DONGENG ENTENG
Tribun Jabar, 26-29 Juli 2016
Dongéng
Nanang
Taun 1986 moal kapopohokeun dina hirup uing. Umur nincak
25 taun téh maké dipéstakeun sagala. Henteu ramé-ramé ngondang sobat, aya acara
niup lilin jeung motong kuéh. Henteu. Cukup dipéstakeun ku duaan jeung kabogoh
uing anu geulis, Euis Moémanéh téa.
Mimitina mah jajan di hiji-hijina KFC (kentucky
fried chicken) anu aya di Bandung harita, di gedong Miramar, wétaneun
alun-alun. Euis Moémanéh ngahuapan uing, huap munggaran saméméh dahar
séwang-séwangan. Rarasaan téh asa hayang ngesun. Tapi basa luak-lieuk, pinuh ku
anu dalahar. Kakara Euis Moémanéh ngahuapan ogé sababaraha urang mah marelong.
Pantesna téh bari patinggerendeng jeung baturna, ngomongkeun uing jeung Euis
Moémanéh.
Tangtu waé uing reuwas. Henteu kanyahoan galagatna,
celengok téh Euis Moémanéh ngesun pipi uing. Basa uing ngalieuk ka sakuriling,
enya waé mingkin loba anu marelong.
“Ih, isin,” ceuk uing ngaharéwos.
“Wios atuh, apan dinten anu bersejarah,” témbal Euis
Moémanéh bari nyimpen kado anu dibeungkeut ku pita beureum. “Ieu hadiahna.”
“Wah, nuhun pisan. Pastina mah buku,” ceuk uing
nebak. Euis Moémanéh apaleun uing mah resep maca. Sakapeung osok kutak-ketik
ngarang, ngirimkeun ka koran atawa majalah, enya ogé can kungsi aya karangan
anu dimuat.
“Buka wé hoyong terang mah,” cenah bari
imut. Imut ngirut anu matak uing bébéakan marebutkeun Euis Moémanéh. Puguh atuh
aya limaanana anu bogoheun ka Euis Moémanéh téh.
Tangtu waé uing reuwas deui waé. Buku
téh judulna Bumi Manusia, novel karangan Pramudya Ananta Tour. Apan éta téh
buku anu dieureunkeun distribusina. Buku-buku anu kapanggih terus diduruk. Ari
kituna apan Pramudya téh ruruntuk PKI anu makar taun 1966. Entong boro
ruruntukna saperti Pramudya, apan anak-incuna ogé geus dianggap dosa ti mimiti
di jero kandungan.
“Mésér di mana?” ceuk uing bari
ngabulak-balik buku, dibukaan salambar-salambar ati-ati pisan.
“Ah, henteu kedah terang. Anu jelas mah
Euis hoyong masihan anu sangat berharga.”
Henteu katahan deui, celengok wé pipi
Euis Moémanéh disun.
Réngsé jajan di KFC terus lalajo film
India di bioskop Palaguna. Bubar lalajo Euis Moémanéh mah aya jangji cenah rék nganteur
lanceukna latihan tembang di Cibiru. Sanggeus Euis Moémanéh ngageuleuyeung kana
bémo, uing mah terus ka masjid agung ngadon solat ashar anu kaliwat. Réngsé
solat terus diuk di teras bari mimiti maca buku. Puguh geus lila pisan hayang
maca buku éta teh.
Kakara ogé salambar dibaca, basa
mukakeun lambaran saterusna, karérét di kajauhan, dina bangku alun-alun, ngan
kahalangan ku kakayon kekembangan, aya ogé anu keur maca buku. Kuring imut.
Nénéng Cingut. Henteu pati wawuh ka manéhna téh. Sababaraha kali kungsi panggih
dina acara sastra di IKIP jeung Rumentang Siang. Kaasup familiar dina acara sastra mah manéhna téh. Puguh wanteran. Unggal
diskusi sok pangheulana waé nanya.
“Sayah téh ampir unggal minggu ngirim
puisi, tapi naha can kungsi aya anu dimuat?” Nénéng Cingut kungsi nanya kitu ka
Pa Saini KM dina acara diskusi di ASTI. Ari Pa Saini KM, salain sastrawan kawentar
téh apan ngasuh rubrik puisi ogé di salah sahiji koran.
