Jejak Kata :
Home » » DU'A

DU'A

Written By Mang Yus on Jumat, 11 November 2016 | 10.58


carpon Yus R. Ismail

Ieu mah dongéng dua sobat. Ti lembut tara gelut. Mangsa rumaja sagaya. Istuning batur patutur-tutur. Dimana aya anu saurang, pasti aya anu saurang deui. Kitu cenah layeutna dua sobat ieu téh. Ari kituna, meureun pedah duanana natangga. Kolotna sarua muka warung di sisi jalan. Kolot anu saurang muka warung sangu. Ari kolot anu saurang deui muka warung kolontongan.
Ieu mah dongéng mangsa sabada rumaja dua sobat téa. Harita dua sobat téh mulang ti ondangan pernikahan kawawuhanana di kota tatangga. Maranéhna boncéngan tumpak motor. Pésta pernikahan téh aya ku meriah. Tempatna di gedung megah. Raksukan pangantén sagala araréndah, murub mubyar dina pangawakan pangantén anu kasép jeung geulis. Idanganana sarwa ngarareunah. Ah, pokona pésta pernikahan anu méwah.
Dua sobat téh tangtu waé kataji ku pésta pernikahan kawawuhanana téa. Oh enya, aya anu kaliwat didongéngkeun. Aya béda anu patukang tonggong dua sobat ieu téh, nyaéta dedegan jeung pameunteuna. Anu saurang mah aya ku kasép; jangkung ngeusi, kulit beresih umyang cahayaan, lemed enya ogé lalaki. Ari anu saurang deui, pendék busekel, pameunteu semu korodok pinuh ku urut cacar mangsa keur budak.
Nepi ka wates kota, sanggeus tumpak motor aya kana dua jamna, dua sobat téh nyimpang ka musola sisi sawah. Musola leutik tapi bararesih jeung raresik. Tatangkalan sakurilingna mawa iuh jeung tiis ka jero musola. Rambutan, buah aromanis, jambu aér, leubeut ku kembang jeung pentil. Kembang bakung nyacas bodas ngawates jajalaneun ka tempat wudu. Malati anu mager sisi, seungitna nyambuang ka mana-mana.   
Di jero musola téh aya aki-aki keur anteng zikir basa dua sobat téa arasup. Sabada solat berjamaah, ngadu’a saperluna, dua sobat téh ngagolédag, ngalempengkeun cangkéng. Siga anu pareureum kasaréan, padahal duanana anteng dina lamunan séwang-séwangan. Barang beunta, dua sobat téh reuwas pedah Si Aki nyampak hareupeunana, imut kayungyun ningali anu api-api kasaréan.
“Assalamualaikum warahmatullahi wabarakatuh,” ceuk Si Aki bari ngajak sasalaman. Dua sobat téh gancang ngajawab salam bari semu ngarawu leungeun Si Aki. “Aki mah apal naon anu nyababkeun maranéh guligah. Tong hariwang, Gusti bakal ngaijabah kereteg kahayang maranéh. Tangtuna cara ngaijabahna, cara Gusti ku Anjeun. Tugas urang mah ngan ngadu’a, ngarekés neneda bari ihlas. Tangtu waé kudu bari wijaksana ngimeutan tanda-tanda alam.”  
Mimitina dua sobat téh henteu pati ngahaminan naon anu diucapkeun Si Aki. Maranéhna nganggap Si Aki téh kokolot begog anu ngarasa jadi ustad, kakara apal hiji perkara terus diomong-omong ka sasaha. Tapi sanggeus ngabandungan, Si Aki téh geuning siga anu sagala weruh naon anu dipikirkeun jeung dirasakeun maranéhna, dua sobat téh mimiti kataji.
“Anjeun mah hayang beurat beunghar, lantaran pernikahan méwah tadi ngan bisa kalaksanakeun lamun anjeun beunghar,” ceuk Si Aki ka Si Kasép. Si Kasép ngabéléhém ngarasa katohyan. Tangtu waé manéhna hémeng, ti saha Si Aki apal naon anu dipikirkeunna sapanjang jalan. Apan ti tadi ogé manéhna henteu kedal ka sasaha.
“Lamun anjeun, hayang kasép, hayang éndah, hayang dipuja-puji ku saha waé anu pareng ningali anjeun,” ceuk Si Aki ka Si Korodok. Si Korodok seuri maur, asa katohyan eusi haté. Manéhna ogé hémeng, naha Si Aki apal anu dipikirkeun jeung dirasakeunana. Apan manéhna ogé acan kedal ka sasaha.
“Sakabéh kahayang éta, tinangtu diijabah lamun urang neneda ka Gusti, ngarekés du’a. Tinangtu ogé urang kudu ngaji diri, wijaksana kana cara ngaijabah Gusti.”
Dua sobat téa terusna ménta tatacara ngadu’a. Si Aki ngabéjaan cara ngadu’a anu basajan. Sababaraha solat sunat, ngazikirkeun kalimah toyibah, salila opat puluh poé ulah copong. Basajan saenyana mah. Tapi réa anu henteu sanggup. Réa anu gagal, dimimitian deui, gagal deui, tungtungna bosen.
**

