Basa Malaikat Bingung



 Jaman nabi Sulaeman a.s. aya saurang priyayi anu reuwas. Sababna, basa éta priyayi nuju ngariung suka-seuri ngawangkong ngalér-ngidul jeung sobat-sobatna, manéhna ningali malaikat Izroil dina riungan. Katingalina mah malaikat Izroil téh siga anu bingung. Tapi enya ogé siga anu bingung, éta priyayi reuwas kacida. Apan malaikat Izroil téh tugasna purah nyabut nyawa. Mangkaning anu bisa ningali malaikat Izroil téh ngan manéhna. Da sobat-sobatna mah geuning haré-haré waé.

Lantaran reuwas téa, éta priyayi téh langsung ngahadep ka nabi Sulaeman a.s.

“Ya Nabiyullah, abdi téh reuwas kacida. Margi tadi basa nuju ngariung sareng sobat-sobat, abdi ningali malaikat Izroil aya dina riungan,” ceuk éta priyayi téh. “Katingalina mah nuju bingung malaikat Izroil téh. Tapi enya ogé nuju bingung, abdi mah angger reuwas. Uninga nyalira apan naon tugasna malaikat Izroil.“

“Naha reuwas sagala? Kuduna mah sujud sukur. Bisa ningali malaikat Izroil saméméh ngalaksanakeun tugasna téh hiji anugrah ti Alloh SWT,” saur nabi Sulaeman.

Tapi si priyayi téh kalah ngahuleng. Pokna téh: “Leres ari kituna mah. Tapi abdi téh émut kasauran Salira kapungkur waktos nyarengan Salira perang ngalawan musuh anu gangas. Sabada perang téh apan Salira nyarios; pok sebutkeun, ménta naon waé ogé bakal ditedunan.”

Nabi Sulaeman imut, teu lami ngawaler: “Enya, enya pisan Kaula kungsi jangji kitu. Harita mah apan Anjeun henteu ménta nanaon.”

“Kumargi éta ayeuna abdi ngahadep. Abdi nyungkeun ayeuna Salira miwarang angin puyuh pikeun nyandak abdi ka tanah India.”

Nabi Sulaeman ngahuleng ngaragameneng. India téh apan tempatna jauh, béda pulo béda nagara. Nabi Sulaeman mah apan nyakrawati di Yerusalem, sedeng India dipisahkeunana ogé ku nagara-nagara Timur Tengah jeung Lautan India.

Saatos sababaraha lami ngémut, nabi Sulaeman nyarios: “Kieu, Sobat. Urang téh geus ngaliwatan réa karuwetan, ngabarkeun pedang dina réa peperangan. Anjeun ogé apan nyaksian, ratusan malah rébuan syuhada gugur di danalaga. Anu tadina gagah rongkah, rosa tanaga paséhat maén silat, ngan sakolébat pedang bisa ngudupruk teu walakaya. Hartina, tali anu ngabeungkeut urang jeung dunya téh uduh. Henteu kudu disieun-sieun, da kitu titis-tulisna anu hirup.”

Si priyayi téh sakedapan mah ngaregepkeun. Tapi kalah pokna téh: “Muhun, leres pisan ari kituna mah. Tapi abdi téh émut waé kana jangji Salira. Apan Salira téh raja anu ogé nabi. Atuh maenya teuing raja anu ogé nabi kedah ingkar tina jangji.”

“Ari kitu onaman heug téh teuing. Ayeun kénéh kaula bakal maréntahkeun ka angin puyuh sangkan mawa Anjeun ka India.”

Sapangeusi karaton raja Sulaeman reuwas basa aya angin lilimbungan asup ngaliwatan gapura jeung jandéla-jandéla. Tapi ngan sakilat éta angin téh hiber deui kaluar karaton bari mawa si priyayi ka India.

Kacaturkeun nabi Sulaeman a.s. ogé saenyana ngaraos hémeng. Hémeng pédah émut kasauran si priyayi tadi anu cenah malaikat Izroil téh sapertos anu bingung. Atuh Anjeunna énggal ngulem Malaikat Maut, ngucapkeun salam, sareng énggal naros.

“Wahéy Malaikat Alloh, kunaon katingali téh bet sapertos anu bingung?”

“Disebat bingung memang sapertos kitu ya, Nabiyulloh,” saur malaikat Izroil. “Kami téh diparéntahkeun pikeun nyabut nyawa tina ragana, di India tempatna. Tapi basa Kami ngaliwat ka dieu, jalma anu bakal dicabut nyawana téh bet aya di dieu. Apan ti dieu ka India téh sakitu tebihna. Upama éta jalma tumpak kuda anu pangtarikna, asa moal nepi téréh-téréh. Sedeng waktu pikeun nyabut nyawa téh ayeuna, sababaraha menit deui.”

“Upami kitu mah entong bingung deui, da upami tos titis-tulisna nya pasti kedah kitu. Jalma anu umurna ngan sababaraha menit deui téh da enya tos aya di India. Mangga, ayeuna mah geura ka India waé.” (Yosep – Sumedang) @@@

RENGSE

(dipasieup tina dongéng Maulana Jalaludin Rumi dina buku The Kingdom of Joy)



Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Basa Malaikat Bingung"

Posting Komentar