Dongeng Peuteuy


barakatak mangle

Masih kénéh pangalaman Pa Tower, tatangga anu kasabna ngadegkeun tower di luar pulo Jawa. Sakali mangsa mah kungsi mangbulan-bulan ngadegkeun tower di Kalimantan. Teu pati jelas ari lebah-lebahna mah, ngan pakampunganana téh geus deukeut ka perbatasan jeung Malaysia. Ari pendudukna lolobana urang Dayak.
Cenah Dayak ogé bisa dipilah deui. Aya urang Dayak anu geus di karota atawa di pakampungan, prah waé ngamasarakat saperti urang di dieu. Aya ogé anu masih kukulunuan di pileuweungan.
Ari anu didongéngkeun di dieu mah urang Dayak anu geus di pakampungan. Sababaraha urang malah aya anu milu gawé ngadegkeun tower. Da kitu biasana kawijakan boss téh cenah. Salain pagawé anu arahli mekel anu geus pangalaman, ogé sok ngajakan pribumi. Ti dituna mah ngarah aman.
Harita Pa Tower sabatur-batur saré jeung daharna téh diperenahkeun di warung sangu. Warung sangu leutik di pakampungan. Ari anu bogana, salain ngawarung téh, ogé ngebon. Lega ogé kebonna mah, melak anu utamana mah vaneli. Tapi ogé anu sok ngahasilkeun lumayan téh tina peuteuy. Peuteuy téh mahal di ditu mah.
Ngan anéhna, peuteuy téh tara diala saperti di urang. Tapi didagoan muragna waé. Jadi lamun arék ngajual peuteuy téh kudu ngumpulkeun samuragna téa. Ari Pa Tower, da puguh ti dieuna ogé purah tuak-taék, arateul ogé ningali peuteuy rantuy di ditu di dieu, tapi anu dikumpulkeun sakadar anu murag.
“Saya naik aja, ambil petainya,” ceuk Pa Tower.
“Jangan! Pohonnya tinggi. Orang sini nggak ada yang berani naik!” cenah.
Dasar Pa Tower  tukang naék, bari mawa tambang jeung gantar, tangkal peuteuy anu jangkung gedé téh ditaékan. Bakat ku garedé tangkal peuteuy, ngalana ogé sapoé jeput. Geus diala mah aya kana sapuluh karungna.
Anu boga warung téh molohok. Da kakara cenah aya anu wani ngala peuteuy siga kitu. Atuh basa peuteuyna dijual ka pasar di Malaysia, maké meunang belasan juta sagala. Pa Tower dibéré bagean, tapi kéképéhan ditolak da tadina ogé ngabantuan cenah. Ngan ti harita, salila genep bulan teu meunang mayar dahareun.
Atuh basa balik ka Jawa, maké dikeupeulan amplop sagala ku nu boga warung jeung pamingpin adat Dayak. Enya, apan ari keur salsé téh sok milu kerja bakti jeung masarakat. Enya ogé leket solatna, urang dinya ngarénovasi gereja mah miluan ogé cenah, da kana tumbak-témbok ogé bisa.
Reuwas mah basa di jalan amplop téh dibuka, aya lima jutana saamplop téh. @@@
Mangle no 2723, 21-27 Maret 2019

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Dongeng Peuteuy"

Posting Komentar