SIT-UNCUING
Sit-uncuing ngelak dina tangkal pisitan. Rarasaan Pa
Suryana, asa ti kamari. Matakna asa teu daék cicing. Tadi sabada solat subuh,
maké luha-loho ka dapur, nempoan pacul, linggis, dudukuy. Hayangna mah ras jig
ka makam.
Ngan geuning Abah Mar’i anu ditungguanna henteu jol kénéh
nyampeur. Boa sit-uncuing téh salah mangsa ayeuna mah. Puguh meureun manéhna
téh hayang ngelak waé saperti manuk séjénna. Naon buktina manéhna totondén saukur
disada lamun aya anu kapapaténan?
Gék Pa Suryana dina babaléan di teras tukang. Biasana di
dinya Pa Suryana sok ngobrol jeung sobat-sobatna. Abah Mar’i mimindengna mah
anu sok nganjang téh. Lindeuk ti mimiti Pa Suryana pindah ka Cihérang dua taun
katukang. Sok bari jangjang-jingjing geuning Abah Mar’i mah lamun nganjang téh.
Taleus, seupaneun meunang ngundeur, belut lamun tas macul di sawah, iwung,
jeung réa deui kadaharan kampung.
Resep jeung nineung lamun geus diuk dina babaléan bari
nyawang ka jauhna. Puguh pamandangan sawah upluk-aplak matak waas. Atuh anu
deukeutna, balong maké pancuran sayong matak kelar. Sisina pinuh ku pepelakan
undeureun sakalieun lamun hayang lalab. Pohpohan, surawung, sosin, cabé, tomat,
paria ogé aya.
Sakabéhna meunang pangropéa sobat-sobatna. Pangpangna
Abah Mar’i. Pa Suryana mindeng seuri sorangan lamun keur ngalamun sosoranganan
di babaléan. Puluhan taun ngumbara, jadi guru di Banten belasan taun, pindah ka
Jakarta puluhan taun, sabada sababaraha taun pangsiun bet kapincut ku lembur matuh
banjar karang pamidangan. Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan, ceuk
ki dalang téa mah.
Mimitina mah basa ditinggalkeun ku Nina. Kungsi pok basa
keur di rumah sakit lantaran nyeri waé lambung.
“Mamah mah, lamun téa tos waktosna kana tungtung umur,
hoyong reureuh téh di lembur,” cenah duka ti mana mimitina bet ka dinya
ngaléokna.
“Hus! Nanaon téh maké nyarios kitu,” témpas Pa Suryana. “Barina
ogé apan urang mah tos teu gaduh lembur.”
“Apan Cihérang, tempat urang dilahirkeun jeung jarambah
mangsana bolon. Anjang-anjangan, sosorodotan di kebon, nyair di sawah, matak
waas. Kumaha ayeuna Erum, Anang, Nunung, Nata, Engkos, Wiwi, araya kénéh kitu?”
“Mamah, mani capétang....”
“Muhun, Mamah mah hoyong ka lembur, Pa.”
“Tapi urang tos teu gaduh sasaha di ditu ogé. Kolot-kolot
tos teu araya. Kantun kapi-kapi anu tarebih, kitu ogé duka araya duka henteu.”
Enya waé, dua poé ti harita Nina bet mingkin parna, dina
lambungna cenah aya pendarahan. Basa nepi kana titis-tulisna, barudak mah
satuju Nina dikurebkeun di Jakarta waé. Ceuk Prana, makam mah tos diuruskeun
sagala biayana. Ceuk Natasa, di Jakarta mah profesional ngurusna, di Cihérang
mah can puguheun ditarima da sanés wargana. Ah, barudak mah da henteu kungsi
wawuh ka Cihérang.
Pa Suryana nyalira anu keukeuh nyandak layon Nina ka
Cihérang. Nyaan waé gening, saperti ceuk sangkaanana, urang Cihérang mah henteu
waé langsung mangmulasarakeun, tapi ogé ngabagéakeun ka Pa Suryana. Kapi-kapi
anu jararauh, ogé barudakna, ngararaku. Ogé sobat-sobatna anu masih aya.
“Paingan ti kamari sit-uncuing mani ngelak, da aya anu
kapapaténan. Kukumaha ogé, Jang, garwa téh urang dieu, bibit-buit Cihérang, nya
totondénna ogé ka dieu,” ceuk Abah Mar’i basa ngagali kubur.
