Ngamen

barakatak mangle

Ngaliwat ka Lémbang sabada Lebaran kamari, ras inget jaman keur sakola. Kungsi ngamén peuting-peuting di Lembang. Mun teu salah mah taun 1991 kajadianana. Patalimarga di Lembang acan saramé ayeuna. Komo saminggu saacan jeung sabada Lebaran mah, wah Lémbang mah kaasup raja macét. Kituna téh ti terminal Ledeng kénéh.
Henteu inget ari tujuanna ka Lémbang mah. Tapi sigana saukur ulin wungkul. Opatan jeung sobat ngadon malam mingguan bari jajan ketan bakar di gigireun pasar heubeul. Kabeneran mekel gitar jadi bari hahaleuangan.
Pukul salapanan karasa lapar. Peujit téh asa henteu cukup diparaban ketan bakar jeung kopi. Ari kituna ti beurang kénéh acan kararaban deui sangu. Bébéja ka sobat anu tiluan, kabeneran euweuh anu mawa duit leuwih. Malum ogé harita téh tanggal kolot, jadi can aya anu dibekelan.
“Kieu wé atuh ari lapar-lapar teuing mah. Urang ngamén wé di warung ayam bakar. Hayu urang bébéja ka anu boga warung,” ceuk Irfan méré usul.
Untungna téh anu dagang warung ayam bakar bageur. Kuring sabatur-batur diidinan ngamen. Warungna téh kaasup lega, meja-korsina ogé aya kana sapuluhna. Der wé ngamén. Kuring mah da henteu pati bisa ngagitar jeung nyanyi, jadi kabagéan ngasongkeun topi, susuganan aya anu méré duit récéh.
Dikumpulkeun mah beubeunangan ngamén téh loba ogé. Éta wé da diitung lamun jajan sangu ditambah ayam goréng jeung tahu ditambah jus jeruk, picukupeun. Geus nyakuan mah duit eureun ngamén téh. Terus wé pesen opat pingping hayam jeung jus.
Anu jaga warung mimitina mah molohok. Tapi terus ngaladangan saperti ka anu jajan séjénna.
“Jadi ngamén téh keur ngabakar ayam nya,” ceuk anu dagang bari seuri sanggeus kuring sabatur-batur warareg, da ongkoh dibonusan sirah hayam hiji séwang.
Kuring sabatur-batur sareuri. @@@

Mangle no 2587, 28 Juli - 3 Agustus 2016 

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Ngamen"

Posting Komentar