SOBAT LAWAS

Carpon Yus R. Ismail

“Poho nya?”
“Apal tapi... saha nya?”
“Nya pasti poho da. Udi ieu téh. Sobat baheula... jaman SD di lembur.”
“Ooohh... enya atuh. Apal pisan. Saha deui budak pangbangorna.”
“Haha... inget téh kana bangorna.”
“Atuh da enya, Di. Inget ka Udi téh... inget ku bangorna.”
“Teu nanaon lah da rumasa.”
“Naha geuning aya di dieu?”
“Hayang waé atuh Udi di kota. Geus aya sataunna Udi téh di dieu.”
“Oh kitu, gawé di mana kitu?”
“Jadi sales kuéh jajanan barudak. Ah, tapi gajihna teu sabaraha. Teu kawas Yus gawé kantoran. Jaba jadi pamingpin. Sabulanna gé pasti aya puluhna juta, nya?”
“Nu penting mah barokahna, Di. Saeutik mahi gedé nyésa téa ceuk kolot mah.”
“Tah kitu, matak Udi ka dieu ogé hayang diajar siga kitu. Yus mah nya pinter, bageur, nurut ka kolot.”
“Haha... bisa waé. Lain, naha geuning apal ti saha Yus gawé di dieu?”
“Jaman ayeuna mah gampil atuh.”
“Enya kitu. Eh Di, sori nya, lila moal namuna? Atawa aya perlu anu ngadesek teu? Ieu masih jam kantor.”
“Duh, enya nya, jadi teu enak ogé nya. Ari perlu mah... nya... tapi kudu ngobrol heula. Kumaha nya....”
“Kieu wé, Di. Tungguan tuh di kafe peuntaseun kantor. Pesen kopi wé jeung lalawuhna. Sajam deui ogé istirahat. Engké Yus ka ditu.”
“Tah, kitu atuh. Tapi Udi mah rék ka masjid heula, tuh nu itu.”
“Hehe... insaf ayeuna mah. Eh, apan acan waktu lohor?”
“Sugan kaburu kénéh duha.”
**

