Jejak Kata :
Home » » PREMAN PANGSIUN

PREMAN PANGSIUN

Written By Mang Yus on Jumat, 11 November 2016 | 09.03


carpon Yus R. Ismail

Mangle no 2599, 20-26 Oktober 2016

Oding rikat niup piriwit barang ningali aya motor méngkol ka pasar. Si bapa anu ngaboncéng budak umur lima taunan ngalieuk, tuluy nyampeurkeun.
“Palih dieu nya parkir motor mah?” ceuk si bapa sanggeus aya hareupeun Oding.
“Muhun Pa, di palih ditu mah kanggo mobil.”
Sanggeus merenahkeun parkir motor anu anyar datang, Oding muru tempat reureuhna. Balé-balé handapeun tangkal buah lumayan iuh lamun poé mentrang atawa hujan girimis waé mah. Kopi dua gelas masih ngebul di tengah balé-balé. Selengseng seungitna nebak irung Oding. Seungit kopi, ngondang biwir anu henteu sabaran pikeun nyuruput. Tapi Otang mah henteu kagoda. Duka lantara kopina masih panas, duka éra miheulaan Oding.
Oding ngarongkong gelas kopi, tuluy disuruput. Sora “ah”-na ngagambarkeun rasa ni’mat anu pohara.
“Kumaha, Kang?” ceuk Otang asa-asa.   
Oding gideung.
“Uing yakin, ku Akang mah ukur sageprakan tah Si Badak sabalad-balad téh. Tong boro saurang, sapuluh urang siga Si Badak, moal nguntup ka Akang mah. Tah, upama terminal geus dikawasa, Akang mah atuh kantun ucang anggé. Henteu kudu markiran deui. Naon kahayang Akang, moburung kalaksanakeun. Mobil, bumi, anu geulis siga kumaha ogé…”
Oding déhém. Otang eureun ngomongna, tuluy sura-seuri siga anu kakara inget kana kaayaan.
“Punten Kang, punten pisan. Upama Akang hayang dipangdamelkeun musola ogé henteu nanaon. Musola anu resik, éndah, anu karpétna tina buludru. Atanapi sakantenan hoyong dipangdamelkeun pasan….”
Oding déhém deui. Otang ngarandeg bari baeud.
“Inum wé tah kopina, geus kitu balik,” ceuk Oding. “Béjakeun ka bos manéh, déwék mah geus pangsiun.”
Otang ngarongkong kopi anu henteu ngebul deui. Oding nangtung barang ningali aya deui motor anu méngkol ka pasar.
**

