BOLU MAMAH
Bulan puasa Romadon téh sok
ras inget ka jaman baheula, kira taun 1980-an. Jaman harita mah tradisi
kikiriman dahareun téh masih diaya-ayakeun. Komo deui di lembur anu
babarayaanana masih ngantét alias ka ditu ka dieu téh asa dulur deui dulur
deui. Lamun nyanghareupan munggah atawa Lebaran téh karasa pisan riweuh tapi
resepna.
Jaman ayeuna ogé masih kénéh
tradisi kikiriman téh aya, utamana mah ti budak ka kolot atawa ti adi ka
lanceuk. Tapi ari ka uwa-uwa, bibi-amang, geus mimiti jarang. Ari anu
dikirimkeunna, praktis waé ku kadaharan meunang meuli. Lamun henteu kuah-kuéh
kering, kuéh kaléng, nya kadaharan anu keur trending saperti brownies coklat
atawa brownies susu Lembang.
Tah, jaman baheula, enya ogé
masih budak, kuring ogé miluan kariweuhan tapi resep kikiriman kadaharan téa. Lamun
henteu olah kuah-kuéh, Apa ngahaja ngabedahkeun balong. Anu diala mah lauk emas
atawa mujaér garedé pikeun diasakan. Kuring mah sok miluan téh ngalaan lauk
jarah kayaning lélé, bogo, beunteur, jeung imprun géndot anu ayeuna mah disebut
platis jeung dijualan di tukang akuarium. Lauk téh sok diasakan, diacar atawa
dipais, dikirimkeun haneut kénéh ka uwa, amang, nini-aki tigigir jeung dulur
anu séjénna.
Anu sok matak seuri waé mah
basa Mamah (ka indung téh kuring mah gaya nyebutna Mamah) olah kuah-kuéh jeung
bolu. Dibantuan ku tiluan, ogé ku kuring jeung lanceuk miluan ngabentuk kuéh
atawa purah dititah ka warung. Nu penting mah deuih kuring mah sok ngumpulkeun
anu rada tutungna, keur engké buka puasa.
“Jung sanggakeun bolu ieu ka
Uwa,” saur Mamah bada asar.
Harita kuring rék ngaji ka
madrasah. Bolu téh heneut kénéh. Melenghir seungit matak uruy najan anu henteu
puasa.
“Hmm, mani seungit, Mah. Mani
hoyong kanggo buka puasa,” ceuk kuring bari muka tutup dus. Bolu konéng semu
garing luhurna, pastina ngeunah pisan keur buka mah.
“Huss! Apan éta mah kanggo
Uwa, engké wé urang mah ngadamel deui,” saur Mamah. “Rada bantat bolu téh, tapi
Uwa malah karesepna bolu anu bantat.”
Kuring sok resep dititah ka
Uwa téh, enya ogé rada jauh, tapi sok dibéré peresén keur jajan. Harita gé kita
da Uwa ogé nitip kikiriman keur Enin anu bumina caket madrasah. “Wios rantangna
mah tong dicandak deui,” saur Uwa. “Tah, ieu mah keur jajan.”
Nyabit anu tadi kasauran Mamah pajarkeun téh “engké wé
urang mah ngadamel deui”, éta mah saukur ngabébénjokeun, biheung bisa
kalaksanakeun. Da éta kikiriman téh henteu saukur keur dulur-dulur, tapi ogé
keur sobat sapadamelan Apa. Ti mimiti pingpinan dugi ka handapna dikirim bolu
atanapi kuéh kering. Atuh nyantek ka Lebaran téh henteu kaburu “ngadamel keur
urang” téa.
Eta ogé kikiriman ti batur
henteu kurang. Kuéh kaléng, orson, korma, ku kuring diteundeun dina méja
purakeun mangsana Lebaran. Matak pitilupoéeun deui ka Lebaran mah ku kuring
ditanyakeun.
“Mah, tos ngadamel bolu kanggo
dipurak ku urang téh?” ceuk kuring basa balik ngaji.
“Ah, riweuh. Ieu ogé henteu
kaudag!” saur Mamah bari siga anu rada bendu.
Lamun soanten Mamah siga kitu
kuring sok surti, ulah diteruskeun bisi leuwih nyeuseulan deui. Kuring mah
gancang wé lumpat ka masjid. Saminggu saacan Lebaran mah di masjid téh sok aya
buka bersama, sakapeung sok aya anu ngirim nasi kuning sagala.
Uih ti masjid Mamah nyauran.
“Tuh, bolu téh purak wé ayeuna,” saur Mamah bari nunjuk méja. Enya waé dina
méja aya bolu kénging ngadamel Mamah. Béda tina warna konéng jeung bantatna.
Kuring asa boga dosa.
“Wios atuh Mah ari kanggo
kintunkeunen mah,” ceuk kuring.
“Eta mah bolu anu minggu
kamari dikirimkeun ku manéh ka Uwa ayeuna balik deui ka dieu ti Bi Enin,” saur
Mamah bari gumujeng.
Kuring seuri. “Janten ku Uwa
dikintunkeun deui ka anu sanés, dugi ka Bi Enin teras dikintunkeun ka Mamah?”
Mamah
masih gumujeng. Enya ogé kitu, ku kikiriman mangsana puasa atawa Lebaran asa
leuwih deukeut duduluran téh. @@@
Mangle no 2735, 20-26 Juni 2019
0 Response to "BOLU MAMAH"
Posting Komentar