Sajak Galura: SURAT KEUR EIH

Sajak Yus R. Ismail
Minggu I Desember 1989

BALATI 

seuri
jadi balati
saprak Kabil-Habil
ngumbar seuri
hirup teh saenyana nyisit ati
ku tapak anu teu lantis ku girimis

Agustus 1988


SURAT KEUR EIH (JOE MEI TIE)

tong dipadungengkeun soal kocoran
urang ngamalir ka muara anu sarua
ngasuh lauk
di laut anu saasin caina

naon atuh bedana
mun kembang mangkak di satangkal
mun renghap saseuseup

cantelkeun ramo
urang boga kawajiban
nyebor asih di kembang sataman

Agustus 1988



SURAT KEUR SRI BADUGA

(teu risi ku pati demi harga diri
teu rempan ku nyawa bebela nagara)

Sri Baduga
mun anjeun gelar di jaman kiwari
teu kudu ngageburkeun obor amarah
sab pamingpin teh talaga wening
najan dasarna pinuh ku seuseukeut batu

bubat anjeun moal banjir getih
sab Citraresmi ditarik birahi
dipake pikat ningkat darajat

Sri Baduga
iraha andika datang
kula mapag di lawang hate


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sajak Galura: SURAT KEUR EIH"

Posting Komentar