DI TAMAN

Carpon Yus R. Ismail

Si aki téh ampir unggal poé diuk dina bangku taman. Paneuteupna lempeng kana dapuran kembang dahlia anu ngajajar rapih. Puguh taman téh diurus enya-enya ayeuna mah. Sabada wali kota ganti, taman téh milu ganti wanda ogé. Anu tadina harieum bari rarujit, unggal poé minggu isuk-isuk pabalatak botol inuman, ayeuna mah lalening bari kekembanganana diurus. Anu hieumna ditigasan, kembang anu daroyong diajegkeun ku tuturus. Atuh paving blok anu ruksak digaranti, bangku-bangku taman dijieun di unggal juru. Meureun si aki téh kabongroy ku kembang dahlia anu mantes diwates nyacasna kembang bakung.
Tapi ari unggal poé mah, ti isuk nepi ka burit, nempo si aki neuteup anteng kembang dahlia, haté téh panasaran ogé. Éta atuh da neuteupna téh mani anteb. Si aki téh siga anu henteu maliré kana kaayaan di sakurilingeunana. Anu laleumpang di paving blok, ucing anu kiih kana suku bangku semén, nyiruan anu huang-hieng tukangeun, sigana dianggap euweuh. Komo deui di luar pager taman, tukang bubur hayam nakolan mangkok isuk-isuk, pabeubeurang tukang céndol kékélénéngan, pasosoré tukang siomay totoroktokan; sigana dianggap di tempat séjén.
Tangtu waé kuring apal kana kajadian éta. Ampir unggal poé apan kuring ngaliwat ka jero taman. Ukur saurang dua urang anu ngaliwat ka jero taman téh isuk-isuk mah. Meureun pédah masih simpé si aki téh laluasa neuteup kembang dahlia. Pantesna téh bari ngumbar lamunan. Aya panineungan naon atuh si aki téh jeung kembang dahlia?
Ari kuring, unggal ngaliwat ka jero taman téh sok rurusuhan. Enya, da puguh datang ka tempat gawé téh ulah leuwih ti tabuh satengah dalapan. Ti imah indit téh tabuh satengah tujuh, tumpak beus kota eureun di sisi katuhu taman kota, tuluyna mah mulubus ka jero taman minangka motong jalan. Nepi ka tempat gawé téh ukur memenitan deui kana waktuna. Sakapeung mah sok lumpat ti sisi jalan téh. Bus wé ngasupkeun kartu barkode, haté téh sok ngemplong.
Enya ogé taman kota téh simpé isuk-isuk mah, tapi acan kungsi kacaritakeun aya kajahatan. Meureun saperti anu tadi dicaritakeun, taman kota téh enya-enya ditalingakeun ku wali kota anyar mah. Tamanna dibebenah, tukang dagang ogé apan henteu meunang asup ka jero taman, atuh satpol pp nepi ka burit sok aya anu pulang-anting ka sabudeureun taman.
Pasosoré mah taman téh sok ramé. Anu baralik gawé siga anu ngahajakeun nyarimpang heula, dariuk dina bangku atawa jujukutan, bari jarajan. Atuh anu ngahaja datang waé, pangpangna anu ngarasuh barudak, atawa ulin bari dipalotrét, henteu saeutik. Meureun lantaran kitu, si aki téh ari maju ka burit mah sok cengkat tuluy balik.
Mimitina mah kuring henteu barang geureuh kana anu dilakukeun si aki. Tapi sanggeus unggal poé nempo si aki neuteup kembang dahlia bari siga anu henteu ngiceup, bari henteu maliré kana kaayaan sakurilingna, ti isuk nepi ka pabeubeurang; leumpang kuring anu rusuh téh ngarandeg ogé. Waktu nempo jam dina hp, ngan lima menit deui ka satengah dalapan. Kuduna mah kuring lumpat, tuluy ngagésékeun kartu barkode, tangtu haté ngemplong moal dipanggil ku bagéan personalia. Tapi kuring kalah nyampeurkeun si aki.
Kuring ngajanteng hareupeun bangku semén, tapi si aki mah angger anteng neuteup kembang dahlia.
“Kénging abdi calik di dieu?” pok téh laun.
Si aki ngalieuk, neuteup sababaraha detik mah, unggeuk, tuluyna mah anteng deui neuteup kembang dahlia. Kuring hideng diuk, tuluy milu neuteup kembang dahlia. Dapuran dahlia téh geuning kembangna rupa-rupa. Mereun basa melakeun beutina tina bibit anu baréda. Kakara harita kuring apal, gening kembang dahlia téh aya anu bodas, beureum, ungu, koneng. Gening kembang dahlia mah siga anu euweuh usumna, unggal poé téh aya waé anu mangkak.
Tungtungna kuring ngarérét ka si aki anu anteng neuteup kembang dahlia.
“Aki, aya naon saleresna?” pok téh.
Si aki haré-haré, siga anu henteu ngadangu naon anu diomongkeun kuring.
“Naha aki mani anteng neuteup kembang dahlia?”
“Henteu nanaon,” cenah ngajawab ku sora anu laun bari angger anteng neuteup kembang dahlia.
“Naon anu janten émutan aki?”
“Henteu aya nanaon.”
“Bilih aya anu peryogi dibantosan?”
“Henteu aya nanaon.”
“Atanapi mung sakadar....”
Nepi ka kuring amitan, nangtung, si aki téh henteu ngarérét deui. Paneuteupna anteng lempeng kana kembang-kembang dahlia anu marangkak warna-warni.
**

