USUM KEMBANG

  


Duka pedah masih dina raraga “di imah waé” duka geus waktuna, der téh usum kembang di mana-mana. Ampir unggal buruan imah dikembangan. Atuh toko pot ngadadak haneuteun. Toko anu tadina tara nyadiakeun ogé balanja potna samobil pinuh.

Lantaran ti baheula ogé resep kana pepelakan, pastina kuring henteu tinggaleun. Tapi lantaran sok haroréam indit-inditan, balanja pot jeung kekembangan téh sok online. Kembang mimitina mah tukeuran jeung babaturan. Ari jenis aglonéma, keladi alias taleus hias, lantaran jarang aya di lembur mah, nya meuli ogé onlén.

Meuli téh tara anu mahal mimitina mah. Kitu wé anu lima puluh rébu kahandap. Biasana meuli téh anu jenisna acan aya. Aya jenis keladi anu disebutna téh Sente Wulung, taleus hideung meureun ceuk urang  mah. Resep ningali daunna anu héjo kolot semu hideung bari hérang, batangna ogé hideung meles. Hargana rupa-rupa, ti mimiti 15 rébu anakna nepi ka ampir 100 rébu anu geus indukan disebutna téh.

Kuring mah lantaran resep miara téh ti leutik meuli téh anakna sababaraha tangkal. Kasebut anakna, rada ngampleng hayang ngagedéan téh. Ampir unggal poé nyébor jeung diberesihan. Sakapeung dipotrét, diposting dina grup facebook. Kitu wé sok silih puji, silih béjaan cara ngurusna, atawa anu boga loba mah ngajualan ogé.

Hiji poé panggih jeung Abah, tatangga, patani tulén teu siga kuring uusuman. Pokna téh, “Jang, di Abah aya taleus hias mah. Jig candak di saung.” Kuring enya kungsi talatah, lamun Abah manggihan taleus anéh atawa alus di sisi leuweung, ala waé engké ditukeuran ku roko. Di téang téh ka saung ari pék anu disebut Sente Wulung téa. Jangkung, gedé, indukan téh nyaan.

“Nu kitu mah réa di sisi solokan sisi leuweung,” ceuk Abah. Kuring ngahuleng. Hanas meuli ti anakna, surfing-na ogé sababaraha poé ngabanding-banding harga. Tapi terus seuri, bisa dagang atuh kaya kieu mah. @@@

Yosep - Sumedang

Mangle no 2806, 5-11 November 2020

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

  • SIM Telat Indit ka Bandung téh tara ngitung waktu. Jam sabaraha ogé bisa indit. Henteu siga babaturan lamun indit osok ngahaja isuk-isuk atawa ny… Read More...
  • Motor Batuk Ieu mah pangalaman sababaraha taun katukang basa anyaran meuli motor métik. Harita kuring masih nganjrek di Bandung. Saenyana mah lain … Read More...
  • Ati Ampela Bumbu Bau Ieu mah pangalaman anu kaalaman ku babaturan. Didongéngkeun deui téh lain nguar-nguar kakurangan sobat téa. Puguh mah sono da geus taun… Read More...
  • EKOL PENGUSAHA Ieu mah saenyana kalakuan ki sobat anu henteu waé pikalucueun, tapi ogé kayungyun. Hayang sorangan ogé nurutan tapi henteu kahatéan waé… Read More...
  • Ngaliwet Unggal Poe Ti keur leutik kuring mah diogo ku nini. Ene kuring mah nyebutna téh. Ti acan sakola kuring sok ngéndong di bumi Ene. Puguh atuh da res… Read More...

0 Response to "USUM KEMBANG"

Posting Komentar