Jejak Kata :
Home » » Carpon Mangle : UYUT LODAYA

Carpon Mangle : UYUT LODAYA

Written By Mang Yus on Jumat, 05 Agustus 2016 | 18.51


carpon Yus R. Ismail

Mangle No. 2583, 23-29 Juni 2016
Nepi ka Cinangka téh pukul hiji peuting. Pajero sport parkir laluasa di buruan lega bumi Aki Haji. Aki Haji nyalira sapertos anu ngantosan. Basa kuring turun tina mobil, Aki Haji tos aya di téras. Nangkeup bari ngusapan mani lami.
“Henteu sataun sakali panggih téh, Sujang. Sono Aki téh,” saur Aki Haji.
Torojol Ma Haji, mani siga anu ngagabrug. Nangkeup téh bari ngagalentoran.
“Rumaos abdi téh tambelar, Aki, Ma. Padamelan téh atuh da henteu aya réngséna. Lebaran kamari mah apan, bujeng-bujeng ka dieu, ka bumi ogé dinten kadua.”
“Enya kaharti ari kituna mah. Keun, kudu sukur ka Gusti, hésé dipercaya siga kitu téh.”
“Kumaha Sujang, bisi rek reureuh heula, da kamar mah kakara dirarapih,” saur Ma Haji. “Tapi ke Ema manaskeun heula cai, urang ninyuh entéh manis.”
“Enya, engké wé ka Uyut mah bada subuh. Atawa lamun nyalsé mah geus caraang gé henteu nanaon,” saur Aki Haji.
“Disebat nyalsé mah henteu, Ki. Saé bada subuh waé atuh,” pok téh bari ngadayagdag. “Ieu ogé ka dieu téh pedah waé sanés mung kahoyong abdi, tapi dijurungan ku komandan.”
“Aringeteun kénéh kitu ka Uyut?”
“Puguh waé atuh, Aki. Dina database mah apan masih aya, enya ogé tos henteu kalebet DPO.”
Aki Haji unggut-unggutan.
“Dupi ayeuna saha anu nyarengan Uyut?”
“Apan Bapa manéh, Sujang. Keun bada subuh mah sina ka dieu. Da Uyut téh saukur hayang panggih jeng si Sujang. Sugan wé jadi sarat pikeun nyampurnakeun. Karunya....”
**

