Handapeun Tangkal Nangka


puriding puringkak majalah mangle

Reuwas mimitina mah dipanggil ku Pa Yana téh. Puguh atuh apan keur istirahat. Kantin ogé keur pinuh. Ari kuring, Ujang, Cecep, jeung Iwan, keur resep ngobrol di handapeun tangkal nangka, tukangeun kantin. Tangtu waé bari dalahar jajanan ti kantin. Ujang cacamuilan dahar pisang goréng jeung kurupuk. Ah, entong protés naha pisang goréng jeung kurupuk. Da kitu karesep si éta mah. Karesep anu euweuh baturna di sasakola mah. Ari karesep, apan kaci mahiwal ogé. Ari Cécép siga anu kutap-kétap kénéh sakitu pépés-nasi daun cauna geus hérang da diberesihan ku curuk terus dilamot. Iwan mah dahar roti jeung entéh botol. Kitu, rada ngalégég si éta mah. Majar téh kabeuki roti mah ngéropah cenah. Padahal unggal pelajaran basa Inggris panguga-eugeuna, maca teu bisa ngomong teu bisa komo ngarti hartina. Ari kuring mah jajar pasar, istirahat téh cukup ku uras tilu, bala-bala tilu, géhu tilu, émbohna wé jalabria jeung ondé.
Ti kantin mah meureun aya dua puluh méterna. Di handapeun tangkal nangka téh aya balé-balé. Ngareunah dariuk di dinya bari ngobrol téh. Pamandangan atra ka balong di lebak. Teu sirikna parebut barudak ogé unggal istirahat téh. Tapi kuring sabalad-balad poé ieu mah pangheulana. Puguh apan pelajaran basa matématika keur kosong. Jadi lima menit saacan bél istirahat disada, kuring sabalad-balad geus ngalolos ka kantin.
Balé-balé téh henteu pati gedé. Kitu wé ukur cukup dipaké diuk ngariung ku genepaneun. Matak lamun geus aya anu miheulaan ngariung di balé-balé, tara aya murid séjén anu nyampeurkeun. Komo béda kelas mah. Sakelas ogé ari henteu pati akrab mah sok horéam nyampeurkeun.
Tah keur ngariung harita aya anu ngageroan téh.
“Sép, dipanggil ku Pa Yana,” Dadan ngagorowok ti deukeut kantin.
Kuring rungah-ringeuh. “Aya naon nya, euy?” ceuk kuring reuwas.
“Meureun pedah bogoh ka Bu Santi, jadi Pa Yana ngarasa kasaingan,” témbal Cécép sangeunahna, bari seuri. Ari Bu Santi téh guru basa Sunda. Enya kuring resep ku bageur jeung geulisna, tapi apan henteu aya anu apaleun salain tiluan sobat kuring anu ieu mah.
“Si, ngomong téh. Uing mah nyaan reuwas.”
“Geus, panggihan wé ka ditu. Ari henteu salah mah, naha sieun sagala,” ceuk Ujang.
Enya ogé, ari henteu salah mah, naha maké sieun sagala. Pa Yana téh guru BP. Rada galak. Lamun aya murid anu salah téh, nyarékanna béak beresih. Enya wé, barang bus ka ruang BP téh karasa pikakeueungeun. Pa Yana calik dina korsi, siga anu ngahaja nungguan kuring.
“Apal naon kasalahan poé ieu?” cenah teugeug.
Kuring gideug.
“Entong ngabohong. Kunaon manéh henteu milu upacara? Apan ieu téh poé Senén. Manéh apan apal, unggal poé Senén téh upacara bandéra. Naha manéh kalah diuk di balé-balé tukangeun kantin?”
“Henteu Pa, abdi henteu rumaos. Tadi abdi ngiring upacara.”
“Ah, siah ngabohong. Henteu nginjeun ceuli henteu nginjeum panon, tadi basa anu séjén keur upacara, manéh diuk sorangan di balé-balé. Ngan basa disampeurkeun, manéh nyumput teuing kamana.”
Enya, Pa Yana saenyana anu tara upacara mah. Unggal poé Senén, anu séjén keur upacara bandéra téh, Pa Yana mah apan ngurilingan sakola, ngintip-ngintip murid anu kabeurangan atawa anu henteu upacara. Tapi henteu wani ngagonjak. Boro-boro, geumpeur wé anu aya nyanghareupan bagong baya... eh Pa Yana mah.
“Ngaku manéh!?”
Ngagebegna ogé sigana aya kana opat gebegan mah. Tapi siga anu digebah, kuring langsung nyoroscos. “Wantun sumpah, Pa. Abdi mah ngiring upacara. Apan abdi anu dipanggil ka payun ku Pa Kepala Sakola, margi dua dinten kapengker abdi apan ngawakilan sakolah dina lomba kaligrapi. Abdi apan kénging juara kadua, Pa. Taroskeun wé ka Pa Kepala Sakola henteu percanten mah,” ceuk kuring ngadak-ngadak leuwih lancar.
Pa Yana ngahuleng dikitukeun mah. Geus kitu mah kuring dititah ka kelas.
**

