UYUT LODAYA
Mangle No. 2583, 23-29 Juni 2016
Nepi ka Cinangka téh pukul hiji peuting. Pajero
sport parkir laluasa di buruan lega bumi Aki Haji. Aki Haji nyalira sapertos
anu ngantosan. Basa kuring turun tina mobil, Aki Haji tos aya di téras. Nangkeup
bari ngusapan mani lami.
“Henteu sataun sakali panggih téh, Sujang. Sono Aki
téh,” saur Aki Haji.
Torojol Ma Haji, mani siga anu ngagabrug. Nangkeup
téh bari ngagalentoran.
“Rumaos abdi téh tambelar, Aki, Ma. Padamelan téh
atuh da henteu aya réngséna. Lebaran kamari mah apan, bujeng-bujeng ka dieu, ka
bumi ogé dinten kadua.”
“Enya kaharti ari kituna mah. Keun, kudu sukur ka
Gusti, hésé dipercaya siga kitu téh.”
“Kumaha Sujang, bisi rek reureuh heula, da kamar mah
kakara dirarapih,” saur Ma Haji. “Tapi ke Ema manaskeun heula cai, urang ninyuh
entéh manis.”
“Enya, engké wé ka Uyut mah bada subuh. Atawa lamun
nyalsé mah geus caraang gé henteu nanaon,” saur Aki Haji.
“Disebat nyalsé mah
henteu, Ki. Saé bada subuh waé atuh,” pok téh bari ngadayagdag. “Ieu ogé ka
dieu téh pedah waé sanés mung kahoyong abdi, tapi dijurungan ku komandan.”
“Aringeteun kénéh
kitu ka Uyut?”
“Puguh waé atuh,
Aki. Dina database mah apan masih aya, enya ogé tos henteu kalebet DPO.”
Aki Haji
unggut-unggutan.
“Dupi ayeuna saha
anu nyarengan Uyut?”
“Apan Bapa manéh,
Sujang. Keun bada subuh mah sina ka dieu. Da Uyut téh saukur hayang panggih
jeng si Sujang. Sugan wé jadi sarat pikeun nyampurnakeun. Karunya....”
**
Anu disebut-sebut
Uyut téh lengkepna mah Uyut Lodaya. Kitu nelahna. Kuring sorangan kakara engeuh
uyut téh masih kénéh aya dikieuna sanggeus rumaja, kelas dua SMP. Saméméhna
mah, boh Apa boh Aki (anu disebut Aki Haji ayeuna), can kungsi ngadongéngkeun
uyut. Basa poé saptu kuring balik sakola aya anu megat, bapa-bapa duaan. Mimitina
mah ngolo-ngolo, ngajakan kuring ulin. Lamun daék cenah dibéré duit keur bekel
sakola atawa keur meuli sapatu. Tapi kuring embung, da puguh nyurigakeun, bisi
jelema anu rék mergasa. Tungtungna anu saurang néwak kuring, anu saurang deui
ngabekem ku lamak baseuh.
Inget-inget téh
geus aya di rohongan tengah hiji imah. Kuring ngahuleng. Henteu apal
saeutik-eutik acan, éta téh imah saha. Imah panggung, palupuhna hérang, sigana
mindeng dikepel. Aya alketif di tengah rohangan. Kasur ngan hiji-hijina anu
dipaké saré ku kuring. Sigana kasur ngadadak diamparkeun.
Teu kungsi lila
ngahuleng, nyidik-nyidik jeung nginget-nginget, kaburu aya anu asup. Bapa-bapa,
diiket coréléng, kumisna baplang.
“Tah, geuning si
Sujang geus nyaring,” pokna handaruan. Sorana agem. Kuring mépéd kana bilik.
“Tong sieun, Sujang. Da lain di imah batur. Bisi manéh teu nyaho, ieu téh uyut
manéh.”
Kuring saukur
molohok. Henteu kungsi ngaréka-réka saha ari uyut téh. Enya, harti uyut ogé anu
saenyana apan harita mah henteu nyaho. Arék ngawanikeun tunyu-tanya, si kumis
baplang anu ngaku uyut kuring téh kaburu ngaléos deui. Kadangu téh sorana waé
anu agem. “Bi, akutan ayeuna ka tengah imah, urang madang bareng,” cenah.