Nepi ka tempat gawé téh tangtu waé kabeurangan. Najan kuring ngarang alesan anu hadé, angger waé kuring dipanggil ku bagéan personalia. Henteu nanaon, pikiran kuring ogé apan keur henteu diriweuhkeun ku masalah karir jeung pagawéan. Pikiran kuring geus kabetot ku si aki anu anteng neuteup kembang dahlia. Naon atuh anu dipikirkeunana? 
Ti tukang dagang inuman anu mangkal di luar pager taman, kuring nyaho imah si aki anu ngaranna Simama téh. Hiji poé basa peré mingguan, kuring mapay imah aki Simama. Eh enya, kuring téh gawé di klinik swasta anu peré mingguanna henteu tangtu. Sakapeung peré poé senén, sakapeung salasa atawa poé séjénna, kumaha kabagéanana.
Aki Simama téh hirup nyorangan. Ceuk tatanggana, aki anu umurna tujuh puluh lima taun téh unggal poé indit subuh balik pasosoré ti saprak pamajikanana maot sababaraha bulan katukang. Waktu kuring tumanya naha aki Simama osok anteng neuteup kembang dahlia, tatanggana malah henteu apaleun ka mana waé aki Simama inditna. Tatanggana téh saukur méré alamat adi aki Simama. “Bu Rosma, rai aki Simama, panginten terang ku naon si aki téh sok anteng neuteup kembang dahlia,” cenah.
Bu Rosma kalah ngahuleng basa kuring ngadongéngkeun aki Simama anu sok neuteup kembang dahlia. “Ibu téh terang pisan kapungkurna Kang Simama, da Ibu kalebet caket sareng anjeunna. Tapi asa henteu aya kenangan anu aya patalina sareng kembang dahlia. Aya ogé anu pasti janten kenangan anjeunna, nyaéta japati pos,” pokna. “Kapungkur Kang Simama resep ngukut japati pos. Waktu anjeunna resep ka hiji mojang anu rambutna panjang, anjeunna ngirim surat anu ditalikeun kana suku japati pos. Tapi si manuk téh malah eunteup dina jandela kamar tatangga mojang anu rambutna panjang téa. Kaleresan kamar éta ogé gaduhna hiji mojang anu teras nyandak surat. Mojang éta anu terasna janten istri Kang Simama. Ah, carita cinta jaman baheula.”
“Janten, henteu aya ari kenangan kembang dahlia mah?”
“Saterang Ibu mah henteu aya. Tapi duka ari saatos nikah mah. Saé taroskeun waé ka Denria, putra hiji-hijina Kang Simama, manawi waé terang ngeunaan kenangan kembang dahlia. Ieu nomer hp-na.”
Denria nganjrek di Surabaya. Cenah manéhna saukur dua-tilu bulan sakali ngalongok bapana. Waktu kuring ngadongéngkeun bapana anu sok anteng neuteup kembang dahlia ti isuk nepi ka pasosoré, Denria henteu bisa ngabadé naon anu aya dina pikiran bapana.
“Upami kenangan kembang dahlia, sapertosna mah henteu aya,” ceuk Denria basa ditélépon. “Tapi upami kahoyongna mah duka. Pun bapak kapungkur gaduh kahoyong gaduh peternakan kelenci. Tapi lantara riweuh ku padamelan, kahoyongna henteu tinekanan. Saatos pangsiun, duka kumaha pun bapa henteu neraskeun kahoyongna ternak kelenci. Di pengkereun bumi, pun Bapa malah ngukut hayam. Hayam sarama, hayam ketawa, dugi ka puluhan.”
“Ayeuna masih aya hayam-hayam éta téh?”
“Sadayana atos dilélang sabada Mimih ngantunkeun. Panginten pun Bapa seleresna hoyong gaduh peternakan hayam anu langkung ageung, teras di payun peternakanna aya patamanan kembang dahlia. Tiasa waé kitu.”
“Hatur nuhun Kang Denria. Punten tos ngawagel waktosna.”
“Henteu sawios. Sami-sami, Yi.”
**

