MULANG

Carpon Sunda Midang

Barang nincak landasan Bandar Udara Soekarno-Hatta, rénghap téh asa ngemplong. Anu salila ieu mentegeg dina angen, siga anu rabeng haliber. Rénghap karasa seger jeung hampangna. Bari neuteup langit lénglang, awan ngalayang ngabentuk gambar-gambar lucu. Ah awan, salawasna jadi gambar anu éndah.
Di ruang tunggu, panumpang anu kakara turun jeung anu ngajemput amprok, sarasalaman, silihtangkeup, nyacapkeun rasa sono. Kuring gancang nyalingker, néangan tempat suni. Dina bangku anu nyanghareupan taman bandara, kuring néangan buku tina tas, terus maca. Api-api maca saenyana mah, da pikiran mah ngalayang ka lima taun katukang….
Di dieu, di bandara Soekarno-Hatta, suku kungsi beurat pikeun ngaléngkah. Abah, Umi, Herlina, adi kuring hiji-hijina, nganteur kuring nepi ka dieu. Kuring ditarima kuliah di Universitas Andalas, Padang. Tapi saenyana lain saukur Abah, Umi jeung Herlina, anu matak beurat ngaléngkah. Da anu utama mah….
Euis Maémunah imut basa kuring neuteup. Enya, imut Euis anu nyababkeun beurat ngaléngkah téh. Padahal ngan ukur puluhan léngkah ka pesawat anu geus ngahiap panumpang téh.
“Kang, tong hilap uih nya,” ceuk Euis halon. “Margi di Dago aya anu ngadago, aya anu sono.”
“Bagja temen Akang margi aya anu sono,” pok téh ku sora anu satengah ngaharéwos, sieun kadangueun ku Abah sareng Umi. “Saha anu sono téh, Euis?”
“Pokona aya mojang Dago anu henteu weléh ngadago.”
“Enya ogé ngumbara téh kakara badé jung, ari haté mah tos hoyong uih,” ceuk kuring bari seuri. Euis imut ditahan. “Akang pasti mulang, Euis.”
“Mulang ka mana, Kang? Apan ka Padang téh kalebet mulang kanggo Akang mah. Kumaha upami pendak sareng mojang Minang anu cenah gareulis saroléh?”  
Kuring imut. Ditangkeup Abah, diusapan Umi, nangkeup Herlina, saacan ngaléngkah ka jero pesawat. Puguh atuh saukur unggeuk ka Euis mah. Henteu sasalaman, komo nangkeup bari ngusapan. Di kulawarga kuring mah agama téh anu utama. Salaku muslim, henteu diwenangkeun kitu peta ka lain muhrim.
**

Henteu salah naon anu disebutkeun Euis, ka Padang téh saperti mulang keur kuring mah. Lantaran di Bukittinggi nganjrek dulur-dulur kuring. Nini, mamak, mak adang, mak etek, uda, uni, nepi ka lieur kuring ngapalkeunana.
Basa kuring ulin ka Nini, dulur-dulur anu séjén pada ngahiap. Enya ogé sama sakali kuring henteu bisa basa Minang, tapi kuring enya-enya diaku salaku dulur. Kabodoan kuring kana basa Minang malah jadi bahan gogonjakan. Matakna ampir unggal poé peré kuring ka Bukittinggi, asa enya-enya jadi urang Minang anu daréhdéh jeung akuan.
Enya ogé kitu, kuring ngarasa ari lembur panginditan mah angger Bandung. Enya, lantara ti mimiti brol kuring nyeuseup hawa Bandung, nginum caina, ngadahar sanguna, nincakan taneuhna. Kuring malahan henteu inget kungsi dibawa Abah jeung Umi ka Bukittinggi. Harita umur kuring kakara tilu taun. Ningali potrét-potrét kuring di bumi mak etek Rani, rai Abah, kuring sura-seuri sorangan.
“Hidep resep pisan kana kuéh basung,” saur mak etek Rani. “Tapi sigana Abah tara deui masak kaolahan has Minang. Enya ogé mimiti ngarantau mah Abah téh dagang saté, tapi saterusna mah kalah digawé.”
Cenah, Abah téh ngan dua taun dagang saté padang. Lantara upami hayang pasakan anu nyaan-nyaan saperti anu diajarkeun ku Nini mah kudu mawa bungbu langsung ti Minang, Abah tungtungna eureun. Abah terus ngalamar jadi guru di sakola swasta bari ngalamar ogé mojang Sunda, nyaéta Umi. Sataun ti harita lahir si cikal, nyaéta kuring. Heuleut tilu taun, borojol deui adi kuring, Herlina.  
Ngeunaan sékésélér ieu kuring kungsi heureuy jeung Euis Maémunah. Harita téh keur ulin ka Bonbin. Kakara dua bulan papacangan. Istilah babaturan mah bobogohan. Tapi kuring sok henteu wasa nyebut bobogohan. Enya, meureun lantaran didikan agama di kulawarga kuring mah pageuh pisan. Enya ogé mupakat pikeun papacangan, henteu kungsi ulin paduduaan. Upama ngadon ulin ka tempat wisata, pasti ngabring ramé-ramé jeung sobat séjénna.
“Euis, terang kunaon tempat ieu disebat Bonbin?” ceuk kuring.
“Eta mah akronim tina Kebon Binatang,” jawab Euis.
“Betul, seratus kanggo Euis. Tapi upami urang nurutan nami ieu tempat, diakronimkeun, urang bakal riweuh.”
“Maksudna?”
“Meureun urang mah bakal jadi Mesum.”
“Mesum kumaha?”
“Enya, Melayu, Sunda, Minangkabau.”
Euis seuri mani ngareunah.
**