Otang ngarahuh. Henteu ngarti manéhna ku pipikiran kapilanceukna. Baheula Oding téh lulugu preman anu ngawasa pasar. Parkir, wc, tukang copét, manéhna anu ngawasa. Katingali ku batur mah Oding téh tinggal ucang anggé. Tinggal nungguan setoran anu dipéntaan ku balad-baladna. Minangka gawéna téh lamun aya préman séjén anu ngaganggu.
Unggal waktu saenyaana aya waé anu ngaganggu mah. Éta anu matak Oding saenyana diudag-udag kahariwang. Anu ngaganggu jeung anu rék ngarebut kakawasaan téh henteu saukur megat di nu caang, tapi ogé ngintip-ngintip di nu poék.
“Kang, upama urang hayang nambahan kasaktian, urang kudu ditato,” ceuk Otong, salah saurang anak buah Oding, hiji waktu.  
“Saukur tato mah saenyana euweuh hartina, euy!”
“Is, ieu mah tatona ogé béda atuh, Kang. Uing panggih jeung jelema sakti tukang ngagambar tato. Tato téh henteu saukur hiasan atawa pikeun nyingsieuna wungkul. Ieu mah tato spirit disebutna ogé. Saha-saha anu ditato ku manéhna, moal aya anu ngéléhkeun dina adu kadugalan. Lantaran dina éta tato geus diasupan sajuta paélmuan.”
Oding tangtu waé henteu percaya kitu waé. Tapi lantaran kaayaan keur harénghéng, manéhna keur adu hareupan jeung Si Méong sabalad-balad anu mimiti wani megat di nu caang, Oding nyatujuan pikeun ditato deui.
Aya sapuluh urang balad Oding anu rék ditato téh. Maranéhna mupakat pikeun milih ditato maung dina tonggongna.
Tukang tato téh enya-enya béda jeung tukang tato séjénna. Pameunteuna aya ku beresih, henteu weléh imut jeung unggeuk ka saha waé ogé, kasép jeung jajaka sakira umur dua puluh taunan geuning. Basa Oding sabalad-balad datang, tukang tato téh ngabagéakeun kalayan marahmay.
“Tato anu ayeuna bakal digambar ku urang téh tato spirit. Tangtos waé tato anu bénten sareng tato-tato sanésna, tato-tato anu biasa aya. Tato spirit mah hasilna bakal nyugemakeun upami urang, anu nato nyatana sim kuring, sareng anu ditato, parantos ngahiji, bakal janten tanaga anu rosa. Teu acan tangtos anu badanna keker bakal kiat ditato. Teu acan tangtos anu pangkatna jéndral tiasa nato,” ceuk tukang tato. Tangtu waé Oding sabalad-balad ngaharuleng ngadanguna. Henteu ngalartieun maranéhna téh. Ieu tukang tato téh enya-enya béda ti tukang tato anu salila ieu didatangan ku maranehna.
“Mangga, saha heula anu bade ditato,” ceuk tukang tato bari henteu tinggaleun imut.
Anu maju téh Si Rambo. Manéhna muka baju, tuluy ngadapang dina dipan.
“Tato maung, nya?” ceuk tukang tato bari ngusap tonggong Si Rambo.
Si Rambo henteu ngajawab, lantaran manéhna ngarasakeun nyeri anu kakara harita kaalaman.
“Adduuhhh… entong lebah dinya! Bagian naon anu keur digambar, goblog?” Si Rambo ngagorowok euweuh kaéra.
“Natona mah acan dimimitian, kakara diusap tonggongna.”
Si Rambo reuwas sorangan. Manéhna nguat-nguat manéh, bajuna digégél ngarah henteu ngagorowok. Maenya ditato waé nepi ka boboléh. Budak bau jaringao ogé geus biasa ditato mah. Tapi lima detik ti harita, Si Rambo ngajerit maratan langit.
“Aaawww… tong di lebah dinya, goblog! Tato naon anu keur digambar ku sia téh?”
“Ieu téh kakara kuku maung. Tapi jarumna ogé aca nojos, kakara dibayangkeun wungkul gambarna,” ceuk tukang tato téh halon.
“Lamun kitu, liwat waé bagian kukuna mah! Henteu nanaon maung euweuh kukuan ogé!”
Tukang tato téh ngusap deui tonggong Si Rambo. Jerit deui Si Rambo siga anu sakarat. “Tato naon deui anu digambar téh, euy?”
“Ieu mah sihung mung. Tapi jarumna ogé acan nojos, kakara ngabayangkeun wungkul gambarna,” ceuk tukang tato.
“Lamun kitu, liwat waé bagian sihungna mah! Henteu nanaon maung euweuh sihungan ogé!”
Tukang tato téh ngusap deui tonggong Si Rambo. Goak Si Rambo bari terus ménta pikeun ngaliwat bagian anu arék ditato.
Sanggeus sababaraha lila, tukang tato téh imut. “Lamun kukuna diliwat, sihungna diliwat, belangna diliwat, sirahna diliwat, buntutna diliwat, awakna diliwat, maung naon atuh jadina?” pokna.[1]
Si Rambo make deui bajuna. Balad-baladna sééleun nyeungseurikeun ti tadi kénéh. Tapi barang giliran maranéhna, sarua bobor karahayuan, nepi ka bolay ditatona. Maranéhna patingjarerit, patinggaroak, padahal tukang tato mah acan nojoskeun jarum najan sakecos.
Giliran Oding ditato, manéhna henteu ngajerit. Minangka wawakil tina rasa nyeri téh cipanonna ngalémbéréh, beuki lila beuki murubut. Nyeri jeung peurih téh henteu saukur ngajeletit dina tonggong anu diusap, komo deui dina kulit anu ditojos jarum, tapi sumebar kana sakujur tubuh, kana liang pori-pori pangleutikna. Di tuntung nyeri-peurih pangnyanyautanana, Oding rarasaanana ngalayang, ujug-ujug asa keur leuleumpangan wé di hiji patamanan anu éndahna hésé dicaritakeun. Oding ngarérét tukang tato anu maturan gigireunana. Tukang tato anu henteu weléh imut, anu kasép jeung cahayaan pameunteuna, asa saluyu jeung éndahna kekembangan anu ditata sabudeureun patamanan. Reg maranéhna eureun di handapeun tangkal kai anu gedéna sapuluh kali lipeteun beuteung munding.
“Anjeun terang, sabara taun umur tangkal ieu?” ceuk tukang tato.
“Duka.”
“Tangkal ieu umurna dua ratus lima puluh taun. Leuwih kolot batan kaula, jauh leuwih kolot batan anjeun.”
Oding ngarérét tukang tato.
“Anjeung terang, tangkal ieu asalna naon?” ceuk tukang tato.
“Siki.”
“Enya, siki sagedé kaléci. Ngan ku sabar, ku pengkuh, ku keukeuh, siki sagedé kaléci téh bisa jadi tangkal sagedé kieu.”
Oding unggeuk. Dina pikiranna mah kabayangkeun kumaha nyaah jeung haatna ieu tangkal ka mahluk séjénna anu milu hirup dina dirina. Sabangsaning manuk, sabangsaning hileud, sabangsaning kutu, sabangsaning sato anu rupa jeung ngaranna ogé Oding henteu apal, malik nyaah ka ieu tangkal. Hawa anu seger, cai anu ngagenclang hérang, sobat-sobat ieu tangkal anu salingtalingakeun. Aya ku éndah sosobatan maranéhna.
“Anjeun terang, kumaha carana ngalatih sabar?” ceuk tukang tato deui.
Oding gideug lalaunan.
“Puasa. Puasa tina sagala kahayang anu kaleuleuwihi. Puasa tina sagala napsu anu ngajak kana kagoréngan. Puasa….”
Oding asa ngalayang deui. Balik deui kana ragana anu keur murubut cipanon bari ditato.
“Tos réngsé. Tato maung tos réngsé. Keun tato maung téh sina nekukan sagala napsu, sagala amarah, sagala kagorénga anu aya dina haté jeung pikiran anjeun,” ceuk tukang tato.
**

