BANGKU JURU
Handeueul
mimitina mah kabagéan bangku anu juru téh. Hanjakal kabeurangan, ari heug
euweuh deui bangku anu kosong. Nya, kapaksa wé dipilih. Sabangku jeung Maman
Sarman, budak bageur tapi rada telat ngarti pelajaran. Pikeun kuring, sabangku
mah jeung saha-saha waé ogé henteu nanaon.
Ngan
kabagéan bangku juru, jajaran panghareupna, réa rugina. Katutup pamandangan.
Henteu siga di tengah, komo bari di tukang. Bisa neuteup Hana anu rambutna
panjang galing, bisa ngarep-ngarep Rani ngalieuk heug tuluy imut. Uh, imut Rani
mah anu matak ngageduk kana angen téa. Ari ieu bangku di juru, bari bangkuna
ogé réa anu molongo jeung pinuh ku curat-corét henteu puguh. Atuh ayeuna mah
unggal nulis téh kudu ditilaman ku buku. Kuring sorangan resep tutulisan lamun
aya guru telat asup atawa aya halangan téh.
Mimitina
mah pédah hujan ampir unggal poé, sakapeung ti isuk-isuk geus girimis. Untungna
téh peuting kajadianana, kelas kuring, kelas XIA, runtuh. Geus lila anu bocor
mah aya, tapi diantep. Ari gebru téh runtuh, atuh jadi berita koran. Kuring
sabatur-batur dipindahkeun ka kelas XA. Kelas kuring kabagéan asup isuk-isuk,
kelas XA bagian beurang.
Bangku
téh panjang da keur duaaneun. Tapi kolongna mah séwang-séwangan, di tengahna
aya sekat. Di kolong bangku kuring mah tara kosong. Pasti wé sok aya
lambaran-lambaran keretas kosong. Lamun aya guru teu ngajar, keretas téh sok
ditulisan atawa digambaran. Ngarang sajak ti SMP kénéh kuring resep. Tara
disimpen di kolong keretas anu geus ditulisan mah. Tangtu waé bisi dibaca batur,
éra.
Hiji
poé keur nungguan Bu Santi, guru basa Inggris, kuring nulis sajak. Ceuk béja,
Bu Santi moal asup da aya kapentingan ngadadak cenah ka dinas pendidikan. Jadi
rada nyalsé tulas-tulis dina keretas kosong téh. Komo kakara kamari kuring
lalajo film Ada Apa Dengan Cinta anu kaduana. Jadi uleng nulis sajak téh
ngeunaan cinta. Ngan saacan sajak anggeus, aya anu mukakeun panto, horéng Bu
Santi. Kuring gancang ngasupkeun keretas salambar ka jero kolong bangku, tuluy
ngaluarkeun buku pakét basa Inggris. Lamun henteu kitu téh, heug kanyahoan
henteu keur mukaan buku paket basa Inggris, Bu Santi mah sok nitah ka hareup
bari terus ngajak ngomong ku basa Inggris. Daripada diseungseurikeun ku
sakelas, leuwih hade rikat bébérés.
Réngsé
pelajara basa Inggris, ditumbu ku pelajaran Biologi. Nepi ka bél bubar sakola,
poho wé keretas salambar téh henteu dibawa ti jero kolong bangku.
**
Isukna
inget deui kana sajak anu acan anggeus téh basa Pa Dadang, guru matématika, telat
ka kelas da aya anu penting diobrolkeun cenah jeung kepala sakola. Rada
ngahuleng sabada ngaluarkeun keretas eusi sajak téa. Di kaca tukangna, bet aya
anu nulisan. Tulisanna mah pondok. “Saé sajakna. Abdi ogé resep kana sajak,”
cenah. Ngahuleng sotéh, saha anu wawanianan ngodokan kolong bangku bari terus
maca tulisan kuring?
Maman
gideug basa kuring nanya, naha aya anu diuk dina korsi kuring saacan asup
sakola tadi? “Naha aya naon kitu?” ceuk Maman kalah malik nanya.
“Henteu
nanaon, ngan aya anu nulisan keretas kuring.”
“Anu
asup beurang meureun, kelas XA.”