Tangtu waé pananya kitu téh ngondang
piseurieun anu haladir. Kaasup uing milu seuri. Sabubar diskusi kungsi ngobrol
jeung Nénéng Cingut, pangpangna lantaran pangalaman manéhna téh pangalaman uing
ogé.
Nepi ka harita, basa réngsé maca
salambar novel Bumi Manusia, basa karérét Nénéng Cingut keur maca di bangku
alun-alun anu kahalangan ku kakayon kekembangan; henteu aya anu anéh dina
pikiran uing. Tapi basa karérét aya anu nyampeurkeun ka Nénéng Cingut, terus
diuk di gigireunana, ngadadak aya anu curinghak. Buku Bumi Manusia téh hideng
ditutup. Nénéng Cingut ogé nutup bukuna. Terus ngalayanan ngobrol anu anyar
datang.
Moal kasamaran enya ogé geus ampir tujuh
taun henteu panggih. Si Dudung manéhna téh. Ngaran anu henteu bener-bener kapupus
dina haté uing. Najan uing neger-neger manéh. Najan uing aya dina kasadaran.
Najan uing kakara réngsé solat. Ari kituna, ngaran Dudung téh nempatan bagéan
anu pangmongkléngna dina haté uing. Geuning basa ningali deui mah bebengok si Dudung,
katugenah téh némbongan deui.
Duh Gusti, hapunten abdi. Geuning solat
téh henteu aya kakiatan ari haté masih kasawur ku kokotor mah. Apan abdi solat
téh hoyong nyieuhkeun sagala katugenah, sagala pangalaman pait-peuheur,
nenangkeun pikir, nenangkeun haté. Astagfirullah. Astagfirullah.
Astagfirullah....
Uing peureum sababaraha detik mah. Tapi
barang beunta, rasa dengdem téh mingkin karasa. Enya ogé kajadianana geus
sakitu lilana. Mangsa sakola SMP nepi ka SMA, tujuh taun kaliwat. Harita bapa
uing kalibet kajahatan korupsi di kantorna. Dipecat mah puguh deui, dibui,
malah imah, kebon, katut rajakaya séjénna ogé dijabel ku nagara. Ceuk indung
uing, bapa téh jadi korban kateumbleuhan. Apan bapa mah saukur karyawan biasa
anu dititah ngetik susuratan. Ari Kepala Dinas jeung Kepala Bagian, apan
saralamet.
Harita mah kajadian siga kitu téh saukur
jadi berita koran. Tapi sakabéh murid jeung guru di sakola jadi nyaho lantaran
si Dudung anu ngucah-ngacéhna. Apan uing sababaraha kali dipanggil ku kepala
sakola. Basa uing keur bingung lantaran henteu bisa mayar SPP, si Dudung anu
ngaliarkeun béja ka unggal kelas. Basa uing ceurik lantaran sirah dibutakan
basa kapanggih ku ronda keur néwak hayam uwa, si Dudung anu ngawawarkeun
kagoréngan uing. Ari kituna, si Dudung téh apan budakna Kepala Dinas.
Harita, basa uing nutupkeun buku novel
Bumi Manusia, basa uing neuteup anu keur ngobrol dina bangku alun-alun; bet
jorojoy aya pikiran séjén ka Nénéng Cingut. Dua poé ti harita basa ningali
Nénéng Cingut keur maca buku di bangku alun-alun, uing nyampeurkeun terus
ngajak ngobrol. Basa panggih deui keur lalajo drama Tukang Asahan anu
dipagelarkeun ku Teater Sunda Kiwari, der deui ngobrol, malah balikna ogé
dianteurkeun.
Tangtu waé jeung Nénéng Cingut téh jadi
deukeut. Meureun pedah sakaresep kana maca jeung seni téa. Malah terusna mah
mingkin sering heureuy aya pikir kadua leutik.
“Mémangna upami janten sareng Nénéng,
moal aya anu nyeuseulan?” pokna téh basa tumpak béca balik lalajo sastrawan Godi
Suwarna maca sajak di Rumentang Siang.