Pa Suryana harita ngiring capé macul jeung ngeruk kubur. Enya
ogé diulah-ulah ku pribumi, tapi keukeuh. Minangka kanyaah panungtung cenah,
hayang mulasara téh miluan jeung nanaonna. Ari pribumi mimitina ngaulah-ulah
téh da puguh Pa Suryana mah katingali henteu biasa. Béda jeung Abah Mar’i anu
enya ogé umur mah 70 taun tapi da biasa pucal-pacul naktak-mundak, cangkér
katingalina téh.
Pangalaman harita anu ngarobah sagalana. Prana jeung
Natasa nepi ka gogodeg basa Pa Suryana bébéja rék bebetah di Cihérang. Imah anu
di Jakarta dikaluarkeun, lumayan sabada ditukeurkeun jeung di Cihérang mah. Lain
waé jadi imah lega sisi sawah, tapi ogé jeung sawahna sababaraha kotakan, atuh
tabungan masih aya.
Panyangka urang Ciherang, ogé Prana jeug Natasa, Pa
Suryana téh hayang deukeut jeung makam geureuhana. Tapi saenyana anu dipokeun
ka Abah Mar’i mah henteu kitu.
“Pami aya anu kapapaténan, pami Abah badé ngagali
kuburan, sampeur ka dieu,” saur Pa Suryana.
“Ah, nanaon téh Ujang mah. Eta mah bagian tukang kuli
sapertos Abah atuh,” témbal Abah Mar’i bari ditungtungan ku ngahéhé. “Ujang mah
pantesna ogé disebat Juragan Pangsiun. Raos-raos waé bebetah di bumi. Pepelakan
sayuran, kekembangan. Atuh pami hoyong aya anu ngaréncangan, minangka gegentos
anu tos teu aya, moal sesah kanggo Ujang mah. Kitu apan nyurupna sareng biasana
ogé.”
“Hiss! Ari Abah sok asal nyarios téh.”
Abah Mar’i ngahéhé deui nepi ka témbong gugusina anu
lémong. Tapi da enya henteu ngarti Abah Mar’i téh waktu diterangkeun yén Pa
Suryana deudeuieun miluan ngagali kuburan.
“Abdi téh ibadah ka masjid itu masjid ieu mindeng, tolab
ilmu ka kiai ieu kiai itu osok, jarah ka tanah suci Mekah kantos, tapi rarasaan
abdi anu pangeleterkeun haté mah ngan di jero kuburan,” saur Pa Suryana.
Abah Mar’i molohok. Mang Isan, Pa Didi, anu harita ogé
ngariung di babaléan teras tukang bumi Pa Suryana, sarua ngaharuleng.
“Matakna ajakan abdi pami badé ngagali kuburan.”
Ti harita Abah Mar’i sok nyampeur lamun aya anu
kapapaténan téh. “Jaangng...! Hayuu...!” Sakitu biasana ngagorowokna Abah Mar’i
ti buruan, Pa Suryana sok langsung kaluar bumi bari saged didudukuy jeung
nanggung pacul.
Henteu gampang ngagali kuburan pikeun anu henteu biasa
mah. Eta waé Pa Suryana mah salain mandi késang téh, maké sok nyareri awak
sagala. Tapi henteu sabaraha nyareri awak sakitu mah. Enya, da kaubaran ku anu ngageter
dina haté anu nyéak saawak-awak. Pangpangna basa layon diturunkeun, dihadepkeun
ka kiblat, dampal sukuna ditojérkeun kana taneuh. Ngan samenit dua menit di
jero kuburan téh, tapi anu gumeter dina kalbu manjang kababawa. Matakna lamun
kulawarga layon henteu turun ka kuburan pikeun ngurebkeun, Pa Suryana mah sok
haget ngagantian.
Pikeun ngungkulan rarémpo awakna, Pa Suryana ngahaja
leuleumpangan ngurilingan lembur. Mimitina mah ka anu deukeut, tapi terus
ngajauhan jeung ngagancangan. Maksudna mah sangkan ulah jauh teuing waé bédana
cangker jeung bedas dibanding Abah Mar’i. Umur mah leuwih ngora tilu taun
saenyana. Tapi Abah Mar’i mah ti bubudak biasa sagawé-gawé jadi awakna cangker
jeung bedas. Matak basa diajak leuleumpangan téh saukur ngahéhé.