Teu lila aya awéwé
kolot mawa boboko gedé, sambel, bakakak hayam, goréng lauk emas, beuleum asin
sepat, jeung lalab-lalaban. Dahar téh ngariung; kuring, si kumis baplang anu
ngaku uyut kuring, duaan deui bapa-bapa anu tadi beurang mergasa kuring. Tadina
mah ngarengkog mundur nempo duaan bapa-bapa anu barusekel téh. Tapi ceuk si
kumis baplang anu ngaku uyut kuring, tong sieun da Si Gajah jeung Si Codét mah
bageur. Tadi maksa sotéh da bongan kuring embung diajak ulin.
Réngsé dahar kakara
si kumis baplang anu ngaku uyut kuring téh ngadongéng.
“Uyut téh bapa aki
manéh, Sujang,” cenah, terus nyedot padudan gedé, serebung-serebung haseupna
mulek nepi ka kuring batuk. Jadi uyut téh dulur kuring kénéh, dulur deukeut.
Uyut ngadon seuri nempo kuring batuk téh.
“Naha manéh tara
udud, Sujang?” pokna deui, terus nyedot padudan, serebung serebung haseupna ka
lebah jandéla ayeuna mah.
“Teu acan
kéngingeun ku Bapa,” ceuk kuring.
“Haha... Bapa manéh
mah siga Aki manéh, sagala henteu meunang. Ngeunah udud téh!” pokna deui.
“Ari tadi, naha
abdi bet diculik, Uyut?” ceuk kuring ngawanikeun manéh.
“Hampura, Si Gajah
jeung Si Codét téh memang kitu dititahna ku Uyut. Uyut téh hayang panggih jeung
manéh, Sujang. Meungpeung Uyut aya di dieu. Aki manéh jeung Bapa manéh mah da
moal ngidinan lamun Uyut bébéja hayang panggih. Geuning manéh téh geus gedé,
kasép siga Uyut baheula hahaha. Ari geus panggih kieu mah Uyut téh henteu
panasaran.”
Uyut téh terus
ngadongéngkeun, nelahna mah cenah Si Lodya. Matak kuring kudu nyebutna téh Uyut
Lodaya. Henteu surti harita mah kunaon uyut téh dilandi Si Lodaya. Saur Uyut
Lodaya, anjeunna cenah lain jelema bener.
“Uyut mah tukang
tarok tukang bobok...,” cenah.
“Tukang
nyingkabkeun anderok.” Si Gajah ngéngklokan. Terus anu tiluan téh sareuri mani
ngagakgak.
Balikna kuring
dibéré duit sagepok. Reuwas ogé da henteu nyangka bakal dibéré duit, komo
lobana sakitu.
“Tong bébéja ka si
Bapa jeung si Aki ku Uyut dibéré duit. Tong bébéja panggih jeung Uyut deui ka
sasaha ogé,” cenah basa kuring bébéja rék balik. “Sujang, lamun manéh aya
pangabutuh, atawa boga karerepet, ku Uyut hayang dibéré ajian, panggihan waé Si
Gajah di alun-alun, atawa Si Codét di terminal.”
“Ajian naon, Uyut?”
ceuk kuring jadi panasaran.
“Sagala ajian ogé
Uyut mah boga. Hayang kuat diteunggeul, hayang teu teurak dikadék, hayang
nyirep jelema, hayang....”
“Mélét awéwé,” ceuk
Si Gajah ngéngklokan.
“Ah, anu kitu mah
ajian gampang. Jung ayeuna mah geura balik. Wayahna rada capé, da leumpang
heula. Urang téh ayeuna aya di tengah leuweung.”
**
Éta ogé kuring
henteu bébéja, boh ka Apa boh ka Aki, kungsi panggih jeung Uyut Lodaya. Tapi
kuring ogé henteu manggihan deui. Keur mah henteu apal béh mana lebahna imah
Uyut Lodaya téh, jalan satapak anu rembet jeung pungkal-péngkolna matak sasab,
asa horéam ogé manggihan Si Gajah atawa Si Codét mah.
Najan kitu, Uyut
Lodaya sering némbongan, ngalangkang dina lelembutan kuring. Utamana mah lamun
kuring manggihan karerepet. Keur sélon, ditolak cinta ku Anita Moe, atawa
pagétréng jeung sobat. Lamun geus kitu téh kuring sok ngabrangbrangkeun manéh
ku maca buku atawa miluan kagiatan di gelanggang rumaja.
Tapi aya kalana
inget ka Uyut Lodaya henteu bisa dibrangbrangkeun. Harita téh kuring geus
kuliah. Balik lalajo film di bioskop kuring aya anu nodong ku péso belati.