“Anu nyeuseulan saha?” témbal téh males
nanya bari ngarapetkeun diuk.
“Euis, Euis Moémanéh.”
“Ah, Euis Moémanéh mah da saukur
réréncangan. Puguh Nénéng anu sapertos aya anu gaduh mah.”
“Anu gaduh saha?”
“Dudung Surudung.”
“Ah, Kang Dudung mah saukur
réréncangan.”
Nepi ka tempat indekosna di Cicadas, der
deui ngobrol. Sagala diobrolkeun. Tapi léokna mah kana pikir kadua leutik deui
waé.
“Tangtos waé ku Nénéng ditampi, da
Nénéng ogé sami bogoh, sami nyaah,” pokna bari terus tungkul, bari imut. Uing
milu imut. Hmm, kukumaha ogé imutna mah éléh kareueut ku imut Euis Moémanéh. Ari
imut uing, apan saukur sinis: Dahar tah Dudung nyeri haté manéh!
“Tapi saméméh nampi téh, aya tanjakan
anu kedah ditedunan,” ceuk Nénéng deui.
“tanjakan naon?”
“Nénéng hoyong dipangdongéngkeun. Tapi
henteu kénging ngarang. Kedah aya panalungtikan sakedik mah.”
“Dongéng naon?”
“Sasakala. Di lembur Nénéng, di Jawa
Tengah, aya wahangan anu ngamuara ka Kali Brantas. Di wahangan éta, lebah anu
hieum ku dapuran awi, aya leuwi anu nelahna mah Leuwi Hanyir. Nénéng téh hoyong
terang sasakala Leuwi Hanyir.”
**
Dongéng
Nunung
Taun 1965 moal kapopohokeun dina hirup kuring.
Umur nincak 25 taun téh dipéstakeun sagala. Ronggéng sapeuting jeput
ngahudangkeun karuhun Dukuh Nenggang. Geus lila pisan, geus puluhan taun, Dukuh
Nenggang kaleungitan pamor ronggéngna. Nya harita, basa umur kuring nincak 25
tahun, ronggéng Dukuh Nenggang hudang deui. Ronggéng Nenggang henteu saukur
ngitung lembur ngadon ngamén deui. Nyai Sari Saridon, béntang Ronggéng Dukuh
Nenggang anu ogé pamajikan kuring, ngagéol deui, ngagiplek deui, ngondang surak
jeung alok cawokah.
Puguh atuh peuting harita téh Ronggéng Dukuh
Nenggang anu dipingpin ku kuring mitembeyan maké spiker. Kendang ronggéng, alok
cawokah, surak anu lalajo, mancawura di langit, parat nepi ka lembur-lembur
tatangga anu pangeusina patingtorojol milu ngabagéakeun. Lampu cempor marakbak
nyaangan jalan nepi ka tungtung lembur.
Kukumaha ogé hirupna Ronggéng Dukuh Nenggang
téh alpukahna Kang Rinta, sobat anyar anu katarik ati ku bakat kuring kana
seni. Ari geus ngobrolkeun seni téh geuning mani sok uplek sapeuting jeput. Kang
Rinta jeung sobat-sobatna di kota neundeun nyaah kana kasenian rahayat. Nya Kang
Rinta anu terus ngogan Ronggéng Dukuh Nenggang manggung di puseur dayeuh kabupatén.
Nya Kang Rinta anu terus nyumbang spiker katut alat-alat ngaronggéng. Kang
Rinta anu muji-muji kuring ku sebutan multitalénta. Apan kuring ogé anu
dipercaya nulisan témbok imah, kenténg, plang, gapura, ku aksara: Manipol-Usdek,
Tanah Oentoek Rakjat, Kasenian Rakjat....
Tapi bet jauh tina sangkaan. Harita téh
geuning lain awal tina kasinugrahan. Tapi awal kanyeri jeung kapeurih. Apan
henteu lila ti harita kuring ningali Kang Rinta unggal waktu ngabandungan radio
anu ampir sajam sakali ngawartakeun kajadian di Jakarta. Bari pameunteu
katingali marudahna. Bari roko beuki kerep dikenyot jeung digégélna.