“Abah mah ka kebon ka sawah ogé apan késang téh leuwih ti
leuleumpangan, Jang,” pokna téh.
Urang Cihérangna mimitina mah henteu aya anu percayaeun
lamun Pa Suryana osok ngagali kuburan. Kangaranan di lembur, ngagali kuburan
téh henteu diburuhkeun. Sok saha waé anu daraék jeung anu nyaralsé. Tapi ari anu
imahna dareukeut ka makam saperti Abah Mar’i jeung Mang Isan mah, keur aya
perlu ogé sok nyimpang heula ka kuburan. Najan henteu diburuhkeun, sok aya waé
ti kulawarga anu kapapaténan téh kaingetan keur anu ngagarali kuburan.
“Jang, punten nya, ieu mah da bagian kanggo anu ngagali kuburan
kamari. Aya titipan ti kulawargana, amplop sareng ieu sapelastik,” ceuk Abah
Mar’i bari nunda pelastik dina babaléan.
“Ditampi pisan, Abah, wartoskeun ogé hatur nuhun,” témbal
Pa Suryana. “Tapi ieu bagéan abdi téh, candak waé deui ku Abah, bagikeun ka anu
ngagarali kamari.”
Matakna urang Cihérang saukur garogodeg sabada terang Pa
Suryana mindeng ngiringan ngagali kuburan. Basa disebutkeun mani kersaan,
ngaeuleuh-euleuh, nganuhunkeun, Pa Suryana mah saukur unggeuk jeung imut.
Matakna unggal aya sit-uncuing ngelak Pa Suryana mah sok
geuwat ngadaweung di babaléan. Abah Mar’i atawa sakapeung Mang Isan teu lila
téh enya waé nyampeur. Atuh da geus siap ti tadina ogé, pacul tinggal dijéwang,
dudukuy tinggal dipaké. Bring wé ka makam di pasir sisi leuweung.
Tapi poé ayeuna, enya ogé sit-uncuing ngelak ti kamari,
nu nyampeur téh bet suwung. Barina ogé naha percaya teuing ka manuk. Kitu
pipikiran Pa Suryana téh. Tapi haténa bet marojéngja. Tengo deui tengo deui ka
tungtung jalan. Nyeri beuheung sosonggéteun. Abah Mar’i, Mang Isan, ka marana
atuh?
Da ceuk rarasaan sit-uncuing téh ngelak matak kelar,
pasti aya anu kapapaténan. Lain percaya ka manuk. Tapi totondén jeung kakelar
téh geus nyampak dina haté. Jung wé Pa Suryana indit bari didudukuy jeung
manggul pacul saperti biasana.
Enya waé, di makam téh katingali anu ngagarali kuburan
keur dariuk. Beu, sigana mah geus réngsé kuburan téh. Padung jeung kai ngajajar
di gigireun kuburan. Beu, harianeun ari Abah Mari’i jeung Mang Isan. Tapi ka
marana maranéhna?
“Cukup nanaonna, Bah?” ceuk anu di luhur.
“Enya cukup,” sada Mang Isan anu némbalan téh.
Oh, geuning Abah Mar’i jeung Mang Isan mah keur mémérés
di jero kuburan.
“Abah asa patingsariak, sararedih, matak kelar ieu téh,”
ceuk Abah Mar’i semu ngaharéwos.
“Puguh deui da Abah aya ku dalit pisan,” témbal Mang
Isan.
“Meureun kitu. Meureun aya anu mimiti karasa. Anu ahéng
anu matak Pa Suryana hésé dimangarti ku sasaha, ayeuna bet karasa ku Abah. Apan
pangreureuhan urang saréréa, pangbalikan urang saréréa, tapakuraneun urang
saréréa, di dieu tempatna. Pileuleuyan Juragan Pangsiun.”
Pa Suryana ngagebeg. Sedih, kelar, bungah, bingung, beuki
pacampur. @@@
Mangle no 2736, 27 Juni – 3 Juli 2019
0 Response to "SIT-UNCUING"
Posting Komentar