DIPATIL LELE
Mudik téh anu
pangpangna mah mawa ulin barudak ngurilingan lembur. Barudak arolohok
didongengkeun baheula mah taun 1980-an, di lembur téh réa sirah cai, barudak
garuyang di walungan.
Enya, pasti waé
teu pati percayaeun. Apan ayeuna mah sirah cai réa anu garing, atuh walungan
jadi ngaleutikan, ngahieuman da rungkun di sisi-sisina teu aya anu ngababad,
jeung runtah bra-bru di sisi walungan. Arék kumaha pikabetaheun keur ulin, komo
guyang?
“Kapungkur mah
barudak ampir unggal dinten ameng di walungan, guyang, marak ngala lauk. Newakan
hurang, beunteur, bogo, tapi ati-ati pami néwak lélé bisi dipatil,” ceuk
kuring.
“Kumaha dipatih
lélé téh?” ceuk budak umur 8 taun.
Beu, rék
dipraktékeun sina néwak lélé da hésé nimukeun lélé kampung hideung anu
pamatilna aya peurahan siga baheula. Ayeuna mah nu aya lélé dumbo atawa lélé
sangkuriang anu euweuh peurahan.
Inget waé
baheula basa keur rame ngala lauk, sorangan néwak lélé sagedé jempol. Kacekel
mah kacekel lélé téh, tapi ari jeletot téh nojos pamatilna kana cinggir. Langsung
hanjat ti cai harita kénéh. Cinggir peurih jeung nyeri. Dirarasakeun téh kalah
beuki enud-enudan. Malah mah ngagedéan, bepeng, beureum. Kuring gancang balik.
Peutingna muriang
panas saawak-awak. Aya tilu poéna muriangna ogé. Mun teu salah mah harita
kuring kakara kelas 2-3 SD. Aya anu méré ubar, saukur dibalur ku apu.
“Ah, asa moal
mungkin lélé matil sapertos kitu,” ceuk budak.
Beu! Eta barudak
henteu percaya sagala. Kumaha nerangkeunna nya?
Yosep R. - Sumedang
Mangle no 2735, 20-26 Juni 2019
0 Response to "DIPATIL LELE"
Posting Komentar