Sajak Galura: SURAT KEUR EIH
Minggu I Desember 1989
BALATI
seuri
jadi
balati
saprak
Kabil-Habil
ngumbar
seuri
hirup
teh saenyana nyisit ati
ku
tapak anu teu lantis ku girimis
Agustus
1988
SURAT
KEUR EIH (JOE MEI TIE)
tong
dipadungengkeun soal kocoran
urang
ngamalir ka muara anu sarua
ngasuh
lauk
di
laut anu saasin caina
naon
atuh bedana
mun
kembang mangkak di satangkal
mun
renghap saseuseup
cantelkeun
ramo
urang
boga kawajiban
nyebor
asih di kembang sataman
Agustus
1988
SURAT
KEUR SRI BADUGA
(teu
risi ku pati demi harga diri
teu
rempan ku nyawa bebela nagara)
Sri
Baduga
mun
anjeun gelar di jaman kiwari
teu
kudu ngageburkeun obor amarah
sab
pamingpin teh talaga wening
najan
dasarna pinuh ku seuseukeut batu
bubat
anjeun moal banjir getih
sab
Citraresmi ditarik birahi
dipake
pikat ningkat darajat
Sri
Baduga
iraha
andika datang
kula
mapag di lawang hate
0 Response to "Sajak Galura: SURAT KEUR EIH"
Posting Komentar