Potret Rusiah Apa
Potrét burem anu
warnana semu konéng téh kapanggih ti jero koper. Koper heubeul anu warna biru
kolotna jadi semu hideung pacampur jeung kekebul anu ngadagleg téh aya di
gudang, katindihan samak butut jeung erak hoé pinuh ku keretas. Mimitina mah
kuring néangan buku-buku heubeul anu katindihan keretas-keretas duka arsip
nanahaon. Cenah, saur Amih, Aki téh resep kana maca. Koléksi bukuna ogé seueur.
Hanjakalna, henteu saurang ogé ti lima putera Aki raresepeun maca. Malah lain
henteu resep maca wungkul, tapi ogé henteu ngahargaan buku kalayan pantes.
Kalebet Amih. Saur Amih, koléksi Aki anu seueurna mah kungsi diborongkeun ka
bandar buku. Sésana, nya pabalatak di gudang.
Ari kuring, duka
kumaha ujug-ujug resep maca buku-buku heubeul. Mimitina lalajo film
Tenggelamnya Kapal Van Der Wijck. Kabeneran sanggeus lalajo téh manggih bukuna
di gudang. Buku anu pinuh ku kekebul jeung sababaraha kaca soék téh
diberesihan. Tapi saukur sapoé ogé buku ipis karangan Hamka téh tamat dibaca.
Terus manggih deui buku Baruang Ka Anu Ngarora, Siti Nurbaya, Carita Eulis
Acih, Belenggu, jeung loba deui.
Tah, keur
néangan buku heubeul harita potrét téh kapanggihna. Potrét budak keur dipangku bapa-bapa.
Budak téh umurna paling ogé tilu taunan. Ari si bapa paling ogé tilu puluh
taunan. Ngan hanjakal ari pameunteuna mah henteu jelas. Burem jeung keretasna
konéng, kebul anu ngadagleg ogé geus rapet kana keretas. Tapi anu matak kuring
reuwas, aya tulisan di tukang potrét téh: Yudis, tilu taun.
Yudis téh
nenehna kuring, apan ngaran kuring téh Yudistira. Hartina budak anu aya dina
éta potrét téh kuring. Tapi saha si bapa anu umurna kira-kira tilu puluh taunan
téh? Kapanasaran éta anu ditanyakeun ka Amih téh. Amih mani kerung ningali
potrét téh. Terus neuteup kuring leleb pisan. Terusna mah ningali ka buruan
bari anu siga jararauh panineungan.
“Saha Amih?”
ceuk kuring beuki panasaran.
Amih kalah
gigideug. Neuteup sakeudeung ka kuring. Tapi terusna mah ngajengkat, lebet ka
kamar bari henteu pok sakecap ogé ka kuring. Tangtu waé kuring molohok. Aya
naon jeung potrét ieu? Naha Amih mani dugi ka kitu, siga anu bareurat pisan
ngabalakakeun saha si bapa anu aya dina potrét éta? Lamun seug Amih nyarios yén
si bapa éta teh amang kuring, réréncangan Amih atanapi réréncangan Apa, atawa
kenalan séjénna; tangtu kuring moal papanjangan.
Tapi ku Amih ngajengkat ka kamar, kuring jadi
leuwih panasaran. Komo terasna Amih kaluar deui. Pok téh semu kasieunan,
“Yudis, tong ditingalikeun potrét éta ka Apa. Omat nya, da Yudis mah bageur.”
“Naha kunaon,
Amih?” kuring beuki panasaran.
“Ah, entong waé.
Nurut nya, Bageur.” Amih siga anu sahinghingeun.
Kuring ayeuna
mah anu ngajengkat ka kamar. Amih keketrok ogé hentu dibuka panto teh. Soréna
Apa kadangu uih ti kantor. Kuring beuki guligah. Ditanyakeun ka Apa, karunya ka
Amih. Tapi henteu ditanyakeun, saha atuh nu bakal méré katerangan anu jentré,
saha si bapa anu mangku kuring dina potrét téh?
Basa ningali Apa
nuju maca koran di teras payun, nungguan Magrib biasana Apa mah kitu, tara
pirajeunan nongton télévisi komo sinétron mah, kuring nyampeurkeun.