Anu disebut-sebut Uyut téh lengkepna mah Uyut Lodaya. Kitu nelahna. Kuring sorangan kakara engeuh uyut téh masih kénéh aya dikieuna sanggeus rumaja, kelas dua SMP. Saméméhna mah, boh Apa boh Aki (anu disebut Aki Haji ayeuna), can kungsi ngadongéngkeun uyut. Basa poé saptu kuring balik sakola aya anu megat, bapa-bapa duaan. Mimitina mah ngolo-ngolo, ngajakan kuring ulin. Lamun daék cenah dibéré duit keur bekel sakola atawa keur meuli sapatu. Tapi kuring embung, da puguh nyurigakeun, bisi jelema anu rék mergasa. Tungtungna anu saurang néwak kuring, anu saurang deui ngabekem ku lamak baseuh.
Inget-inget téh geus aya di rohongan tengah hiji imah. Kuring ngahuleng. Henteu apal saeutik-eutik acan, éta téh imah saha. Imah panggung, palupuhna hérang, sigana mindeng dikepel. Aya alketif di tengah rohangan. Kasur ngan hiji-hijina anu dipaké saré ku kuring. Sigana kasur ngadadak diamparkeun.
Teu kungsi lila ngahuleng, nyidik-nyidik jeung nginget-nginget, kaburu aya anu asup. Bapa-bapa, diiket coréléng, kumisna baplang.
“Tah, geuning si Sujang geus nyaring,” pokna handaruan. Sorana agem. Kuring mépéd kana bilik. “Tong sieun, Sujang. Da lain di imah batur. Bisi manéh teu nyaho, ieu téh uyut manéh.”
Kuring saukur molohok. Henteu kungsi ngaréka-réka saha ari uyut téh. Enya, harti uyut ogé anu saenyana apan harita mah henteu nyaho. Arék ngawanikeun tunyu-tanya, si kumis baplang anu ngaku uyut kuring téh kaburu ngaléos deui. Kadangu téh sorana waé anu agem. “Bi, akutan ayeuna ka tengah imah, urang madang bareng,” cenah.
Teu lila aya awéwé kolot mawa boboko gedé, sambel, bakakak hayam, goréng lauk emas, beuleum asin sepat, jeung lalab-lalaban. Dahar téh ngariung; kuring, si kumis baplang anu ngaku uyut kuring, duaan deui bapa-bapa anu tadi beurang mergasa kuring. Tadina mah ngarengkog mundur nempo duaan bapa-bapa anu barusekel téh. Tapi ceuk si kumis baplang anu ngaku uyut kuring, tong sieun da Si Gajah jeung Si Codét mah bageur. Tadi maksa sotéh da bongan kuring embung diajak ulin.
Réngsé dahar kakara si kumis baplang anu ngaku uyut kuring téh ngadongéng.
“Uyut téh bapa aki manéh, Sujang,” cenah, terus nyedot padudan gedé, serebung-serebung haseupna mulek nepi ka kuring batuk. Jadi uyut téh dulur kuring kénéh, dulur deukeut. Uyut ngadon seuri nempo kuring batuk téh.
“Naha manéh tara udud, Sujang?” pokna deui, terus nyedot padudan, serebung serebung haseupna ka lebah jandéla ayeuna mah.
“Teu acan kéngingeun ku Bapa,” ceuk kuring.
“Haha... Bapa manéh mah siga Aki manéh, sagala henteu meunang. Ngeunah udud téh!” pokna deui.
“Ari tadi, naha abdi bet diculik, Uyut?” ceuk kuring ngawanikeun manéh.
“Hampura, Si Gajah jeung Si Codét téh memang kitu dititahna ku Uyut. Uyut téh hayang panggih jeung manéh, Sujang. Meungpeung Uyut aya di dieu. Aki manéh jeung Bapa manéh mah da moal ngidinan lamun Uyut bébéja hayang panggih. Geuning manéh téh geus gedé, kasép siga Uyut baheula hahaha. Ari geus panggih kieu mah Uyut téh henteu panasaran.”
Uyut téh terus ngadongéngkeun, nelahna mah cenah Si Lodya. Matak kuring kudu nyebutna téh Uyut Lodaya. Henteu surti harita mah kunaon uyut téh dilandi Si Lodaya. Saur Uyut Lodaya, anjeunna cenah lain jelema bener.
“Uyut mah tukang tarok tukang bobok...,” cenah.
“Tukang nyingkabkeun anderok.” Si Gajah ngéngklokan. Terus anu tiluan téh sareuri mani ngagakgak.
Balikna kuring dibéré duit sagepok. Reuwas ogé da henteu nyangka bakal dibéré duit, komo lobana sakitu.
“Tong bébéja ka si Bapa jeung si Aki ku Uyut dibéré duit. Tong bébéja panggih jeung Uyut deui ka sasaha ogé,” cenah basa kuring bébéja rék balik. “Sujang, lamun manéh aya pangabutuh, atawa boga karerepet, ku Uyut hayang dibéré ajian, panggihan waé Si Gajah di alun-alun, atawa Si Codét di terminal.”
“Ajian naon, Uyut?” ceuk kuring jadi panasaran.
“Sagala ajian ogé Uyut mah boga. Hayang kuat diteunggeul, hayang teu teurak dikadék, hayang nyirep jelema, hayang....”
