SI KEMBAR
Lalajo film di imah mah tara matuh. Sakapeung
peuting, sakapeung beurang. Kumaha kasempetanana waé. Maksud téh lalajo film
duaan jeung Kang Dadang. Apan ngarah rada romantis, malah terusna bisa jadi
film 17 taun ke atas.
Ngaranna ogé rumah tangga kakara lima taunan,
masih mindeng sono jeung geugeut ku hal anu henteu sapira. Paadu cingir ogé
matak nyéak saawak-awak. Neda dimalum waé palebah dinyana mah nya, para pamaca.
Tah poé saptu harita ogé kitu. Jam salapan
isuk-isuk Kang Dadang balik ti pagawéan. Henteu réa tatanya, da tadi basa indit
jam dalapan téh nyebut kieu: “Akang téh poho, poé ieu téh peré atawa henteu.
Dunungan arék ka Jakarta, jadi warung tutup. Tapi duka poé ayeuna duka poé
isukan.”
Apal Néng Najma, budak kuring anu kakara opat
taun, ulin di tatangga, tuluy noél Kang Dadang.
“Urang nongton film,” ceuk kuring bari ngajingjing
plastik eusi sapuluh film meunang meuli sababaraha poé kaliwat.
Kang Dadang unggeuk. Tapi sabada kuring asup ka
kamar, menerkeun tv jeung video playerna, Kang Dadang acan nuturkeun kénéh waé.
Sono kénéh kana kopi sigana da tadi isuk henteu kaburu ninyuh. Tapi biasana
ogé, arék kopi arék naon, sok éléh ku lalajo film duaan di kamar mah.
“Kang, hayu...!” ceuk kuring bari ngelol ti panto
kamar bari ngagupayan.
Kang Dadang cengkat dikitukeun mah.
“Film naon, Kang? Anu romantis atawa horor?” ceuk
kuring bari milihan film anu ngabayak dina kasur.
Kang Dadang ngasongkeun film Dil To Pagal Hai.
Kuring ngahuleng. Film India kameumeut, film mangsa bobogohan. Shah Rukh Khan
jeung Madhuri Dixit aya ku romantis. Pasti pogot nyaksian deui jogéd bintang
film kameumeut. Tapi apan ayeuna teh beurang?
Biasana, atawa acan kungsi, Kang Dadang mah lalajo
film romantis pabeubeurang. Film horor biasana ogé. Eta meureun ari beurang mah
henteu pati pikasieuneun film horor teh. Tapi diturut waé. Meureun kakara dua
menit mah film muter, mangsa Sakh Rukh Khan jeung Karisma Kapoor jarogéd bari
nyanyi, kuring ngalieuk ka Kang Dadang. Mani pogot ningali gitek Karisma
Kapoor. Beu, henteu saperti biasana, bet éléh ku bintang Bollywood. Apan
sasarina mah, arék Kajol, Aiswarya Ray, Nicole Kidman, Scarlett Johansson, vanesha
Prescilla, Pevita Pearce; taya anu mempan. Ka kuring, Néng Iin téa, béntang
Cibunar anu maké daster satengah pingping, henteu dikutang jeung henteu
ditaeun, ngan disimbut waé satengah badan.
“Kang...!” pok téh keuheul bari ngésod. Tuluy
ngaléndéan bari muntang kana tenggekna. Satengah peureum jeung ngamonyongkeun
biwir. Sigana Kang Dadang ngarti. Eta waé napasna siga anu ngadeukeutan. Dampal
pananganna mimiti karasa kana punduk.
Ih, sebel! Sakitu biasana mani galak. Bari
ngalékéték sagala teu meunang ampun. Kuring beuki tarik ngabetot tenggekna
ngarah biwirna gancang antel. Tapi kakara rénghapna anu karasa, di luar aya anu
ngagorowok.
“Mammaaaahhh...!!! Mammaaah...!!!”
Tuluy ngagedor panto kamar ayeuna mah. Kang Dadang
lir anu ngajleng tina risbang. Kuring gancang disarung laju muka selot panto.
Ih, si Néng Najma mah! Teu meunang waé kolot senang-senang pabeubeurang téh!
“Aya naon?” Teu sadar sora téh rada nyentak.
“Ittuu... saur Uwa Nina, diantosan ayeuna pisan.
Liwet sareng goréng jéngkolna tos asak,” cenah bari metot leungeun.