“Eh Yudis,
kumaha ulangan téh?” saur Apa basa ngarérét geus aya kuring di payuneunana.
Tapi maca koranna mah henteu dikantunkeun.
“Alhamdulillah
Pa, sigana ari lima besar mah lebet deui.”
“Sok jumawa
nanaon téh.”
Kuring ukur
imut.
“Kadé réngsé
ulangan téh ulah terus bolos.”
“Taun kamari
apan teu acan terang, Pa. Manawi téh tos ulangan mah bébas.”
“Ari pék di SMU
mah henteu, nya? Enya atuh, ulah terus Apa meunang surat tegoran ti sakola
deui.”
Kuring seuri,
inget pangalaman sataun katukang. Kakara kelas hiji SMU harita téh. Réngsé
ulangan tengah semester, terus kémping jeung si Jani, Amran, Didit, sobat-sobat
kuriing. Éta ogé bébéja ka Amih sareng Apa mah. Enya, bébéja rék kémping di
kebon bapana Amran, da tos ulangan tengah semester mah di sakola bébas. Ari pék
téh aya surat tegoran ti sakola. Panyangka kuring siga di SMP, tos ulangan téh
sok acara bébas di sakola téh.
Sanggeus
katingali tenang, Amih henteu kaluar ti bumi, kuring ngodok potrét.
“Apa pasti
terang, saha bapa-bapa dina potrét ieu?” ceuk kuring bari ngasongkeun potrét.
Apa ngawitanana
mah saukur ngarérét. Tapi saatos nelek-nelek, koranna dilipetkeun teras
disimpen di luhureun méja. Apa katingali reuwas. Kerung jeung pameunteuna semu
anéh.
“Saha, Pa?” ceuk
kuring deui.
“Ti saha potrét
ieu?” saurna kalah malik nanya.
“Ari Apa sok
anéh, ditaros kalah naros?”
“Ti saha?!”
pokna semu nyentak.
Tangtu waé
kuring reuwas. Kakara harita Apa nyentak satarik kitu. Ti sainget, Apa mah
bageur. Tara ngambek atawa nyentak nepi ka kitu. Sabangor kumaha ogé kuring,
Apa sok boga waé cara pikeun meruhkeun kuring. Tapi ayeuna, basa ditingalikeun
potrét heubeul anu burem jeung keretasna karonéng, Apa nyentak aya ku tarik.
“Gancang jawab!
Ti saha potrét ieu?!” Apa nyentak deui. Tangtu waé kuring malah ngabetem. Teu
ngarti jeung asa diteungteuingan. Naha saréréa euweuh anu haat ngajawab, Apa
mah malah ngambek teu pupuguh. Henteu dibadé mimitina, Apa ngajejewét potrér,
terus diawurkeun kana ubin.
Kitu mimitina
kunaon kuring kabur ka imah Amran. Potrét anu mangrupa cewiran-cewiran keretas
téh dielém deui hiji-hiji nepi ka mangrupa potrét deui. Basa balik sakola
kuring ngahaja nganjang ka amang, raina Amih. Amang lila neuteup potrét anu
disodorkeun ku kuring. Pokna téh bari neuteup kuring, “Tapi Yudis kudu jangji,
moal ngambek atawa kabur lamun ku Amang disebutkeun saha anu mangku téh.” Amang
mah henteu apaleun Yudis téh geus dua poé henteu balik ka imah.
Tangtu waé
kuring beuki bingung. Dada mah ratug deui. Aya rusiah naon atuh dina ieu
potrét? Tapi ari pokna mah, “Enya, Yudis jangji.”
“Anu mangku dina
potrét ieu téh bapa teges Yudis,” ceuk Amang. “Basa umur Yudis tilu taun, enya
saentas dipotrét ieu meureun, bapa Yudis indit, henteu balik deui nepi ka
ayeuna. Aya béja, cenah boga kulawarga deui di Kalimantan, da harita téh
inditna néangan gawé ka Kalimantan.”