“Mélét awéwé,” ceuk Si Gajah ngéngklokan.
“Ah, anu kitu mah ajian gampang. Jung ayeuna mah geura balik. Wayahna rada capé, da leumpang heula. Urang téh ayeuna aya di tengah leuweung.”
**
Éta ogé kuring henteu bébéja, boh ka Apa boh ka Aki, kungsi panggih jeung Uyut Lodaya. Tapi kuring ogé henteu manggihan deui. Keur mah henteu apal béh mana lebahna imah Uyut Lodaya téh, jalan satapak anu rembet jeung pungkal-péngkolna matak sasab, asa horéam ogé manggihan Si Gajah atawa Si Codét mah.
Najan kitu, Uyut Lodaya sering némbongan, ngalangkang dina lelembutan kuring. Utamana mah lamun kuring manggihan karerepet. Keur sélon, ditolak cinta ku Anita Moe, atawa pagétréng jeung sobat. Lamun geus kitu téh kuring sok ngabrangbrangkeun manéh ku maca buku atawa miluan kagiatan di gelanggang rumaja.
Tapi aya kalana inget ka Uyut Lodaya henteu bisa dibrangbrangkeun. Harita téh kuring geus kuliah. Balik lalajo film di bioskop kuring aya anu nodong ku péso belati. Tiluan anu nodong téh. Dompét, hp jeung jam tangan dirampas. Jekuk anu saurang mah nonjok sagala saméméh kalabur téh. Cer getih tinu irung. Tapi anu parah mah ieu haté, nyeri kabina-bina.
Nya kuring manggihan Si Codét di terminal. Dianteurkeun wé ka Uyut Lodaya. Di hiji imah di kota, lain di leuweung deui. Kuring bébéja hayang diwirid ajian gelut. Uyut Lodaya ngagakgak. Tapi keuheulna, Uyut Lodaya téh henteu méré ajian nanaon.
“Mikir deui siah, Sujang. Ajian-ajian Uyut téh aya pameulina.”
“Abdi sanggem, Uyut. Naha puasa atawa naon?”
“Lain anu kitu pameuli anu hésé mah. Tapi bakal aya anu datang kana diri manéh jeung bakal aya anu leungit tina diri manéh.”
Tangtu waé kuring henteu ngarti. Matakna ku Uyut Lodaya kuring dititah balik. Keur ngupahan, kuring dibéré deui duit. “Mikir deui siah, Sujang. Bobogaan anu kitu téh henteu gampang,” pokna deui basa kuring amitan.
Ti harita henteu panggih deui nepi ka kuring lulus kuliah. Gawé téh mimitina mah di bank kantor cabang kecamatan. Ari hiji poé aya bapa-bapa cetuk huis ngajak makan siang. Kuring dibawa ka réstoran hotél. Keur makan siang téh si bapa ningalikeun dua makalah anu dijilid keretas biru ngora. Éta téh duanana ogé makalah tugas-tugas kuliah kuring.
“Ieu téh leres, Ayi anu nulisna?” pokna téh.
“Muhun,” témbal kuring pondok.
“Ieu makalah ngeunaan program komputer anu pangcerdasna anu kungsi ditulis kalangan akademisi. Sakitu pinterna, naha kalah gawé jadi teller di bank kantor cabang kecamatan?”
Kuring ngahéhé. “Da kasempetan éta anu ayana,” ceuk kuring.
“Tah, Bapa nawaran pagawéan anyar. Gajih mimitina tilu puluh juta rupiah. Gawéna nyieun data-base jelema-jelema anu kungsi ngalakukeun kajahatan. Ieu téh badan intelegen, lain kepolisian....”
Kuring ngajenghok ngadangu gajihna. Apan pangasilan kuring ayeuna ngan saukur dua juta rupiah. Terusna mah kuring milu ka Jakarta. Unggal poé ngadata kajahatan-kajahatan anu kungsi kajadian. Ti mimiti copét nepi ka korupsi anu kabokér, ku kuring didata-basekeun. Harita kuring apal pisan, Si Lodaya alias Uyut Lodaya téh karaman nomer hiji dina daptar anu ditéangan. Rampog, preman bayaran, pembunuh, bandar narkoba, jeung loba deui kajahatanana.
Tangtu waé kuring henteu ngabéjakeun di mana Uyut Lodaya nyumputna. Tapi terus kuring babadamian jeung komandan. Kuring ngaku Si Lodaya téh uyut kuring. Kuring ménta Si Lodaya entong ditéangan deui, karunya, da puguh geus kolot ayeuna mah. Minangka pameulina, kuring sanggup ngolo Si Lodaya sangkan ulah ngaluluguan deui kajahatan. Geus mupakat mah, kuring terus néangan Uyut Lodaya. Diobrolkeun wé naon anu kajadian di Jakarta. Uyut satujueun. Harita balikna kuring henteu dibéré duit, tapi jimat isim anu diwadahan kana kaén bodas. “Babawa ieu bisi aya anu ngarogahala ka manéh, Sujang,” saur Uyut Lodaya.