Kitu sasakalana Oding pangsiun jadi préman. Balad-baladna anu sok majeg tukang dagang, copét, tukang parkir, dibubarkeun bari terus diperenahkan pikeun ngajaga WC Umum, ngampar dagang leuleutikan, kuli di toko grosir.
“Pék geura arusaha kalayan ngahasilkeun rejeki anu halal,” ceuk Oding ka balad-baladna.
Oding sorangan terusna jadi tukang parkir. Ti harita mah pasar téh aman. Henteu aya deui préman anu majeg, anu mabok, copét. Otang sababaraha kali nyakséni kumaha saktina Oding ngamankeun pasar. Ngan saukur dicekel leungeunna, préman anu majeg téh ngagoak terus kabur henteu balik deui. Copét tilu urang ngudupruk sabada dipelong ku Oding. Pangabisa siga kitu anu ku Otang dicaritakeun ka Si Kobra anu keur marebutkeun ngawasa terminal jeung Si Bulé. Tapi diolo ogé ku Otang pikeun ngabantuan Si Kobra, Oding téh angger gideug.
**

Pukul genep isuk-isuk, Otang geus campego dina bale-bale tempat parkir pasar. Sababaraha kali heuay da puguh henteu biasa hudang isuk-isuk. Ari Oding anu ditepunganana, keur riweuh markiran, da puguh jam sakitu mah keur réa anu balanja. Oding mah geus biasa markiran ti subuh kénéh.
“Kang, Si Kobra murang-maring. Béjakeun cenah ka Akang, henteu daék dipidulur mah dipaéhan sakalian,” ceuk Otang sanggeus Oding nyampeurkeun. “Riweuhna téh apan manéhna mah sok ngabongohan.”
“Ah, henteu kudu sieun ku anu kitu. Jig pesen kopi jeung roko, katempo téh silaing ti tadi ngangin.”
“Nyaéta Kang, Si Kobra henteu mere keur roko-roko acan, mani geus haseum. Meureun pedah uing henteu hasil ngolo Akang,” ceuk Otang bari seuri atoh.
Geus reupreupan bari ceudeum, basa Oding rék ka mushola, aya anu megat tiluan. Tangtu waé maranéhna téh balad-baladna Si Kobra. Anu duaan nyabut belati tina cangkéngna. Anu saurang mah ngaluarkeun péstol. Tapi saacan anu duaan narajang, saacan péstol ngabekas, ku Oding ditiup nepi ka anu tiluan téh ngarumpuyuk bari ampun-ampunan. Tapi Oding kalah ngaléos muru musola da adan geus ngalanglaung. Balik solat magrib, anu tiluan téh diusap rambutna ku Oding. Sabada ngarasa jagjag, anu tiluan téh acong-acongan nyembah hayang dihampura, tuluy patingbelecet lalumpatan.
Otang anu ngintip ti kajauhan, nyampeurkeun Oding
“Kang, uing gé hayang pangsiun jadi préman,” ceuk Otang.
“Kabéh jelema ogé saenyana mah préman, euy. Dina diri urang téh aya bagéan anu hayang meunang sorangan, hayang ngawasa, hayang ngapimilik sakabéhna jeung saloba-lobana,” ceuk Oding. “Diémbohan deuih, urang téh bongan geus sanggup narima amanat. Manéh nyaho amanat naon?”
Otang gideug.
“Amanat éta anu tadina ditawarkeun ka satungkebing langit, bumi, gunung-gunung, tapi sakabéhna henteu sanggup narimana. Ngan urang, hate manusa, anu narima amanat éta, lantaran urang téh dolim jeung bodo.”[2]
Otang unggeuk. Tapi manéhna henteu ngarti naon anu diucapkeun ku Oding.
“Lamun manéh niat pangsiun jadi préman, hartina kudu mimiti latihan puasa, kudu mimiti engeuh kana amanat….”  ****





[1] Bagian anu henteu karuat ditato ieu diwawaas tina dongéng Jalaluddin Rumi
[2] Ngeunaan amanat ieu, dicutat tina QS surat Al-Ahzab ayat 72

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni