Motor Batuk

barakatak majalah mangle

Ieu mah pangalaman sababaraha taun katukang basa anyaran meuli motor métik. Harita kuring masih nganjrek di Bandung. Saenyana mah lain motor keur kuring. Puguh kuring mah angger wé resep motor téh anu maké gigi. Motor métik mah pamajikan anu hayangna. Kitu wé paragi balanja ka warung, nganteur sakola budak, atawa kukurilingan ka tempat anu deukeut.
Hiji poé kuring aya perlu ka Garut. Panasaran hayang ngajaran motor métik ka  tempat anu rada jauh. Duaan jeung sobat indit téh, ngarah bisa silih selangan. Ti Bandung téh indit isuk-isuk. Yana, sobat kuring téa, anu ti hareup, kuring diboncéng.
Sapanjang jalan motor téh asa batuk waé. BLETUK! Cenah kenalpotna batuk.
“Kunaon nya motor téh?” ceuk kuring.
“Meureun pedah dibawa jauh,” tembal Yana sangeunahna.
“Ah, apan ti Bandung kéneh geus batuk waé.”
Di Rancaékék kapaksa nyimpang ka béngkél. Hariwang atuh da, batukna téh sakapeung tarik pisan. Dipariksa wé, tapi da henteu manggih nanaon.
“Biasa métik mah kitu,” ceuk béngkél. “Panas teuing panginten.”
Indit deui wé geus dipariksa mah. Bari henteu ngarti, maenya motor anyar gampang éléh ku panas sakitu. Tapi acan ogé jauh, motor téh batuk deui. Terusna mah siga anu gering, unggal sababaraha menit batuk deui batuk deui. Nyimpang deui wé ka béngkél. Nepi ka Garut téh opat béngkél anu disimpangan. Tapi kabéhanana ogé henteu manggihan panyakit motor nepi ka batuk waé. Langsamna geus dileutikan tapi batuk angger. Lantaran sok eureun ngadadak, nya langsam digedéan deui.
Enya ogé kitu, perjalanan bulak-balik ka Garut téh salamet wé. Pasosoré téh geus nepi deui di Bandung. Isukna, didongéngkeun perkara motor batuk téh ka tatangga. Enya Pa Erwan, tatangga téa, sarua henteu nyahoeun. Tapi budakna anu geus asup SMU nyampeurkeun.
“Ningali motorna, Pa,” ceuk Edwin, budak Pa Erwan téa.
Kabeneran motor téh aya di buruan. Edwin ningalian motor. Teu lila nyampeurkeun deui.
“Ayeuna mah moal batuk deui geura, Pa,” ceuk Edwin.
Kuring asa henteu percaya. Motor saukur diusapan, maenya batukna cageur? Apan béngkél ogé henteu nyarahoeun panyakitna. Tapi basa diajaran kukurilingan di perumahan, enya wé henteu kadangu deui batuk.
“Kunaon atuh kamarin batuk-batuk waé nya, Jang?” ceuk kuring ka Edwin.
“Tadi mah cuk-na muka, Pa. Éta anu nyababkeun batuk waé mah,” témbal Edwin.
Kuring molohok. Atuh babari kitu mah. Hanas kamari ka Garut sajajalan ngantep motor batuk. Basa Yana ditelepon, dibéjaan ku naon motor batuk waé, manéhna ogé seuri. Dasar, kanyaho téh éléh ku budak. 

Mangle no 2570, 24-30 Maret 2016

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Motor Batuk"

Posting Komentar