Kasut Kusut - Carpon Mangle


        Henteu reuwas saenyana ngadéngé béja Kasut jadi Ketua RT téh. Arék jadi bupati ogé saenyana bisa. Apan tanahna lega, usahana di ditu di dieu. Cenah, lamun diitung mah rajakayana ratusan miliar rupiah. Eta anu jadi modal utama ayeuna mah.

Tapi Kasut, apan saukur beunghar kampung. Eta puguh ogé anu narik-ati kuring mah. Maksud téh, narik-ati rajakayana. Baheula mah apan Kasut téh bisa disebut jalma susah. Koréh-koréh cok téh henteu bohong. Meureun pédah kasabna anu henteu puguh. Ku kituna, pasti aya sumanget rohaka jeung gawé rancagé pikeun siga ayeuna téh. Sumanget jeung gawé anu bisa ngagedurkeun sumanget anu séjén pikeun ngahontal suksés anu sarua.

Oh enya, Kasut téh urang Ciséké Panjang, anu perenahna di tutugan gunung Bésér. Kampung anu masih héjo lémbok ku tatangkalan titinggal karuhun. Ari kuring, puguh apal pisan ka Ciséké Panjang mah. Henteu saukur ka wargana, lebah-lebahna ogé masih kabayang. Lebah mana aya ciséké anu enya manjang, lebah mana pasawahan panglegana, lebah mana tangkal bungur anu mayung, jeung réa deui.

Nepi ka umur 10 taun apan kuring jadi budak Ciséké Panjang. Sabada Apa dialihkeun damel ka kota B, kuring sareng Bunda katut dua adi tungtungna nuturkeun. Tadina mah Apa anu saminggu sakali ka Ciséké Panjang. Moal ngalih cenah ti Ciséké Panjang téh da betah.

Ciséké Panjang  téh sanés lembur Apa atanapi Bunda. Apa mah urang P, Bunda mah ti T. Ngalih ka Ciséké Panjang anu kaéreh kabupaten S téh sabada Apa dialihkeun damel ka Puskesmas Ciséké. Harita umur kuring cenah kakara 2 bulan.

Ayeuna umur kuring 22 taun, kakara lima bulan lulus ti Univeritas Jakarta. Diajar gawé di media onlén. Matak asa atoh aya urang Ciséké Panjang anu kira-kira bisa ditulis pangalaman suksésna. Ka rédaktur ogé ampir unggal aya kasempetan kuring ngadongéng perkara suksésna Kasut téa.  

“Pasti hadé tah pangalamanana. Sahenteuna bakal ngamotivasian ka anu dialajar arusaha,” ceuk Kang Malik, sang rédaktur téa.

Matakna unggal kawawuhan, komo urang Ciséké Panjang anu apaleun ka Kasut mah, ku kuring dikoréh kateranganana.

“Naha enya Kasut sabeunghar kitu?” ceuk kuring ka Setia, sobat waktu di SD mangsa kuring masih di Ciséké Panjang. Setia keur nyuprih élmu kuliah di Unsuk alias Universitas Sukamiskin.

“Enya. Ulin atuh ka lembur,” jawab Setia.

“Naha enya, cenah mun diitung-itung rajakayana aya kana lima ratus M-na?”

“Matakna entong tambelar ka lembur téh. Ulin atuh, béda pisan Ciséké Panjang ayeuna jeung baheula mah.”

Saenyana kungsi dua kali kuring ka Ciséké Panjang sabada pindah téh. Sakali basa diajak ku Apa ka tempat damelna baheula. Kadua basa Apa ka ondangan jatukramina Téh Réni, putra Pa Aang, sobat Apa. Harita rarasaan mah kuring henteu ningali Kasut geus jugala siga dongéng-dongéngna ayeuna. Enya éta ogé bumina mah diréhab, dilegaan, aya mobil di garasina. Ceuk kuring, wajar waé saperti bandar-bandar hui simadu anu suksés muka warung hui oven di kota-kota gedé. Hui simadu téh apan hasil tani unggul ti Ciséké Panjang anu geus diaku ku mancanagara. 

Oh enya, Kasut téh saenyana nénéhna ti urang Ciséké Panjang. Apan ari nami anu aslina mah Kasdi. Lantaran buukna sok katingali acak-acakan, pameunteu teu weléh siga anu kakara hudang sanggeus begadang sapeuting jeput, terus wé nelah Kasut, pondokna tina Kasdi Kusut. Pa Kasdi nyalira ogé henteu nanaon. Meureun ngarasa, éta mah cicirén akrab, lain ngahinakeun.