Tiluan anu nodong téh. Dompét, hp jeung jam tangan dirampas. Jekuk anu saurang
mah nonjok sagala saméméh kalabur téh. Cer getih tinu irung. Tapi anu parah mah
ieu haté, nyeri kabina-bina.
Nya kuring manggihan
Si Codét di terminal. Dianteurkeun wé ka Uyut Lodaya. Di hiji imah di kota,
lain di leuweung deui. Kuring bébéja hayang diwirid ajian gelut. Uyut Lodaya
ngagakgak. Tapi keuheulna, Uyut Lodaya téh henteu méré ajian nanaon.
“Mikir deui siah,
Sujang. Ajian-ajian Uyut téh aya pameulina.”
“Abdi sanggem,
Uyut. Naha puasa atawa naon?”
“Lain anu kitu
pameuli anu hésé mah. Tapi bakal aya anu datang kana diri manéh jeung bakal aya
anu leungit tina diri manéh.”
Tangtu waé kuring
henteu ngarti. Matakna ku Uyut Lodaya kuring dititah balik. Keur ngupahan,
kuring dibéré deui duit. “Mikir deui siah, Sujang. Bobogaan anu kitu téh henteu
gampang,” pokna deui basa kuring amitan.
Ti harita henteu
panggih deui nepi ka kuring lulus kuliah. Gawé téh mimitina mah di bank kantor
cabang kecamatan. Ari hiji poé aya bapa-bapa cetuk huis ngajak makan siang. Kuring
dibawa ka réstoran hotél. Keur makan siang téh si bapa ningalikeun dua makalah
anu dijilid keretas biru ngora. Éta téh duanana ogé makalah tugas-tugas kuliah
kuring.
“Ieu téh leres, Ayi
anu nulisna?” pokna téh.
“Muhun,” témbal
kuring pondok.
“Ieu makalah ngeunaan
program komputer anu pangcerdasna anu kungsi ditulis kalangan akademisi. Sakitu
pinterna, naha kalah gawé jadi teller di bank kantor cabang kecamatan?”
Kuring ngahéhé. “Da
kasempetan éta anu ayana,” ceuk kuring.
“Tah, Bapa nawaran pagawéan
anyar. Gajih mimitina tilu puluh juta rupiah. Gawéna nyieun data-base jelema-jelema
anu kungsi ngalakukeun kajahatan. Ieu téh badan intelegen, lain kepolisian....”
Kuring ngajenghok
ngadangu gajihna. Apan pangasilan kuring ayeuna ngan saukur dua juta rupiah.
Terusna mah kuring milu ka Jakarta. Unggal poé ngadata kajahatan-kajahatan anu kungsi
kajadian. Ti mimiti copét nepi ka korupsi anu kabokér, ku kuring
didata-basekeun. Harita kuring apal pisan, Si Lodaya alias Uyut Lodaya téh
karaman nomer hiji dina daptar anu ditéangan. Rampog, preman bayaran, pembunuh,
bandar narkoba, jeung loba deui kajahatanana.
Tangtu waé kuring
henteu ngabéjakeun di mana Uyut Lodaya nyumputna. Tapi terus kuring babadamian
jeung komandan. Kuring ngaku Si Lodaya téh uyut kuring. Kuring ménta Si Lodaya
entong ditéangan deui, karunya, da puguh geus kolot ayeuna mah. Minangka pameulina,
kuring sanggup ngolo Si Lodaya sangkan ulah ngaluluguan deui kajahatan. Geus
mupakat mah, kuring terus néangan Uyut Lodaya. Diobrolkeun wé naon anu kajadian
di Jakarta. Uyut satujueun. Harita balikna kuring henteu dibéré duit, tapi
jimat isim anu diwadahan kana kaén bodas. “Babawa ieu bisi aya anu ngarogahala
ka manéh, Sujang,” saur Uyut Lodaya.
Saenyana kuring
embung nampanan. Ngan sajorélat bet kapikir, lamun seug enya isim téh aya
maunatna, boa kahareupna mah dibutuhkeun. Isim téh disakuan, enya ogé kuring
apal Uyut téh moal bisa eureun ngalakukeun kajahatan. Saukur nyenangkeun kuring
wungkul satuju jeung enya-enya téh. Nyatana Uyut Lodaya leuwih pinter.
Ngabandar narkobana masih, preman bayaranna masih, tapi Uyutna mah henteu
némbongkeun manéh.
Hiji waktu kuring
paséa jeung batur sapagawéan. Biasa, parebut pamor di hareupen komandan. Di
tempat parkir manéhna megat kuring. Henteu loba omong, jekut-jekuk manéhna
nonjok. Kuring ngabangkieung. Anéhna bet henteu karasah nanaon. Jekuk-jekuk wé
dibales ku kuring. Cer getih tina irungna. Manéhna nungkup irungna bari
ampun-ampunan.