Uing kungsi ngarekéskeun du’a saperti kitu nepi ka hatamna. Guruna nya Si Aki téa. Anjeunna mah ustad tukang ngalalana, kiyai ider jagat. Anjeunna mah ujug-ujug aya di hiji tempat, ujug-ujug ngalolos ti hiji tempat. Réa anu ngahaja nyusud di mana ayana Si Aki tapi henteu kungsi panggih. Réa anu kawénéhan panggih siga dua sobat téa, padahal mah henteu ngahaja nyusud, malah henteu nyaho-nyaho acan saha ari Si Aki, matak basa ditanya itu ieu henteu pati maliré. Sanggeus sadar, sanggeus apal saha ari Si aki saenyana, kakara kaduhung henteu nanya itu ieu atawa ménta itu ieu. Basa terusna aya anu ngahaja nyusud Si Aki, mangtaun-taun, boa saumur hirup, henteu kapanggih tapak-tapakna acan.
Sababaraha taun ti harita, dua sobat téh ngarekéskeun du’a. Uing ngarasakeun kumaha tabahna éta dua sobat. Sakabéh halangan rintangan, pangpangna anu jolna ti jero diri, bisa diperuhkeun. Minangka pertanda diijabahna... Si Korodok anu hayang éndah jadi hileud pikagilaeun. Ari Si Kasép anu hayang beunghar jadi miskin malarat masakat.
Si Hileud pikagilaeun kukuliatan, terus ngarayap ka ditu ka dieu luhureun jujukutan. Pasti reuwaseun. Pasti hémengeun. Pasti teu ngarti ku kaayaan. Keur kitu, ti luhur katingali manuk piit nyirorot. Si Hileud reuwas da manuk piit jadi manuk raksasa saperti dina dongéng Carita Sarébu Samalem. Gancang manéhna nyumput handapeun jujukutan. Pangabisana nyamur dina warna héjo jujukutan ujug-ujug mucunghul. Zikirna henteu putus bari degdegan. Manuk piit luak-lieuk, lieureun, naha tadi mah aya hakaneun ari geus deukeut bet euweuh.
Sabada ditinggalkeun ku manuk piit, Si Hileud ngarayap gagancangan. Zikirna henteu putus, neneda kaweruh anu keur kaalaman ku dirina. Tungtungna Si Hileud nepi kana hiji tangkal anu ngémploh héjo. Manéhna nérékél naék. Tangtu waé atoh sabada apal dangdaunan éta tangkal, komo kapucukna, ngeunah taya bandinganana. Si Hileud ngaremus taya eureunna. Si Tangkal imut bagja enya ogé réa dahanna tinggal régang-régang begung. Si Tangkal téh aya ku nyaah ka hileud jeung sasatoan anu naraplok nurut hirup dina awakna.
 Badan Si Hileud ngalintuhan. Gerakna mimiti kendor. Kulitna ngaheurasan, jadi kantong anu ngabulen awakna. Si Hileud sadar, tunduh anu nataku téh jalan hirupna anu geus ditangtukeun. Terusna mah Si Hileud henteu inget nanaon.
Kacaturkeun Si Kasép anu miskin malarat masakat. Gawéna ngan luh-lah. Si Kasép henteu bisa ngarti, pakayana ngan sakotéap béak. Unggal usaha unggal bangkrut. Unggal kawawuhan anu diajak usaha ngan minteran jeung naripu. Modal usahana ledis, hutang di ditu di dieu. Tungtungna imah jeung warung titinggal kolotna dijual keur mayar hutang. Sakitu geus sagala béak, hutangna mah masih acan katombokan kabéh. Tungtungna manéhna ngaboyong pamajikan jeung budakna anu kakara lima taun ka kamar kontrakan leutik jeung rarujit.  
Basa kudu pipindahan ti kamar kontrakan ka kamar kontrakan lainna, Si Kasép mimiti béak kasabaran. Gusti dituding-tuding henteu adil. Du’a-du’a Si Aki panipuan malulu. Boro-boro zikir atuh keur kitu mah. Hirupna beuki pajurawet. Mindeng manéhna ditulungan ku sasama jalma masakat. Jalma masakat anu baheula mah henteu kaangseu henteu katempo henteu kadangu ku pangrasa manéhna.
**