“Tah, tegep dikopéah mah, jadi siga Naib Cidahu.”
“Nanaon téh! Naib Cidahu mah atuh ustad tagog wungkul.”
“Atuh da jadi inget ka lembur panggih jeung Udi téh. Di dieu kakara sataun nya, naha saméméhna Udi di mana?”
“Ah, ngacacang wé ka ditu ka dieu. Malah kungsi ka Sumatera sagala. Tapi capé ayeuna téh, Yus. Hayangna mah bebetah téh di dieu.”
“Enya atuh, Di. Geus waktuna bener ayeuna mah. Umur urang ogé apan ayeuna téh geus tunggang gunung.”
“Enya, teu karasa nya, umur urang téh geus ampir 50 taunan.”
“Bagja ningali Udi mah, hadé kakolotnakeun. Khusnul khotimah téa anu kitu téh, Di. Mungguhing hirup mah kudu kitu. Ulah siga Pa Sudira jeung Kang Suparta. Pira ogé aya limus murag ninggang kenténg, hayoh digegedékeun. Padahal mah buah limus murag ku angin. Henteu aya anu ngahaja muragkeun buah limus. Anu kitu téh heuras haté téa, Di.”
“Haha... geuning inget kénéh ka urang lembur?”
“Puguh waé, apan ningali Udi téh jadi inget ka lembur. Eh, enya Di, naha can pesen nanaon ning? Henteu kopi henteu lalawuhna.”
“Da kakara jol tadi téh. Ongkoh deui, teu bisa pesenna di tempat kieu mah.”
“Haha... sarua waé atuh pesen mah. Rék kopi, atawa madang waé sakalian? Tah, aya ménuna di dieu gé. Steak and creamy mashed potato, atawa gado-gado?”
“Ah, kumaha Yus wé.”
“Ieu wé nya, steak tambah kentang. Ké urang tulis heula nya. Inumanna naon nya, kopi atawa jus? Kopi waé nya jeung entéh tawar. Jang, pelayan....”
“Ari Yus, sabaraha taun cekel gawé di dieu?”
“Di dieu mah kakara 10 taun. Mimiti mah apan biasa waé di daérah heula. Terus nuluykeun heula sakola S2 jeung S3. Asup deui téh nya ditempatkeun di dieu.”   
“Reueus ari ningali babaturan suksés téh. Ari ningali nasib sorangan, geuning ngan saukur kieu.”
“Lain nasib, Di, da bongan sorangan. Keur SD batur sakola Udi mah apan kalah milu ka anu iring-iringan, batur ngaji Udi mah kalah nguseup di walungan. Keur SMP gawé téh ngan uniko waé. Keur SMA mah malah ngajual kalapa di kebon kolot sagala nya.”
“Haha... éra ah ngomongkeun waé mangsa bangor. Maké inget kénéh istilah uniko, universitas nipu kolot.”
“Puguh inget ka Udi téh inget ku bangorna. Apan ka sobat-sobat sakelas ogé geuning Udi kungsi ngajual salak. Ngeunah cenah salakna ogé, amis pisan, salak pondoh téa. Terus Udi méntaan duit. Yus ogé apan kungsi méré sapuluh sikieun salak. Tapi unggal ditagih salakna, jawabna téh balucat-balicet. Ari ditéang téh ka kebon ku babaturan sakelas, aya éta ogé tangkal salak mah tapi buahna ngan ukur 15 siki da apan di urang mah goréng melak salak téh. Pentil kénéh. Jaba geuning éta mah tangkal salak di kebon Kang Abas, lain kebon kolot Udi.”
“Enya, ngaku éta ogé. Matak mindeng leuleus ari inget ka dinya mah. Dosa téh salaput hulu. Dihampura moal kitu ku Gusti?”
“Hus, nya ari tobat mah pasti dihampura, Di. Apan Gusti mah lautan hampura. Ieu mah saukur nineung. Nineungna ku Udi téh kitu.”
“Hampura nya, Yus, kalakuan Udi baheula. Salah sahiji maksud Udi téh kitu. Hayang nguriling manggihan babaturan baheula, hayang dilipurkeun tina sagala kasalahan.”
“Ari urusan kasalahan mah, Di, saha atuh anu henteu kungsi salah? Sarua waé, urang silih lubarkeun waé. Ngarah haté caang padang narawangan. Salain jeung Yus, Udi kungsi manggihan saha deui?”
“Nyaéta matak ka dieu ogé hayang apal. Yus mah pastina masih sok kontak jeung Neng Yaya, Jang Oman, Neng Entin alias Tini Sugiartini, jeung anu séjénna.”
“Puguh waé, Di. Apan dina facebook sok ngalobrol. Ari Udi boga akun facebook?”
“Nyaéta matak ka dieu ogé, lamun henteu lila mah, sakalian atuh pangnyieunkeun.”
“Gampang éta mah, da ukur sababaraha menit nyieun akun facebook mah. Ké urang buka heula laptopna nya. Ayeuna mah tah steakna heula waé, Di.”
“Haha... anu kieu mah atuh lain steak and creamy mashed potato... beuleum daging jeung bubur kentang waé kitu.”
“Dasar kadaharan deungeun nya, Di. Tah, kieu nyieun akun facebook téh. Eusian heula kotak-kotak kosong ieu. Tuh, geus ditarima geuning. Gancang pan.”
“Mun geus kieu bisa kontak ka babaturan?”
“Puguh waé, tapi kudu ditéangan hiji-hiji. Lamun rék ningalian babaturan mah ké tina akun Yus wé nya. Urang kaluar heula tina akun Udi. Tah, tina akun Yus apan babari. Tah, ieu potrét Neng Yaya. Anu ieu Neng Entin. Pa Sunarya, guru urang baheula, aya ogé tah.”
“Enya, jaman téh geus béda jauh nya ti jaman urang. Nuhun Yus, insyaallah rék dikontak kabéhanana ogé.”
“Kontak waé, Di. Engké urang kumpul ari aya waktu nyalsé saréréa. Lain, ti dieu Udi rék ka mana? Yus mah sakeudeung deui ogé asup kantor deui.”
“Ah, rék balik waé Yus. Tapi asa lalewang rék balik téh.”
“Naha aya naon, Di? Pok waé atuh ari aya karerepet mah. Tong maké disumput-sumput. Urang téh sosobatan ti leuleutik, kudu silih tulungan.”
“Nyaéta tadina mah éra pokna. Budak téh keur gering, Yus. Tadina sugan téh cukup ku dibawa ka Puskesmas, ari pek cenah kudu ka rumah sakit. Kudu dioperasi. Kudu aya lima jutana cenah. Tah, ieu alamat kontrakan Udi. Ieu alamat tempat gawé Udi. Kuduna mah budak téh dibawa ti kamari ka rumah sakit. Tapi teu nanaon, doakeun waé cingdikuatkeun budakna, rék nungguan Yus ngalongok waé.”
“Oh, lain ti tadi atuh, Di.”
“Nyaéta éra jeung asa-asa.”
“Hayu urang ka ATM heula. Gancang bawa ti heula ka rumah sakit budak mah. Bisi kumahaonam. Béjaan waé lamun geus di rumah sakit.”
**

