Sketsa Anu Acan Dipasieup


apresiasi carpon firda aulia

Timbangan:
(Apresiasi Carpon “Di Rumah Sakit” karya Firda Aulia)

Maca carpon Di Rumah Sakit karangan Firda Aulia (Mangle no 2705) asa tumpak mobil alus di jalan hotmik anyar. Ngageleser, ngageuleuyeung, ari reg téh eureun terus tumanya: “Tos dugi deui ieu téh?”
Eta téh bakat ku ngareunaheun. Ngageleser basana, ngageuleuyeung caritana, sabada dipungkas tinggal pananya anu sok nyayang dina pikiran; naon maksudna ari ieu carpon?
Caritana mah carpon Di Rumah Sakit téh ngagambarkeun kaayaan di rumah sakit. Tokoh kuring nganteur Abah (76 taun) ka rumah sakit. Kuring téh putra Abah anu haat. Sabada Amih ngantunkeun, Abah mah henteu kersaeun nikah deui. Atuh kuring (sakulawarga) anu ngéléhan ngaréncangan Abah, da pamohalan Abah mah kersa ngiring ka salah saurang putrana.
Hubungan kuring jeung Abah, kaayaan di rumah sakit, si nini anu tiungna nyéngsol, jeung prak-prakanana berobat di rumah sakit; sabudeureun éta carpon téh ngulibekna. Ngagambarkeun kaayaan di rumah sakit mah enya apan ngareunah ngageleser téa. Jadi, naon udaganana ieu carpon?
Henteu gampang nimbang carpon téh keur kuring mah. Puguh apan sorangan ogé aya di dinya, ngagulang-gaper carpon bari sadar moal aya seubeuhna moal aya sugemana moal aya tungtungna. Réa kasieun, pangpangna mah nimbang anu henteu wijaksana bari henteu bisa ngobét ka lebah mana kahayang pangarang dina carpon ieu atawa carpon itu. Komo nganiléy kaleuleuwihi, artifisial, diaya-ayakeun, bari saenyana sorangan anu henteu nepi kana kahayang carpon. Tapi ogé sieun asa-asa teuing anu temahna henteu seukeut dina nimbangna.
Matakna nimbang carpon téh sabisa-bisa henteu gereges gedebug. Meureun ieu maksudna, meureun saukur hayang ngagambarkeun itu, jeung meureun séjénna. Kitu anu galécok téh lamun panggih jeung carpon anu “acan kaudag” nimbangna.
Carpon Di Rumah Sakit kaasup dibeuweung-diutahkeun pikeun ngarti maksudna. Ari kituna, ieu pangarang urang Purwakarta téh geus narik ati ku basana, caritana anu tara kabéngbat ku pasoalan séjén di luar téma carpon. Matak manjang ingetan téh, ngungkab carpon séjénna anu kungsi kabaca.
Carpon Dina (Mangle no 2647) jeung carpon Dokter (Mangle no 2630) dibaca deui. Enya waé, aya bakat anu nyampak dina tilu carpon Firda Aulia téh. Ngaguluyur caritana téa, henteu kabéngbat ku adegan atawa tokoh anu henteu aya gunana. Atuh pikeun ngayakinkeun carita, aya usaha pikeun nalungtik istilah anu kabaud dina carita. Matak dina tilu carpon Firda Aulia teu weléh ditambahan ku katerangan istilah.
Enya ogé kitu, ari bahan padungdengan mah sok nyampak waé. Dina carpon Dina anu gayana detektif, carita téh rurusuhan teuing da puguh leunjeuranana ogé keur carita panjang. Carpon Dokter anu dilélér Carpon Pinilih paling unggul ku sikep tokoh kuring anu ludeung jeung wijaksana. Ari carpon Di Rumah Sakit?
Pangrasa téh pangarang saukur ngagambarkeun kaayaan di hiji rumah sakit hiji waktu bari ngabandingkeun nasib Abah anu harmonis-romantis jeung si nini anu kaayaan kulawargana ripuh-peurih nyubadanan kabutuh ekonomina. Saleuwihna mah henteu nyampak. Henteu aya udagan rangkepan atawa kahayang nepikeun carita anu memang hésé ditepikeun ku kalimah verbal.
Ngan sakitu. Saukur sketsa. Disebut “ngan sakitu” da puguh henteu kakobét maksud séjénna. Hubungan kuring jeung Abah anu matak muriding dina kalimah panungtung “Panangan Abah nyepeng kana taktak. Karasa geter deudeuhna”, henteu jadi poko da sabanding jeung nyaritakeun kaayaan di rumah sakit katut kaayaan si nini anu nyéngsol tiungna.
Disebut “ngan sakitu” da puguh ngarep-ngarep anu séjén ti pangarang ieu. Naha sikep saperti dina carpon Dokter, naha kritik sosial, naha aya ambahan anu leuwih lega deui. Dina carpon Di Rumah Sakit mah henteu katimu. Sketsa téh henteu dipasieup ku “naon waé” anu bisa ngajadikeun carpon nenggang.  
Sakapeung nimbang carpon téh sok bari ngalamun, ka lebah mana ieu pangarang alusna ngaléok. Firda Aulia mah sigana bakal nenggang lamun ngudag-ngudag “rasa” saperti carpon Di Cindulang Aya Kembang karangan Aam Amilia. Jauhna, saperti carpon Nua (carpon pangarang Jepang anu ditarjamahkeun ku ED Jenura).
Balik deui kana carpon Di Rumah Sakit, sketsa anu atra tur éndah téh acan pati dipasieup. Eta meureun pedah kuring salaku anu maca, bet ngarep-ngarep Firda Aulia mimiti “bangor” dina nyarpon.

Pamulihan, 23 November 2018

Mangle no 2708, 6-12 Desember 2018

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Sketsa Anu Acan Dipasieup"

Posting Komentar