Rék ka kelas ogé sok horéam ari can aya bél asup mah. Kuring ngagedig deui ka tukangeun kantin. Murid séjén éta ogé geus loba anu ka karelasna. Kantin ogé geus kosong. Mani ngagebeg barang nepi ka tukangeun kantin. Geuning sobat-sobat kuring mah geus euweuh. Anu aya téh... Ranie sigana mah. Enya siga Ranie.
Kelas XB Ranie téh. Ari kuring kelas XIA. Adi kelas. Henteu pati wawuh. Lamun pasangrok ogé saukur imut jeung unggeuk. Tapi henteu bisa dibohongan haté mah, kuring resep ka manéhna. Éta atuh da geulisna, asa hésé néangan babandinganana. Kitulah, ised wé saeutik ti Dian Sastrowardoyo mangsa jadi Cinta dina film Ada Apa Dengan Cinta? Matak basa tadi ningali Ranie keur diuk nyorangan dina balé-balé téh haté mah ngagebeg. Sampeurkeun entong kitu? Disampeurkeun éra, henteu disampeurkeun pasti engkéna kaduhung.
Lahlahan waé kuring nyampeurkeun. Kukumaha ogé kudu wani ari resep mah. Ieu téh kasempetan alus.
“Eh Ranie, badé naros, ari tadi anu ngarariung di dieu kamarana, nya?” pok téh rada ngageter.
Ranie neuteup, terus imut. “Tos ka karelas tadi téh,” pokna halimpu. “A Asép mah tong wara ka kelas atuh, réncangan heula abdi di dieu. Mangga calik di dieu.”
Tadi téh kapikir rék amitan. Atuh da euweuh deui piomongeun. Tapi ngadadak curinghak barang ngadangu paméntana.
“Nuju naon atuh Ranie téh di dieu?” pok téh sanggeus diuk di gigireunana. Seungit parfum nyambuang tina badanna, matak peureum-beunta ngambeuna.
“Apan ngantosan A Asép.”
“Ngantosan?” Reuwas deui waé. Reuwas bari atoh.
“Muhun. Hoyong terang wé perkawis kaligrafi. Abdi gé apan resep kana kaligrafi. Lamun seug abdi gaduh kabogoh téh ka anu pinter ngagambar kaligrafi, deuh... pasti resep sareng reueus.”
Tangtu waé kuring reuwas deui waé. Reuwas atoh anu matak henteu bisa ngomong. Piomongeun téh nyelek dina tikoro.
“Kumaha ari A Asép, resep ka istri anu kumaha?”
“Eu... anu sepertos... Ra....”
Acan ogé tamat, ti lebah kantin aya anu ngagorowok. “Sép...! Asép...! Énggal ka dieu...!” Si Ibu Kantin anu ngaganggu téh.
“Énggal tuh saurna,” ceuk Ranie. “Wios Ranie mah hoyong nyalira heula di dieu. Engké wé pendak deui...”
Asa-asa rék nyampeurkeun Ibu Kantin téh. Tapi da ku Ranie gé apan dijurungkeun. Tungtungna mah kuring nyampeurkeun Ibu Kantin bari rada keuheul.
“Aya naon, Ibu?” pok téh rada teugeug.
“Bieu aya anu nyusulan ti kelas. Sugan téh henteu di tukang. Barina ogé naha henteu kadéngé kitu bél asup?”
Kuring molohok.
**