“Leres ieu téh kontrakanana Udi?”
“Muhun, leres pisan.”
“Nuju aya kitu?”
“Nyaéta tos aya dua mingguna henteu ka dieu-dieu. Mangkaning di kontrakanana téh ngantunkeun istri sareng putrana anu nuju teu damang. Abdi salaku anu gaduh kontrakan, janten bingung, Pa. Eta atuh da Udi téh henteu ngantunan béas komo artos ka istrina téh. Kontrakanana tos 4 sasih henteu mayar. Ka abdi ogé sateuacan angkatna téh nambut artos sajuta rupiah. Cenah kanggo ngahubungi réréncanganana anu janten Kepala Dinas. Pasti dilunasan cenah tunggakan sareng sametan sapuluh juta waé mah. Namina téh Yus. Muhun éta téh Bapa?”
“Geuning....!”
“Muhun kitu pisan, Pa. Teu percanten mah, hayu waé urang tingali ka kontrakanana. Tah, Neng ieu istrina Udi téh.”
“Sebenarnya saya ini bukan istrinya, Pa. Saya dibujuk-bujuk dari kampung di Sumatera. Katanya saya mau dikawin kalo mau diajak ke sini. Kang Udi itu orang kaya di pulau Jawa. Ternyata begini. Anak sakit saja tidak bertanggung jawab.”
“Kieu waé Pa, Bu, kumaha upami urang susul waé ka tempat damelna?”
“Tempat damelna di mana?”
“Di perusahaan jajanan barudak. Udi téh apan janten sales.”
**

“Muhun ieu téh kantor jajanan barudak tempat Udi damel?”
“Muhun pisan, Pa. Bapa téh sahana?”
“Abdi réréncanganana.”
“Tah, geuning ka dieu ogé. Kieu Pa, Udi téh tos sasasih henteu setor. Sadintenna téh kedahna setor 2 juta. Janten tunggakanna téh tos 60 juta rupiah. Ditelepon nembé nyambung kamari. Cenah bakal aya réréncanganana anu ngurus masalahna. Bapa apan anu badé mayarna?”
**

“Néng Yaya, keur naon? Asa hayang curhat. Lieur hirup téh. Apal kénéh apan ka Udi, sobat urang baheula di lembur?”
“Enya, kumaha ayeuna budakna anu kudu dioperasi téh? Geus meunang sabaraha keur biayana?”
“Maksudna?”
“Apan Yus anu tadi ngainbox dina facebook. Budak Udi cenah kudu dioperasi. Urang udunan 10 juta séwang.”
“Sapuluh juta? Dikirim ka mana duitna?”
“Enya apan kana rékening Udi. Neng Entin, Asép, Uja, Miska, jeung sababaraha urang deui, tadi ogé langsung transfer. Apan Yus anu tadi ngabebereg. Ngainbox ka saréréa.”
“Waduh, akun fb-na dihacker.”
“Naha jago IT si Udi téh ayeuna mah?” @@@

Sumedang, 14-12-2018
Minangka aprésiasi kana kumpulan carpon Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata.

Mangle no 2714, 17-23 Januari 2019

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "SOBAT LAWAS"

Posting Komentar