Uwa Nina téh tatangga. Bageur enya ogé wawuh acan
lila. Nyaaheun pisan ka Néng Najma, pedah saumur meureun jeung putra bungsuna.
“Eh... eh... ké heula atuh, Mamah disalin heula.”
Mun geus kitu mah teu bisa kumaha. Kang Dadang
ditinggalkeun. Barina ogé rada keuheul, mani hararésé, henteu saperti biasana.
Enya waé, geus ngariung sangu liwet, goréng jéngkol, sambel ledok, asin sepat, jeung
lauk emas mah; poho waé ka Kang Dadang mah.
Reuwas téh peutingna. Bada solat Isa, Néng Najma
kasaréan dina sofa dipindahkeun ku Kang Dadang ka kamarna, tuluy leungeun
kuring dibetot.
“Urang nontong film,” ceuk Kang Dadang. Horéng téh
cenah geus beberes ti tadi. Panto-panto geus dikoncian, lampu dipareuman anu
henteu pentingna. Ari film anu dipilihna, Dil To Pagal Hai.
“Ih, film éta mah basa nongton tadi ogé Akangna
matak hilap ka abdi,” ceuk kuring bari baeud.
“Nongton iraha?” Kang Dadang kerung.
“Tadi siang.”
“Akang mah teu nongton nanaon. Apan mulang ti
warungna ogé bada Asar.”
Kuring ngajleng kana kasur. Kang Dadang ogé reuwas
geus diterangkeun mah.
“Alhamdulillah, untung digeroan botram ku Uwa
Nina,” ceuk kuring bari ngabirigidig.
Kang Dadang ngabetot ka jero simbut. Da puguh
sarua sieunan. Ngahéphép duaan. Tapi najan sieun, ari sasimbut duaan mah apan
sagala antel. Terjadilah film 17 taun keatas. Heup wé caritana eureun heula.
**
Kila-kila anu
pikasieuneun téh saenyana geus aya ti sabulan katukang basa kakara pindah imah.
Enya, acan lila ngontrak imah sisi sawah téh. Acan saminggu ti mimiti pindah,
kuring kungsi ningali Kang Dadang di dapur tapi nonggongan. Barang ka hareupeun
imah horéng Kang Dadang keur ngobrol jeung tatangga.
Dua poé ti harita,
balik ti warung sayuran, ti jalan asa ningali anu diuk dina korsi. Sangkaan téh
Kang Dadang mulang ti warung. Da kitu gawéna Kang Dadang mah, lamun dununganana
aya kaperluan mah warung sok tutup. Najan lamun warung tutup buruh tara
diitung, tapi dunungan téh balageur. Matak opat urang karyawan anu ngabantuan
warungna betah waé jeung garetol.
Barang panto
hareup dibuka, kuring ngagebeg. Horéng euweuh sasaha di jero imah téh. Néng
Najma masih di Paud. Disusul ka kamar jeung ka dapur, geuning karosong. Cul wé
balanjaan mah di dapur, tuluy ka tatangga da bulu punduk muriding béak karep.
Uwa Nina ngahuleng
sabada kuring ngadongéngkeu sababaraha kajadian anu pikakeueungeun.
“Da bumi éta mah
kitu, anu ngontrak téh tara lami, matak mirah ogé,” ceuk Uwa Nina.
Kuring unggeuk.
Enya, keur mimiti ogé rada héran ku harga mah. Tilu juta rupiah sataun kontrakan
téh. Padahal imahna lega jeung kaasup alus kénéh. Tengah imah ublung-ablang,
kamar tilu lalega, aya rohangan hareup kumplit jeung sofa katut lomari hias,
dapur lega, kamar mandi beresih jeung cai sumur laluasa. Buruan lega, di tukang
mah malah bisa pepelakan sagala. Babaturan sapagawéan Kang Dadang mah
ngaeuleuh-euleuh bisa ngontrak imah alus.
**
“Ayeuna mah si
jurig téh geus ngabahayakeun. Ngajirim kembaran Akang téh bahaya. Kumaha lamun Néng
Iin kasalahan, tuluy si jurig ngagarayam kana...,” ceuk Kang Dadang.
“Ih, amit-amit!”
