Telepon Tukang Tipu

barakatak majalah mangle

Lamun aya télépon nyasar, entong teuing dihaminan kalayan serieus. Bisi matak jantungeun atawa nyilakakeun. Ieu kajadian kaalaman ku kuring dua taun katukang. Harita budak anu cikal kakara kelas tilu SD, ari anu panengah masih di TK.
Harita kuring kakara balik ti TK, kira-kira tabuh dalapanan. Asupna mah budak téh tabuh tujuh. Tapi tas nganteur téh sok terus ngadon ngagosip jeung ibu-ibu anu sarua ngalanteur budakna. Kitu ogé bari nungguan si Mang Sayur. Geus milihan sayuran mah sok terus gura-giru mulang, masak keur nyampakeun budak da tabuh sapuluh gé geus mulang deui.
Ari si cikal mah tara dianteur deui. Keur mah sakolana deukeut, masih di jero kompleks, budakna ogé geus embung diaanteur.
Kira-kira tabuh salapanan télépon imah ngirining. Barang diangkat mani matak ratug jajantung.
“Ini dengan Ibu Herlina?” cenah ku basa Indonesia. Sorana asa henteu wawuh.
“Iya betul,” nembal téh ku basa Indonesia ogé. “Ada apa ya?”
“Aduh maaf Bu baru memberi tahu sekarang. Anak Ibu kecelakaan di sekolah, sekarang di rumah sakit.”
Puguh waé reuwasna mah. Mani ngadegdeg nanya deui téh, “Anak yang mana ya?”
“Aduh Bu neranginnya nanti saja. Anak Ibu harus segera dioperasi. Ibu transfer saja dulu uang. Saya tunggu sekarang juga!”
  Ngalenyap anu kadua kalina ngadéngéna. Tapi bari atoh. Dina haté gedé sangkaan, ieu jelema arék nipu. Geuning ditanya sakola budak mah henteu ngajawab, hartina henteu nyahoeun sakola budak kuring. Cenah arék operasi, da operasi mah aya prosedurna, kudu aya persetujuan kulawarga. Atawa persetujuan saha waé anu nganteur, tapi henteu aya hubunganna jeung babayar. Apan kuring téh kieu-kieu ogé lulusan Akper, kungsi gawé di rumah sakit deuih.
“Transfer buat apa?” nanya téh tambah henteu engap wungkul ayeuna mah.
“Ibu tuh gimana, ya buat biaya operasi! Ini catat Bu nomor rekeningnya. 008023....”
“Gampang kalau transfer, anak saya yang sekolah dimana?”
“Ibu tidak sayang anak, ya?”
“Kamu yang tidak sayang anak, nyari makan dari nipu orang!” 
Meureun manéhna reuwaseun. Da terus téléponna téh ditutup. Basa guru di sakolah ditélépon, enya wé barudak kuring mah araya keur dialajar. Alhamdulillah Gusti, tos digeuing tina kajahatan tukang tipu. @@@

PPM TAMU ku: Lina Herlina
Mangle no 2511, 22-28 Januari 2015

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Telepon Tukang Tipu"

Posting Komentar