Kuring
satuju, sigana budak kelas XA. Lantaran panasaran, bubar sakola téh henteu
langsung mulang. Jajan heula di kantin. Basa kelas XA geus arasup, kuring noong
tina kaca. Tah, ayeuna mah reuwas téh nyaan. Sajongjongan mah siga anu
lilinieun, suku ngadégdég. Henteu kitu kumaha atuh, bangku kuring téh horéng
dipaké ku Widyastuti. Béntangna di sakola kuring mah. Nya pinter, geulisna mapakan
béntang film, bageur deui. Sigana sakabéh murid lalaki di sakola kuring,
harayangeun akrab ka Widyastuti. Ngan tong boro akrab, hayang wawuh ogé mikir
téh kudu uleng. Ari kuring, ayeuna, bet kabeneran aya jalan pikeun wawuh. Malah
bisa jadi akrab, apan manéhna téh muji sajak kuring.
Di
imah, sajak téh dibaca deui.
Susuratan jeung angin
Dangdaunan maluguran
Kuring masih anteng ngalamun
Naha bet kangen ka anjeun?
Sajak
éta anu dipikaresep ku Widyastuti téh. Kuring seuri bari anteng ngalamun. Inget
kumaha imutna Widya, cureuleuk panonna, halimpu sorana, rambutna anu nyambuangkeun
seungit. Kuring gancang néangan deui keretas kosong, rék nulis deui sajak anu
leuwih panjang. Hanjakal Ema kaburu ngagentraan, nitah dahar heula.
**
Tuluyna
mah enya nyambung komunikasi jeung Widya téh. Unggal isuk, barang nepi ka
kelas, kuring gancang ningali kolong bangku. Pasti aya tulisan Widya. Naha
ngomentaran sajak kuring, naha manéhna ogé nyimpen sajak anu ditulisna.
Hasilna, kuring kungsi dititah ngerjakeun soal dina bor ku Bu Santi lantaran
cenah ti tadi kuring sura-seuri sorangan.
“Malam
minggu, naha kénging ameng ka bumi?” ceuk kuring dina keretas salembar, teuing
anu kasabaraha kalina silihkirim tulisan.
“Entong
ah. Hoyong pendak mah ameng ka dieu waé atuh pasosonten, tabuh limaan,” bales
Widya dina keretas éta kénéh.
Tangtu
waé kuring atoh lain meumeueusan. Hayangna mah ngagorowok ngarah batur sakelas
nyarahoeun. Eh, batur sasakola nyarahoeun ogé leuwih hadé. Poé éta kuring dua
kali disetrap lantaran cenah hulang-huleng sorangan, sakapeung sura-seuri siga
anu gélo. Ah, henteu ambek. Apan ceuk kolot ogé, anu keur bogoh mah siga anu
gélo.
Soréna,
enya waé Widya nungguan di hareupeun sakola. Sakola téh geus simpé. PMR, silat,
literasi, ékstrakurikulér anu poé éta latihan, geus ti tadi balubar. Mimitina
mah rada asa-asa ngajak ngobrol téh. Komo deui da anu ratug dina dada henteu
bisa diajak tenang. Tapi terusna mah lancar. Sagala diobrolkeun. Nyaritakeun
film Titanik, sajak-sajak Rilke anu ditarjamahkeun ku Rustandi Kartakusumah, sajak
Eti RS. Tapi basa obrolan bras kana film Ada Apa Dengan Cinta anu kuring resep,
Widya bet ngalamun. Aya anu ngalémbéréh tina pipina, terus malah murubut bari
nginghak.
“Kunaon?”
ceuk kuring, tapi henteu wasa pikeun ngusap anu ngamalir dina pipina.
Widya
gideug bari terus nahan inghakna. “Tos bade magrib, abdi bade uih,” cenah. “Ieu
bilih badé maca.” Sanggeus ngsongkeun buku, Widya gura-giru lumpat. Kuring
ngudag bari gegeroan arék nganteurkeun ogé henteu diwaro. Di péngkolan sakola
Widya méngkol. Diudag téh ka lebah dinya, geus henteu kanyahoan deui tuluy
kamana. Di hareup téh jalan lempeng. Maenya mani gancang-gancang teuing
lumpatna. Rey sabulu-bulu. Moal kitu saukur lamunan? Tapi dirérét téh kana
leungeun, aya buku tulis anu tadi dibikeun Widya.