Tangtu waé kuring
bingung. Naha henteu nyeri sakitu diperekpek ditonjokan? Nepi ka imah kakara
inget, apan kuring nyakuan isim paméré Uyut Lodaya. Isukna kuring mapay Uyut
Lodaya, tapi henteu kapanggih laratanana. Si Codét jeung Si Gajah geus
sababarahan bulan ngaringkuk di jero bui.
**
Sababaraha taun
sanggeus kajadian éta, Apa anu mimiti nelepon téh, ngabéjaan Uyut Lodaya teu
damang parna. Tapi lantaran riweuh ku pagawéan, kuring henteu bisa ngalongok. Terusna
Aki Haji nélépon sangkan kuring datang sagancangna. “Uyut Lodaya téh hayang
panggih jeung manéh heula, Sujang. Gancang ka dieu, sugan wé jadi sarat pikeun
sampurna,” saur Aki Haji.
Peuting-peuting kuring
indit ka Cinangka. Saur Aki Haji, Uyut Lodaya téh aya di panyumputanana, di
tengah leuweung. Cenah hayang panggih heula jeung kuring. Henteu panasaran
cenah paéh ogé ari geus paggih jeung kuring mah.
“Uyut téh da puguh
geus leuwih saratus taun, teu damangna téh parna. Teu émut-émut aya kana
samingguna, saukur rénghapna anu katingali, henteu aya emameun anu lebet. Tapi
barang ngadangu sora cai, komo dieueutan mah, kajeun sakeclak, curinghak deui,
jagjag deui,” saur Aki Haji. “Teu émut deui aya samingguna. Barang lilir,
ngalindur, hayang paéh, hayang paéh, cenah. Salirana kantun tulang dibungkus
kulit téh lain heureuy.”
Bada subuh kuring
sareng Aki Haji ka tempat panyumputan Uyut Lodaya. Apa anu nuju ngantosan téh.
Barang ngadangu kuring datang, Uyut Lodaya lilir. Hayang duaan cenah jeung
kuring. Atuh Aki Haji sareng Apa kalaluar. Sanggeus duaan, Uyut Lodaya neuteup
kuring aya ku anteb.
“Ka dieu
singdeukeut, Sujang,” cenah halon. Kuring maju deui leuwih deukeut. “Tulungan
Uyut, geus teu kuat hayang geura reureuh.”
“Kumaha carana,
Uyut?”
“Da bongan manéh
ogé anu hayang. Sok calangap.”
Siga anu henteu
sadar kuring ngabuka baham. Crot! Uyut Lodaya nyiduh, pas pisan kana
elak-elakan kuring, terus kateleg.
“Sakabéh ajian Uyut
geus dibikeun,” pokna. Basa kuring neuteup, terus ngaguyah-guyah, Uyut Lodaya
tos teu aya.
**
Sabada ngurebkeun
Uyut Lodaya kuring balik ka Jakarta. Pabeubeurang nepi ka jalan tol téh. Jalan
kosong, bisa ngebut. Tapi dina pikiran kuring mah asa ramé, pabaliut. Aya anu
anyar datang dina diri. Ah, sigana lain anu anyar. Tapi anu ngadadak mudigdig
lir buta anu ngawasa alam pikiran kuring.
Anu kapikiran teh
henteu saukur kumaha carana ngagejrétkeun saingan sapagawéan, tapi kumaha
carana ngaganti komandan. Bandar narkoba kelas wahid, sigana atoheun lamun
diajak kerja sama. Pamajikan Ketua Mahkamah Agung aya ku geulis, geus lila
hayang mah, sigana daékeun lamun diajak jalan-jalan. Koruptor tilu trilyun téh
sigana atoh lamun dibéla jeung kumaha carana sangkan kasusna dibekukeun.
Tatangga anu sok parkir mobil di hareupeun garasi kuring, bari ari
digeunggeureuhkeun kalah kukulutus, asa hayang nonjok nepi ka ngajehjer mah.
Kitu anu pabaliut
dina pikiran téh. Tapi kuring mah asa senang. Enya, aya anu lengit dina haté.
Rasa karunya, sieun dosa, henteu karasa deui. Di jalan téh bari ngebut bari
nyetél lagu Queen. “We are the champion....”
14 Mei 2016
0 Response to "UYUT LODAYA"
Posting Komentar