Kasabna saperti tadi disebutkeun, henteu puguh. Sakapeung nyaloan anu ngajual manuk, hayam, buburuh di balong pemancingan, atawa balantik leuleutikan. Ayeuna anu tadi disebutkeun kasab téh jadi saukur kalangenan. Nagenkeun kolécér genep métér dina tangkal surian, dibaturan pakacir-pakacirna, ditungguan nyegukna. Atuh lamun kolécérna ngahiung terus nyeguk, Kasut seuri ngagakgak bangun sugema pisan. Ngadadangukeun manuk kacer bari sura-seuri senang naker. Ngabobotohan ngadu hayam di pakalangan anu rusiah ti warga.

Enya, apan ayeuna mah Kasut téh geus beunghar téa. Sawah, kebon, balong, aya ratus héktarna cenah. Di unggal kampung sabudeureun Ciséké Panjang mah Kasut téh kawentar juragan sagala. Peternakan sapi, domba, hayam, pabrik tahu, pabrik gula beureum, pabrik aci, jeung loba deui. Acan cenah emas batangan, perhiasan, surat-surat penting, éta mah masih rusiah. Cenah, kalangenanana ogé ayeuna mah aya anu hargana ratusan juta rupiah. Manuk purukutut, hayam bangkok, anu dipiara dihususkeun di buruan tukang, hargana leuwih ti saratus juta rupiah. Sahenteuna kitu anu nepi ka kuring sabada kukurilingan néangan impo.

“Wah, bohong éta mah haha....,” ceuk Kasut bari paroman marahmay basa kuring ngahaja nepungan. Ngobrol téh di buruan tukangna anu ditata dijieun taman, éndah jeung bararesih. Kembang angkrék, hayam bangkok, manuk, keur diurus ku pagawéna. Bari ngobrol téh panon mah nguriling bari babalagonjangan, hayam atawa manuk mana anu hargana leuwih ti saratus juta rupiah téh.

“Tapi kitu apan kanyataanana, Pa. Bapa téh pengusaha suksés, juragan tanah di mana-mana, pemilik usaha ieu usaha itu. Abdi mah saukur hoyong terang perjuangan Bapa ngarintis usaha,” ceuk kuring deui. “Pasti pangalaman Bapa tiasa ngamotivasi anu maca. Ieu téh hébat. Komo upami pangalaman Bapa téh viral”

“Mimitina mah saenyana... tigebrus kana got.”

Kuring ayeuna mah anu nyakakak. Aya-aya waé ari anu beunghar. Ras inget ka pengusaha suksés Bob Sadino almarhum, takoh panutan kuring mangsa kuliah. Apan cenah suksésna téh sabada ngagoblog-goblogkeun dirina sorangan. Sigana Kasut ogé satipeu siga kitu. Tapi nepi ka kuring amitan, Kasut henteu ngadongéngkeun lalakon tigebrus kana got téa anu ngajurungna jadi pengusaha jugala.

Tangtu waé kuring panasaran. Isukna kencling deui ka imah Kasut. Ngobrol deui. Perkara séjén mimitina mah. Tapi léokna, kana “tigebrus kana got” deui. Ceuk pamikir kuring, perkara éta bakal viral. Sabiwir hiji atuh, beunghar lantaran tigebrus kana got.

Saméméh ngajawab, Kasut ngagupayan salah saurang pagawéna. Teu lila sababaraha kuéh kaléng disuguhkeun. Kuéh kaléng mahal tangtuna ogé. Tapi pikeun kuring, pastina leuwih anteb ngasaan kadaharan kampung anu geus ngabarak dina méja.

Kasut téh enya kasohor ogé ku béréhanana. Nyumbang ka ditu ka dieu, ngabantuan anu keur kasusahan bari tara itungan. Apan unggal kuring namu ogé susuguhna teu weléh nyugemakeun. Hui oven, sampeu wédang, keremes, opak-ranginang, teu weléh aya.

Jauh tina sangkaan, geuning Kasut téh henteu medar perkara “tigebrus kana got” téa. Malah isukna mah basa kuring datang deui bari nanya perkara éta, Kasut téh siga anu ambek. Pameunteuna geuneuk, terus ngagejlig ninggalkeun kuring bari henteu amitan. Pagawéna anu nitah kuring balik bari pokna, Kasut ngadadak paruyeng cenah. Basa kuring namu deui, sama sakali Kasut embung manggihan.