**
Ti
harita henteu aya deui komunikasi. Unggal nyimpen sajak di kolong méja, henteu
aya deui anu ngoméntaran. Disuratan, henteu dijawab. Malah hiji poé basa ngahaja
megat Widya balik sakola, rada ngahéab awak téh. Geuning geus aya anu nungguan,
si Wawan, kelas XIID. Mani akrab ngobrolna téh. Malah terus jajan entéh kotak,
hiji kuduaan. Balikna Widya diboncéng. Di jero dada kuring siga aya kahuruan.
Isukna,
bismillah waé rék ngontrog ka Widya. Ngahaja bubar sakola téh henteu mulang.
Jajan baso waé di kantin. Api-api maca buku, tapi da pikiran mah teuing
ngalayang kamana. Waktu bél istirahat disada, gancang ka kelas XA. Rék ka
kantin Widya téh jeung batur sabangkuna. Ngan ku kuring dipegat. Sieuneun
katingalina mah Widya téh da kuring negor semu ambek meureun. Tapi sanggeus
ditingalikeun buku tulis eusi sajak-sajak manéhna, Widya daékeun diajak ngobrol
duaan.
“Ieu
mah sanés buku abdi. Tingali waé namina, Widya Astuti. Nami abdi mah apan
Widyastuti. Tiasa ngantosan abdi uih sakola? Muhun, antosan nya.”
Kuring
unggeuk. Ambek téh henteu budal atuh. Ongkoh deui, dipikir deui, naha kudu
ambek sagala. Kabogohna ogé apan kuring téh lain. Balik sakola Widya
nyampeurkeun deui. Wawan ogé anu nungguan ti tadi malah milu nyampeurkeun.
“Kenalkeun,
ieu raka abdi,” ceuk Widya. Wawan imut bari ngajak sasalaman. Tangtu waé kuring
anu tadina rada panas hate jadi éra. Untung waé Widya jeung Wawan henteu apal
naon anu aya dina haté kuring.
“Urang
ka bumi waé atuh, ngarah ngobrolna raoseun,” ceuk Widya deui. Wawan rada
kerung, da meureun henteu ngarti naon masalahna. Kuring unggeuk waé satuju.
**
Mimitina
mah kuring henteu pati ngarti, naha resep ka Widyastuti téh jadi pajeujeut
mamawa lanceuk jeung kolotna sagala. Atuh Wawan salaku lanceuk Widya, Pa Egi
bapana Widya, Bu Dian indungna Widya, katingalina téh sarua bingungna mimitina
mah. Tapi jujutan caritana mah jadi siga kieu:
“Astuti
téh budak Bapa anu cikal, lanceuk Wawan jeung Widya,” ceuk Pa Egi sanggeus
ngahuleng sajongjonan. “Lima taun katukang Astuti asup ka SMA. Hiji dinten,
pasosoré, bébéja rék nonton film Ada Apa Dengan Cinta. Jangjian cenah jeung
sobatna di hareupeun sakola. Ti harita… Astuti henteu balik deui.”
Bu
Dian nangkeup Widya, siga anu alimeun ngupingkeun.
Harita
ogé cenah bur-ber ka ditu ka dieu anu néangan. Babaturan Astuti alias Widya
Astuti horéng henteu aya saurang ogé anu apal. Lapor ka pulisi, pengumuman dina
televisi, némpél brosur dina témbok-témbok. Tapi Astuti siga anu ngaleungit.
“Bapa,
Ibu, jeung barudak, puguh reuwas. Asép saurna kenal ka Astuti, malah sok
komunikasi, kumaha dongéngna?”
Balik
téh bari hulang-huleng. Lamun henteu kaalaman mah, asa moal percaya. @@@
Mangle no 2601, 3-9 Nopember 2016
Carita Misteri ieu teh saenyana mah ditulis Dua Bagian. Tapi dina Mangle mah ngan dimuat sabagian. Ka anu hoyong terang Bagian Kaduana, mangga teraskeun wae ngaderesna....
