Katineung Tina Carita Basajan


kolom sunda yus r. ismail

(Apresiasi Carpon "Kado Keur Indung Budak" karya Agus R. Munggaran)

Lamun seug pirajeunan tumanya, tema naon anu can kungsi dijieun carpon? Sigana henteu aya hiji perkara ogé anu can kungsi dijieun carpon. Estuning carita téh meunang ngareka, ngarugal-rigel, nambah-ngurang, tina carita anu geus aya. Ceuk paribasa urang Arab mah, henteu  aya anu anyar di kolong langit.
Aya ogé anu ngotéktak. Ngajangkungan lebah pamadegan, ngalegaan lebah ambahan, ngajeroan lebah falsafah. Matak réa carpon anu terusna kudu “dipesék” kalayan daria, perlu pangaweruh pikeun ngobét eusina. Tangtu ogé réa pangarang anu geus apruk-aprukan hayang nepikeun perkara anu beurat jeung jero, terusna balik deui, inget deui kana asal muasal carpon, nyaéta carita. Carpon horéng henteu saukur kudu diteuleuman, dijeroan, dilegaan, tapi ogé kudu dirasa-rasa, dipapantes, diwawaas. Ari anu dipamrih, matak nineung matak ludeung.
Carpon Kado Keur Indung Budak karangan Agus R. Munggaran (ARM) dina Mangle no 2669 éstuning basajan dina téma jeung cara nepikeunan. Kuring, hiji salaki anu kurang romantis, hiji waktu mah hayang méré kado milangkala pikeun pamajikanana. Enya ogé henteu biasa, henteu cop jeung lelembutan, tapi jorojoy hayang ngado dina waktu milangkala téh kajurung ku kabiasaan pamajikanana anu imeut jeung perhatian kana perkara sarupa kitu.
Di tungtung carita, sanggeus perkara méré kado téh disiapkeun kalayan daria, pamajikanana kalah ngusulkeun pikeun muka kado téh bulan hareup waé. “Naha kedah sasih payun?” pok téh bakat ku panasaran. “Apan milangkala Mamahna ogé sasih payun,” pokna bari imut leleb naker.
Tema samodél kieu tangtu waé geus bulak-balik dekok dicaritakeun. Meureun lantaran deukeut, nembrak, jeung basajan téa. Bisa jadi réa pangarang anu geus henteu katarik ati pikeun nyaritakeun téma siga kieu. Malah aya anggapan, saukur pangarang anyar atawa “kurang gaul” anu masih nyoba-nyoba nyaritakeunana. Tapi ARM henteu bisa disebut pangarang anyar atawa “kurang gaul” téa. Salaku wangunan hiji carpon, Kado Keur Indung Budak éstuning weweg. ARM henteu kabéngbat pikeun nyaritakeun anu lain-lain. Lantaran dina carpon ieu anu ngalalakon téh Kuring, ARM anteng ngadongéngkeun saha kuring. Anu séjénna, kaasup pamajikan anu jadi kasang-tukang kahayang méré kado, saukur disampeur pikeun nguatkeun karakter Kuring. Atuh di tungtung carita, anu maca pasti kéom atawa imut.
Henteu gampang nyaritakeun téma basajan téh. Meureun lantaran réa pangarang anu pikiranana geus ngacacang pikeun néang téma “anyar” atawa cara nepikeun anu leuwih “canggih”, carita anu basajan ogé sok kakiruhan ku anu disangka “anyar” jeung “canggih” téa. Sakuringeun, maca carpon ARM téh matak nineung ku basajannna, ku henteu kabéngbatna téa.
Ras inget kana carpon ARM séjénna anu kungsi dibaca, upamana Basisir Oésapa Mangsa Balébat (Manglé no. 2603), sarua pikanineungeun ku basajanna. Enya ogé setting basisir henteu pati wawuh (meureun ukur sakuringeun anu urang gunung), tapi cara nyaritakeun anu “saukur nyaritakeun” jadi kaunggulan pikeun ARM. Béda jeung carponna Langit Nguyung Di Kuanino (Manglé no. 2590) atawa Lumpia Basah (Mangle no. 2616), anu eusina aya “kahayang” pangarang pikeun nepikeun sikep. Ari sikep, bisa jadi anu hébat ceuk pangarang, acan tangtu ceuk batur. Sikep mah henteu ngarampa sakabéh eusi haté jeung pikiran.
Ceuk kuring, tangtu waé carpon basajan (téma jeung cara nyarita anu basajan) entong saukur pikanineungeun. Tapi ogé kudu ngajeroan jeung ngalegaan jadi “pikalewangeun”. Ras inget kana carpon pangarang anu sababaraha taun ayeuna populer, nyaéta Haruki Murakami, apan témana sakapeung basajan pisan. Maca téh sok sakapeung kerung, bobogohan di hareupeun kandang kangguru di darentén geuning bisa jadi carpon (carpon Hari Yang Sempurna Untuk Kangguru). Atawa sajak-sajak Maulana Jalaludin Rumi, apan réa personifikasi tina anu sapopoé katingali jeung karasa ku saréréa.
Carpon ARM saperti Kado Keur Indung Budak, kahareupna, meureun tempatna di dinya. Basajan témana, basajan cara nyaritakeunana, tapi henteu basajan nineung jeung ma’nana.      

Pamulihan, 9 Maret 2018
Mangle no 2671, 15-21 Maret 2018

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Katineung Tina Carita Basajan"

Posting Komentar