SIM Telat

barakatak majalah mangle

Indit ka Bandung téh tara ngitung waktu. Jam sabaraha ogé bisa indit. Henteu siga babaturan lamun indit osok ngahaja isuk-isuk atawa nyubuh, balikna nungguan burit. Cenah da sieun katéwak ku operasi pulisi. Éta da manéhna mah henteu boga SIM. Ari kuring, SIM aya, motor henteu dikua-kieu siga barudak. Jadi indit téh bisa tenang, henteu sieun ditilang.
Ari pangalaman jeung pulisi, maksud téh jeung oknum pulisi, henteu ngan sakali. Kungsi dipegat pulisi anu ngajleng tina tangkal kai di jalan Pramuka, kungsi paréa-réa omong jeung pulisi anu keukeuh ménta duit. Éta gening aya ogé oknum pulisi anu keukeuh ménta duit. Ari kuring, naon waé kasalahan, daripada méré duit kajeun teuing ditilang.
Anu arék didongéngkeun basa keur ngopi bari ngobrol jeung babaturan di warung sisi jalan. Ngobrol téh ka ditu ka dieu henteu puguh  alang-ujurna. Bras kana obrolan ngeunaan SIM. Sanggeus ngabahas carana memperpanjang SIM, nyieun SIM anyar, jeung duka naon deui, tuluy silihtémbongkeun SIM.
“Gening SIM anu manéh ogé geus béak. Kudu nyieu anyar atuh telat kieu mah,” ceuk babaturan.
Kuring tangtu waé reuwas. Rarasaan téh taun hareup béak SIM teh. Babaturan anu séjén milu nempoan SIM. “Ludeungan manéh mah euy, sakitu SIM béak, ti minggu kamari indit ka Bandung téh pabeubeurang,” ceuk anu saurang bari mikeun SIM ka kuring.
Kuring nampanan, tuluy ngabulak-balik SIM. Enya waé SIM téh geus genap bulan béak. Reuwas téh jadi ngahuleng sabada inget, salila genep bulan ieu henteu sakali apan dipegat ku pulisi. Anu inget waé, ti bulan kamari, aya kana opat kalina.
“Anu uing héran, apan mindeng dipegat operasi pulisi téh. Tapi pulisi ogé henteu maca taun berlaku meureun nya,” pok téh.
“Eta sugan manéh ngomong naon lamun dipegat?”
“Tara nanaon, paling ogé: Mangga, ieu SIM ieu STNK.”
“Meureun lantaran tenang, pulisi henteu nyangka SIM manéh geus béak.”
“Sigana kitu.”
Sanggeus kanyahoan mah SIM béak, rék indit ka Bandung téh jadi asa-asa. Ongkoh apan ayeuna téh keur usum operasi pulisi. @@@

Mangle no 2637, 20-26 Juli 2017

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

  • Ati Ampela Bumbu Bau Ieu mah pangalaman anu kaalaman ku babaturan. Didongéngkeun deui téh lain nguar-nguar kakurangan sobat téa. Puguh mah sono da geus taun… Read More...
  • EKOL PENGUSAHA Ieu mah saenyana kalakuan ki sobat anu henteu waé pikalucueun, tapi ogé kayungyun. Hayang sorangan ogé nurutan tapi henteu kahatéan waé… Read More...
  • Motor Batuk Ieu mah pangalaman sababaraha taun katukang basa anyaran meuli motor métik. Harita kuring masih nganjrek di Bandung. Saenyana mah lain … Read More...
  • Ngaliwet Unggal Poe Ti keur leutik kuring mah diogo ku nini. Ene kuring mah nyebutna téh. Ti acan sakola kuring sok ngéndong di bumi Ene. Puguh atuh da res… Read More...
  • SIM Telat Indit ka Bandung téh tara ngitung waktu. Jam sabaraha ogé bisa indit. Henteu siga babaturan lamun indit osok ngahaja isuk-isuk atawa ny… Read More...

0 Response to "SIM Telat"

Posting Komentar