Henteu milu diajar jam pelajaran panungtung mah. Apan kuring dipanggil ku Pa Kepala Sakola. Ari pék di ruangan Kepala Sakola aya Pa Yana, Fahrur kelas XIC, Oding kelas XIIB, Wéni kelas XA, Dindon kelas XIE, jeung aya tiluan deui anu kurang apal kelasna mah.
“Tah geuning Asép. Ti mana heula atuh disusulan ti tadi?” saur Pa Kepala Sakola. “Kitu Pa Yana, Asép mah ngiring upacara tadi énjing-énjing téh. Pasti lebareun atuh kasiangan mah. Da Asép tos terangeun bakal dipanggil ka payun, dipasihan piala sareng bonus ti sakola. Juara kadua sakabupatén apan murid urang téh.”
“Muhun, percanten abdi ogé ayeuna mah,” témbal Pa Yana. “Abdi nembé terang ayeuna....”
Kieu jujutan caritana mah: Pa Yana téh tadi naroskeun ka Pa Kepala Sakola, naha enya kuring milu upacara? Pa Kepala Sakola ngaenyakeun. Pa Yana héran, da cenah sidik pisan ningali kuring keur diuk sorangan dina balé-balé tukangeun kantin. Saur Pa Kepala Sakola, kajadian siga kitu téh geus sababaraha kali. Matak dipanggil ogé Fahrur, Oding, Wéni, Dindon, jeung anu séjénna. Maranéhna téh anu kungsi ngalaman kassamaran siga Pa Yana.
“Waktos abdi ijin ka toilét, waktos uihna, abdi ningali Adit, batur sabangku abdi, nuju ngalangeu dina balé-balé handapeun nangka éta,” dongéng Fahrur. “Ditaros téh, capé cenah diajar téh. Terasna ngajak ka balong anu di lebakeun tangkal nangka. Urang guyang cenah. Ngan abdi keukeuh alim. Abdi mah ka kelas deui wé. Ari geuning, Adit mah aya di kelas. Saur Adit, ti tadi ogé henteu kamamana.”
“Ka abdi gé sami, Bu Tita ngajak ka balong, malah satengah maksa,” ceuk Wéni. “Untung wé abdi henteu kersa. Horéng Bu Tita mah aya di kelas, nuju ngajar kasenian.”
Kitu dongéngna téh. Matak sanggeus saréréa ngadongéngkeun pangalamanana, Pa Kepala Sakola nyarios, “Balé-balé anu aya di handapeun tangkal nangka téh urang kakat waé. Bisi enya aya mamalana. Lamun seug aya barudak anu daék diajak ka balong, duka kumaha tah kajadianana....”
**

Isukna balé-balé di handapeun tangkal nangka téh dikakat ku Mang Asip, penjaga sakola. Dahan-dahan nangka anu handapna ditigasan. Terus diduruk di gigireun kantin. Éta ogé henteu sagawayah ngakat jeung ngadurukna. Pa Oléh sareng Pa Nibal, duanana guru agama, ngadu’a heula di handapeun tangkal nangka. Bisi cenah balé-balé éta téh tempat cicingna jin.
Ti harita di handapeun tangkal nangka téh tara aya murid anu ulin. Énya ogé pangalaman kasamaran téh henteu bocor ka murid séjén, tapi unggal guru nyaram ulin ka handapeun tangkal nangka.
Kuring sorangan sok wararaas lamun ningali ka lebah tangkal nangka téh. Lalénglang, caraang, ayeuna mah. Kuring mah angger boga rasa panasaran, ari tiheula anu ngobrol jeung kuring di balé-balé, naha Ranie atawa jurig kitu? ***


Mangle no 2592, 1-7 September 2016

Anu peryogi Majalah Mangle Lami, meser di Shopee seueur, klik wae MANGLE LAMI atawa potretna.
 







Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Handapeun Tangkal Nangka"

Posting Komentar