Tapi da jeung
enyana, kumaha bisana kuring ngabédakeun anu datang téh Kang Dadang atawa si
jurig? Sanggeus ngobrol ngalér ngidul ngétan ngulon, bari tempat diskusi pindah
ka bumi Uwa Nina, kapanggih wé hiji cara. Lamun Kang Dadang datang, pikeun
ngabédakeun anu nyaan jeung anu palsu, kuring kudu nanya heula. Saha bintang
film kameumeut? Lamun jawabanna Dian Sastro, hartina Kang Dadang asli. Warung
baso favorit? Lamun jawabanna Mas Supri, hartina Kang Dadang asli. Naon pangaresep?
Lamun jawabanna Ngurek, hartina Kang Dadang asli.
Pukul sapuluh
isuk-isuk basa keur nyayur asem di dapur aya anu keketrok téh. Horéng téh Kang
Dadang. Kuring ngagebeg bari jajantung mah ratug. Ieu téh Kang Dadang asli
atawa jurig si kembar? Kang Dadangna sorangan ngadayagdag dina sofa. Kuring ka
dapur rék mareuman kompor.
“Urang nongton
film,” pokna téh tukangeun. Kuring ampir ngajerit. Leungeunna anu rék antel
kana cangkéng diképéskeun lalaunan.
“Saha ari bintang
film kameumeut?” ceuk kuring satengah ngagorowok. Manéhna teu némbal nanaon.
“Warung baso favorit?” ceuk kuring deui. Manéhna teu némbal nanaon. Leungeunna
waé karasa ngagarayam kana cangkéng. Bulu punduk carengkat sagedé kumaha mah.
“Naon pangaresep?” ceuk kuring panasaran.
“Hayu urang
nongton,” cenah haroshos kana punduk.
“Ti payun wé ka
kamar, abdi pameng nyayur asem,” ceuk kuring bari geumpeur. Leungeunna dijauhkeun
tina cangkéng.
Manéhna enya
ngaléos ka kamar. Kuring gura-giru ka Uwa Nina. Geus mupakat jeung Uwa Nina,
malah Kang Sulé, carogéna Uwa Nina, ogé ngiringan, urang babuk waé éta mahluk
téh. Kang Sulé mawa nyéré anu meunang ngajampéan keur nyeprét éta mahluk.
Kuring mawa pangebug kasur, Uwa Nina mah ngagiwing panakol kohkol.
Ka jero imah téh
lalaunan. Ngeteyep tiluan. Di rohangan hareup teu aya, di dapur kosong. Muka
panto kamar ogé lalaunan. Kadangu Uwa Nina babacaan ayat kursi. Kamar téh
kosong. Patingharuleng wé tungtungna mah.
“Engké deui mah,
Néng, pami némbongan teras ditanya teu ngajawab, habek wé ku naon waé anu aya.
Hihid, susuk, cukil, baskom, ku katél panas ogé teu nanaon,” ceuk Kang Sulé
bari rada ditarikeun, cenah mah ngarah si jurig kembar ngadangueun.
Pasosoré Kang
Dadang mulang. Basa ditanya bintang film kameumeut, tuluy dijawab Dian Sastro,
ku kuring digabrug. Tuluy didongéngkeun kajadian tadi beurang.
“Nyaan, éta mahluk
nyilakakeun. Tapi Akang satuju, lamun datang deui bari ditanya teu ngajawab,
habek waé satarikna. Keur ngajirim kitu mah manehna keur lemah,” ceuk Kang
Dadang siga anu enya.
Enya waé, duka
ngadangueun atawa kumaha, ti harita mah si bangkawarah téh teu némbongan teu
ngaganggu deui. Ngan hiji soré, basa Kang Dadang mulang ti pagawéan, leungeun
kuring dibetot sabada nunda cikopi.
“Didaster anu tadi
deui anu soék nepi ka luhur. Seksi katingalina téh, matak henteu kuat,” haréwos
Kang Dadang.
“Daster mana?”
Kuring reuwas.
“Tadi jam sapuluhan
Akang mulang heula da aya anu tinggaleun. Nyampak Néng sasapu bari didaster soék....”
“Abdi mah tadi ka
Puskesmas, Kang.”
“Hah, berarti nu
tadi? Iiihh... untung saukur disun sakali.”
“Geuleuh... teu
rido! Akang sudah ternodai...!”
Kang Dadang ngabirigidig.
Kuring mah lain sieun, kalah jadi ambek. Awas siah. @@@
Mangle no 2737, 4-10 Juli 2019
0 Response to "SI KEMBAR"
Posting Komentar