh, Kobra?”
“Bogoh ka saha?”
“Ka saha waé.”
Si Kobra nyengir. Leungeunna
hideng meureup. “Tong ngacapruk, Kang!” pokna asa diheureuykeun.
“Goib anu mindeng dicaritakeun
ku Akang mah anu kitu. Henteu kajeueung, tapi karasa.”
“Tah, kumaha lamun uing hayang
ngarasakeun anu goib kitu, Kang. Tapi entong nitah bogoh. Uing geus kolot,
Kang. Uing mah hayang néangaan si korona si bangkawarah.”
“Tah... kabeneran,” ceuk Si
Topi Pét bari maju ngadeukeutan pager. “Akang boga amplop keur bagikeuneun ka saha
waé anu keur kasusahan lantaran si korona. Tungguan, amplopna di jero.”
Si Kobra henteu ngarti
sagemblengna naon anu diucapkeun Si Topi Pét. Tapi manéhna nungguan Si Topi Pét
anu henteu lila gé kaluar deui ti imahna.
“Ieu aya 100 amplop. Bagikeun
ka anu enya-enya barutuheun. Ayeuna téh réa anu katalangsara. Lamun manéh butuh
ogé, mawa waé saamplop. Entong disebutkeun ti Akang. Bikeun wé, kitu gé cukup.
Jeung entong bohong! Lantaran lamun bohong, manéh moal ngarasakeun anu goib
téa. Tah, rasa anu goib ieu, lamun leungit ti diri manusa, leuwih pikasieuneun
batan si korona.”
Si Kobra unggeuk. Manéhna
panasaran ku si korona anu goib, komo ayeuna aya ogé rasa anu goib saperti anu
disebutkeun Si Topi Pét. Si Kobra gancang manggihan Mamat, lantaran cenah kapiadina
téh acan boga irongan keur dahar beurang. Horéng tatangga Mamat ogé anu sarua
ngalontrak kamar leutik di sisi walungan, sarua katalangsarana. Maranéhna
kontraktor kamar-kamar leutik jeung barau, pacabakan henteu tangtu, keur
baringung lantaran beuki hésé néang kipayah enya ogé geus biasa nahan lapar.
Basa amplop dibagikeun, Si
Kobra molohok mimitina mah. Tapi haténa terus ngarakacak basa aya nini-nini
nginghak bari ngeukeuweuk leungeun Si Kobra. Mamat nangkeup bari neueulkeun
beungeutna kana taktak Si Kobra. Mang Ubéd tukang panggul di pasar mah malah
nyembah sagala.
“Geus dua poé barudak saukur
kararaban kulub sampeu, hatur nuhun, Kang,” ceuk Mang Ubéd bari deku terus siga
nu nyembah.
Réa deui kalakuan matak
ngarakacak baca Si Kobra ngasongkeun amplop. Basa manéhna balik masih aya
saamplop dina sakuna. Lima lambar saratus rébuan nonghol basa Si Kobra nyoékeun
amplop. Si Kobra ngagebeg. Henteu nyangka manéhna eusi amplop sakitu lobana.
Tapi Si Kobra henteu handeueul
geus ngabagikeun 99 amplop. Enya, apan haté jeung pikiranana ngarasakeun anu
goib, rarasaan anu kakara harita kaalaman, rarasaan anu nyababkeun awakna
leuleus najan henteu nginum oplosan, rarasaan anyar anu matak nyelek dina
tikoro jeung tungtung panonna.
Si Kobra gagancangan balik
bari ngusap anu ngalémbéréh dina pipina. ***
Mangle no 2810, 2-8 Desember 2020
KANAGAN : kumpulan carpon pinilih Mangle, mung 50 rebu
0 Response to "SI KOBRA NEANGAN KORONA - Carpon Mangle"
Posting Komentar