Saenyana kuring embung nampanan. Ngan sajorélat bet kapikir, lamun seug enya isim téh aya maunatna, boa kahareupna mah dibutuhkeun. Isim téh disakuan, enya ogé kuring apal Uyut téh moal bisa eureun ngalakukeun kajahatan. Saukur nyenangkeun kuring wungkul satuju jeung enya-enya téh. Nyatana Uyut Lodaya leuwih pinter. Ngabandar narkobana masih, preman bayaranna masih, tapi Uyutna mah henteu némbongkeun manéh.
Hiji waktu kuring paséa jeung batur sapagawéan. Biasa, parebut pamor di hareupen komandan. Di tempat parkir manéhna megat kuring. Henteu loba omong, jekut-jekuk manéhna nonjok. Kuring ngabangkieung. Anéhna bet henteu karasah nanaon. Jekuk-jekuk wé dibales ku kuring. Cer getih tina irungna. Manéhna nungkup irungna bari ampun-ampunan.
Tangtu waé kuring bingung. Naha henteu nyeri sakitu diperekpek ditonjokan? Nepi ka imah kakara inget, apan kuring nyakuan isim paméré Uyut Lodaya. Isukna kuring mapay Uyut Lodaya, tapi henteu kapanggih laratanana. Si Codét jeung Si Gajah geus sababarahan bulan ngaringkuk di jero bui.
**
Sababaraha taun sanggeus kajadian éta, Apa anu mimiti nelepon téh, ngabéjaan Uyut Lodaya teu damang parna. Tapi lantaran riweuh ku pagawéan, kuring henteu bisa ngalongok. Terusna Aki Haji nélépon sangkan kuring datang sagancangna. “Uyut Lodaya téh hayang panggih jeung manéh heula, Sujang. Gancang ka dieu, sugan wé jadi sarat pikeun sampurna,” saur Aki Haji.
Peuting-peuting kuring indit ka Cinangka. Saur Aki Haji, Uyut Lodaya téh aya di panyumputanana, di tengah leuweung. Cenah hayang panggih heula jeung kuring. Henteu panasaran cenah paéh ogé ari geus paggih jeung kuring mah.
“Uyut téh da puguh geus leuwih saratus taun, teu damangna téh parna. Teu émut-émut aya kana samingguna, saukur rénghapna anu katingali, henteu aya emameun anu lebet. Tapi barang ngadangu sora cai, komo dieueutan mah, kajeun sakeclak, curinghak deui, jagjag deui,” saur Aki Haji. “Teu émut deui aya samingguna. Barang lilir, ngalindur, hayang paéh, hayang paéh, cenah. Salirana kantun tulang dibungkus kulit téh lain heureuy.”
Bada subuh kuring sareng Aki Haji ka tempat panyumputan Uyut Lodaya. Apa anu nuju ngantosan téh. Barang ngadangu kuring datang, Uyut Lodaya lilir. Hayang duaan cenah jeung kuring. Atuh Aki Haji sareng Apa kalaluar. Sanggeus duaan, Uyut Lodaya neuteup kuring aya ku anteb.
“Ka dieu singdeukeut, Sujang,” cenah halon. Kuring maju deui leuwih deukeut. “Tulungan Uyut, geus teu kuat hayang geura reureuh.”
“Kumaha carana, Uyut?”
“Da bongan manéh ogé anu hayang. Sok calangap.”
Siga anu henteu sadar kuring ngabuka baham. Crot! Uyut Lodaya nyiduh, pas pisan kana elak-elakan kuring, terus kateleg.
“Sakabéh ajian Uyut geus dibikeun,” pokna. Basa kuring neuteup, terus ngaguyah-guyah, Uyut Lodaya tos teu aya.
**
Sabada ngurebkeun Uyut Lodaya kuring balik ka Jakarta. Pabeubeurang nepi ka jalan tol téh. Jalan kosong, bisa ngebut. Tapi dina pikiran kuring mah asa ramé, pabaliut. Aya anu anyar datang dina diri. Ah, sigana lain anu anyar. Tapi anu ngadadak mudigdig lir buta anu ngawasa alam pikiran kuring.
Anu kapikiran teh henteu saukur kumaha carana ngagejrétkeun saingan sapagawéan, tapi kumaha carana ngaganti komandan. Bandar narkoba kelas wahid, sigana atoheun lamun diajak kerja sama. Pamajikan Ketua Mahkamah Agung aya ku geulis, geus lila hayang mah, sigana daékeun lamun diajak jalan-jalan. Koruptor tilu trilyun téh sigana atoh lamun dibéla jeung kumaha carana sangkan kasusna dibekukeun. Tatangga anu sok parkir mobil di hareupeun garasi kuring, bari ari digeunggeureuhkeun kalah kukulutus, asa hayang nonjok nepi ka ngajehjer mah.
Kitu anu pabaliut dina pikiran téh. Tapi kuring mah asa senang. Enya, aya anu lengit dina haté. Rasa karunya, sieun dosa, henteu karasa deui. Di jalan téh bari ngebut bari nyetél lagu Queen. “We are the champion....”

14 Mei 2016 



Share :

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

 
Copyright © 2013. Dongeng YusR.Ismail. All Rights Reserved. Template by Mastemplate. Web Developed by Jendela Seni