Japati Giring
Poé Juma’ah
kamari, bada Jumaahan, rada ramé di RT kuring mah. Si Ujang, budak kelas VII
SMP ceurik mani auk-aukan. Ku bapana jeung ku tatangga séjén diupah-apéh gé
angger hésé eureun. Nyeri haté pisan sigana téh.
Ari sababna,
japati kameumeutna aya anu maok. Cenah, japatina geus giring pisan. Saacanna
téh dibalapkeun di Cikupa meunang piagam. Malah aya anu nawar 500 rébu. Tapi
teu dibikeun da puguh kameumeut téa. Ku bapana diolo sangkan dijual ogé, engké meuli
deui anu piyik cenah, da mugen. Ari heug ku bangsat mah ukur sagiriwil. Apal si
bangsat téh poé jumaah mah euweuh lalaki lebah dinya téh, indung si Ujang anteng
di dapur pusuk-pasak.
“Keun Jang,
urang intip deui bangsat orowodol téh,” ceuk Mang Unén, tatanggana. “Mun hayang
mah nu Amang, dibéré tuh sajodo nu masih piyik. Diurus ti piyik mah pasti alus
itu gé.” Rada eureun si Ujang téh dikitukeun mah, enya ogé inghakna masih aya.
Ras kuring ka
baheula, keur leutik kakara kelas 2-3 SD sigana, kungsi hayang japati da puguh
di lembur keur usumna. Dipangmeulikeun ku Apa sajodo ti pasar. Tapi isukna
japati leungit. Kuring ceurik.
“Leungit di
mana?” ceuk Apa harita.
“Dihiberkeun
tapi teu balik deui,” témbal téh.
“Naha
dihiberkeun?”
“Apan geus
giring.”
“Geus giring ogé
atuh dihiberkeun duanana mah kabur. Bikangna kurung, jaluna hiberkeun mah.”
Kuring can
ngarti harita mah. @@@
Yosep R. - Sumedang
Mangle no 2675, 12-18 April 2018
0 Response to "Japati Giring"
Posting Komentar