TERORIS


barakatak mangle

TERORIS
“Di lembur urang gé aya teroris.”
“Wah, maenya?”
“Ceuk saha?”
“Lebah mana?”
“Bisi henteu percaya, hayu urang jajan surabi Ceu Iis. Apan surabina sok maké téror.”
“Telor meureun! Teu ramé manéh mah ngabodor téh.”

TERORIS 2
“Basa uing gawé di perkebunan entéh, unggal poé uing jadi téroris.”
“Walah, pikasieuneun atuh?”
“Ah, henteu. Biasa waé.”
“Naha kumaha gawéna?”
“Isuk-isuk datang ke tempat ipukan, lamun garing taneuhna nya dicébor, lamun aya jukutan nya dicabutan.”
“Ngaroris atuh anu kitu mah, lain téroris!”

TERORIS 3
“Tukang téror disebutna?”
“Téroris.”
“Tukang ngarang carpon disebutna?”
“Carponis.”
“Ari tukang géhu?”
“Mang Rais.”

Yosep R. – Sumedang
Mangle no 2565, 18-24 Pebruari 2016


Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "TERORIS"

Posting Komentar