Saperti aya bom
anu ngabeledug di hareupeun, kuring katurelengan. Basa amitan ka Amang téh
pipikiran mah acan jejeg. Amran molohok basa kuring datang langsung ngabérésan
papakéan anu ngagantung dina kapstok jeung ngalumbuk di juru kamar.
“Arék ka mana,
Dis?” ceuk Amran.
“Urang indit ti
dieu, Ran. Pokona bawa uing indit ti dieu.”
Tilu poé kuring
jeung Amran ngadon mondok-moék di saung kebon bapana Amran di Cinangka, lembur
mencil sisi leuweung. Mang Asip jeung Bi Inah, anu ngurus kebon, nyadiakeun
sagala kahayang kuring jeung Amran. Kadaharan jeung kalangenan kampung
disogrog-sogrogkeun. Mang Asip jeung Bi Inah mah nyahona téh kuring jeung Amran
keur pakanci.
Lamun peuting
Mang Asip ngajakan ngobor di sawah, nguseup di walungan atawa balong, ngabubuy
sampeu basa hujan ngecrek. Tapi sakabéhna henteu nyageurkeun raheut anu
nyanyautan dina haté. Enya, kuring téh saenyana diapilainkeun. Buktina, Amih
jeung Apa, geuning hentu nyusul. Pangpangna Apa, kanyaahna teh meureun saukur
pupulasan. Amih ogé saruana. Kunaon atuh bet ngarusiahkeun saha ari kuring?
Unggal amarah
téh ngalimpudan pikiran kuring, anu meper téh ingetan ka bageurna Apa jeung
Amih salila ieu. Acan kungsi kuring diambek atawa disentak siga minggu kamari.
Amih mah meureun wajar lamun henteu kungsi ngambek, da Amih mah apan indung anu
ngbéréjélkeun kuring. Ari Apa, apan Apa ogé acan kungsi nyarékan anu
kaleuleuwihi. Wajar waé ari saukur negor atawa mapatahan mah.
Ingetan kuring
ngeunaan Apa tungtungna téh mengkol kana kanyaahna. Apa téh karesepna
jalan-jalan ka pakebonan, pakampungan, sisi leuweung. Tangtu waé ti leutik
kénéh kuring jeung Amih sok diajak. Lamun mopo, kuring sok digagandong ku Apa.
Basa ngajak kuring nguseup di walungan heug kabeneran hujan, Apa apan ngalaan
jékétna pikeun dipakékeun ka kuring, tuluy kuring digandong bari lumpat néangan
tempat ngiuhan, balikna meuli tahu panas di pabrik anu aya di sisi walungan.
Ampir unggal peuting Apa ngadongéng. Henteu kaitung sabaraha carita anu kungsi
didongéngkeun Apa.
Poé kaopat
kuring nyaung-nyaung di kebon bapana Amran, basa keur meuleum jagong di saung,
Apa sareng Amih nyusulan. Amran jeung Mang Asip kaluar ti saung, Apa terus lebet,
Amih mah ngantosan di luar. Apa calik di balé-balé anu aya di hareupeun hawu,
gigireun kuring.
“Apa ogé sadar,
Apa téh lain bapa kandung Yudis. Tapi ti saprak panggih jeung Yudis, harita
Yudis kakara tilu taun, Apa téh geus nyaah. Apa sieun Yudis kapangaruhan ku
potrét téa. Apa téh salah geus ambek tiheula. Hampura Apa.”
Kuring ngarérét,
panangan Apa nyolongkrong ngajak sasalaman. Pameunteuna aya ku alum. Tapi
kuring henteu narima panangan Apa. Kuring nyuuh kana lahunan Apa bari ceurik.
“Yudis anu hapunten mah, Yudis anu bubudakeun. Apa mah Apa Yudis, henteu kedah
ditambihan katerangan nanaon deui,” ceuk kuring.
Kuring ngarasakeun panangan Apa nyengkatkeun kuring,
tuluy nangkeup bari ngusapan rambut. Aya anu ngeclak kana taktak kuring, cisoca
Apa. @@@
Majalah Sunda Midang, No 155 Taun ka 14, 25 September - 25 Oktober 2017
0 Response to "Potret Rusiah Apa"
Posting Komentar