DIPATIL LELE


barakatak mangle

Mudik téh anu pangpangna mah mawa ulin barudak ngurilingan lembur. Barudak arolohok didongengkeun baheula mah taun 1980-an, di lembur téh réa sirah cai, barudak garuyang di walungan.
Enya, pasti waé teu pati percayaeun. Apan ayeuna mah sirah cai réa anu garing, atuh walungan jadi ngaleutikan, ngahieuman da rungkun di sisi-sisina teu aya anu ngababad, jeung runtah bra-bru di sisi walungan. Arék kumaha pikabetaheun keur ulin, komo guyang?
“Kapungkur mah barudak ampir unggal dinten ameng di walungan, guyang, marak ngala lauk. Newakan hurang, beunteur, bogo, tapi ati-ati pami néwak lélé bisi dipatil,” ceuk kuring.
“Kumaha dipatih lélé téh?” ceuk budak umur 8 taun.
Beu, rék dipraktékeun sina néwak lélé da hésé nimukeun lélé kampung hideung anu pamatilna aya peurahan siga baheula. Ayeuna mah nu aya lélé dumbo atawa lélé sangkuriang anu euweuh peurahan.
Inget waé baheula basa keur rame ngala lauk, sorangan néwak lélé sagedé jempol. Kacekel mah kacekel lélé téh, tapi ari jeletot téh nojos pamatilna kana cinggir. Langsung hanjat ti cai harita kénéh. Cinggir peurih jeung nyeri. Dirarasakeun téh kalah beuki enud-enudan. Malah mah ngagedéan, bepeng, beureum. Kuring gancang balik.
Peutingna muriang panas saawak-awak. Aya tilu poéna muriangna ogé. Mun teu salah mah harita kuring kakara kelas 2-3 SD. Aya anu méré ubar, saukur dibalur ku apu.
“Ah, asa moal mungkin lélé matil sapertos kitu,” ceuk budak.
Beu! Eta barudak henteu percaya sagala. Kumaha nerangkeunna nya?
Yosep R. - Sumedang
Mangle no 2735, 20-26 Juni 2019

Subscribe to receive free email updates:

0 Response to "DIPATIL LELE"

Posting Komentar