“Aya kajadian naon, Kang?” ceuk kuring
harita.
“Bancangpakéwuh di Jakarta,” témbalna
pondok.
Hiji soré aya sababaraha treuk
ngabudalkeun tentara samagreng pakarang. Sakabéh pangeusi Dukuh Nenggang
digusur ka lapang. Kolot-budak, awéwé-lalaki, euweuh anu diiwalkeun. Untungna,
budak kuring anu kakara sataun, Cingut ngaranna, kaburu dibawa ngalolos ku
akina. Puguh waé matak reuwas matak ketir da puguh bari ditodong bedil jeung
sautak-saeutik dibabuk ku popor bedil. Tuluy didata. Anu aya dina daptar anu
teuing meunang saha, terus diangkut kana treuk. Puguh waé treuk anu mawa leuwih
ti satengah pangeusi urang Dukuh Nenggang téh ninggalkeun rasa ketir. Anu
ceurik jeung anu midangdam kababawa sapanjang treuk ajrug-ajrugan di jalan
renjul.
Nyai Sari Saridon duka dibawa ka mana. Kuring
sabatur-batur terus diturunkeun di sisi wahangan. Ditanya itu-ieu. Anu
ngajawabna henteu sapagodos jeung kahayang anu nanya, terus didangheuakeun,
gérésél dipeuncit, terus dijejek ka walungan. Sawaréh dipangkék nepi ka
adug-lajer, terus bangké anu ngaluarkeun getih tina sakabéh palawanganana téh
dialungkeun ka walungan.
Ari kuring, bari keueung henteu bisa
dicaritakeun, didedetkeun sirah sina deku bari tungkul. Sababaraha lila henteu
aya anu ngagunasika. Ngan anu maréntah anu beuki atra jeung tarik.
“Ayo lakukan! Kamu harus berani!” cenah.
Kuring cengkat lalaunan. Gebeg, anu
ngajanteng di hareup téh geuning Kang Dadang, lanceuk kuring anu aya kana lima
taunna ngumbara ti lembur. Leungeunna anu nodongkeun péstol ngadégdég. Rarasaan
kuring beuki henteu puguh da apan péstol téh nodong kana tarang kuring. Dor!
Henteu sakara-kara. Bari nalangsa kuring
neuteup raga ngalayang kana cai walungan anu geus salin rupa jadi beureum. Bau
hangru, bau hanyir, nyambuang ka satungtung walungan. Harita kuring bisa
ningali jin korin anu salila ieu maturan bari henteu kadeuleu, ngalangeu di
sisi walungan. Meureun sarua nalangsana jeung kuring, apan manéhna mah nurut
kuring. Kuring soléh manehna milu soléh, kuring wangkelang manéhna milu
wangkelang.
“Keun korin, tong dipaké dengdem. Geus
kuduna kieu jalan hirup urang. Keun nyerina entong diteundeun dina haté. Tugas
urang mah ngaberesihan haté pikeun ngahampura. Keun da sakabéh kalakuan ogé aya
balitunganana. Urang sanggakeun anu kitu mah ka Anjeunna anu Mahaadil sareng
Mahawijaksana,” haréwos kuring ka jin korin.
Dua puluh taun ti harita jin korin
kuring anu masih sok ngalangeu di sisi walungan, ningali saurang pamuda diuk
cindukul sisi leuwi. Waktu disampeurkeun jeung ditanya, cenah hayang apal
sasakala Leuwi Hanyir. Atuh derekdek jin korin kuring téh ngadongéngkeun
kajadian harita.
“Kitu sasakalana Leuwi Hanyir mah,” ceuk
jin korin kuring. “Nepi ka ayeuna ogé sok aya anu kawénéhan ngambeu bau hanyir
jeung ningali giblegna getih di leuwi. Tuh, saperti itu, geuning aya sirah tuh
ngambang.” Jin korin kuring téh terus leumpang ka tengah leuwi rék
ngajungjungkeun sirah anu ngambang.