BANKU JURU 2
Balik
sakola, Widya megat di hareupeun kelas. Poé-poé biasa dipegat ku Widya pasti
pikaresepeun. Tapi ayeuna mah bet ngajenghok. Reuwas, padahal mah geus
dibayangkeun, hiji waktu Widya atawa Wawan pasti ngadatangan kuring. Siga aya
bangbaluh anu ngabagel dina dada. Kahayang mah diuk ogé pindah ti bangku juru
téh. Tapi da euweuh deui bangku kosong. Babaturan euweuh anu daékeun tukeuran
bangku.
“Hoyong
ngobrol, tapi anu rada rinéh, Asép iraha tiasana?” ceuk Widya.
Kuring
ngahuleng sakedapan. “Iraha waé ogé tiasa. Tapi ulah di bumi Widya. Asa
parameng Bapa sareng Ibu Widya ngiringan ngobrol téh. Asa henteu téga ningali
Ibu nangis waé geuning,” pok téh asa-asa.
“Kumaha
upami pendak di Baso Géboy waé. Uih sakola Widya moal langsung ka bumi. Ongkoh
deui A Wawan ulang taun, cenah badé nraktir.”
Kuring
unggeuk bari seuri. Widya téh katingali alum, sedih meureun, sanggeus dibéjaan
kuring kungsi komunikasi jeung lanceukna nu ngaleungit lima taun katukang. Tapi
masih inget kana ulang taun lanceukna. Meureun ceuk pikirna, sakumaha sedihna
ogé, kahirupan mah kudu terus lumangsung.
**
Baso
Géboy téh kawentar di kota kecamatan kuring mah. Pangpangna barudak rumaja
jajanna téh sok di dinya. Salain di jero wawangunan, aya sababaraha méja anu
ditiungan ku papayungan, handapeun tangkal buah. Ngareunaheun tempatna mah
pikeun ngobrol ramé jeung sobat.
Beurang
raména mah Baso Géboy téh. Atuh numbu deui ramé téh sabada magrib. Ari pasosoré
mah sok rada kosong. Harita ogé basa kuring manggihan Widya jeung Wawan, di Baso
Géboy saukur aya tiluan anu keur jajan.
Kuring
ngarahuh basa Widya jeung Wawan hayang nyaho kumaha mimitina kuring komunikasi
jeung Astuti. Atuh derekdek kuring ngadongéngkeun, ti mimiti hanjakal kabagéan
diuk di bangku juru nepi ka panggih pasosoré jeung Astuti. Henteu diterangkeun
kuring atoh barang apal Widya ogé diukna di bangku juru mah.
“Enya,
Téh Astuti téh karesepna kana maca sajak sareng nonton film. Saur Ibu, apan
harita téh Téh Astuti bade nonton film Ada Apa Dengan Cinta cenah. Tapi teras
henteu uih deui,” ceuk Widya. “Ari Asép terang, atanapi ngarasa aya anu anéh,
naha bet kabagéan bangku juru?”
“Henteu.”
“Widya
mah asa anéh, ti mimiti ogé bet resep dina bangku juru. Terang naon sababna?”
Kuring
gideug.
“Sabab
bangku juru téh bangkuna Téh Astuti.”
Reuwas
teu reuwas ngadanguna. Reuwas bet ka dinya léokna carita Widya. Henteu reuwas
da basa balik ti imah Widya ogé geus aya pikiran ka dinya. Tapi da kuring
henteu bisa némbalan.
“Buku
téh henteu saukur ditulisan sajak. Tapi aya ogé catetan, saperti diari. Ti
dinya Widya apal Téh Astuti tadina di bangku juru téh. Tapi da éta mah
pilihanana, henteu siga Asép anu kapaksa. Téh Astuti mah resepeun kabagéan di
bangku juru téh.”
Kuring
saukur unggeuk. Asa geus ngabadé bakal kitu caritana.
“Apa
mah sareng Mamah da tos lami ogé ngaihlaskeun Téh Astuti, jadi alim
kapapanjangan maluruh béja ti Asép,” ceuk Widya deui. “Tapi Widya mah jeung A
Wawan, bet panasaran. Matakna panuhun ka Asép, kumaha lamun Asép kontak deui.”
Saméméh
ngajawab téh kuring ngalieuk heula ka Wawan.
