CITA-CITA

barakatak mangle

Hiji poé, si cikal anu kakara asup ka SMU, ujug-ujug ngabuih waé ngadongéngkeun cita-citana. Cenah hayang jadi dokter forénsik. Tangtu waé  salaku indungna mah kuring atoh. Sugan enya, ari pok ti manéhna mah, meureun diajarna ogé enya-enya.
“Dokter forensik mah hebat nya, Nda. Geuning sagala terang tentang anatomi tubuh jalmi. Lamun aya anu sakit, atawa maot ogé, ku naon maotna, anggota tubuh mana anu reksak, tiasa kapendak ku dokter forensik mah,” ceuk budak téh.
Sangkaan kuring, budak téh kungsi maca buku-buku tentang kesehatan atawa biologi. Atoh téh apan éta téh cita-cita kuring baheula, hayang jadi dokter. Tapi malah méngkol jadi perawat. Leuwih méngkol deui sabada rumah tangga, jadi perawatna di rumah sakit mah ngan sababaraha taun. Terusna mah geuning kalah tulas-tulis ketak-ketik siga kieu. Enya ogé pengetahuan ngeunaan kaséhatan mah henteu leungit, malah kalah aya kawajiban pikeun nambahan terus-terusan. Enya, apan lamun nulis artikel atawa buku kesehatan mah perlu deui macaan reperensi baheula atawa pengetahuan populer anu leuwih anyar.
“Atoh wé Unda mah Tétéh gaduh cita-cita janten dokter forensik. Tapi janten dokter naon waé ogé hébat. Anu jelas mah, kedah nyaan diajarna. Saingan ka kedokteran mah pastina ketat,” ceuk kuring. “Mudah-mudahan lancar biayana. Tétéh ogé belajarna langkung soson-soson.”
Dina haté mah enya hayang pisan boga budak anu jadi dokter. Matakna kuring jeung si Akangna satékah polah ngusahakeun pikeun biayana. Hiji waktu mah basa keur milihan buku referensi di toko buku onlén, ningali buku Dunia Forénsik, bet inget kana cita-cita budak. Ah, dipesen wé buku téh meungpeung aya diskon deui.
Sababaraha poé ogé buku pesenan téh datang. Buku Dunia Forensik mah disimpen di kamar si cikal.
“Téh, tuh dipangmésérkeun buku Dunia Forensik. Baca heula geura, naon waé anu disebat forénsik téh,” ceuk kuring basa si Tétéh mulang sakola.
Budak téh henteu muru ka kamarna saperti biasa lamun dipangmeulikeun buku novel. Tapi kalah nyampeurkeun.
“Cita-citana ogé tos gentos da ayeuna mah. Tétéh asa hoyong janten jaksa. Hébat geuning jaksa téh,” cenah teu kireum-kireum.
Kuring molohok. Mimiti jadi curiga. Pastina lain cita-cita senyana atuh ieu mah.
“Tétéh terang ti mana tentang forénsik sareng jaksa?”
“Tina drakor.”
Kuring beuki molohok. Ah, si Akangna anu kitu mah. Budak dimeunangkeun lalajo drakor da cenah drakor mah aralus. @@@

PPM Tamu ku: Lina Herlina
Mangle no 2743, 15-21 Agustus 2019

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

  • CITA-CITA Hiji poé, si cikal anu kakara asup ka SMU, ujug-ujug ngabuih waé ngadongéngkeun cita-citana. Cenah hayang jadi dokter forénsik. Tangtu … Read More...
  • Hayam Seuri Mimitina mah henteu percaya aya hayam seuri alias ayam ketawa téa. Ari pék, enya aya hayam anu kongkorongokna siga jelema seuseurian. P… Read More...
  • Dongeng Peuteuy Masih kénéh pangalaman Pa Tower, tatangga anu kasabna ngadegkeun tower di luar pulo Jawa. Sakali mangsa mah kungsi mangbulan-bulan nga… Read More...
  • Gorengan Amis Dongéngna mah kuring téh diajar usaha. Mimitina mah bingung, dina widang naon atuh kudu usaha téh? Aya anu mapatahan kieu: “Usaha mah d… Read More...
  • Telepon Tukang Tipu Lamun aya télépon nyasar, entong teuing dihaminan kalayan serieus. Bisi matak jantungeun atawa nyilakakeun. Ieu kajadian kaalaman ku ku… Read More...

0 Response to "CITA-CITA"

Posting Komentar