Unggal isuk, unggal rurusuhan norobos taman kota, kuring angger sok ngarérét aki Simama anu anteng neuteup kembang dahlia. Diuk dina bangku anu éta, cara diukna masih siga kitu, neuteup kembang-kembang dahlia ku teuteup siga kitu. Bari leumpang rusuh masih aya pananya dina haté kuring, naon atuh anu aya dina pikiran aki Simama?
Hiji poé mah kuring ngahaja indit gawé leuwih gancang satengah jam ti biasana. Waktu ningali aki Simama neuteup kembang dahlia, kuring nyampeurkeun.
“Kénging calik di dieu?” pok téh sanggeus aya di gigireun aki Simama.
Si aki téh saukur ngalieuk ningali ka kuring, unggeuk, terusna mah neuteup deui kembang dahlia siga tadi.
“Naon saleresna anu nuju diémutan ku Aki?” ceuk kuring semu ngaharéwos.
“Henteu aya nanaon,” jawabna, ogé semu ngaharéwos, bari henteu ngalieuk deui.
“Naha kembang dahlia téh kenangan anu henteu tiasa dihilapkeun?”
“Sanés.”
“Kunaon atuh Aki téh neuteup kembang dahlia sapertos kitu?”
“Resep.”
“Mung resep?”
“Resep wungkul.”
Nepi ka kuring nangtung, amitan, terus indit, aki Simama henteu ngalieuk deui. Tangtu waé kuring henteu percaya lamun neuteup siga kitu saukur resep wungkul. Tapi ceuk haté, kuring kudu gancang mopohokeun aki Simama. Henteu hadé nyeleksek hayang nyaho pikiran batur, enya ogé batur téh ngalakukeun hal anu henteu wajar. Sigana, mimiti isuk mah indit gawé téh kudu ngaliwat ka jalan séjén.
**

Saminggu sanggeus kuring tumpak angkot ngarah bisa eureun di hareupeun klinik, kajeun kudu turun unggah angkot, basa keur reureuh pabeubeurang, aya tamu anu cenah néangan kuring. Rada reuwas da asa kakaraeun kadatangan tamu ka kantor. Kuring manggihan tamu anu horéng lima urang.
“Pa, punten sateuacanna tos ngawagel waktosna,” ceuk tamu anu saurang. “Abdi sareng tamu anu sanésna ieu saleresna mah nembé wanoh di dieu. Tapi sadayana ogé gaduh maksad anu sami hoyong tepang sareng Bapa. Abdi sareng anu sanésna nguping wartos, Bapa anu langkung uninga ngeunaan si aki anu neuteup kembang dahlia di taman kota. Abdi sareng anu sanesna hoyong terang, ku naon si aki téh neuteup kembang dahlia sapertos kitu, saanteb kitu, sahusu kitu? Sapertosna mah sanés neuteup saperti neuteup anu biasa. Naon anu diémutkeun atanapi dilamunkeunana?” @@@

Bandung-Sumedang, Juni-Juli 2017
Mangle no 2654, 16-22-November 2017

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DI TAMAN"

Posting Komentar