“Carana
mah saperti anu mimiti wé,” ceuk Wawan. “Bisi Asép aya paménta, lamun Wawan
bisa mah pasti ditedunan.”
“Saenyana
kungsi diteruskeun nyimpenan sajak dina kolong bangku téh, tapi henteu aya deui
réspon nanaon. Tapi… aya anu acan didongéngkeun ka Widya jeung Wawan. Basa di bumi
téa, henteu didongéngkeun salengkepna. Asa henteu téga ningali Ibu nangis waé.”
Widya
curinghak ngadanguna.
“Basa
pendak pasosoré téa, basa obrolan bras kana film Ada Apa Dengan Cinta, Téh
Astuti téh bet nangis siga anu kanyenyerian. Terusna nyebutkeun… eungap jeung
hareudang cenah. Sababaraha kali kituna téh.”
“Naon
maksudna?” ceuk Wawan.
Kuring
gideug.
**
Kudu
diaku, kuring kungsi mikir anu lain-lain ngeunaan Widya. Enya, kontak henteu
kahaja jeung lanceukna anu leungit téh meureun jalan kuring deukeut jeung
Widya. Malah kahayang mah terusna bobogohan. Tapi kadieunakeun pikiran kitu téh
disieuhkeun cingjauh. Henteu rék kitu kumaha atuh, unggal poé asa gegebegan.
Anu karasa téh, Astuti lain leungit, tapi geus teu aya di kieuna. Hartina
kuring téh kungsi kontak jeung jurigna. Naha aya kitu ari jurig?
Di
sakola téh sok hayang gancang balik. Sok keueung teu pupuguh. Komo barang
sadar, sok aya budak awéwé, budak kelas XI D, anu sok kanyahoan neuteup ka
kuring. Putri Sulastri ngaranna. Budak cicingeun, karesepna nyorangan,
katingalina téh henteu boga sobat deukeut. Jujur waé, kuring reuwas jeung
ngadégdég basa Putri Sulastri megat.
“Entong
sieun,” pokna téh siga anu nyaho kaayaan haté kuring. “Ningali Asép siga anu
bingung, Putri téh hayang ngadongéng. Sugan waé aya mangpaatna keur Asép.”
Intina
dongéng Putri Sulastri téh kieu: Ti leuleutik cenah Putri téh ngarasa anéh.
Manéhna téh bisa ningali naon-naon anu henteu katingali ku batur. Mimitina mah
tangtu waé sieun jeung bingung. Tapi terusna mah biasa. Lima taun katukang, masih
SD Putri téh, pasosoré ngaliwat ka hareupeun SMU. Ari pék aya anu ngabelesat
lumpat bari ceurik, budak awéwé, ti jero sakola. Sarérétan mah, éta budak awéwé
téh mirip pisan Widya. Lumpat anu sakalumpat-lampét, da Putri ogé ampir
katabrak.
“Kamana
lumpatna éta anu mirip Widya téh?” ceuk kuring panasaran.
“Duka
terasna kamana mah. Ngan jolna téh ti jero sakola.”
Duka
kumaha, kuring anu mimitina sieun jeung gegebegan téh bet percaya ka Putri
Sulastri. Matak kuring ngadongéngkeun Téh Astuti, lanceuk Widya, anu leungit
lima taun katukang, enya ogé henteu salengkepna.
“Ari
ayeuna Putri masih bisa ningali anu aranéh?”
“Sakapeung
mah katingali kénéh.”
“Apal
atuh Asép kungsi panggih jeung rohna Téh Astuti?”
“Henteu.
Tapi sigana éta sanés rohna. Sigana éta mah pagawéan jin korin. Apan ceuk guru
agama, unggal jalma téh waktu dijurukeun dibarengan ku jin korin. Jin korin éta
anu bisa ngawujud jelema anu dibarenganana. Meureun jin korin éta anu ku urang
sering disebut jurig atawa ririwa téa.”
Kuring
unggeuk.
“Sugan
wé aya mangpaatna keur Asép. Tapi tong bébéja ka sasaha Asép kungsi ngobrol
jeung Putri nya. Ogé ka Widya atawa ka Wawan. Panuhun, tong bébéja ka sasaha
ngeunaan Putri,” ceuk Putri saméméh ngaléos.
