Gorengan Amis

barakatak mangle

Dongéngna mah kuring téh diajar usaha. Mimitina mah bingung, dina widang naon atuh kudu usaha téh? Aya anu mapatahan kieu: “Usaha mah dina widang naon waé, tapi anu alus mah urang resep jeung katoong piuntungeunana.” Satuju pisan kuring téh. Da puguh resep téh kana papasakan, nya bismillah wé usaha dina kulinér.
Anu mimiti diproduksi téh goréngan kacang héjo. Kunaon dipilih goréngan kacang héjo, sabab sabada surpéy (héhé... gaya) ka warung-warung, goréngan kacang héjo mah langka anu nyieun. Anu aya téh goréngan kacang kadelé, goréngan suuk, jeung goréngan rebon. Cenah mah, kacang héjo mah lamun dijieun goréngan sok teuas ngabaketrak.
Ari kuring kabeneran boga guru masak téh nya bageur nya béréhan. Umi, kitu biasana kuring mah nyebutna. Nanyakeun masakan naon waé ogé, anu bisaeun mah, Umi mah tara ngorétkeun nepi ka rusiah-rusiahna. Tah, goréngan kacang héjo ogé aya rusiahna.
“Hayang renyah mah kacang héjona, rusiahna mah anu tadi téa,” ceuk Umi. “Lamun geus kabayangkeun mah, der wé nyobaan. Bisi can aya bahanna, tuh di dapur aya keur goréngan kacang héjo mah.”
Di dapur Umi mah sagala aya. Salain bungbu-bungbu, bahan pasakan, kasebutna acan balanja téh sok aya waé. Balikna kuring dibahanan tipung béas, aci keur campuran, jeung kacang héjona sakalian.
Isukna bada subuh kuring prakték nyieun goréngan kacang héjo. Rada rusuh da hayang ngudag nitip ka Ma Enong, tatangga tukang surabi. Da puguh kuring ogé murid anu pinter (hehe... pedah teu aya anu muji), goréngan téh penampilanna alus. Dititipkeun wé ka Ma Enong. Keun keur ka warung mah rada nyantéy ge bisa.
Sanggeus ngabaturan budak sasarap rék ka sakola, der deui wé nyieun goréngan. Budak ngasaan gorénganna. “Enak, tapi asa amis teuing,” ceuk budak. Rada reuwas, naha aya goréngan amis? Barang diasaan, enya wé goréngan téh asa saroja, semu-semu amis.
“Meureun campuranna lain aci, tapi gula tipung,” ceuk Umi basa kuring nélépon, nanya naha goréngan téh bet semu amis. “Meureun salah mawa kamari.”
Enya wé basa campuran téa diasaan, amis da puguh gula tipung. Aduh, mangkaning geus aya anu dijual. Kuring gura-giru ka Ma Enong. Kira jam dalapanan mah Ma Enong geus siap-siap rék mulang.
“Kumaha Ma, aya anu pajeng?” ceuk kuring bari tagiwur.
“Séép. Malah tadi aya anu naroskeun deui, raos cenah,” témbal Ma Enong.
Kuring molohok. ** Lina Herlina - Setiabudi Bandung 

Mangle no 2550, 5-11 Nopember 2015

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Gorengan Amis"

Posting Komentar