Acan ogé ditingalikeun sirah saha, éta
pamuda geus lumpat tibabaranting bari walahwah-weuleuhweuh henteu puguh
déngékeuneunanan.
**
Dongéng
Nénéng
Tangtu waé pilihan kuring téh henteu
salah. Kuring leuwih milih Kang Nanang. Rarasaan téh asa leuwih resep, asa
leuwih bogoh. Meureun pedah sakaresep. Ari geus ngobrol téh apan mani sok
uplek, mani sok hanjakal lamun manggih tungtung. Ari jeung Kang Dudung henteu
kitu. Najan Kang Dudung ampir unggal panggih méré hadiah. Najan unggal panggih
Kang Dudung ngumbar jangji.
Tangtu waé kuring reuwas basa apal saha
ari Kang Nanang. Reuwas anu leuwih ti reuwas. Lain, lain saukur reuwas basa apal
yén Kang Nanang, enya ogé bibit-buitna mah urang Ciamis, tapi kolotna kungsi
matuh di Jawa Tengah. Percis pisan jeung kuring atuh. Lain, lain ogé reuwas
basa nganjang ka kolot Kang Nanang, horéng Kang Nanang téh putra uwa Dadang.
Ari uwa Dadang apan lanceuk bapa kuring. Reuwas anu leuwih reuwas mah basa aya
anu mudigdig ngagedéan dina haté kuring. Rasa anu mimiti aya basa ngadangu
dongéng Aki téh terus tiwikrama saperti Arjuna Sasrabahu dina carita wayang.
Padahal kuring kungsi mopohokeunana, malah nganggap dongéng Aki téh saukur
dongéng biasa.
“Indung manéh mah da puguh ronggéng, ari
ronggéng apan geulis, basa dibawa ka hiji tempat teuing di lebah mana, terus
dipergasa, digadabah ku puluhan lalaki unggal poé, terus disiksa nepi ka
hanteuna. Ari bapa manéh, apan didor di sisi Leuwi Hanyir,” ceuk Aki basa
kuring ngaéh teuing anu kasabaraha puluh kalina hayang apal nasib kolot anu
cenah bobor karahayuan dina jaman paciweuh.
Rasa éta, rasa anu kungsi dipohokeun ku
nganggap dongéng Aki téh dongéng énténg, anu henteu katahan ngagédéan deui,
mudigdig jadi buta ranggéténg sihungan dina diri kuring. Terus bet jadi imut
basa nyanghareupan Kang Dudung anu unggal panggih ceurik pedah henteu kapilih
ku kuring.
“Masih aya kasempetan, Kang, upami urang
hoyong ngahiji, tapi aya tanjakanana,” ceuk kuring bari ngaharéwos.
Isukna, hawa Bandung harita keur
meujeuhna tiris. Girimis turun ti soré mula. Jam tujuh peuting girimis masih
ngeprul. Tapi anu ngantri lokét karcis misbar Cicadas angger ngaléor siga oray.
Kang Nanang ogé sarua ngantri. Ari kuring pesen martabak. Di jero misbar anu
lalajo pinuh saperti biasa. Kang Nanang jeung kuring diuk dina bangku panjang
pangtukangna. Resep di tukang téh leuwih laluasa lalajo. Bisa bari jajan emih
kocok. Bisa bari silihtangkeup. Da puguh poék di tukang mah.
Kakara satengahna film India téh, kakara
mucunghul Amitabh Bachan jadi jagoan sanggeus salila-lila disiksa, basa kuring
kaluar misbar. Terus meuntas jalan, ngadon jajan sangu goréng.
“Hoyong ditambihan ceplok telor?” ceuk
Kang Dudung ngaharéwos, terus bangor ngesun pipi.
Kuring unggeuk basa ti jero misbar aya
anu ngagorowok. “Ayyaaa... mmaayyiitt...! Ayyaaa annuuu diippangngkkéékk...!”
cenah, terus ngaburudul anu lalajo papada hayang kaluar misbar. Kuring api-api
menerkeun samléh baju, padahal ngusap anu ngamalir henteu katahan tina juru
panon. ***
26-29 Juni 2016
0 Response to "DONGENG ENTENG"
Posting Komentar