**
Tadina
mah moal dibéjakeun ka sasaha obrolan kuring jeung Putri téh. Malah mah rék
dianggap kuring téh henteu kungsi panggih jeung Putri. Tapi basa balik sakola
Widya jeung Wawan megat deui. Hayang ngobrol deui cenah. Basa panggih téh di
Baso Géboy, Widya mikeun keretas salambar. Aya sajak dina keretas anu geus
konéng téh. Tulisanna ampir henteu kabaca da ditulisna ku patlot.
Sajakna
téh kieu:
Hirup
anu eungap jeung bayeungyang
Dihurup
ku sagala kahayang
Lir
raga dipanjara témbok
Saukur
bisa mabok
Tangtu
waé kuring ngahuleng. Sabil di jero dada téh. Niat mah moal ngabéjakeun ka
sasaha ngeunaan obrolan kuring jeung Putri téh. Tapi bet rus-ras ka ditu ka
dieu. Enya, geus henteu aya pikiran miharep deukeut jeung Widya, malah bisa
bobogohan, ngaliwat kajadian-kajadian anu ahéng ieu téh. Tapi lamun diputus
kanyaho téh cukup keur kuring sorangan, rarasaan téh aya anu keur katideresa.
Matak
bari niat hayang ngabantuan, sugan enya kasebutna ngabantuan, kuring nyarita
kieu ka Widya jeung Wawan:
“Kasimpulan
Asép, aya naon-naon anu aya hubunganna jeung Téh Astuti, di jero sakola. Di
jero témbok. Kumaha lamun urang ka Pa Edi, kapala sakola urang, apan anjeunna
mah aya sapuluh taunna tos ngajar di dieu.”
“Naha
bet nyimpulkeun kitu?” Wawan kerung.
“Pokona
aya anu ngadongéng ka Asép, anu ahéng ogé jadi henteu kudu ditalungtik
saha-sahana, yén aya kajadian henteu biasa di sakola lima taun katukang.”
Geus
sapuk mah tiluan, terus ka bumina Pa Edi. Mimitina mah Pa Edi téh reuwaseun. Sabada
diterangkeun téh kalah ngahuleng. Tapi terus ngadongéng ogé. “Basa Astuti
kabéjakeun aya anu nyulik, di sakolah téh enya keur némbok pager tukang. Babalongan
taman ogé diruag ku barangkal, tuluy dipelur,” saur Pa Edi. “Ngan éta anu keur
dibangun harita mah. Ngan saeutik. Matak pagawéna ogé ngan duaan.”
Ari
anu apal pisan kana kasus diculikna Téh Astuti saenyana Iptu Ridwan ti Polsek.
Basa didatangan ku kuring jeung Widya katut Wawan, sarua ngahulengna jeung Pa
Edi. Meureun pedah éta téh kasus anu geus lila. Tapi tungtungna satuju nedunan
kahayang kulawarga Widya. Enya, kulawarga Widya téh ngarasa panasaran, hayang
ngabongkar témbok jeung babalongan anu diruag.
Peuting-peuting
ngabongkar téh. Saukur disaksian ku kulawarga Widya, Pa Edi jeung Pa Soléh
wawakil ti sakola, Iptu Ridwan jeung anak buahna, jeung tangtu waé kuring. Ibu
Dian mani ngagukguk barang kapanggih aya tulang-taléng dina babalongan anu
diruag ku barangkal. Tulang-taléng téh dibungkus ku boéh, dipulasara sakumaha
mistina, dikuburkeun di makam kulawarga.
Tukang
témbok anu lima taun katukang ngaruag babalongan téh Sutar jeung Didi. Harita
kénéh disusul ka lemburna ku balad-balad Iptu Ridwan. Kulawarga Widya
mercayakeun panalungtikan saterusna ka pihak Polsék.
Kuring sorangan ngarasa aya anu ngemplong dina
hate. Lain, lain pedah sabada nguburkeun tulang-taléng, Widya nyampeurkeun,
sasalaman mani pageuh nyepengan leungeun kuring, bari neuteup mani anteb.
“Nuhun,” cenah halon. Dina pipina ngagarenclang anu ngamalir tina juru panonna.
Kuring unggeuk. @@@
RENGSE
0 Response to "BANGKU JURU"
Posting Komentar