Resep ka Euis téh mimitina mah basa kuring kelas dua SMU. Euis harita kakara kelas dua SMP, sobatna Herlina. Naon-naon anu aya dina diri Euis rarasaan téh teu weléh nyari jeung éndah dina haté kuring. Imutna, rambutna, cureuleuk socana, éraanana, sopan jeung akuanana, hésé pikeun dipohokeun.
Tapi jauh saacan nyaah ka Euis, kuring geus nyaah ka Bandung. Ti leuleutik Abah sok ngajak kukurilingan, jalan-jalan ka sabudeureun Bandung. Ti Puncrut naék ka Lémbang, ti Lémbang turun ka Cimahi, ti Majalaya mapay-mapay Citarum. Lamun cape terus kuring mah diakod. Moal poho kumaha marakbakna kota Bandung ditingali ti Dago, ngararasakeun hiliwir angin Lémbang anu nyecep, lulumpatan sawaregna di alun-alun Bandung, nataan ngaran sasatoan di Bonbin.
“Bandung téh kota anu henteu saukur jadi kareueus pangeusina, tapi ogé kareueus Indonésia,” saur Abah hiji waktu. “Apan sesebutanna ogé Kota Kembang, Paris Van Java.”
Harita kuring kakara kelas hiji SMP.
“Abah mah ngumbara di Bandung téh. Tapi nyaah Abah ka Bandung, henteu éléh ku urang dieu pituin,” saur Abah deui. “Ari hidep, hidep mah enya-enya urang Bandung. Lantarn hidep mah lahir di dieu, mimiti nyeuseup hawa nya hawa Bandung, mimiti nginum cai nya cai Bandung, mimiti ngalalanyahan sangu nya sangu Bandung.”
Kuring saukur seuri.
**

Kuliah kuring di Universitas Andalas kuduna mah anggeus salila opat taun. Tapi basa ngaréngsékeun skripsi kuring elat sataun. Kahiji lantaran hasil skripsi téh hayang bisa diterbitkeun jadi buku umum. Waktu ngetik skripsi téh, kuring ngetik ogé dina versi anu leuwih populér keur dikirimkeun ka penerbit. Kadua lantara kagiatan kuring dina dunya literasi lumayan ngabancang waktu. Kuring jeung sobat-sobat literasi lainna, henteu weléh kontak jeung sobat-sobat di Jakarta, Yogyakarta, Surabaya, Samarinda, jeung aktivis kota-kota séjénna. Kagiatan rutinna mah ngayakeun pelatihan, pertunjukan, jeung diajar nulis di media massa.
Tangtu waé basa skripsi anggeus rarasaan téh asa bungah amarwata suta bungah kagiri-giri, kitu ceuk ki dalang ogé. Tangtu waé kuring hayang gancang ngabéjaan ka Abah jeung Umi di Bandung, dulur-dulur di Bukittinggi, jeung tangtu waé ka Euis Maémunah.
Tapi béja ti Euis geus miheulaan nepi. Euis saminggu deui bakal jatukrami. Kolot Euis geus narima lamaran pengusaha rumah makan sea food. Tangtu waé awak téh asa leuleus satulang sandi. Pipikiran ngadadak henteu panceg. Henteu percaya. Tapi basa ditélépon Euis saukur ngajawab ku ceurik jeung ceurik, kuring kakara percaya. Dada téh nyeri, ambekan asa beurat, asa saresek.
Herlina, adi kuring, terus ngabéjaan, cenah unggal panggih ogé Euis ceurik balilihan. “Euis téh henteu bisa nanaon. Kolotna ogé henteu wasa nolak lamaran lantaran ngarasa kahutangan budi ku pengusaha rumah makan anu ogé cenah masih katalian ku dulur,” ceuk Herlina.     
Abah jeung Umi ngalongok ka Padang. Aranjeunna nangkeup bari nyiuman basa kuring diwisuda.
“Umi mah ngarti lamun hidep henteu mulang ka Bandung,” saur Umi. “Mulang waé ka Bukittinggi. Di ditu téh dulur-dulur hidep wungkul. Atawa bumetah di Padang ogé henteu nanaon. Baktikeun élmu téh di dieu.”
Tapi poé ieu, poé basa langit lénglang digambaran awan éndah, kuring turun di Bandara Soekarno-Hatta. Abah, Umi, adi, henteu aya anu apal kuring mulang. Hawa Bandung anu nyecep anu pangheulana ngabagéakeun. Naon anu ngabagel dina angen rabeng haliber.
Ti leuleutik kuring téh geus nyaah ka Bandung, nya salawasna bakal nyaah. @@@

Sunda Midang no 147 Taun ka-13, 25 Januari - 25 Pebruari 2017

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "MULANG"

Posting Komentar