Tangtu waé kuring jadi leuwih panasaran. Aya naon? Kunaon? Salaku wartawan ngora anu masih halabhab kanyaho, tangtu waé kuring henteu mundur. Malah beuki nyosok jero tatanya ka sakur kawawuhanana. Tapi tungtungna datang deui ka Kasut

“Kieu Jang Wartawan, Bapa arék ngadongégkeun perkara tigebrus kana got. Dina ieu carita réa rusiahna. Lamun Jang Wartawan henteu wijaksana, Bapa teu apal naon anu bakal kajadian,” ceuk Kasut.

Tangtu waé kuring henteu ngarti. Aya naon saenyana? Di rohangan téh saukur aya duaan, pahareup-hareup dina sofa. Di sisi témbok aya lomari gedé eusi botol-botol inuman. Di luar rohangan, katangen sababaraha urang ngintip. Meureun anu tadi ngariung, anu maraké seragam ormas.

“Abdi mah saukur hoyong terang dongéngna, Pa,” ceuk kuring gugup.

“Baheula kasab Bapa téh sagawé-gawé. Pangasilan koréh-koréh cok téh lain bohong. Sapoé ukur dahar sangu sakali téh henteu ahéng pikeun anak-pamajikan Bapa mah. Hiji poé Bapa milu buburuh dagang peuyeum ka Jakarta. Unggal poé Bapa nguriling nanggung peuyeum. Di hiji perumahan méwah, basa keur nguriling, Bapa diudag anjing leupas. Anjing hérder sagedé domba jalu. Atuh puguh reuwas, terus lumpat nepi ka ngagebruskeun manéh kana got. Bakat ku sieun.”

Kuring kéom. Lucu. Terus ngaleguk cai anu disuguhkeun. Karasa haneut kana tikoro.

“Henteu saukur saawak-awak anu kalotor, barau, tapi peuyeum satanggungan henteu kapuluk. Untungna terus ditulungan satpam, terus dibawa ka bumina Tuan Anu Dipihormat anu ngajadikeun Bapa siga ayeuna. Bapa dititah mandi, disampakeun baju ganti, disuguhan kadaharan ngarareunah anu kakara harita ngasaan. Balikna Bapa malah dianteurkeun ku supirna, dititah balik ka lembur waé. Terusna Tuan Anu Dipihormat ngiring nganteur, maké mobil méwah, atuh matak gujrud salembur. Basa Tuan Anu Dipihormat mulih, Bapa ditinggalan duit sababaraha tas, miliaran rupiah jumlahna ogé.”

Kuring molohok ngadanguna.

“Terusna mah henteu saukur Tuan Anu Dipihormat anu sumping ka dieu. Tapi ogé koléhana, sobat-sobatna. Naritipkeun rajakayana, miliaran rupiah jumlahna. Ku Bapa duit sakitu lobana téh dibeulikeun tanah, usaha, ingon-ingon, jeung anu séjénna. Surat-suratna mah enya atasnama Bapa. Tapi engké lamun dicandak, Tuan Anu Dipihormat téh jangji bakal ngabagi.”

“Wah, éta mah moneylaundring, Pa! Cuci uang disebatna téh!” ceuk kuring mimiti ngarti.

“Ssstt...!” Kasut ngagebés. “Teu jauh ti sangkaan, anjeun téh pinter, Jang Wartawan. Matakna Bapa ngajak ngobrol téh duaan. Bapa dongéngkeun anu anjeun hayang nyaho. Tapi Bapa miharep anjeun wijaksana, henteu ngadongéngkeun lalakoh tigebrus kana got ieu.”

Kasut terus ngodok kolong méja, sok wé amplop coklat di hareupeun kuring. “Bapa tos konsultasi ka sababaraha urang Tuan Anu Dipihormat, nya aranjeunna nitipkeun ieu. Cukup keur mobil mah. Anjeun enya masih ngora, Jang Wartawan, tapi keukeuleuyeungan ka ditu ka dieu kana motor, kurang merenah,” pokna. 

Kuring ngagebeg. Diuk téh ngadadak ngadayagdag.

“Tapi lamun anjeun merekedeweng, henteu miduli kanyaah Tuan-Tuan Anu Dipihormat, anu ngarintip di luar téh henteu saukur kaleker awakna, ditarato, tapi ogé jarago béla diri. Maranéhna ahli kana ngaleungitkeun jelema.“

            Detik harita kénéh hirup kuring jadi kusut. @@@

            RENGSE

Rancakalong, 2 Maret 2020
Majalah Mangle no 2774, 19-25 Maret 2020  

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "Kasut Kusut - Carpon Mangle"

Posting Komentar