Hiji soré aya ku éndah. Langit lénglang. Awan putih ngarangkleung di langit anu asa ngalegaan. Hawa aya ku seger. Tapi henteu kitu keur Si Kasép mah. Manéhna datang ka handapeun tangkal anu jangkung jeung ngarandakah. Si Kasép ngodok saku bari ningalian dahan-dahan anu pikuateun pikeun ngagantung manéh. Tali téh dikalurkeun tina saku calanana. Terus diteuteup, jararauh panineungan.
Si Kasép tangtu waé henteu sadar, aya dua mahluk anu ningali-sedih manéhna. Mahluk kahiji nyaéta tangkal jangkung jeung ngarandakah téa. Di jero haténa Si Tangkal ngabangingik. Mahluk kadua nyaéta kukupu anu ngintip tina dangdaunan. Kukupu téh Si Korodok anu kungsi jadi hileud. Kakara tadi isuk manéhna ngarasa suka bungah bisa hiber gegeleberan ka ditu ka dieu. Basa keur nyeuseup amisna néktar kekembangan di patamanan, aya anu ngarudag-ngudag. “Kukupu, aya ku éndah ari anjeun. Bulu-bulu anjeun warna-warni siga katumbiri. Hayang teuing kami siga anjeun,” ceuk barudak anu arulin di patamanan bari ngarudag-ngudag Si Kukupu. Lain, lain ngudag keur néwak. Tapi ngudag bakat ku resep kana kaéndahan anu aya di diri Si Kukupu. Ari ayeuna, bet ngangres ningali kaayaan Si Kasép. Henteu karasa Si Kukupu téh merebeykeun cisoca.
Si Kasép tungtungna milih hiji dahan. Manéhna naék, nyangreudkeun tali kana dahan, ngongkorongkeun kana beuheungna, tuluy ngajleng bari peureum. Manéhna ngalayang... gebut, ninggang lemah. Si Tangkal henteu ridoeun, cangreudanana udar.
Si Kasép nangkarak ngabebengkang. Rénghapna anu tadi kerep mimiti diatur. Diteuteupna tangkal anu jangkung, dahan-dahanna, dangdaunanana. “Tangkal sakieu jangkungna, sakieu ngarandakahna, buahna mah ukur sabendul korék api. Nyaan, teu adil Gusti téh,” gerentesna. Rét ka langit lénglang. Aya ku lega. Awan putih siga anu maraju. Sakapeung siga gajah, siga kelenci, siga kekembangan. Abong awan, bisa mancala putra mancala putri.
Si Kukupu kaluar tina panyumputanana. Manéhna gegeleberan di luhureun sobatna. Si Kasép resep ningali Si Kukupu. “Naon, ngomong naon manéh téh Kukupu?” gerentesna.
Uing ogé kungi putus pangharepan siga kitu. Harita uing ngadu’a, neneda hayang jadi mahluk anu welas asih, pinuh kanyaah ka sasama, sodakoh taya towongna. Harita uing putus pangharepan lantaran dijadikeun buah leutik anu diulinkeun manuk piit. Terus dibawa hiber jauh sabada dipacok. Tungtungna murag di tegalan anu pinuh ku jujukutan. Harita halodo kakara ngamimitian. Atuh awak téh méotan kapanasan. Lamun euweuh jujukutan anu dipaké panyumputan, meureun garing sapisan.
Basa ngijih mimiti pras-pris, basa awak halabhab mimiti seger, uing mimiti maphum. Uing terus akaran, pucukan, terus jadi tangkal anu rimbun. Mahluk laleutik nurut hirup dina awak uing. Manusa ngariuhan, ngamalirkeun cai anu ku uing ditabung jeung dikaluarkeun mangrupa ciséké.
Si Kasép anu keur ngabebengkang téh masih neuteup Si Kukupu, sobatna, sobatna anu enya ogé henteu bisa nyarita basa manusa tapi sanggup nepikeun rasa nyaahna. Uing muragkeun buah lempengan taar Si Kasép. Manéhna reuwas. Basa apal anu murag ninggang taarna téh buah uing, manéhna ngimeutan mani kerung-kerung. Tuluy nangtung, imut dina tungtung biwirna, leumpang ngagedigna jadi lumpat. Uing jeung Si Kukupu ngadangu naon anu galécok di jero dadana: “Katimu ayeuna mah... katimu ayeuna mah... katimu ayeuna mah.. ijabah Gusti, kaadilan Gusti!”
Uing jeung Si Kukupu silihrérét, terus imut. Aya ku bagja soré harita. ***
         

Pamulihan, 1 Mei / 11 September 2016

Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni