Hayam Seuri

barakatak mangle

Mimitina mah henteu percaya aya hayam seuri alias ayam ketawa téa. Ari pék, enya aya hayam anu kongkorongokna siga jelema seuseurian. Pangalaman ieu téh lima taun katukang, basa imah kosong hareupeun imah kuring aya anu ngeusian. Urang Bandung Pa Didin teh asalna mah. Pindahna bari mawa hayam seuri téa.
Henteu saukur resep sigana Pa Didin mah kana hayam seuri téh. Da salain loba, ti jago dewasa nepi ka anakna anu kakara megar, ogé asal-usulna hayam téh diperhatikeun. Cenah aya hayam anu langsung didatangkeun ti Sulawesi, tempat hayam seuri téa mimiti dikukut.
Ari hargana, matak ngalamun anu henteu apal kana iinguan. Henteu puluhan rébu siga hayam kampung, tapi nepi ka jutaan rupiah. Kuring lantaran kabawakeun resep ngadangukeun ceuleukeuteukna hayam, ngaririhan anakna hiji. Hayam jalu téh unggal isuk diparaban.
Duka jenisna hayam seuri mah kitu, rarasaan téh éta hayam asa lindeuk pisan. Meureun lantaran unggal poé diparaban, diusapan, diajak ocon, éta hayam téh embung jauh ti kuring. Sok diseungseurikeun ku barudak mah, pedah kuring ka warung ogé éta hayam téh nunutur.
“Si Ayah gaduh sobat anyar,” ceuk budak kuring bari seuri ningali hayam seuri nyéngclé dina tuur kuring sabada diparaban. Hayam téh terus kongkorongok seuri téa. Tayohna kakara diajar kongkorongok.
Tadina mah horéam ngadongéngkeunana, duka ku naon kuring ogé bet resep jeung nyaah ka éta hayam. Sapoé henteu ningali téh asa aya anu leungit. Puguh ogé ayeuna mah geus jajangkar, luis, sakapeung kongkorongok seuri téa. Babaturan mah malah aya anu wani nawar sagala, Rp 150 rebu cenah.
Ari hiji beurang éta hayam téh ulin ka luar. Soré can balik téh ditéangan sagala. Ari pék hayam téh teu kapanggih. Isukna ogé henteu balik henteu kapanggih. Tatangga ngabantuan mangnéangankeun ogé masih teu kapanggih. Hayangna mah ceurik basa aya anu nyebutkeun hayam téh pasti aya anu maok. Aya ku teungteuingeun ari bangsat.
**
Yosep R. - Sumedang

Mangle no MUAT no 2707, 29 November - ... Desember 2018

Subscribe to receive free email updates:

Related Posts :

  • Ati Ampela Bumbu Bau Ieu mah pangalaman anu kaalaman ku babaturan. Didongéngkeun deui téh lain nguar-nguar kakurangan sobat téa. Puguh mah sono da geus taun… Read More...
  • Motor Batuk Ieu mah pangalaman sababaraha taun katukang basa anyaran meuli motor métik. Harita kuring masih nganjrek di Bandung. Saenyana mah lain … Read More...
  • Ngaliwet Unggal Poe Ti keur leutik kuring mah diogo ku nini. Ene kuring mah nyebutna téh. Ti acan sakola kuring sok ngéndong di bumi Ene. Puguh atuh da res… Read More...
  • EKOL PENGUSAHA Ieu mah saenyana kalakuan ki sobat anu henteu waé pikalucueun, tapi ogé kayungyun. Hayang sorangan ogé nurutan tapi henteu kahatéan waé… Read More...
  • SIM Telat Indit ka Bandung téh tara ngitung waktu. Jam sabaraha ogé bisa indit. Henteu siga babaturan lamun indit osok ngahaja isuk-isuk atawa ny… Read More...

0 Response to "Hayam Seuri"

Posting Komentar