Disangka Jeger

barakatak mangle

Ieu mah pangalaman kuring  basa mimiti asup kuliah taun 1989. Jaman harita mah keur ramé istilah perpeloncoan téa geuning. Moal didongéngkeun kumaha raména perpeloncoan anu lilana saminggu mah. Ngan anu jelas sirah kuring didugulan. Kuring kuliah téh di salah sahiji perguruan tinggi di Bandung.
Keur dipelonco mah milu ngéndong di bibi di Cibeureum. Atuh saminggu sakali balik ka Sumedang. Matuh ari balik ka Sumedang atawa indit ka Bandung téh sok maké beus Damri Cicaheum-Cibeureum. Unggal rék balik téh sok rurusuhan sieun kasoréan, heug wé moal kabagéan beus. Atuh unggal kabagéan beus, penumpang geus padedet. Nangtung wé deukeut panto, bari terus nundutan. Inget-inget téh geus deukeut Cicaheum. Luak-lieuk téh bari bingung, naha henteu ditagih ku kondektur?
Isuk-isuk indit ti Sumedang. Jam dalapanan geus nepi ka Cicaheum. Naék beus Damri deui jurusan ka Cibeureum. Sapanjang jalan bari diuk téh ningali kana jandéla anu ngahaja dibuka. Barang engeuh, kondéktur téh geus aya gigireun. Henteu kaburu ngodok saku da kondéktur téh kaburu maju. Ngahuleng deui. Anéh ogé, anu diuk gigireun mah ditaragih, naha ari kuring henteu? Anu di hareup mah anu kasaréan ogé malah diguyah-guyah.
Inget sotéh basa nyabak sirah anu dugul. Oh, sigana kuring disangka jéger, atawa jaman ayeuna mah nelahna téh préman. Apan jaman harita mah jéger téh loba anu botak. Komo lamun ditambahan ku codét mah pasti leuwih pikagigiseun. Kuring mah apan henteu boga codét, aya ogé urut dicoco éngang dina tungtung biwir.
Terusna mah malah sok ngahajakeun, lamun tumpak beus Damri téh sok bari nangkeup harigu bari panon rada dibolototkeun. Sababaraha bulan mah berekah tara ditagih. Sigana lamun harita kuring ménta roko ku kondéktur téh dibéré ogé. Kadieunakeun kapikiran, nanaonan mani embung mayar pira ogé saongkoseun Damri.
Enya wé, basa hiji waktu kuring miheulaan ngasongkeun duit ka kondéktur, malah ditolak. “Wios, wios,” ceuk kondéktur téh.
“Abdi mah mahasiswa, Pak. Sanés jéger,” ceuk kuring ngaharéwos. Kondéktur téh melong, terus seuri bari nampanan duit.
Mindeng ogé naék beus Damri saterusna tara mayar. Tapi lain disangka jéger. Pedah geus wawuh wé jeung kondékturna. Ongkoh deui meureun kondékturna karunyaeun, da kuring mah mimindengna tumpak beus téh nangtung. Apan lamun keur diuk aya ibu-ibu atawa aki-aki kakara naék, sok terus kuring nangtung, ngéléhan ngarah si ibu bisa diuk. @@@

Mangle no 2586, 21-27 Juli 2016

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Disangka Jeger"

Posting Komentar